Club Facebookna Oerang Soenda

Urang Sunda Hudang Euy!!!

Istilah dina Tatangkalan/ Dangdaunan

Posted by Dendi Rustandi dina Januari 24, 2011

Balukang = palapah daun kalapa/ kawung

Baralak/ barangbang = daun kalapa nu geus garing dina tangkalna

Bogol = bagian tangkal kalapa/ cau nu panghandapna (tempat bijilna akar)

Catang = tangkal kai nu geus ngagoler (garing) lantaran runtuh atawa dituar

Iwung = anak awi nu mangrupa boros keneh (sok didahar: disepan diangeun)

Kalakay = daun nu geus garing (nu geus murag ka taneuh)

Kararas = sesebutan husus pikeun daun cau nu geus garing

Koleang = daun nu geus garing, nu ngoleang murag tina tangkalna (samemes tepi ka taneuh)

Pancar = tangkal awi nu geus garing (sok dipake suluh)

Pangpung = bagian dina tangkal kai, dahan, nu paeh/ garing

Petet = bibit tutuwuhan nu leutik keneh, nu jadi sorangan atawa beunang ngahaja melak

Ruyung/ bogor = bagian anu teuas dina tangkal kawung

Sirung = pidahaneun atawa pitangkaleun nu kakara jadi, melentis

Tunggul = bagian tangkal sesa nuar

Pentil:

Pentil buah = pakel

Pentil jagong = semi

Pentil kalapa = caruluk

Pentil nangka = tongtolang

Sipat Buah Ngora:

Buah (pakel) =meujeuhna rumangu

Cau = meujeuhna rumegang

Gedang = meujeuhna gumading

Hiris (keceprek)

Jengkol = meujeuhna lumiat

Hui = meujeuhna sumagol

Kalapa (cengkir)

Kalapa (dawegan) = meujeuhna lumeho

Nangka (ketewel)

Tangkil = meujeuhna dumewegan

Ngaran buah:

Buah asem = kamal

Buah jambe = jebug

Buah kawung = caruluk

Buah kiray = langgoko

Buah teureup = benda

 

kenging nyandak ti http://manuskripkesunyian.wordpress.com/

Advertisements

Posted in Istilah | 1 Comment »

Ha…ha…ha

Posted by Dendi Rustandi dina Januari 23, 2011

Ha ha ha

“Manakah yang lebih luas, pulow Bali atow pulow Wéh?”, si Ocid nanya ka lanceukna…. Nu luas mah Ceu Nonéng Cid,  cul anak-cul salaki jadi tekawe ka Bruney, siah!.

Pulisi Tidur.

Bangsat 1 : “Kade nya euy, ulah rek wawanian operasi di lebah gang eta, bahaya..!!!

Bangsat 2 : “Ku naon kitu ?”

Bangsat 1 : ” Loba pulisi tidur deuleu!”

Bangsat 2 : “Asal ulah keur nyaring we, keun ari keur sare mah!”

Entin Kuraesin – Kircon Bandung

Kasurupan

Dukun : “Saha ieu nu nyurup ka incu kula teh?”

Nu kasurupan : “Ngaran kula ku nu nyebut di terminal mah Si Beurit!”

Dukun : “Naon kasalahan incu kula?”

Nu kasurupan : ” Bongan ngadupak waktu kula keur nginum.”

Dukun : “Geura balik ka dituh!”

Nu kasurupan : “Heug, asal menta Whisky sabotol!”

Dukun : “Eweuh nu kitu mah. Teu meunang ku pulisi.”

Nu kasurupan : “Ari euweuh Whisky mah menta calana jin atuh sakodi mah!”

Dukun : “Keur naon calana jin ?”

Nu kasurupan : “Rek di jual ku kula. Engke ladangna rek dibeulikeun inuman!”

Dukun : “Haaa…r ???”

Fitri Wulansari – Bandung

Hujan

Incu : “Kumaha Bah, nggeus aya hujan ka dieu?”

Aki : “Enggeus, ngan leutik”

Incu : “Sukur leutik mah… daripada sagarede nangka, matak lieur lamun ninggang sirah”

Aki : “Kehed sia….!

