Club Facebookna Oerang Soenda

Urang Sunda Hudang Euy!!!

Apel Bulan Puasa

Posted by Dendi Rustandi dina Séptémber 14, 2009


pacaran

NUMPAK beus téh mani asa lila-lila teuing. Kahayang mah sing geura-geura nepi ka nu dituju. Teu kuat ku sono, hayang geura-geura panggih jeung Si Manéhna. Malah tadina mah kuring hayang ngabatalan puasa ku cara nyium pipina. Hanjakal pisan, isuk-isuk ogé geus teu kuat hayang cikopi jeung udud. Baé lah, rék indit-inditan jauh ieuh. Ceuk Ustad Otong ogé, ari musafir mah bisa dikodoan ieuh.

Najan lembur manéhna aya di pasisian kota, tapi ku cinta mah mo burung jauh dijugjug, anggang ditéang. Néng Arin, kembang Ciméndong, anu kabayang unggal mangsa wanci beurang, kaimpi-impi unggal wanci janari.

“Punten, A, rokona pareuman. Hawatos seueur penumpang anu saum,” teu kanyahoan, kondéktor geus nangtung gigireun kuring bari leungeunna ngasongkeun karcis.

“Alah, hilap, kang,” témbal téh bari buru-buru muragkeun roko. Sakur penumpang dina jero beus, mani tamplok marelong ka kuring. Komo awéwé anu diuk gigireun mah, katingalina téh mani ijideun naker. Untung wéh, rupana teu pati geulis ieuh.

Bareng pisan jeung adan lohor, beus anu ditumpakan ku kuring, anjog ka terminal Panjalu. Atuh kuring ogé buru-buru turun bari rada rurusuhan. Kéclak, naék ojeg. Biur, maju. Najan ojég téh majuna kawas sireum, tapi teu burung nepi ahirna mah. Hareupeun hiji imah anu ditingker balong, motor téh dierém sakaligus, méh baé sirah kuring tijeduk kana helem-na.

Néng Arin jeung dua kolotna, ngabagéakeun kadatangan kuring kalayan daréhdéh naker. Kawasna pédah ka urang Bandung. Bubuhan ari ti kota mah, sok aya kasebutna ménak jeung laloba duit. Moal nyarangkaeun lamun dina lokét kuring, ukur aya duit saongkoseun bulak-balik.

“Saum atanapi henteu?” bapana Néng Arin mimiti tumanya. Panonna kawas anu taya kabosen, nelek-nelek tangtungan kuring. Keur meunteun jigana mah.

“InsyaAlloh,” témbal téh rada kalem. Najan beuteung kukurubukan ogé, teu hadé ari kudu némbongkeun kabiasaan goréng hareupeun calon mitoha mah.

“Bageur pisan atuh. Padahal ti Bandung ka dieu téh sakitu tebihna. Tangtosna ogé capé pisan,” pokna deui, bari nembongkeun imutna. Atuh irung ogé mani asa rék ngapung. Dipuji ku pimitohaeun atuh.

“Punten, badé ngiring netepan lohor heula,” ceuk kuring bari ngarérét kana jam dingding. Ngahaja, ngarah beuki kapaké.

“Mangga, ka pengker baé, Sép. Teu kedah asa-asa, anggap baé di bumi nyalira” kitu témbalna bari némbongkeun pasemon anu bérag marahmay. Siga anu beuki atoheun, piminantueunana jalma soléh.

Solat lohor téh ngahaja dililakeun. Pangpangna mah ngarasa betah cicing di kamar Néng Arin. Sarareungit, matak hégar kana rarasaan. Malah awahing ku lilana, maké jeung kaburu nengetan heula céngcéléngan Néng Arin. Teu wani ari nyokot eusina mah. Dicabak sotéh, alatan resep kana wandana, jeung hayang ngira-ngira jumlah eusina. Maksud téh, asa hadé upama céngcéléngan Néng Arin dijieun sajak.

Kurang leuwih satengah jam, kuring kakara kaluar deui ti kamar Néng Arin. Sarung jeung kopéah masih kénéh dipapaké. Malah leungeun ogé nyekelan tasbé sagala rupa. Tapi kacida ngaranjugna basa di rohangan tengah, kasampak bapana Neng Arin keur ngalepus udud. Indungna jeung Néng Arin ogé keur paciweuh nyiapkeun dahareun.

“Punten, Cép. Tadi téh kabeurangan saur. Ari Embina jeung Si Nyai mah, geus dua poé ogé, da aya halangan. Matak, euweuh nu puasa,” ceuk bapana Néng Arin bari nyerebungkeun haseup rokona.

“Teu sawios-wios, Pa,” témbal kuring bari rada ngélémés. Sangu ngebul jeung goréng lauk, ukur waasna wungkul. Tada teuing nikmatna. Hanjakal pisan, geus kagok ngaku puasa. Ari rék milu dahar, sok sieun jadi teu kapaké. Antukna mah, kapaksa kuring ngan ukur diuk dina korsi, bari ngararasakeun beuteung anu beuki kukurubukan. Komo basa indung-bapana Néng Arin mimiti balakécrakan.

*

Alhamdulillah. Nepi ka dur magrib ogé, kuring teu kagoda ku dahareun atawa udud jeung kopi. Kasebutna mah puasa téh tamat, najan ngamimitianana ukur ti bedug lohor. Puguh baé, Néng Arin sakulawarga kawas beuki reueus baé ka kuring. Dahareun keur buka puasa, disayagikeun sapuratina. Kolek cau, sangu haneut, goreng lauk, jeung sajabana.

Barang rék ngamimitian dahar, kadéngé aya sora motor anu eureun. Néng Arin gura-giru ka luar. Malah teu pati lila, manéhna ngagorowok rada tarik.

“Mamah, aya Si Bibi ti Bandung…!” kituna téh mani ocrak pisan. Bapana ogé buru-buru milu kaluar.

“Na jam sabaraha ti kota?” kadéngé bapana Néng Arin tumanya ka nu anyar datang.

“Ari datang mah geus tibeurang mula. Ngan tadi téh ngabuburit heula ka pasar, tuluy nganjang ka babaturan…” kadéngé aya sora awéwé némbalan. Panasaran kuring ogé. Tuluy ngalieuk. Bréh…gebeg. Reuwas kareureuhnakeun. Késang badag, késang lembut, mimiti rarenung maseuhan sakujur awak. Horéng, anu disebut Bibi téh, taya lian awéwé anu diuk gigireun kuring basa dina beus kota. ***

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: