Club Facebookna Oerang Soenda

Urang Sunda Hudang Euy!!!

Archive for the ‘Sabudeureun bulan puasa’ Category

Peuting Pikeun Sarèrèa

Posted by Dendi Rustandi dina Agustus 30, 2010

Lamun loba  nu nyebutkeun  yèn jalma mah kapangaruhan ku lingkunganana,  Mang Tatang mah kacida satujuna. Sabab loba contona, kawas  Urop (aslina mah Ujang Ropi’i) prèman, tukang bobok tukang tarok, anu geus insaf lantaran remen ulin tur ngabatur jeung  Muhammad Solèh, santri Kiai Gopur, anu solèh tur handap asor.


Kulantaran remen diajak ngaji, Urop anu kamari ganti ngaran make ngaran heubeul deui, ngan hareupna di tambahan ku Muhammad, jadi Muhammad Ujang Ropi’i ngadadak jadi ustad anyar nyuluran Kiai Gopur anu ngadadak angkat ka Ciamis, sabab uwana teu damang.  Kitu ogè,  Kang Solèh dina waktu nu sarua kudu mere taussiah di Jasinga. Sanajan mimitina mah, rada aga-eugeu,  kadituna mah teu burung lancer ogè. Saur “Ustad Ropi’I salah sahiji peuting dina bulan puasa,  anu mibanda sajarah kacida pentingna, pikeun Kangjeng Nabi Besar Muhammad SAW, kaum muslimin jeung umat manusa, sa-dunya, nyaèta maleman Nuzulul Qur’an anu ragrag dina maleman ka tujuh belas ramadhan.

“Dina peuting ieu, Kangjeng Rsosul saentas ngantosan sareng nampi pancèn kanabian salami 3 taun langkung,nampi wahyu munggaran ti Allah ngalangkungan Malaikat Jibril di Guha Hira, surat Al-Alaq anu jumlahna lima ayat,” saurna.
Surat Al Alaq munggaran anu nitah maca dibarengan ku kalimah kalayan nyebut ngaran Pangeran manèh aya dua harti anu bisa dikahareupkeun. Kahiji Maca dina harti anu kacida lega jeung jero, maca nitènan, nalungtik jeung merhatikeun. Nu kadua, kalayan Nyebut ngaran Pangeran manèh, dina sagala sikep jeung lakulampah kudu tetep dumasar pangakuan kana ayana Allah SWT anu nyiptakeun. Maca atawa merhatikeun sakurangna aya dua anu kudu dilaksanakeun. Anu kudu dibaca tèh ayat-ayat Allah, qauliyah boh anu ditulis dina kitabullah, kawas maca tulisan-tulisan anu aya dina kitab Taurat, Zabur, Injil jeung Al Qu’an.

Maca anu kadua nyaèta tina kajadian-kajadian alam, ciptaan Allah SWT, kayaning kaèndahan-kaèndahan, boh anu mangrupa kaèndahan alam, atawa kaèndaha kaayaan kahirupan social buadaya manusa, anu mangrupa ayat-ayat qauniyah.Singgetna, Allah marèntah sakabèh umat islam pikeun maca, mariksa, merahtikeun jeung nalungtik, sakabèh èlmu-èlmuna, boh anu ditulis dina kitab-kitab anu aya, atawa kajadian di sabudeureun alam dunya kalayan didasaran ku kaiman kana ayana Allah Nu Maha Nyiptakeun tur Maha Murbeng Alam.

Henteu nyalahan lamun dina ayat munggaran Al-Alaq dijadikeun dasar pikeun umat manusa, hususna umat Islam pikeun dasar atawa pondasi ngalèngkah dina ngambah kahirupan sapopoè, sabab aya dua kecap fikir jeung jikir. Kalimah fikir jeung jikir ieu anu ku urang bisa dijadikeun hikmah anu kacida munelna dina Nuzulul Qur’an.

Dumasara kana fakta sajarah anu aya, Islam kungsi ngalaman jaman gemuh atawa kaemasan dina abad 8-9, mibanda peradaban anu kacida luhungna di Andalusia, tur Baghdad. Islam geus bisa mere pangajaran anu kacida hadena ka bangsa-bangsa Europa nepi ka jadi sumber kabangkitan nagara-nagara Barat anu disebut Renaissance.

Kajadian  Nuzulul Qur’an  anu jadi cicirèn pikeun turunna Al Qur’an, turunna pituduh ti Allah SWT pikeun umat manusa, anu sakuduna jadi cara jeung pedoman kahirupan manusa dina enggoning ngajalankeun kahirupan sapopoè anu mibanda budaya, mibanda ajèn-inajèn anu luhung pikeun manusa sorangan. Sabab saenya-enyana manusa jeung  digubragkeun ka alam dunya tèh taya lian iwal ti keur ibadah.
“Pesen-pesen Al Qur’an sakuduna kudu diterapkeun dina kahirupan sapopoè dina ngarènda hubungan antara manusa jeung Sang Khalik, manusa jeung manusa (mualamah), manusa jeung alam. Sakabèhna geus diatur kalayan jèntrè dina  Quranul Karim, kari urang minangka umat Islam, pikeung ngaguar, ngorèhanana ku jalan anu singer, pinter, cageur jeung bageur.

Dina maca, ngaguar jeung ngorèhan eusina, kudu ku cara-cara anu jujur, amanah jeung sikep-sikep anu di luhur tadi, sabab dina wangkid kiwari, loba golongan-golongan anu ngahaja narjamahkeun Al Qur’an ku carana sorangan  bari teu neuleuman kana èlmu narjamahkeunana,” pokna dina panutupna.
“Teu sangka euy,” ceuk anu Mang Emon, bari tuluy ngajak sasalaman ka Ustad anyar.

ku Dadang H. Padmadiredja

dicutat ti jurnalbogor.com

Posted in Sabudeureun bulan puasa | 1 Comment »

Ngabuburit

Posted by Dendi Rustandi dina Agustus 30, 2010

Salah sahiji “panyakit puasa” anu pangdeukeutna tur jiga nu nutur-nutur pisan tèh  nyaèta sakadang tunduh. Kituna tèa mah pantes, sabab taya “parabot” pikeun ngusirna jadi hiji-hijina jalan tèh ngan ukur dituturkeun mangsa keur istirahat.


Padahal lamun diitung jam sarè mah, rarasaan cocèngna tèh teu jauh-jauh teuing, lamun  dina poè biasa jam lima, ieu mah rada mundur kana  jam opat, teu pira ukur sajam.  Tapi jigana tèh panyababna lain èta, anu pokona mah taya pikeun ngabrangbrangkeun pitunduheun, kayaning ngopi, melenyun, ngemil jeung sabangsana. Numatak pantes, sakadang tunduh tèh datangna rada remen, komo ngadeukeutan tengah poè mah,  panon tèh mani asa luplep, pikiran ogè ngadadak laleungitan,sakapeung aya sakapeung leungit. Tah pikeun anu geus teu tahan mah, tempat paneumbleuhan taya  deui, iwal ti masjid. Keur mah tunduh, katambah hawa masjid mah biasana tèh tiis. Mani repol lamun ceuk jalma anu rumahtangga mah, atawa batu turun keusik naèk, itu purun ieu daèk. Antukna ker…weè kèrèk. Tapi hèbatna manusa, sanajan sakumaha tunduh jeung beuratna sirah, waktuna kudu gawè deui mah, nguning hudang .

Tah dina bulan puasa mah (anu keur puasa, pastina ogè) sarèna ogè dianggap ibadah.
Kabiasaan anu ngan ayana dina bulan puasa tèh nyaèta ngabuburit, kecap ieu asalna tina kecap burit, nyaèta hiji kaayaan waktu anu geus deukeut ka Magrib.  Ngabuburit sorangan hartina hiji pagawèan anu dihususkeun pikeun ngadagoan  mangsana pikeun buka puasa, sabab ari salian tina bulan puasa mah teu bisa disebutkeun ngabuburit, sanajan enya ngadagoan datangna bedug Magrib ogè.
Pagawaèan anu dilaksakanakeun dina raraga ngabuburit, kawilang loba, bisa nguseup, ulin ka tempat-tempat umum, atawa tempat pangjujugan,  Ngaderes ah… pokona mah sakabèh pagawèan anu alus tur ditujukeun pikeun ngadagoan bedug. Ngan jigana tèh jejeroeunana ngan saukur anu keur ngalakonan puasa wungkul, sabab anu teu puasa mah teu kaci atawa teu kaasup kana golongan anu ngabuburit. Jadi raket pisan patalina antara kecap ngabuburit jeung puasa, malah beunang disebutkeun ngabuburit mah ( rempegna) ukur aya dina bulan puasa wungkul. Kitu ogè kabungahan  mangsa bedug  Magrib, pikeun anu keur ngajalankeun kawabina puasa mah mani hèsè pisan babandinganan. Sora bedug  anu didago-dago ti isuk kènèh pana kadèngèna tèh  ni’mat pisan, mangsa geus ditakol mah.