Dede R.A  –  Cijerah-Bandung

Bungah Mun Mabok

“Kuring mah bungah mun salaki datang ka imah bari mabok teh, “Ceuk Neng Reni ka Bu Ita.”

“Na bungah kumaha jalma datang kaayaan mabok?”. Tanya Bu Ita panasaran.

“Eta we Bu, bungahna teh mun datangna dina kaayaan keur mabok salaki teh sok muji kieu ka kuring, pokna teh. Oh…istriku yang paling cantik sadunia” jawab Neng Reni bungah.

Ati Wulandari – Ciranjang Cianjur

Jurusan Angkot

Si Kabayan ayeuna jadi juragan angkot. Hoyong térang kamana wae jurusannana ?.

1. Jurusan Abdul Muis – Kebon Kalapa.

2. Jurusan Ciburial – Cibuncélik.

Amirudin – Jl Kota Baru VI No. 14 RT 07/08 – Bandung

Adam Air

“Ti saprak leungitna pesawat Adam Air, geus sababaraha regu tim anu nareangan bangkena, boh di darat boh di laut. Tapi ceuk rarasaan kuring mah bangke pesawat Adam Air teh moal aya di darat tapi pastina di cai atawa laut lantaran sababna ku ngarana oge Adam Air lain Adam Darat!”

Posted in Bobodoran | 1 Comment »

Abi

Posted by Dendi Rustandi dina Januari 22, 2011

Naon ari abi teh? Surabi kitu? Ih, sanes.. Abi di dieu mah maksadna teh ngabasakeun diri sorangan. Kata ganti orang pertama, kitu cenah basa indonesiana mah. Abi teh podokna tina abdi, biasana dipake ku budak leutik anu can sawawa, kadang-kadang oge dipake ku budak nu kakara nincak rumaja. Nu matak keap abi dikelompokkeun kana basa budak, da nini-nini atawa aki-aki mah teu pantes make kecap abi.
Tapi bisi rek make mah pek bae ketang, ngan kadengena asa kurang pantes. Pikeun nu geus sawawa mah mending keneh make kecap abdi atawa kuring, gumantung kana situasina. Mun teu kitu, bisa oge ngabasakeun ku pancakaki: mun ngobrol jeung sahandapeun bisa nga-akang-keun upamana. Mun awewe nya ngabasakeun ceuceu atawa teteh.
Mun ngobrolna jeung saluhureun? Eta mah daek teu daek kudu make kecap abdi atawa kuring. Kumaha mun jeung sasama atawa anu saumur? Biasana lamun jeung babaturan deukeut mah sok make kecap urang. Ieu sabenerna basa kasar (dina konteks ngaganti kecap abdi). Tapi dina kalimah “hayu urang ngibing” mah upamana, teu kaasup kasar sabab kecap “urang” di dieu mah hartina “kita” mun dina basa Indonesia mah.
Lian ti ngagunakeun kecap abi, budak leutik oge kadang-kadang nikukur. Naon deui cenah nikukur teh? Nikukur teh maksudna jiga tikukur, nyebut ngaran sorangan pikeun kecap gaganti diri (dina kalimah langsung atawa obrolan). Contona: “Tata kamari ka ameng ka ditu da..,” cek Tata bari heuay.
Najan kitu, dina prakprakanana mah aturan ieu teh mindeng dirempak. Naon hukumanana mun aturan ieu teu dipake? Ah teu aya. Dianggo mangga, teu dianggo sawios. Nu penting mah apal kumaha nu sakuduna. Nu penting mah masih keneh reueus (sanes bangga nya, bangga dina basa Sunda mah hartosna hese!) make basa Sunda. Nu penting mah masih keneh reueus jadi urang Sunda.

Tata Danamihardja © 2011

Posted in Sabudeureun Urang Sunda | Leave a Comment »

Ibadah di Bulan Rayagung

Posted by Dendi Rustandi dina Nopémber 13, 2010

Teu karasa, ayeuna geus asup deui ka Bulan Rayagung, bulan Raya anu Agung. Pikeun urang Islam anu apal kana agungna ieu bulan, bakal neangan kunaon bet ieu bulan téh disebut agung. Soalna dina bulan ieu, loba ibadah anu bisa atawa kudu dilaksanakeun. Lamun nuturkeun tapak lacak Kanjeng Nabi mah, nengetan Hadis, pasti bakal manggihan naon waé ibadah anu bisa dilaksanakeun dina ieu bulan, hususna dina sapuluh poé anu mimiti.

