Club Facebookna Oerang Soenda

Urang Sunda Hudang Euy!!!

Archive for Juli, 2010

MILIK IING

Posted by Dendi Rustandi dina Juli 21, 2010

Milik Iing mirilik ti sisi ti gigir. Bi Icih ti Cikijing ngirim kicimpring, cingcirining milik Iing lir istri pinilih. Ditilik ti gigir kriting, diintip ti pipir.. bintit. Bisi Bi Icih isin, Iing nitip pipiti isi cicis. Ih, Bi Icih nyirintil lir ijid. “Iing, Bi Icih ngirim kicimpring bisi Iing ngicip-ngicip giribig di pipir Nini Imi. Bi Icih ijid ngintip pipiti isi cicis. Bi Icih ngirim lin bisnis kicimpring! Jig nyingkir! Si!”

Iing inggis digitik Bi Icih, tirilik nyingkir. Di pipir Nyi Iting, Iing nilik-nilik bitis. Jih, bitis Nyi Iting ‘ning. Iing ngintip birit Nyi Iting ti pipir, nyidik-nyidik bisi imbit Nyi Iting mirip pipiti Bi Icih.

“Ngintip, Ing?” Nyi Iting mimiti inggis diintip.

Iing cicing, birit Iing tiis. Ting! Iing mikir ngicip-ngicip Nyi Iting.

“Nyingkir!” Biwir Nyi Iting kiriting.

“Nyi Iting, Iing inggis digitik Bi Icih. Iing ngiring cicing di Nyi Iting,” Iing mimiti ciriwis.

Nyi Iting gigis mikir Bi Icih, sirintil nilik-nilik Iing. “Iing tiris?”

Iing cicing, inggis nyi Iting mikir-mikir nyisig piriwit. Iing inggis digitik.

“Bisi tiris, cicing di pipir!” Nyi Iting mimiti tiis.

Iing ngincig mipir-mipir sisi bilik. Ih, milik si Iing. Nyi Iting nyiwit birit Iing, Iing nyiwit pipi Nyi Iting.

“Idih, Iing ciriwis… hi..hi..hi..,” Nyi Iting nyikikik, tirilik ngiring ngiciprit mipir-mipir sisi bilik. Iing mikir. Nyi Iting ngiring? Cingcirining Nyi Iting…tiris!

Prikitiw!

kenging mulung ti sundablog.wordpress.com

Posted in Bobodoran | Tag: , , , , , , , | Leave a Comment »

WEUREU PEUTEUY

Posted by Dendi Rustandi dina Juli 21, 2010

Ceuceu jeung Neuneu keur reureuh deukeut beus beureum. Beuheung Neuneu euleugeug neuteup peuteuy meuhpeuy jeung leubeut deukeut kleub keurseus teuleum.

“Euleuh-euleuh, deungeun teuteureuy Ceu,” ceuk Neuneu teu euleum-euleum. Ceuceu ceuleumeut nyeueung peuteuy leubeut jeung beuneur deukeut beungkeut seureuh.

“Heueuh, Neu. Eunceup yeuh, meuleum peuteuy jeung beunteur keur nyeubeuhkeun beuteung. Ceuceu geus leuleus neureuy beunceuh geuneuk jeung keuyeup reuneuh teu eureun-eureun.” Ceuceu meureudeuy.

Neuneu nyeuleukeuteuk, “Heu..heu..heu.. Ceuceu, ceuceu.. Neureuy beunceuh jeung keuyeup reuneuh? Geuleuh Ceu, jeung teu seubeuh. Leuheung peuyeum, teu geuleuh jeung nyeubeuhkeun beuteung.”

“Neuneu!” Ceuceu ngeuleuweuh. Leungeun Ceuceu ngeukeuweuk beubeur Neuneu, peureup Ceuceu deukeut beungeut Neuneu. Beungeut Ceuceu euceuy.

