Club Facebookna Oerang Soenda

Urang Sunda Hudang Euy!!!

Peuting Pikeun Sarèrèa

Posted by Dendi Rustandi dina Agustus 30, 2010


Lamun loba  nu nyebutkeun  yèn jalma mah kapangaruhan ku lingkunganana,  Mang Tatang mah kacida satujuna. Sabab loba contona, kawas  Urop (aslina mah Ujang Ropi’i) prèman, tukang bobok tukang tarok, anu geus insaf lantaran remen ulin tur ngabatur jeung  Muhammad Solèh, santri Kiai Gopur, anu solèh tur handap asor.


Kulantaran remen diajak ngaji, Urop anu kamari ganti ngaran make ngaran heubeul deui, ngan hareupna di tambahan ku Muhammad, jadi Muhammad Ujang Ropi’i ngadadak jadi ustad anyar nyuluran Kiai Gopur anu ngadadak angkat ka Ciamis, sabab uwana teu damang.  Kitu ogè,  Kang Solèh dina waktu nu sarua kudu mere taussiah di Jasinga. Sanajan mimitina mah, rada aga-eugeu,  kadituna mah teu burung lancer ogè. Saur “Ustad Ropi’I salah sahiji peuting dina bulan puasa,  anu mibanda sajarah kacida pentingna, pikeun Kangjeng Nabi Besar Muhammad SAW, kaum muslimin jeung umat manusa, sa-dunya, nyaèta maleman Nuzulul Qur’an anu ragrag dina maleman ka tujuh belas ramadhan.

“Dina peuting ieu, Kangjeng Rsosul saentas ngantosan sareng nampi pancèn kanabian salami 3 taun langkung,nampi wahyu munggaran ti Allah ngalangkungan Malaikat Jibril di Guha Hira, surat Al-Alaq anu jumlahna lima ayat,” saurna.
Surat Al Alaq munggaran anu nitah maca dibarengan ku kalimah kalayan nyebut ngaran Pangeran manèh aya dua harti anu bisa dikahareupkeun. Kahiji Maca dina harti anu kacida lega jeung jero, maca nitènan, nalungtik jeung merhatikeun. Nu kadua, kalayan Nyebut ngaran Pangeran manèh, dina sagala sikep jeung lakulampah kudu tetep dumasar pangakuan kana ayana Allah SWT anu nyiptakeun. Maca atawa merhatikeun sakurangna aya dua anu kudu dilaksanakeun. Anu kudu dibaca tèh ayat-ayat Allah, qauliyah boh anu ditulis dina kitabullah, kawas maca tulisan-tulisan anu aya dina kitab Taurat, Zabur, Injil jeung Al Qu’an.

Maca anu kadua nyaèta tina kajadian-kajadian alam, ciptaan Allah SWT, kayaning kaèndahan-kaèndahan, boh anu mangrupa kaèndahan alam, atawa kaèndaha kaayaan kahirupan social buadaya manusa, anu mangrupa ayat-ayat qauniyah.Singgetna, Allah marèntah sakabèh umat islam pikeun maca, mariksa, merahtikeun jeung nalungtik, sakabèh èlmu-èlmuna, boh anu ditulis dina kitab-kitab anu aya, atawa kajadian di sabudeureun alam dunya kalayan didasaran ku kaiman kana ayana Allah Nu Maha Nyiptakeun tur Maha Murbeng Alam.

Henteu nyalahan lamun dina ayat munggaran Al-Alaq dijadikeun dasar pikeun umat manusa, hususna umat Islam pikeun dasar atawa pondasi ngalèngkah dina ngambah kahirupan sapopoè, sabab aya dua kecap fikir jeung jikir. Kalimah fikir jeung jikir ieu anu ku urang bisa dijadikeun hikmah anu kacida munelna dina Nuzulul Qur’an.

Dumasara kana fakta sajarah anu aya, Islam kungsi ngalaman jaman gemuh atawa kaemasan dina abad 8-9, mibanda peradaban anu kacida luhungna di Andalusia, tur Baghdad. Islam geus bisa mere pangajaran anu kacida hadena ka bangsa-bangsa Europa nepi ka jadi sumber kabangkitan nagara-nagara Barat anu disebut Renaissance.

Kajadian  Nuzulul Qur’an  anu jadi cicirèn pikeun turunna Al Qur’an, turunna pituduh ti Allah SWT pikeun umat manusa, anu sakuduna jadi cara jeung pedoman kahirupan manusa dina enggoning ngajalankeun kahirupan sapopoè anu mibanda budaya, mibanda ajèn-inajèn anu luhung pikeun manusa sorangan. Sabab saenya-enyana manusa jeung  digubragkeun ka alam dunya tèh taya lian iwal ti keur ibadah.
“Pesen-pesen Al Qur’an sakuduna kudu diterapkeun dina kahirupan sapopoè dina ngarènda hubungan antara manusa jeung Sang Khalik, manusa jeung manusa (mualamah), manusa jeung alam. Sakabèhna geus diatur kalayan jèntrè dina  Quranul Karim, kari urang minangka umat Islam, pikeung ngaguar, ngorèhanana ku jalan anu singer, pinter, cageur jeung bageur.

Dina maca, ngaguar jeung ngorèhan eusina, kudu ku cara-cara anu jujur, amanah jeung sikep-sikep anu di luhur tadi, sabab dina wangkid kiwari, loba golongan-golongan anu ngahaja narjamahkeun Al Qur’an ku carana sorangan  bari teu neuleuman kana èlmu narjamahkeunana,” pokna dina panutupna.
“Teu sangka euy,” ceuk anu Mang Emon, bari tuluy ngajak sasalaman ka Ustad anyar.

ku Dadang H. Padmadiredja

dicutat ti jurnalbogor.com

Saurang nu Mairan to “Peuting Pikeun Sarèrèa”

  1. Hatur nuhun ayi, wilujeng tepang

    bakto ti

    Ki Lengser

Tunda talatah