Club Facebookna Oerang Soenda

Urang Sunda Hudang Euy!!!

Archive for the ‘Carita Misteri’ Category

Kapiuhan

Posted by Dendi Rustandi dina Oktober 14, 2009

Sabenerna, ieu pangalaman teh pikeun sakuringeun mah aheng kabina-bina. Saumur nyunyuhun hulu, kakara nyaksian kajadian samodel kitu. Sok padahal, ti leuleutik kuring teh digedekeun di lingkungan anu ceuk batur mah “pabrik teluh” cenah. Ku sohor-sohorna tempat sagalarupaning elmu-elmu kabatinan atawa mejik tea. Anehna deuih, nyaksian teh lain di lembur sorangan, tapi sasat di pangumbaraan nu anggangna ratusan kilometer.

Ti leuleutik, kuring teu percaya kana elmu-elmu aheng teh. Ari kana ayana mah percaya, da sidik dina Qur’an ge ditandeskeun nu goib-goib teh aya. Ngan disebut teu percaya teh tara milu make, atawa ngagunakeun jasa nu bisana.

Caritana, kapilanceuk salaki, gering ngareunggeuy. Aya kana dua bulanna. Anjeunna teh tanaga medis, nyepeng Puskesmas, sarta sapopoena ngubaran jelema gering make ubar-ubaran medis. Jadi kana pangobatan di luar medis mah tara pisan make. Teu percayaeun malah. Nyebutna ge, jaman sakieu moderenna, ngaguguleun tahayul keneh.

Ari geringna, beleke we nu kaserang jantung. Tos mingpin apel atawa rapat di kantor, ujug-ujug lenggerek weh kapiuhan. Kesang tiis ngagarajag saawak-awak. Pameunteu sepa lir taya getihan. Nepi ka sok diparayang dianteurkeun ka bumina. Kituna teh cenah unggal jam sapuluh isuk-isuk. Ke ngajedag deui tempona tos solat Magrib. Kitu jeung kitu we. Keur anyaran kapiuhan mah langsung dibawa ka rumah sakit, diopname. Tapi sabada dua poe dirawat sarta dipariksa sagala rupa, ti mimiti urine, darah, nepi ka dirontgen, teu kapanggih panyakitna. Dua poe teh tuluy dijurungkeun balik, da jagjag teu sakara-kara.

Sapoe di imah, der deui jiga ti heula. Ngelepek teu pupuguh di kantor. Biur dibawa ka Bandung. Langsung General chek up di rumah sakit swasta nu kasohor alatna caranggih. Malah di-EKG mah, enya pariksa jantung, nepi ka dua kalina. Tapi hasilna angger nihil. Jagjag waringkas, ceuk dokter teh. Paru-paru, ginjal, jantung, jsb. Normal pisan.

Tapi sakadang panyakit teu daek ingkah. Angger kitu deui-kitu deui. Pas malem Juma’ah, ti Magrib keneh nu gering geus naglehleh teu bisa hudang. Cenah leuleus satulang sandi. Awakna ngeleper jiga nu kabulusan, paroman sepa taya getihan. Puguh bae sarerea geumpeur. Kulawarga ngambreg nyampeurkeun. Nu ceurik raong, geus teu puguh dedengean.

Ari keur riweuh ngagugulung nu gering, Teh Ina, adina, ngajerewet di luar. Nu ti jero dag-deg-dog muru ka luar. Ari kasampak teh, Teh Nia keur tutunjuk kana tehel anu bodas nyacas. Breh teh, getih seger tingguliweng dina ubin jujumplukan. Jiga nu nyarakclakan. Manjang ti panetean emper hareup terus ngaliwatan panto nu tadi basa diliwatan ku sarerea mah beresih keneh, kebat ka kamar nu gering nepi ka sisi risbangna. Nu gering jejeritan jiga nu nyeri pisan.

Puguh atuh sarerea beuki geumpeur teu puguh laku. Nu babacaan seah, sada di Masjid. Sabisana-sabisana. Getih seger nu sisi ranjang pada ngariung, pada melong, bari tangtu wae sarerea ge muringkak bulu punduk. “Geuwat nyokot elap,” Ua pameget ngagorowok. Tereleng saurang ka dapur. Balik deui geus mawa pangepelan.