“Beuteung beuteung Ceuceu, beunceuh jeung keuyeup leueuteun Ceuceu. Teu Neu, Ceuceu teu geuleuh,” Ceuceu nyeuneu.

“Heureuy Ceu..” ceuk Neuneu keueung neuleu Ceuceu neugtreug. “Ceuceu eudeuk beuleum peuteuy?”

“Peuteuy? Eudeuk Neu. Meungpeung peuteuy keur meuweuh jeung beuneur. Neureuy beuleum peuteuy jeung leupeut, leuh eunceup,” Ceuceu meureudeuy. Beungeut Ceuceu geus teu euceuy.

“Ceuceu teu ceuceub nyeueung Neuneu?” ceuk Neuneu keukeuh keueung.

“Teu Neu, Ceuceu geus teu ceuceub.” Ceuceu neuteup Neuneu seukeut. Neuneu reueus Ceuceu geus teu peupeuleukeuk.

Ceuceu jeung Neuneu ngeureuyeuh neureuy beuleum peuteuy teu eureun-eureun. “Teureuy Neu, meungpeung seueur. Peupeujeuh,” ceuk Ceuceu geugeut.

Neuneu nyeuleukeuteuk. Ceuceu nyeukeukeuk. Leuh, Neuneu jeung Ceuceu weureu peuteuy euy!

kenging mulung ti sundablog.blogspot.com

Posted in Bobodoran | Tag: , , , , , | Leave a Comment »

KI SOBAT DI PANGUMBARAAN

Posted by Dendi Rustandi dina Juli 21, 2010

Deni Hadiansah

KI SOBAT DI PANGUMBARAAN

Kungsi urang leumpang, babarengan rarampeolan
Tulag tolog titincakan, nyungsi ajen kahirupan
Nimbang-nimbang kahariwang, ngudag-ngudag kabagjaan
Awak ngagubra, beuki lungse beuki nahnay
Waktu urang nahan renghap, keteg angen jeung jajantung
Kungsi urang reureuh handapeun caangna bulan,
Nogencang taya bentang, uyup- ayap kapoekan
Babarengan ngalalana, ngupahan rasa sungkawa
Nguyup elmu, nguras tanaga
Nyukcruk raga, nu longkewang sagala tuna
Renghap urang babarengan, ngadedempes teu empes-empes
Keur ngintip lolongkrang nasib
Geus deukeut ngabecir ngacir
Diudag digupayan, balebat caang ngupahan
Tapi urang sapikiran, nyusud tapak di lemah pangumbaraan.
dicutat ti kurawa06.wordpress.com

Posted in Puisi Sunda | Leave a Comment »

SATACAN NIKAH

Posted by Dendi Rustandi dina Juli 21, 2010

Pameget : Akhirna…Kuring geus ngantosan ti baheula…

Istri : Akang rela eneng pisah jeung akang?

Pameget : Piraku! Ulah sakali-kali mikir kadinya!!

Istri : Akang bogoh ka eneng?

Pameget : Geus pasti! Salilana pastina kitu…

Istri : Eneng mah sieun Akang selingkuh?

Pameget : Ih da alim! teu mungkin Akang ngalaksanakeun eta mah, pigeuleuheun…

Istri : Cium Eneng atuh kang?

Pameget : Muhun…

Istri : Kang…

5 TAUN SANGGEUS NIKAH….
tinggal baca ti handap ka luhur…

Kintunan ti : agozi21@yahoo.com

Posted in Bobodoran | Tag: , , , , , , | 2 Comments »

Persib Brasil

Posted by Dendi Rustandi dina Juli 21, 2010


Ceuk saha prestasi sepak bola nagara urang teu maju, teu bisa cumarita di tingkat internasional ?. Kuring nyatet, saeutikna aya sabelas klub sepak bola anggota PSSI nu milu jadi peserta Piala Dunya 2010. Teu percaya ? yeuh, ku kuring disebutan hiji-hiji :

Persib (Persatuan Sepak Bola Brasil).