Tempat anu remen di pakè ngabuburit saencan loba Mall mah keur di wewengkon Kota  Bogor diantarana Kantor Panalungtikan Parè,  Leuweung Cifor, Jalan  Yasmin,  jalan Tentara Pelajar Cimanggu.  Ngan kiwari mah anu ngadon ngabuburit di tempat-tempat anu disebutkeun di luhur tèh geus rada arang, barudak ngora anu baroga duit  (komo anu keur sèngsèrang panon mah) leuwih resep ngabuburitna di puseur-puseur pangbalanjaan, kayaning di  mal Warung Jambu, Ekalos, BTM, jrrd. Padahal  ngabuburit di tempat kitu tèh ceuk basa ayeuna mah rawan lamun ceuk Mang Tatang urang Gardu Tugu mah pikahariwangeun.
“Bisa jadi, puasana mah tamat nepi ka Magrib, anu ngahariwangkeun mah èta tongtonan anu aya di tempat èta, pan meureun di tempat kitu mah sagala rupa ogè aya. Jaman kiwari tèa atuh loba manusa anu resep pisan marakè baju pungsat jeung mani ngajeplak mungkus awak,”saurna basa papanggih tas buka di warung kopi.
“Jadi kèdah kumaha atuh Mang, saèna?” cèkèng tèh.
“Alusna mah pareketkeun dina diri urang tèh, dina bulan ieu mah ulah loba teuing nyampeurkeun tempat anu kararitu.  Malah puasa taun ayeuna dijadikeun wasilah pikeun ngahadèan puasa taun kamari. Lamun taun kamari aya nu bocor, benerkeun dina puasa ayeuna, lamun kamari shalat tarawèhna teu pol, atuh taun ayeuna mah dilengkepan, kitu ogè dina ngaderes Al Qur’anna,” saurna.
“Enya, nya Mang, saèna mah  kasempetan sabulan dina sataun kawas keu tèh dimangpaatkeun kacida. Pan bak ogè kudu aya dikurasna, kitu ogè awak jeung kalakuan urang nya, Mang,” ceuk kuring sakecemplungna.
“Enya, numatak ngabuburit tèh, ulah anèh-anèh bisi matak batal, lamun teu puasana, batal pahalana.”

ku Dadang H. Padmadiredja

dicutat ti jurnalbogor.com

Posted in Sabudeureun bulan puasa | Leave a Comment »

Apel Bulan Puasa

Posted by Dendi Rustandi dina Séptémber 14, 2009

pacaran

NUMPAK beus téh mani asa lila-lila teuing. Kahayang mah sing geura-geura nepi ka nu dituju. Teu kuat ku sono, hayang geura-geura panggih jeung Si Manéhna. Malah tadina mah kuring hayang ngabatalan puasa ku cara nyium pipina. Hanjakal pisan, isuk-isuk ogé geus teu kuat hayang cikopi jeung udud. Baé lah, rék indit-inditan jauh ieuh. Ceuk Ustad Otong ogé, ari musafir mah bisa dikodoan ieuh.

Najan lembur manéhna aya di pasisian kota, tapi ku cinta mah mo burung jauh dijugjug, anggang ditéang. Néng Arin, kembang Ciméndong, anu kabayang unggal mangsa wanci beurang, kaimpi-impi unggal wanci janari.

“Punten, A, rokona pareuman. Hawatos seueur penumpang anu saum,” teu kanyahoan, kondéktor geus nangtung gigireun kuring bari leungeunna ngasongkeun karcis.

“Alah, hilap, kang,” témbal téh bari buru-buru muragkeun roko. Sakur penumpang dina jero beus, mani tamplok marelong ka kuring. Komo awéwé anu diuk gigireun mah, katingalina téh mani ijideun naker. Untung wéh, rupana teu pati geulis ieuh.

Bareng pisan jeung adan lohor, beus anu ditumpakan ku kuring, anjog ka terminal Panjalu. Atuh kuring ogé buru-buru turun bari rada rurusuhan. Kéclak, naék ojeg. Biur, maju. Najan ojég téh majuna kawas sireum, tapi teu burung nepi ahirna mah. Hareupeun hiji imah anu ditingker balong, motor téh dierém sakaligus, méh baé sirah kuring tijeduk kana helem-na.

Néng Arin jeung dua kolotna, ngabagéakeun kadatangan kuring kalayan daréhdéh naker. Kawasna pédah ka urang Bandung. Bubuhan ari ti kota mah, sok aya kasebutna ménak jeung laloba duit. Moal nyarangkaeun lamun dina lokét kuring, ukur aya duit saongkoseun bulak-balik.

“Saum atanapi henteu?” bapana Néng Arin mimiti tumanya. Panonna kawas anu taya kabosen, nelek-nelek tangtungan kuring. Keur meunteun jigana mah.

“InsyaAlloh,” témbal téh rada kalem. Najan beuteung kukurubukan ogé, teu hadé ari kudu némbongkeun kabiasaan goréng hareupeun calon mitoha mah.

“Bageur pisan atuh. Padahal ti Bandung ka dieu téh sakitu tebihna. Tangtosna ogé capé pisan,” pokna deui, bari nembongkeun imutna. Atuh irung ogé mani asa rék ngapung. Dipuji ku pimitohaeun atuh.

“Punten, badé ngiring netepan lohor heula,” ceuk kuring bari ngarérét kana jam dingding. Ngahaja, ngarah beuki kapaké.

“Mangga, ka pengker baé, Sép. Teu kedah asa-asa, anggap baé di bumi nyalira” kitu témbalna bari némbongkeun pasemon anu bérag marahmay. Siga anu beuki atoheun, piminantueunana jalma soléh.

