Club Facebookna Oerang Soenda

Urang Sunda Hudang Euy!!!

Sisindiran

Posted by Dendi Rustandi dina Oktober 21, 2009


sisindiran

Sisindiran I

Kaayaan dina angkutan kota, kadang-kadang sok mancing pipasèaeun. Aya panumpang mayarna kurang, supir tèh sok langsung hahaok. Kitu deui lamun supir ngebut sakarep ingsun, panumpang loba nu ngambek. Tina kaayaan kitu ahirna sok ngahudang napsu pigeluteun. Sanajan kaayaan dina angkutan kota kitu, tapi lamun pamnumpang jeung supir nyaritana makè sisindiran mah moal kungsi ngondang pipasèaeun. Upamana baè aya supir ngebut, panumpang teu kudu ngambek, cukup ku sisindiran.

Melak suplir makè huut,

dibawa ka Cicalèngka,

Ari nyupir ulah ngebut,

kumaha lamun cilaka?

Lantaran panumpang nyaritana makè sisindiran, atuh supir tèh moal kasigeung. Malah langsung ngajawab ku sisindiran deui.

Kacapanon dina jukut,

geus ruksak rèk diomèan.

Ku naon abdi bet ngebut,

apan keur ngudag setoran.

Tuh nya pan aman? Nyarita ku sisindiran mah ngalantarankeun kaayaan dina jero angkot jajauheun kana pigeluteun.

Sisindiran 2

Sabada diterapkeun otonomi daèrah, asa mindeng kajadian dèmonstrasi nya? Teu sirikna ampir unggal poè aya baè anu dèmo tèh. Biasana kaayaan dèmo tèh sok harènghèng. Ngomong pacowong-cowong. Peureup pabuleud-buleud. Antukna sok nimbulkeun napsu nu ngagedur. Rombongan nu dèmo tèh sok terus patelak pisik jeung patugas kaamanan.Hoyong dèmo aman? Cobian geura cocorowokanana nganggo sisindiran. Upama aya rombongan PKL dèmo ka Pa Walikota, pingpinan dèmo dina nepikeun aspirasi tèh cukup makè sisindiran samodèl kieu:

Batu ali ti Cimindi,

Ngajul gedang makè gantar,

Pa Wali tulungan abdi,

Ngiring dagang di trotoar.

Ngabandungan pingpinan nu dèmo nyaritana makè sisindiran, Pa Walikota ogè ngawalerna tèh ku sisindiran deui. Saur Pa Wali:

Ti Cililin ka Sumedang,

surat kabar na karanjang,

Lain Bapa nyarèk dagang,

trotoar mah keur nu leumpang.

Aya ku kayungyun nya mun enya tèh nu dèmonstrasi saperti kitu.

Sisindiran 3

Di tempat nu loba prèman saperti di terminal, pigeluteun tèh mani narampeu. Tapi lamun sarèrèa nyaritana makè sisindiran mah, dijamin pigeluteun tèh moal aya. Saperti aya jalma nu katincak sukuna ku prèman, ari nyaritana ku sisindiran mah ahirna jadi misobat. Apan ceuk èta jalma tèh:

Nginum arak matak weureu,

ditotor tinggal sakeclak

Mata sia henteu neuleu,

suku aing bet katincak.

Sanajan pok-pokanana garihal, tapi ari nepikeunanan makè sisindiran mah asa teu nyentug kana hatè. Apan èta prèman gè ngajawabna tèh kieu:

Saninten buah saninten,

Sukajadi pamoroan,

Hapunten abdi hapunten,

Suku abdi teu panonan.

Cenah mah sabada hahampuraan tèh èta prèman langsung ngajak èta jalma dahar kupat tahu anu aya di jero terminal. Sagala gè jadi aman jeung tengtrem nya ku sisindiran mah?

Tina Cahara Bumi Siliwangi No. 1

4 Balesan to “Sisindiran”

  1. dana said

    wadah baki panampi gelas.
    aduh kang katampi,
    tapi kedah tur ikhlas.

  2. oky r suandi said

    ah….seu`euran atuh sisindiran nana………aslina ubar stressss…mantap2

  3. Bambang haryadi said

    sae eta sisindiriran teh … teraskeun kang, diantos karya salajeungna…

Tunda talatah