PSM ( Persatuan Sepak Bola Meksiko)

PSKS (Persatuan Sepak Bola Korea Selatan)

PSP (Persatuan Sepak Bola Portugal)

PSB (Persatuan Sepak Bola Belanda)

Persikota (Persatuan Sepak Bola Kore Utara)

Perseman (Persatuan Sepak Bola Jerman)

Perseden (Persatuan Sepak Bola Denmark)

Persik (Persatuan Sepak Bola Kamerun)

Persiba (Persatuan Sepak Bola Balad Argentina)

Persijap (Persatuan Sepak Bola Japan)

Kuring yakin,  kasabelasan kasebut jadi peserta Piala Dunya 2010 tanpa izin ti PSSI, da lamun bebeja mah kuriak moal diidinan.

Basa Persib (persatuan Sepak Bola Brasil) vs Pantai Gding. Salaku bobotoh sajati,  kuring leuwih kataji sabab di atas kertas Persib tangtuna meunang sagala-galana. Sanajan  Pantai Gading di latih ku pelatih sakaliber Sven Goran Eriksson, sababaraha pengamat loba nu ngaramal yen Pantai Gading di Piala Dunya 2010 ngan saukur tepi ka babak kahiji. Pelatihna geus nyiapkeun babasaan “tamba kawiwirangan,  nyaeta, “Mohon maaf kalau kami harus tersisih karena tiada pantai gading yang tak retak”.

Permainan Persib (muhun, Persatuan Sepak Bola Brasil tea) nu boga gelandang  edun nyaeta Kaka. Pamaen nu kungsi ngalaman tulangna potong (cageur total saeunggeus diubaran ka  putrana Bah Bohon di Gegerkalong). Lihey pisan tah si Kaka teh dina ngabongkar pertahanan lawan jeung mere umpan-umpan matang ka pamaen hareup anu balukarna gampang nyetak gol.

Salian paktor kapinteran Kaka, tim Persib Brasil oge ditentukeun ku ngaran pelatihna, Dunga. Dina bahasa Brasil, dunga hartina sarua jeung do’a.  Saacan arindit ka Afrika Kidul, sakabeh rahayat Brasil ngucapkeun, “Dunga didungakeun, semoga Brasil berhasil!”.

Salaku finalis Piala Afrika 2006 nu pinuh ku pamaen ngora berkualitas saperti Didier Drogba sarta Salomon Kalou nu maen dii Chelsea, sakuduna Pantai Gading percaya kana kakuatan tim na, tapi, kulantaran masarakat Pantai Gading percaya pisan kana kakuatan mistik. Goran Eriksson teu bisa nolak kahayang Padupanding (Paguyuban Dukun Pantai Gading) keur ngajampean tim na. Waktu ditanya, kunaon ngalawan Portugal akhirna seri. Goran Eriksson (ngawakilan para dukun) ngajawab dukun na salah mapatkeun jangjawokan. “Mustina nu diparancahkeun teh jampe mengbal, ari ieu kalah jampe ngajuru!” ceuk Goran Eriksson bari saeutik keuheul.***

Tulisan: TAUFIK FATUROHMAN dina AHLEKE

di cutat ti kurawa06.wordpress.com

Posted in Bobodoran | Tag: , , , , , , | Leave a Comment »