Solat lohor téh ngahaja dililakeun. Pangpangna mah ngarasa betah cicing di kamar Néng Arin. Sarareungit, matak hégar kana rarasaan. Malah awahing ku lilana, maké jeung kaburu nengetan heula céngcéléngan Néng Arin. Teu wani ari nyokot eusina mah. Dicabak sotéh, alatan resep kana wandana, jeung hayang ngira-ngira jumlah eusina. Maksud téh, asa hadé upama céngcéléngan Néng Arin dijieun sajak.

Kurang leuwih satengah jam, kuring kakara kaluar deui ti kamar Néng Arin. Sarung jeung kopéah masih kénéh dipapaké. Malah leungeun ogé nyekelan tasbé sagala rupa. Tapi kacida ngaranjugna basa di rohangan tengah, kasampak bapana Neng Arin keur ngalepus udud. Indungna jeung Néng Arin ogé keur paciweuh nyiapkeun dahareun.

“Punten, Cép. Tadi téh kabeurangan saur. Ari Embina jeung Si Nyai mah, geus dua poé ogé, da aya halangan. Matak, euweuh nu puasa,” ceuk bapana Néng Arin bari nyerebungkeun haseup rokona.

“Teu sawios-wios, Pa,” témbal kuring bari rada ngélémés. Sangu ngebul jeung goréng lauk, ukur waasna wungkul. Tada teuing nikmatna. Hanjakal pisan, geus kagok ngaku puasa. Ari rék milu dahar, sok sieun jadi teu kapaké. Antukna mah, kapaksa kuring ngan ukur diuk dina korsi, bari ngararasakeun beuteung anu beuki kukurubukan. Komo basa indung-bapana Néng Arin mimiti balakécrakan.

*

Alhamdulillah. Nepi ka dur magrib ogé, kuring teu kagoda ku dahareun atawa udud jeung kopi. Kasebutna mah puasa téh tamat, najan ngamimitianana ukur ti bedug lohor. Puguh baé, Néng Arin sakulawarga kawas beuki reueus baé ka kuring. Dahareun keur buka puasa, disayagikeun sapuratina. Kolek cau, sangu haneut, goreng lauk, jeung sajabana.

Barang rék ngamimitian dahar, kadéngé aya sora motor anu eureun. Néng Arin gura-giru ka luar. Malah teu pati lila, manéhna ngagorowok rada tarik.

“Mamah, aya Si Bibi ti Bandung…!” kituna téh mani ocrak pisan. Bapana ogé buru-buru milu kaluar.

“Na jam sabaraha ti kota?” kadéngé bapana Néng Arin tumanya ka nu anyar datang.

“Ari datang mah geus tibeurang mula. Ngan tadi téh ngabuburit heula ka pasar, tuluy nganjang ka babaturan…” kadéngé aya sora awéwé némbalan. Panasaran kuring ogé. Tuluy ngalieuk. Bréh…gebeg. Reuwas kareureuhnakeun. Késang badag, késang lembut, mimiti rarenung maseuhan sakujur awak. Horéng, anu disebut Bibi téh, taya lian awéwé anu diuk gigireun kuring basa dina beus kota. ***

Posted in Sabudeureun bulan puasa | Leave a Comment »

Kumpulan SMS Lebaran

Posted by Dendi Rustandi dina Séptémber 14, 2009

idul fitri

Wilujeng Sasih Siam

Kanggo Mamah sareng Kulawargi di Bumi.
Neda sih hapunten samudaya kalepatan
nu dihaja sinareng henteu.
Mugia ibadahna salawasna aya dina kamulyaan.

Ngahaturakeun wilujeng boboram siam 1 syawal 1430 H, bilih kantos nyungkelit dina ati, tugenah dina manah, kasiku catur, katajong omong ku pribados, mugi ridho ngahpunten samudaya kalepatan.

Bilih aya langkung saur bahe carek
Kaciwit kulit kabawa daging
Tunggul dirurut catang dirumpak
Nyungkelit ati teugeunah manah
Mudut pangampura
Wilujeung boboran siam

Wening galih nu dipamrih
Jembar manah nu dipilampah
Wilujeng boboran siam 1430H,
kalayan neda pangapunten tina samudayaning kalepatan

Sugrining runtah kalepatan dina manah
nyeuri peurihna ati sanubari
mugia lubar ku silaturahmi
Wilujeng boboran siam 1430 H
Taqobalallahu minaa waminkum

Sanajan raga paanggang, teu bisa amprok dampal panangan
Ngan saukur bisa ngirim surat, chating jeung SMSsan
Kalayan dibarengan ku kaihlasan, neda dihapunten samudaya kalepatan
“Taqobalallohu mina wa minkum syiamana wa syiamakum”
Wilujeng Boboran Syiam 1430 H

Kedaling rasa nu pinuh ke bangbaluh hate,
urang lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh,
meungpeung wanci can mustari.
Neda dihapunten kana samudaya kalepatan,
bilih kantos nyungkelit dina ati, kasiku catur,
katajong omong dina cariosan anu matak ngarahetkeun
kana manah, kumargi urang mah teu tiasa lumpat tina kalepatan sareng kakhilafan. Sim kuring ngahaturkeun Taqabalallahu
Minna Wa Minkum, Wilujeung Boboran Siam 1428 H

dicutat tina sajumlah milis

Posted in Sabudeureun bulan puasa | Leave a Comment »

Ulah ngan Sawates Ramadan

Posted by Dendi Rustandi dina Séptémber 1, 2009

Ramadan geus jadi bulan asih sakabéh umat islam pikeun leuwih ngaraketkeun diri ka Alloh SWT. Kaayaan Khusyu katémpo tina lobana jamaah anu datang minuhan masjid-masjid, tajug, atawa madrasah. Pikeun rumaja, satumpuk kagiatan Ramadan loba dilaksanakeun pikeun ngamotivasi rumaja leuwih optimal ngalaksanakeun ibadah di bulan Ramadan, Kagiatan ibadah sarta ngaguar sagala rupa niley kaislaman éta baris lumangsung ngan saukur di bulan Ramadan ? ieu sabenerna anu jadi kasalempang pikeun urang sararéa. Naha ngan sauukur khusyu ibadah teh  di bulan Ramadan ?, naha urang eureun ngagosip (ghibah) ngan di waktu Ramadan ?, naha urang eureun ngalakonan kagiatan hura-hura ngan di bulan Ramadan?

Salila Ramadan. acara ibadah, kawas pasantrén kilat, kajian mingguan, kultum taraweh atawa kuliah subuh loba dilaksanakeun ngalibatkeun rumaja. Salian ti éta, loba ogé rumaja urang anu dina bulan Ramadan ngendalikeun obrolanna ti godaan gossip terkutuk, he..he…Peuting ogé dipaké pikeun solat khusyu taraweh di imah atawa di masjid berjamaah sarta waktu luang dipaké pikeun tilawah Alquran. Intina, Ramadan nyieun sawaréh rumaja urang kawas nyandu ibadah.  Ayeuna, gaya kahirupan sekuler geus jadi kabiasaan sapopoé.  Meureun urang kakara manggihan nuansa lingkungan anu rada islami ngan di bulan Ramadan waé. Mangkana, boh salila Ramadan boh sarengsena, urang kudu tetep ngajaga  kaislaman urang ambéh tetep sumanget.

Bisa jadi, memang, sanggeus Ramadan réngsé, kagiatan-kagiatan ngeunaan keislaman moal saramé deui. Kusabab eta, hayu minangka rumaja urang teruskan kagiatan islami salila Ramadan éta ogé ditularkeun sarta diteruskeun dina bulan-bulan séjén sajaba Ramadan. Nungtut élmu (boh keislaman boh élmu umum) hukumna wajib, alatan éta kudu terus urang pigawé sapanjang hayat.

Aktivitas nungtut élmu ieu teu meunang kaliwat. Iraha waé, di mana waé, kalayan saha waé urang bisa nambahan wawasan islam. Di jero atawa di luar bulan Ramadan. Jadi, naha urang kudu katempo islami ngan di bulan Ramadan, sanggeus liwat Ramadan, urang balik ka aktivitas sarta rutinitas anu malahan bertolak belakang jeung sumanget Ramadan.?

kenging mulung ti kurawa06.wordpress.com

Posted in Sabudeureun bulan puasa | 1 Comment »

Ngabuburit, Jaman Baheula jeung Mangsa Kiwari

Posted by Dendi Rustandi dina Agustus 27, 2009

ngabuburit

Sanggeus nungguan sabelas bulan lilana, urang papanggih deui jeung Rhamadan. Di bulan istimewa ieu urang diajak ngasah kaimanan sarta kesabaran kalayan ngosongkeun beuteung alias puasa. Loba hal anu bisa ku urang di pigawé pikeun ngeusianana. Tah, biasana dina jam anu pangaktipna di poé-poé puasa éta pasosoré nyanghareupan magrib,  Lamun ceuk Urang Sunda ngabuburit anu hartina nungguan burit atawa soré nyanghareupan peuting. Lamun nurutkeun kamus umum Basa Sunda susunan Tim LBSS, ngabuburit hartosna “ngalantung ngadagoan burit, biasana pasosore bulan puasa, ari datang deui geus wayah buka”. Pikeun ngeusian kagiatan ngabuburit ieu saban jelema boga pilihanana séwang-séwangan. Urang Sunda ngalakonan aktivitas ngabuburit ieu saprak jaman buhun? Tapi, pastina beda ayeuna mah  kagiatanana. Ngabuburit jaman baheula jeung mangsa kiwari  anu dipigawé sabenerna aya kemiripan ti sisi aktivitas dumasar kana perkembangan jaman.