Rosululloh ngadawuh dina hadis anu unina kurang leuwih, “Taya deui poé anu di jerona amal soléh leuwih dipikacinta ku Gusti Alloh tibatan poé éta, nyaéta sapuluh poé dina Bulan Rayagung. Sohabat nanya, “Héi Rosululloh, henteu ogé jeung jihad di jalan Alloh?” Rosul ngajawab, “Henteu ogé jihad di jalan Alloh, kajaba jalma anu kaluar (jihad) ku harta jeung ragana, tuluy henteu balik deui nanaonna ogé.” (HR Bukhori).

Kusabab kitu, hayu urang mangpaatkeun waktu dina bulan Rayagung ieu pikeun ngalaksanakeun ibadah ka Gusti Alloh. Ibadah anu bisa dilaksanakeun dina bulan ieu diantarana waé:

  1. Ngalaksanakeun Ibadah Haji jeung Umroh. Ieu mangrupakeun ibadah anu utama dina bulan ieu. Da dina bulan séjénna mah euweuh kajaba ibadah umroh. Ibadah Haji ayana di bulan ieu.
  2. Puasa salila sapuluh poé di mimiti bulan Rayagung. Nya sahenteuna, puasana dina poéan Arofah nyaéta tanggal 10 Rayagung.
  3. Ngalobakeun takbir jeung zikir.
  4. Ngalobakeun amal soléh.
  5. Ngalaksanakeun Takbir Mutlak.
  6. Ngalaksanakeun Kurban.
  7. Teu beunang ngeureutan kuku jeung neukteuk buuk.
  8. Ngalaksanakeun solat ‘Idul Adha jeung ngadéngékeun Khutbahna.

ti ciburuan.wordpress.com

Posted in Regepkeuneun | 2 Comments »

NGAMUMULE BASA SUNDA

Posted by Dendi Rustandi dina Nopémber 13, 2010

poto kenging nyandak ti foto.detik.com

ku: Tata Danamihardja

Ajeg-ajeg kasundaan teh diantarana baris katingali dina soal basa. Pan asa aneh lamun urang Sunda tapi teu bisa make basa Sunda. Piraku ari urang Jawa make basa Jawa, urang Batak make basa Batak, ari urang Sunda teu make basa Sunda?

Nu jadi masalah, kumaha carana sangkan basa Sunda henteu tumpur? Najan patalekan ieu karasana asa bombastis, tapi lamun nempo gejalana saperti nu karandapan ku urang ayeuna, asana teh lain hal anu pamohalan upama ka hareupna basa Sunda baris tumpur. Mangga bae emutan, kiwari loba urang Sunda meleg-meleg anu teu ngajarkeun nyarita ku basa Sunda ka anak-anakna.

Padahal ngajarkeun nyarita ku basa Sunda ka anak-anak urang teh mangrupa pondasi pikeun negeskeun identitas yen urang teh urang Sunda saestu. Komo lamun nilik kana pangajaran basa Sunda di sakola anu waktuna mingkin samporet. Boro-boro bisa diandelkeun pikeun ngadadasaran kana pangaweruh budak ngeunaan basa Sunda, dalah guruna oge kadang-kadang lain ti jurusan basa Sunda.

Lian ti eta, lingkungan oge mindeng teu ngadukung kana tumuwuhna basa Sunda, hususna di kota-kota gede anu padumukna multi-etnis. Anu matak, cilaka pisan lamun anak-anak urang teu dibiasakeun diajak nyarita di imah make basa Sunda. Atuda iraha dipakena basa Sunda teh mun lain di imah, sabab di luar imah mah enya ge dipake tapi geus pabaliut jeung direumbeuy ku basa Indonesia.

Ku cara kitu, diharepkeun bakal aya generasi penerus anu baris nuluykeun eksistensi basa Sunda di tatar parahiangan. Pun alo, umur 2 taun, dibiasakeun nyarita make basa Sunda ku indung bapana. Mun keur arulin jeung baturna ge manehna mah ongkoh-ongkoh we galecok make basa Sunda. Mun baturna molohok teu ngarti, kakara manehna narjamahkeun make basa Indonesia. Geus baturna ngartieun mah, der deui we ngocoblak make basa Sunda.