Gengsi Ngomong Sunda

Posted by Dendi Rustandi dina Juli 21, 2010

Ku Riang Nurullah Akbar
Jaman kiwari, loba pisan jalma nu “gengsi” ngomong ku basa Sunda. Ahirna leuwih milih ngomong ku basa Indonesia. Tapi hanjakalna teh balelol deuih, lantaran tetep basa Indonesiana pacampur jeung basa Sunda. Malah cenah di sabagian wewengkon mah basa Sunda teh geus mimiti ditinggalkeun pisan. Padahal ceuk pamanggih kuring, hirup di wewengkon Priangan bari teu ngomong basa Sunda teh ibarat angeun teu diuyahan, asa teu jejeg nyebut urang Sundana oge.
Ku sabab kitu, basa Sunda kudu dimumule jeung dipiara sangkan ulah nepi ka musna. Komo nepi ka ukur dianggap warisan tradisi mah, anu pamustunganana basa Sunda ukur jadi rarangken musieum. Sakapeung kuring sok teu ngarti, naha kaayeunakeun loba urang Sunda anu ngarasa gengsi lamun kudu ngomong ku basa Sunda ? Padahal ceuk para ahli, basa Sunda teh kaasup salah sahiji basa anu beunghar ku kosa kata, tina sakecap teh bisa nepi ka jadi sababaraha kecap.Upama bae tina kecap anu nuduhkeun obahna panon, aya ngareret, ngarindat, ngiceup, meledeng, meureundeuy, mureleng, buncelik, ngadilak jeung sajabana.
Jaman ayeuna, abad duapuluh hiji ieu, dina pandangan salah saurang tokoh jeung seniman Sunda, Pa Nano S, basa Sunda teh geus dianggap basa kelas tilu. Kahiji, basa asing, utamana basa Inggris. Kadua, basa Nasional, basa Indonesia. Katilu, kakara basa Sunda. Karunya nya…basa Sunda!.
Loba bukti anu nuduhkeun yen kalobaan urang Sunda ngarasa gengsi ngomong ku basa indungna sorangan. Dina kahirupan sapopoe, contona tukang dagang dina natawarkeun daganganana teh leuwih milih ngagunakeun basa Indonesia tibatan basa Sunda. Alesanana kliseu pisan, ceunah bisi nu meulina loba nu teu ngartieun. Padahal manehna dagang teh di lingkungan Urang Sunda. Atuh sabalikna anu barangbeulina deuih, remen kadenge ku kuring dina nawar barang anu rek dibeulina teh sok make bas Indonesia, deuih. Asa aneh nya, nu dagangna urang Sunda, nu meulina urang Sunda, cicing di daerah Priangan…tapi bet ngarasa gengsi ngomong ku basa Sunda.
Ceuk Ayip Rosidi dina bukuna “Masa Depan Bahasa Daerah : Kasus Sejarah dan Budaya Sunda” kaunggel yen urang Sunda teh geus teu boga kareueus kana basa indungna sorangan, sabab cenah basa Sunda teh teu penting. Hiji-hijina tarekah sangkan urang Sunda bisa ngarasa reueus jeung nganggap basa Sunda penting, urang Sunda kudu boga “prestasi” pinunjul dina sagala widang kahirupan.
Hayu atuh, prung ah! Urang piara basa Sunda. Lamun teu ku urang, rek ku saha deui?

(Nu nulis, murid kelas 8-C SMPN 1 Sumedang) dina Mangle N0. 2245 kolom rumaja

Posted in Sabudeureun Urang Sunda | Tag: , , | 4 Comments »

Kang Jaja Lawan Bayawak ( Ngarah Calawak )