Mapay Jalan vs Jalan-jlan di Mall : Ngabuburit jaman baheula sarua jeung jalan-jalan kamana wé..sakarépna, aya nu ngan mapay-mapay trotoar, ngajugjug alun-alun, nongkrong di Alun-alun bari nunggu waktu buka puasa nu sok ditandaan ku sora meriam, taman-taman kota atawa ngan saukur leumpang sakadaek, dimana manggih balong atawa walungan terus marandi. Kiwari, barudak ayeuna mah leuwih résép jalan-jalan ka mall tibatan jalan-jalan ngajugjug taman (keur mah taman-taman mangsa kiwari mah saeutik tur arang deuih). Nongkrong di Kafe atawa restoran nunggu buka puasa bari ngobrol ngaler ngidul,   istilahna mah buka bareng.

Kaulinan Tradisional vs Game Online : Congklak, gasing(pangal), tali karet, bebedilan tina dahan cau atawa egrang. Baheula kaulinan nu kitu nu dipikarésép ku barudak dina kaulinan sapopoé jeung keur ngabuburit di bulan puasa. Kiwari, tingali warnet-warnet atawa game centre, jaman kiwari jigana leuwih populer tibatan kaulinan tradisional. Baheula keur budak keneh kaulinan nu dipikaresep teh bebedilan. Tapi lamun jaman kiwari mah jigana game on-line leuwih dipikawanoh.

Bédil Lodong vs Pétasan : Lodong ieu kawas mériam, ngan dijieun tina awi dieusian minyak tanah atawa karbit tuluy disundut sorana tarik ngajelegur,  gumantung kana gede leutikna bahan awi nu dipakena. Jaman baheula lodong dipaenkeun keur ngabuburit atawa rengse saur. Kiwari, jigana geus jarang manggihan lodong geus diganti ku pepetasan (sanajan dilarang oge, tetep we aya boh nu ngajual atawa nu meuli).

Di luar imah vs Di jero imah : Ngabuburit biasana mangrupa kagiatan di luar rohangan atawa di luar imah. Bédug magrib ditungguan bari ngalakukeun kagiatan di luar imah.  Kiwari, kagiatan keur ngabuburit aya nu leuwih trend nyaeta on-line di internet. Loba nu bisa dilakukeun di internet, browsing, blogging, chating jeung sajabana.

Posted in Sabudeureun bulan puasa | 2 Comments »

Wilujeng Mayunan Sasih Shiam

Posted by Dendi Rustandi dina Agustus 20, 2009

Sakumna umat Islam kiwari ngagorowokeun ‘Marhaban Yaa Ramadan, Marhaban Yaa Ramadan”, Wilujeung sumping Ramadan, Salamet datang Ramadan. Di masjid-masjid, musholla, koran-koran, stasiun télévisi sarta radio sarta sagala rupa mailing list, babasan salamet datang Ramadan tampil kalawan sagala rupa ekpresi anu variatif.

Saban média geus siap kalawan kalawan sederet agéndana séwang-séwangan. Aya rasa atoh, ke-khusyu’-an, harepan, sumanget sarta nuansa spiritualitas séjénna anu sarat harti pikeun diekpresikan. Éta pisan Ramadan, bulan anu taun ka tukang urang ucul ditinggalkeun kalawan nyurucudkeun cai panon, kiwari datang deui.

Sajumlah pamentaan hampura sarta hikmah-hikmah anu kaeusi dina ibadah puasa ogé rame dikaji sarta kembangkan. Aya peunteun sosial, katengtreman, kamanusaan, sumanget gotong royong, solidaritas, kababarengan, ngababaturan sarta sumanget prularisme. Aya ogé mangpaat lahiriah kawas: kaséhatan (utamana perncernaan sarta metabolisme), kanaékan intelektual, kemesraan sarta keharmonisan kulawarga, kaasih nyaah, pengelolaan hawa napsu sarta penyempurnaan peunteun kepribadian séjénna. Aya deui aspék spiritualitas: puasa pikeun kanaékan kecerdasan spiritual, kataqwaan sarta penjernihan haté nurani dina berdialog kalawan al-khaliq. Kabéhanana nyaéta peunteun-peunteun positif anu kaeusi dina puasa anu selayaknya henteu ngan urang pahami minangka wacana anu nyumponan intelektualitas urang, tapi nungtut implementasi sarta penghayatan dina saban aspék kahirupan urang.