Di dieu ku urang katingali, yen diajar make basa Indonesia mah leuwih gampang, sabab di luareun imah ge balatak nu nyarita make basa Indonesia. Lamun dadasarna geus kuat, urang moal hariwang boga budak palahak-polohok teu bisa basa Sunda. Sabalikna mun di imah diajak nyarita basa Indonesia, di luar imah oge nya kitu keneh, rek iraha bisana atuh budak teh make jeung ngarti kana basa Sunda?

Mun urang ngaku keneh urang Sunda, sing era atuh ku seler sejen nu bubuara di tatar Pasundan. Si Togar urang Batak, si Ayu urang Kebumen, atawa si Freddy urang Manado geuning bisa capetang make basa Sunda ari keyeng mah diajarna? Maenya ari anak urang, pituin urang Sunda, kalah ngabigeu lamun diajak nyarita basa Sunda?

KENGING MULUNG TI http://sundablog.blogspot.com/

Posted in Regepkeuneun, Sabudeureun Urang Sunda | Tag: , | 3 Comments »

Ngimpi Malem jumaah

Posted by Dendi Rustandi dina Séptémber 2, 2010

Urang Jawa ngagunakeun basa sunda tapi logatna make basa Jawa nyarita ka urang Sunda ngeunaan ngimpina dina malem Jumaah.

Urang Jawa : “Mas abdi wengi ngimpen

Urang Sunda : “ngimpen naon mas?”

Urang Jawa : “Ngimpen bobo jeung nu geulis.”

Urang Sunda : “Kumaha dina jero impenannana?”

Urang Jawa : “Pokona endah pisan ngan pas abdi gugah nu geulis teh hento aya, pan abdi teh kesel ah abdi teh bobo deui we.”

Urang Jawa : “Eh ngimpen deui.”

Urang Sunda : “Bari kerung, ngimpen naon deui mas?”

Urang Jawa : “Ngimpen gaduh acis seueur pisan. Pas abdi gugah dicabakan dina pesak calana, acisna hento aya ah abdi teh kesel bobo deui we.”

Urang Jawa : “Eh abdi ngimpen deui”

Urang Sunda : “Ngimpen naon deui mas?”

Urang Jawa : “Ngimpen ee”

Urang Sunda : “Kumaha tah?”

Urang Jawa : “Pas abdi gugah, dicabak teh aya ee teh. Hahahahahahaha….”

ti ketawa.com

Posted in Bobodoran | 6 Comments »

MOLONGO

Posted by Dendi Rustandi dina Agustus 31, 2010

Bongbong borokokok. Omon, cowok borohol sok ngomong jorok. Komo kolot Omon bocokok polontong. Tong boro ngomong jorok, Om Toto – kolot Omon – sok ngojok-ngojok nyokcrok odol.
“Tong boloho, Omon!” Om Toto moyok. “Conto kolot, sok cokcrok odol, tong sok nyonyorong tolombong. Komo ngokos bolokotono. Pok-pok ngomong jorok, sok ponyo lolodok.”

Omon nyonto kolot ngomong jorok. Omon ponyo lolodok, los molor, Omon ngorok. Torojol Dodo koboy gondrong nyonyorong botol kosong.

Om Toto nyorongot. “Dodo, tong nyonyorong botol sok bodo!”

Dodo ongkoh-ongkoh. Rorompok korong Dodo godroh. Dodo hoyong ngolomoh comro.

“Dodo!” kolot Omon nyorongot. “Tong molotot Om,” omong Dodo ngosom. “Komo noong Kokom Donto, sok nyorodcod.”

“Tong sok moyok kolot, koplok!” Om Toto molotot hoyong ngokos Dodo. Dodo dongko, los kokocok kokod, Om Toto ngomong morot. Bongbong bocokok polontong.

Dodo nyorodcod noong kolot Omon morongos. Torolong Dodo lolos nobros boboko. Omon jongjon molor. Om Toto ngomong poporongos moyok Dodo.

Bongbong borokokok.