Ari rek gesruk diepel, si getih seger teh geus ilang taya tapak-tapakna. Ihhhh….sarerea ngabirigidig.

Nu gering di gulang-gaper teh jiga nu rek sapat pisan. Atuh nu ceurik beuki raong bae. Untung Ua eling keneh. Sarerea dikeprak kudu ngaji Yassin. Nepi ka bray beurang tamat nyararing. Nu gering ge katingal tibra sarena. Malah isuk-isuk teh jagjag pisan. Dicaram ka kantor ge, maksa indit. Loba pigaweeun, basana teh. Jam tujuh indit ngantor, jam sapuluh geus diparayang deui dianteurkeun ku karyawanna. Kapiuhan!.

Ras inget ka babaturan, nu kungsi ngalaman panyakit teu puguh judulna jiga Ki Lanceuk. Harita, mun teu salah diopnamena ge nepi ka tilu mingguna. Tapi teu cageur-cageur. Cenah, cageurna teh sanggeus dibawa ka nu “bisa”. Diobrolkeun ka Ki Lanceuk, nu harita keur ngagoler keneh. Ngahuleng mimitina mah. Atuda tara percaya ka nu karitu tea. Ngan ua istri, indungna, nyarankeun sangkan nyobaan cenah. “Keun da uubar sacara medis geus dilakonan, sugan urang cobaan ka alternatif. Saha nu nyaho cageur. Da piraku awak rek diantep wae kitu,” cenah.

Ahirna sarerea mupakat rek minangsaraya ka nu “bisa.” Kuring nelepon babaturan tea. Hayu dianteur, cenah. Kabeneran masih di kota keneh imahna nu “bisa” teh. Sabenerna kuring mah hoream ngagugulukeun ka nu karitu teh, bisi pajarkeun musrik. Tapi ari rek dihenjugkeun indit teu dibarengan, asa teu puguh da nu nyambungkeun informasina ge sasat kuring sorangan. Ari nu geringna mah teu dibawa, ngan salakina wungkul jeung Teh Ina nu indit teh. Nu ngubaranna titah diteang wae, bari sakalian titah ningalian imah, cenah.

Datang ka nu dituju teh, kabeneran nyampak. Ongkoh ditelepon heula ku babaturan, ketah, matak nyampak ge. Teu siga-siga dukun atawa ajengan. Jiga jelema biasa we dedegan jeung dangdananna teh. Umurna paling ge nincak opat puluhan. Rada cangcaya hate teh. Naha bener bisa ngubaran?

Teu loba ngawangkong, da niatna mah geus dikayidkeun dina telepon tea. Diajak kana mobil bareng, Mangga we cenah, abdi mah bade kana motor. Teu beunaang diongget-ongget. Carekna rek kana motor teh, hih mani keukeuh. Biur balik deui, manehna ngiringkeun dina motor.

Datang teh langsung dibawa ka kamar nu gering. Keur ngalempreh keneh. Leuleus satulang sandi cenah. Nu gering teu direret-reret acan. Si Akang nu rek ngubaran menta cai herang sagelas. Geus sadia, tuluy babacaan digorolangkeun. Cai herang ditiup sababaraha kali, kaciri ombak-ombakan. Beres niupan cai, gelas teh dikurilingkeun saider kamar. Nepi ka kolong risbang ge teu kaliwat.

“Aya bor,” cenah sabada dedepongan kana kolong risbang.

Sarerea tingraringeuh. Kalah silipelong.

“Kanggo naon?” Teh Ina ngawani-wanikeun maneh nanya.
“Ngaliangan keramik. Teu sawios diliangan? Disimpenna handapeun keramik..” cenah sahinasna.
“Mangga, teu sawios. Pentingna mah damang,” nu gering geuwat nyelengkeung.

Saurang geuwat indit neangan bor. Puguh euweuh di imah, jadi kudu ngimjeum heula ka tukang bas.

“Bilih lami mah cobi ku paku ageung heula, manawi aya. Sakantenan sareng paluna,” Si Akang nyarita deui.

Teh Ina nereleng ka dapur. Balik deui ranggem ku paku jeung palu. Deluk sarerea noktrokan sela-sela keramik. Da lebareun meureun  Si Akang teh ari kudu ngaruksak keramikna mah. Lila pisan, bubuhan teuas. Kaburu datang manten nu nginjeum bor. Seak dibor, liang saasup cinggir ngolowong. Si Akang katingali luut-leet kesang. Teh Ina hideng nyodorkeun teh botol. Leguk-leguk, meh seep satengah botol.