Anu ogé penting dina ngabagéakeun bulan Ramadan tinangtu nyaéta kumaha urang ngararancang léngkah strategis dina ngeusianana ambéh sanggup mroduksi peunteun-peunteun positif sarta hikmah anu dikanung. Jadi, lain ngan melulu mikir menu pikeun berbuka puasa sarta saur waé. Tapi, urang teh perlu nyusun menu rohani sarta ibadah urang. Lamun direnungkan, menu buka sarta sahur komo mindeng leuwih istemawa (baca: mentéréng) dibandingkeun jeung kadaharan kasapoé jeput urang. Tinangtu, urang kudu nyusun menu ibadah di bulan suci ieu jeung kualitas anu leuwih alus sarta batan poé-poé lain. Jeung kitu urang bener-bener bisa ngarayakeun samarak bulan kameunang ieu kalawan leuwih mumpuni.

Ramadan nyaéta bulan nyumangetan. Bulan anu ngeusian deui batre jiwa sakabeh muslim. Ramadan minangka ‘Shahrul Ibadah’ kudu urang maknai jeung sumanget pengamalan ibadah anu sampurna. Ramadan minangka ‘Shahrul Fath’ (bulan kameunang) kudu urang hartian kalawan ku meunang kahadean tina sagalakagorengan. Ramadan minangka “Shahrul Huda” (bulan petunjuk) kudu urang implementasikan jeung sumanget ngajak ka jalan anu bener, ka ajaran Al-qur’an sarta ajaran Nabi Muhammad SAW. Ramadan minangka “Shahrus-salam” kudu urang artikeun kalawan pikeun ngusahakeun katengtreman nu adem ayem. Ramadan minangka ‘Shahrul-jihad” (bulan perjoangan) kudu urang realisasiken kalawan perjoangan ngalawan kadoliman sarta panindesan sagala hal nu teu adil di bumi ieu. Ramadan minangka “Shahrul Maghfirah” kudu urang hiasan ku ménta sarta mere hampura.

Kalawan nyiapkeun sarta memrogram aktifitas urang salila bulan Ramadan ieu, insya Alloh baris ngahasilkeun kabagjaan. Kabagjaan baris karasaeun istimiwa dina wanci ngaliwatan perjoangan sarta usaha satekah polah. Beuki beurat sarta sarius usaha urang ngahontal kabahagiaan, mangka beuki nikmat kabagjaan éta urang rasakeun. Éta pisan anu dijelaskeun dina hiji hadist Nabi yén jelema anu puasa baris meunangkeun dua kabagjaan.

Kahiji nyaéta kabagjaan sabot manéhna “Ifthar” (bubuka). Ieu hartina kabagjaan anu duniawi, anu beunangna sabot kapinuhanana kahayang sarta kaperluan jasmani anu saméméhna geusdi cangcang, atawa kabahagiaan rohani alatan ngubaran kahanaangan sipritualitas kalawan simbeuhan simbeuhan ritual sarta amal sholehna.

Kadua, nyaéta kabagjaan sabot papanggih kalawan Pangéranana. Ieu pisan kebahagian ukhrawi anu beunangna dina waktu pasamoanana anu hakiki kalawan al-khaliq. Kabagjaan anu mangrupa penclut ti saban kabagjaan anu aya.

Ahirna, hikmah-hikmah puasa sarta keutamaan-keutaman Ramadan di luhur, bisa urang jadikan média pikeun muhasabah sarta meunteun kualitas puasa urang. Hikmah-hikmah puasa sarta Ramadan anu sakitu réa sarta mutidimensional, mengartikan yén ibadah puasa ogé multidimensional. Kitu réa aspék-aspék ibadah puasa anu kudu diamalkan ambéh puasa urang bener-bener ngabogaan kualitas sarta sanggup ngahasilkeun peunteun-peunteun positif anu dikanung dijerona. Saurang ajengan sufi ngomong “Puasa anu panghampangna nyaéta ninggalkeun dahar sarta inum”. Ieu hartosna di ditu réa kénéh puasa-puasa anu henteu saukur teu menang dahar sarta nginum salila dina saban poe, ngalainkeun ‘puasa’ séjén anu boga pasipata batiniah.

Muga kalawan nyiapkeun diri urang sacara maksimal/ bener – bener sarta merencanakan aktifitas jeung ibadah-ibadah kalawan ihlas, sarta boga niat “liwajhillah wa limardlatillah”, alatan Alloh sarta alatan néangan ridha Alloh, urang meunangkeun kadua kabagjaan nu geus kasebut, nyaéta “sa’adatud-daarain” kabagjaan dunya jeung aherat. Muga urang bisa ngeusian Ramadan ngan henteu kalawan kuantitas poéna, tapi leuwih ti éta urang ogé nengetan kualitas puasa urang.

Hapunteun sabudaya kalepatan kangge sadaya dulur

Posted in Sabudeureun bulan puasa | Leave a Comment »

Wilujeng Ngalaksanakeun Saum Ramadhan

Posted by Dendi Rustandi dina Agustus 20, 2009

wilujeng sasih siam

Assalamu’alaikum,

Hayu urang sasarengan Setting Niat, Upgrade Iman, Install Taqwa, Download Sabar, Upload Ikhlas, Delete Dosa, Approve Maaf, sareng Search Akhlakul Karimah, supados tiasa Login nu khusyu sareng  Connected ka Allah, sareng kahadean ka Sasama..