Copyright © 2010 – Tata Danamihardja.

ti kurawa06.wordpress.com

Posted in Bobodoran | Leave a Comment »

Peuting Pikeun Sarèrèa

Posted by Dendi Rustandi dina Agustus 30, 2010

Lamun loba  nu nyebutkeun  yèn jalma mah kapangaruhan ku lingkunganana,  Mang Tatang mah kacida satujuna. Sabab loba contona, kawas  Urop (aslina mah Ujang Ropi’i) prèman, tukang bobok tukang tarok, anu geus insaf lantaran remen ulin tur ngabatur jeung  Muhammad Solèh, santri Kiai Gopur, anu solèh tur handap asor.


Kulantaran remen diajak ngaji, Urop anu kamari ganti ngaran make ngaran heubeul deui, ngan hareupna di tambahan ku Muhammad, jadi Muhammad Ujang Ropi’i ngadadak jadi ustad anyar nyuluran Kiai Gopur anu ngadadak angkat ka Ciamis, sabab uwana teu damang.  Kitu ogè,  Kang Solèh dina waktu nu sarua kudu mere taussiah di Jasinga. Sanajan mimitina mah, rada aga-eugeu,  kadituna mah teu burung lancer ogè. Saur “Ustad Ropi’I salah sahiji peuting dina bulan puasa,  anu mibanda sajarah kacida pentingna, pikeun Kangjeng Nabi Besar Muhammad SAW, kaum muslimin jeung umat manusa, sa-dunya, nyaèta maleman Nuzulul Qur’an anu ragrag dina maleman ka tujuh belas ramadhan.

“Dina peuting ieu, Kangjeng Rsosul saentas ngantosan sareng nampi pancèn kanabian salami 3 taun langkung,nampi wahyu munggaran ti Allah ngalangkungan Malaikat Jibril di Guha Hira, surat Al-Alaq anu jumlahna lima ayat,” saurna.
Surat Al Alaq munggaran anu nitah maca dibarengan ku kalimah kalayan nyebut ngaran Pangeran manèh aya dua harti anu bisa dikahareupkeun. Kahiji Maca dina harti anu kacida lega jeung jero, maca nitènan, nalungtik jeung merhatikeun. Nu kadua, kalayan Nyebut ngaran Pangeran manèh, dina sagala sikep jeung lakulampah kudu tetep dumasar pangakuan kana ayana Allah SWT anu nyiptakeun. Maca atawa merhatikeun sakurangna aya dua anu kudu dilaksanakeun. Anu kudu dibaca tèh ayat-ayat Allah, qauliyah boh anu ditulis dina kitabullah, kawas maca tulisan-tulisan anu aya dina kitab Taurat, Zabur, Injil jeung Al Qu’an.

Maca anu kadua nyaèta tina kajadian-kajadian alam, ciptaan Allah SWT, kayaning kaèndahan-kaèndahan, boh anu mangrupa kaèndahan alam, atawa kaèndaha kaayaan kahirupan social buadaya manusa, anu mangrupa ayat-ayat qauniyah.Singgetna, Allah marèntah sakabèh umat islam pikeun maca, mariksa, merahtikeun jeung nalungtik, sakabèh èlmu-èlmuna, boh anu ditulis dina kitab-kitab anu aya, atawa kajadian di sabudeureun alam dunya kalayan didasaran ku kaiman kana ayana Allah Nu Maha Nyiptakeun tur Maha Murbeng Alam.

Henteu nyalahan lamun dina ayat munggaran Al-Alaq dijadikeun dasar pikeun umat manusa, hususna umat Islam pikeun dasar atawa pondasi ngalèngkah dina ngambah kahirupan sapopoè, sabab aya dua kecap fikir jeung jikir. Kalimah fikir jeung jikir ieu anu ku urang bisa dijadikeun hikmah anu kacida munelna dina Nuzulul Qur’an.

Dumasara kana fakta sajarah anu aya, Islam kungsi ngalaman jaman gemuh atawa kaemasan dina abad 8-9, mibanda peradaban anu kacida luhungna di Andalusia, tur Baghdad. Islam geus bisa mere pangajaran anu kacida hadena ka bangsa-bangsa Europa nepi ka jadi sumber kabangkitan nagara-nagara Barat anu disebut Renaissance.