Sarerea jempling neuteup Si Akang. Lobaan nu lalajo teh, da tatangga ge aya nu nyampeurkeun. NU diteuteupna mah jongjon bae mencrong liang, bari kunyam-kunyem babacaan.

“Punten sayogikeun baskom dieusian cai atah,” cenah langsung ka Teh Ina ngareretna. Nu direret teu ngengkekeun deui, langsung deregdeg ka tukang. Sok baskom teh diteundeun gigireun Si Akang. Si Akang mere isarah ka salaki nu gering jeung salaki Teh Ina sangkan ngadeukeutan. Geus deukeut duanan, pok papagah, ” Kade nya, naon anu diburakeun ku sim kuring kedah lebet kana baskom. Pami aya nu ngacleng enggal pulungan,” cenah. Nu duaan unggeuk, teu nyarita sakemek.

Sanggeus babacaan deui sakeudeung, Si Akang nonggeng. Biwirna nompo kana beungeut liang. Tuluy kadenge sora nu nyedot, siga nu nginum tina sedotan. Tarik pisan nyedotna teh, urat dina tarangna mani ranteng, jaba kesang ngagarajag. Si Akang cengkat ngadadak, bari ngabura kana baskom. Kelentring….cenah sada beusi diadu jeung baskom. Ari direret teh, rey bulu pundung majangan. Jarum jeung paku pondok, ngabayak dina baskom. Sarerea rampak istigfar. Nu gering ngajerit bawaning ku sieun. Geuwat padamuru, padangusapan.

Si Akang nonggeng deui. Cengkat, ngabura, kelentring deui sora beusi kana baskom. Tapi balikan ayeuna mah diembohan ku buuk sacomot. Nu istigfar beuki saheng. Nonggeng deui, kelentring deui. Jarum lalembut jeung paku pondok beuki loba bae. Si Akang nangtung heula. Biwirna kaciri garetihan. Leguk nginum teh botol sesa tadi. Hah-heh-hoh bari ngelapan kesang nu beuki juuh wae. Leuleumpangan sakeudeung. Tembok-tembok dipapay, tuliuy ka kamar cai. Balik deui, nonggeng deui dina liang, ngabura, keletring deui wae jarum kana baskom.

“Kantun nu dina salira…” cenah bari ngareret ka nu gering. Renghapna ngah’ gak beuki ngerepan, jiga nu cap’ nakeran. Tuluy nyampeurkeun nu gering. Nu gering sina nangkuban. Tuluy menta keretas beresih salambar. Si keretas teh ditunda dina walikat nu gering. Sanggeus babacaan, Si Akang ngantelkeun biwirna kana keretas, terus nyedot deui. Ari cengkat, jarum rambay dina biwirna. Naranceb pageuh. Ku Si Akang dicabutan bari langsung dialungkeun kana baskom. Atuh puguh nu ningali tinggaroak. Paur jeung linu rarasaan teh.

Diitung-itung, jarum jeung paku pondok meunang 53 siki, buuk weh dua comot. Buuk pondok, hideung meles. Ku Si Akang diambeuan. Buuk mayit, cenah bari ungas-ingus.

Geus kitu mah saider imah dikuriling. Nepi ka RB tukangeun imah, bogana nu gering ge, ditingalian. Bubuhan sarerea panasaran, nya Si Akang teh diabring-abring. Ari nu gering, nu tadi ngalempreh teu bisa hudang teh tuluy jagjag wae’ teu sakara-kara. Milu leuleumpangan jeung batur. Aneh bin ajaib.

“Aya keneh di buruan. Tapi keun we’ eta mah wengi. Ayeuna mah seueur jalmi,” ceuk Si Akang teh. Sarerea tibang unggeuk.

Rek percaya sukur, henteu teu nanaon. Ngan nu sidik, ti saprak harita nu gering jagjag belejag, taya tapak-tapakna ngareunggeuy salila dua bulan teh. Ka Kantor maju deui, di imah jagjag bae. Alhamdulillah.

(kenging mulung tina mangle )

Posted in Carita Misteri | 1 Comment »