Mudah mudahan urang kenging hak Administrator dina waktos Signup ka Bulan Ramadhan, nu akhirna Hate janten Cleaning sareng Refresh dina waktos  Idul Fitri dongkap.

Ayeuna Ramadhan bakal kasorang, kalayan hate nu ikhlas, simkuring neda sih hapunten tina sagala kasalahan pon kahilapan nu dihaja atanapi nu teu dihaja, mugia urang tiasa ngalaksanakeun Ibadah Puasa kalayan  Hate nu wening disarengan niat nu Tulus Ikhlas lillahi Ta’ala… Amin

Dendi Rustandi

admin fosclub.wordpress.com & facebookna oerang soenda

HP : 081389014476 ; 021-98999611

Posted in Sabudeureun bulan puasa | 4 Comments »

Marhaban ya Ramadan

Posted by Dendi Rustandi dina Agustus 19, 2009

Posted in Sabudeureun bulan puasa | Leave a Comment »

Maleman Takbir & Lebaran

Posted by Dendi Rustandi dina Agustus 10, 2009

takbiranMaleman Takbir

Ku Asép Ruhimat

Teuing ku ramé ari maleman takbir, lembur téh hirup sapeupeuting. Saban pongpok masigit raéng ku nu takbiran, atuh geus karuhan dulag mah ngadurugdug taya eureunna. Ibu-ibu di imahna séwang-séwangan, pak-pik-pek ngahias méja ku rupa-rupa idangan. Kéler peuyeum ketan minangka kokojona dina méja, bubuhan kadaharan has lebaran éta mah.

Kapeutingnakeun malah kaluar ti masigit jeung bedug-bedugna, diarak ngurilingan lembur, geus leuwih ti haneuteun kasebutna gé. Bruy-bray lampu cempor, tinggalebur obor, peuting ramé leuwih ti beurang.

Barudak mah tara tutug abring-abringanana ogé, kajaba barudak pamuda jeung kolot-kolot, da sok inget waé kana baju anyar pakéeun isuk. Atuh sadatangna ka imah, rap baé si baju anyar téh dipecakan, tampolana henteu cukup sakali da sok rap deui, rap deui. Sapatu anyar ogé sarua deuih dipecakan, leuleumpangan peuting-peuting di patengahan imah malar isuk teu ngawagu.

Sihoréng méh saréréa barudak lembur baheula mah karitu, jécéh kabina-bina kana baju anyar téh. Ongkoh deuih dipangmeulikeun baju anyar téh ukur nitih sataun sakali.

Sapeuting jeput maleman takbir mah raména ogé. Komo mun seug caang bulan; ucing-ucingan, lulumpatan, nyeungeut karbit, geus karuhan nu ngadulag jeung nu takbiran di jero masigit mah.

lebaranLebaran

Dur subuh pancuran jeung sumur geus pinuh ku nu marandi, teu sirikna pagelek-gelek. Sabot nungguan giliran, galécok nyaritakeun soal baju anyar, kadaharan, jeung rencana piknik. Mun peuting di masigit raména téh, ari geus subuh mah di pancuran.

Balik mandi téh rap baé baju anyar, tara ieuh maké sarung, kajaba sabagian bapa-bapa. Laju gesat-gesut muru masigit, ngadon salat sunat.

Saréngséna sunat, sanggeusna sasalaman, geur ngadulag bébéakan. Teuing kumaha mimitina, da kulit bedug téh ngan semet lebaran baé umurna. Mun teu soéh, nya sok aya nu pirajeunan ngabesét. Tapi, tara ieuh aya nu ambek, da kulit pigantieunana geus sayagi, beunang ngahaja meting tina kurban.

Tinggélémbréng baju anyar, kolot budak, awéwé lalaki saruka bungah bari silih hampura, silih anjangan, jeung silih asaan kaolahan. Mun poé-poé biasa tara pirajeunan nénjo nu disapatu, bubuhan di lembur, tapi ari lebaran mah maraké sapatu, copélna sageuy teu sandal anyar.

Barudak loba anu tingaringkud lantaran keuneung lécét, pangpangna mah ku tara biasa maké sapatu téa. Komo ieu bari jeung leuleumpangan ka ditu ka dieu tur indit ka tempat anu kaerong meujeuhna dipaké abring-abringan piknik. Sageuy mun teu lécét suku urut sapatu gé.

Atuh bapa-bapana, baju lebaran téh saterusna mah sok maneuh dipaké jumaahan, tara terus dipeleter saban poé. Jadi lumayan rada awét, béda jeung barudak. Najan, ari ku lila-lila teung mah, baju lebaran téh nasibna jadi … cocok lodong.

Tina Sambel Jaér, Karya Drs. Asép Ruhimat

Posted in Sabudeureun bulan puasa | 2 Comments »