Kajadian  Nuzulul Qur’an  anu jadi cicirèn pikeun turunna Al Qur’an, turunna pituduh ti Allah SWT pikeun umat manusa, anu sakuduna jadi cara jeung pedoman kahirupan manusa dina enggoning ngajalankeun kahirupan sapopoè anu mibanda budaya, mibanda ajèn-inajèn anu luhung pikeun manusa sorangan. Sabab saenya-enyana manusa jeung  digubragkeun ka alam dunya tèh taya lian iwal ti keur ibadah.
“Pesen-pesen Al Qur’an sakuduna kudu diterapkeun dina kahirupan sapopoè dina ngarènda hubungan antara manusa jeung Sang Khalik, manusa jeung manusa (mualamah), manusa jeung alam. Sakabèhna geus diatur kalayan jèntrè dina  Quranul Karim, kari urang minangka umat Islam, pikeung ngaguar, ngorèhanana ku jalan anu singer, pinter, cageur jeung bageur.

Dina maca, ngaguar jeung ngorèhan eusina, kudu ku cara-cara anu jujur, amanah jeung sikep-sikep anu di luhur tadi, sabab dina wangkid kiwari, loba golongan-golongan anu ngahaja narjamahkeun Al Qur’an ku carana sorangan  bari teu neuleuman kana èlmu narjamahkeunana,” pokna dina panutupna.
“Teu sangka euy,” ceuk anu Mang Emon, bari tuluy ngajak sasalaman ka Ustad anyar.

ku Dadang H. Padmadiredja

dicutat ti jurnalbogor.com

Posted in Sabudeureun bulan puasa | 1 Comment »

Ngabuburit

Posted by Dendi Rustandi dina Agustus 30, 2010

Salah sahiji “panyakit puasa” anu pangdeukeutna tur jiga nu nutur-nutur pisan tèh  nyaèta sakadang tunduh. Kituna tèa mah pantes, sabab taya “parabot” pikeun ngusirna jadi hiji-hijina jalan tèh ngan ukur dituturkeun mangsa keur istirahat.


Padahal lamun diitung jam sarè mah, rarasaan cocèngna tèh teu jauh-jauh teuing, lamun  dina poè biasa jam lima, ieu mah rada mundur kana  jam opat, teu pira ukur sajam.  Tapi jigana tèh panyababna lain èta, anu pokona mah taya pikeun ngabrangbrangkeun pitunduheun, kayaning ngopi, melenyun, ngemil jeung sabangsana. Numatak pantes, sakadang tunduh tèh datangna rada remen, komo ngadeukeutan tengah poè mah,  panon tèh mani asa luplep, pikiran ogè ngadadak laleungitan,sakapeung aya sakapeung leungit. Tah pikeun anu geus teu tahan mah, tempat paneumbleuhan taya  deui, iwal ti masjid. Keur mah tunduh, katambah hawa masjid mah biasana tèh tiis. Mani repol lamun ceuk jalma anu rumahtangga mah, atawa batu turun keusik naèk, itu purun ieu daèk. Antukna ker…weè kèrèk. Tapi hèbatna manusa, sanajan sakumaha tunduh jeung beuratna sirah, waktuna kudu gawè deui mah, nguning hudang .

Tah dina bulan puasa mah (anu keur puasa, pastina ogè) sarèna ogè dianggap ibadah.
Kabiasaan anu ngan ayana dina bulan puasa tèh nyaèta ngabuburit, kecap ieu asalna tina kecap burit, nyaèta hiji kaayaan waktu anu geus deukeut ka Magrib.  Ngabuburit sorangan hartina hiji pagawèan anu dihususkeun pikeun ngadagoan  mangsana pikeun buka puasa, sabab ari salian tina bulan puasa mah teu bisa disebutkeun ngabuburit, sanajan enya ngadagoan datangna bedug Magrib ogè.
Pagawaèan anu dilaksakanakeun dina raraga ngabuburit, kawilang loba, bisa nguseup, ulin ka tempat-tempat umum, atawa tempat pangjujugan,  Ngaderes ah… pokona mah sakabèh pagawèan anu alus tur ditujukeun pikeun ngadagoan bedug. Ngan jigana tèh jejeroeunana ngan saukur anu keur ngalakonan puasa wungkul, sabab anu teu puasa mah teu kaci atawa teu kaasup kana golongan anu ngabuburit. Jadi raket pisan patalina antara kecap ngabuburit jeung puasa, malah beunang disebutkeun ngabuburit mah ( rempegna) ukur aya dina bulan puasa wungkul. Kitu ogè kabungahan  mangsa bedug  Magrib, pikeun anu keur ngajalankeun kawabina puasa mah mani hèsè pisan babandinganan. Sora bedug  anu didago-dago ti isuk kènèh pana kadèngèna tèh  ni’mat pisan, mangsa geus ditakol mah.