Posted by Dendi Rustandi dina Juli 21, 2010

Ngaran-ngaran jalma, aya kalana nandangan naas. Tara salawasna jaya, tara salawasna gagah. Kadang-kadang balatak harta, kadang-kadang ngalaman katalangsara atawa namprak taya tangan pangawasa. Namprak, sanajan ngan sakadar hayang bala-bala atawa kadaharan basajan pantar jajanan pasar.
Saprak ngalaman nyangsaya na tangkal kalapa Mang Karta panyawah Babah Can, Kang Jaja rada samar kahayang. Sawatara mangsa Kang Jaja ngaprak ka pasawahan ngalaan karaca atawa hahayaman, malah kalan-kalan ngala anak bayawak sagala. Bayawak mah ayana na wahangan, najan kadang-kadang hanjat ka darat. Ngan sanajan sabaraha hayangna, Kang Jaja mah narah ngala atawa ngadahar kalapa. Basana waas, matak ngarakacak manah ana ras kana pangalaman basa nyaah ka Anah anak Mang Karta. Dahar bayawak? Wah, can ngalaman asana mah. Bayawak mah kasap sarta matak barangasan. Matak kang Jaja mah tara ngadahar, sabab pan bayawak mah jang bahan tas atawa calana Tarsan.
Dahar kalapa atawa bayawak mah narah, ngan kana bala-bala ngagalaksak. Saban Ahad atawa Salasa Kang Jaja ngahaja ngasakan bala-bala aya kana saparapat ayakanana. Basana jang tamba ngagaranggam, padahal mah Kang Jaja salawasna ngarasa lapar samangsa-mangsa padaharanana can kararaban bala-bala.
Ngan basa Salasa tanggal dalapanlas Sawal mah kang Jaja nandangan naas. Padaharanana karasa panas asa tas ngadahar arak. Kang Jaja ngacaprak nahan rasa panas na padaharan. Rarasaanana asa hayang ngawakwak ka sasaha, manahna barangasan, malah kadang-kadang mah manghap asa hayang ngadahar cakcak atawa ngagadabah kadal sagala. Jaba mastakana karasana asa ngalayang kawas tas ngaganja. Padahal Kang Jaja mah pan tara ngaganja sabab apal agama ngalarang ngaganja.
“Pan haram Pa,” jawab Kang Jaja basa Pa Anang tatanggana nanya naha kang Jaja tara ngaganja. Sabab ngarasa taak, Kang Jaja tatamba ka Bah Kamad, jawara galak asal Karawang. Kang Jaja balaka hayang damang panyawatna, sabab karasana matak nahnay saawak-awak. Bah Kamad ngarampa padaharan Kang Jaja aya kana saparapat jamna. Barang cacap saparapat jam, raray Bah Kamad katara rada asak lantaran ngarasa hamham kana panyawat Kang Jaja.
”Jang Jaja jam sabaraha sarapan?” Bah Kamad nanya. “Jam dalapan Bah. Naha nanya sarapan?” Kang Jaja panasaran. “Sarapan bayawak?” Bah Kamad katara hamham.
Kang Jaja kalah ngagakgak, “Ha..ha..ha.. Abah mah ngacaprak ah! Sarapan bala-bala Bah, bayawak mah pan jang bahan tas atawa calana Tarsan. ” Bah Kamad katara nahan napas. Na matana kawas aya kapanasaran.
”Nyaan Jang Jaja ngan ngadahar bala-bala?”
“Nyaan Bah, saparapat ayakan malah,” jawab Kang Jaja.
Bah Kamad ngawas-ngawas kana padaharan Kang Jaja.
”Masalahna,” Bah Kamad kawas rada asa-asa. “Na padaharan Jang Jaja aya bayawak, malah anakan aya kana dalapanna…”
Blar! Awak kang Jaja asa katabrak kapal. Padaharanana karasa tambah panas. Bayawak karasa ngacak-ngacak padaharanana. Jaba anak-anak bayawak karasana asa nyasar kana palangkakan. Naha aya bayawak na padaharanana? Ka mana jalan? Da rarasaan mah tara tambarakan ngadahar bayawak sagala. Kang Jaja ngan sakadar nanya na manah, sabab awakna nahnay, sagala karasa, jaba panyawat asmana ngadak-ngadak anpal.
Kang Jaja namprak, taya tangan pangawasa. Kang Jaja pasrah.

kenging mulung ti sundablog.blogspot.com

Posted in Bobodoran | 3 Comments »

Foto Foto Kagiatan Riung Mungpulung FOS

Posted by Dendi Rustandi dina Juli 8, 2010

Posted in Warta Sunda | 1 Comment »