Tempat anu remen di pakè ngabuburit saencan loba Mall mah keur di wewengkon Kota  Bogor diantarana Kantor Panalungtikan Parè,  Leuweung Cifor, Jalan  Yasmin,  jalan Tentara Pelajar Cimanggu.  Ngan kiwari mah anu ngadon ngabuburit di tempat-tempat anu disebutkeun di luhur tèh geus rada arang, barudak ngora anu baroga duit  (komo anu keur sèngsèrang panon mah) leuwih resep ngabuburitna di puseur-puseur pangbalanjaan, kayaning di  mal Warung Jambu, Ekalos, BTM, jrrd. Padahal  ngabuburit di tempat kitu tèh ceuk basa ayeuna mah rawan lamun ceuk Mang Tatang urang Gardu Tugu mah pikahariwangeun.
“Bisa jadi, puasana mah tamat nepi ka Magrib, anu ngahariwangkeun mah èta tongtonan anu aya di tempat èta, pan meureun di tempat kitu mah sagala rupa ogè aya. Jaman kiwari tèa atuh loba manusa anu resep pisan marakè baju pungsat jeung mani ngajeplak mungkus awak,”saurna basa papanggih tas buka di warung kopi.
“Jadi kèdah kumaha atuh Mang, saèna?” cèkèng tèh.
“Alusna mah pareketkeun dina diri urang tèh, dina bulan ieu mah ulah loba teuing nyampeurkeun tempat anu kararitu.  Malah puasa taun ayeuna dijadikeun wasilah pikeun ngahadèan puasa taun kamari. Lamun taun kamari aya nu bocor, benerkeun dina puasa ayeuna, lamun kamari shalat tarawèhna teu pol, atuh taun ayeuna mah dilengkepan, kitu ogè dina ngaderes Al Qur’anna,” saurna.
“Enya, nya Mang, saèna mah  kasempetan sabulan dina sataun kawas keu tèh dimangpaatkeun kacida. Pan bak ogè kudu aya dikurasna, kitu ogè awak jeung kalakuan urang nya, Mang,” ceuk kuring sakecemplungna.
“Enya, numatak ngabuburit tèh, ulah anèh-anèh bisi matak batal, lamun teu puasana, batal pahalana.”

ku Dadang H. Padmadiredja

dicutat ti jurnalbogor.com

Posted in Sabudeureun bulan puasa | Leave a Comment »

Anjeun & Hiliwirna angin halodo

Posted by Dendi Rustandi dina Agustus 29, 2010

Anjeun

Anjeun…
Atrat natra sajatina
teu ngan ukur wujud raga
tapi nyata diaping ku sukma
sabar nyaah mapaes satia

Anjeun…
Najan langit angger angkeub…
najan peuting tetep mongkleng…
tetep pageuh nyepeng pasini
nu kagok enggeus ngajadi

Anjeun…
sajatina raga sukma
srangenge nu teu weleh mere harepan
teuneung ludeung nyukcruk udagan
geusan bekel hirup duaan

***
Hiliwirna angin halodo

Hiliwirna angin halodo
Nyambuangkeun seungitna kembang
kembang tresna nu meujeuh ligar
mangkak endah ngarandakah
dina hate urang duaan

Hiliwirna angin halodo
mawa asih tingtrim lirih
mepende sukma ngahudang rasa
rumasa deudeuh jiwa jeung raga
dina pasini kudu ngajadi

Hiliwirna angin halodo
nu nyingraykeun halimun peuting
nembrakeun endahna purnama
ngalagena mapaes jiwa
jangji ngahiji raga jeung sukma

kenging mulung ti sundablog.wordpress.com

Posted in Puisi Sunda | Leave a Comment »