Club Facebookna Oerang Soenda

Urang Sunda Hudang Euy!!!

FORUM FOS

Assalamu alaikum wr. wb

Haturan ka sadaya wargi-wargi anu aya di tatar Sunda………. wilujeng tepang sareng sim abdi  Kang Dendi tea anu ganteng, muhun saRagunan mah.

Nepangkeun Kang Dendi anu ganteng…….. ari lembur simkuring mah ti desa Jatimulya, Kacamatan Pameungpeuk, Garut  Jawa Barat,  seja ngiring ngareuah-reuah, ngiring ilu biung  dina raraga silaturrahmi sareng manjangkeun babarayaan dina media ieu, malar tiasa ngaraketkeun tali silaturrahmi terutama sareng wargi-wargi sadaya khususna anu aya di tatar sunda, umumna ka sadaya anu kaleresan maos ieu  tulisan.

Sakitu heula ….. pairan ti abdi mudah mudahan kuayana ieu media sing jadi jembatan pikeun ngamajukeun urang sunda sangkan leuwih maju sarta bersatu demi kamajuan budaya sunda khususna,  indonesia umumna.

Mangga kasadayana………

Wassalamu alaikum wr. wb.

13 Balesan to “FORUM FOS”

  1. Sampurasun kaula nun, amit ampun nun paralun, kaula seja ngadugikeun amanat Pangéran kaula, mugia kénging pituduhNa

    https://www.facebook.com/QuranTarjamahSunda

  2. mangkubumi said

    ass. Kasadayana..salam kenal waè..

  3. ali nugraha said

    kieu..abdi saparakanca bade ngadamel kaos, kirang langkung 35 pieces, hoyong nganggo gambar anu temana teh lingkungan hidup..
    kinten2 akang gaduh teu conto gambar anu dimaksud????
    sakantenan abdi hoyong terang ongkosna..
    upami bahanna ti abdi, ongkos jahit + sablon sbrh????
    diantos waleranna..
    kirim weh ka alamat facebook abdi (albyghifari@yahoo.co.id)
    hatur nuhun kang…

  4. Azhi Maulana Yusup said

    Salam wanoh kang dendi, simkuring ti USA “Urang Sumedang Asli” ngiring bingah ku ayana FOS produk Pameungpeuk. Kumaha Santolo Cilaut Euren, Sayang Heulang ku kajantenan lini kamari? Simkuring sono hoyong amengan deui kaditu hoyong ngaraosan deui mata lembu. Salam kasadaya baraya urang Pameungpeuk utamina Kang Nuy di BPR Cibalong!

  5. d a d i said

    wilujeng saum kang,
    bade tumaros…
    dupi di dieu teu aya upload-an wayang golek???
    margi abdi ayeuna linggih di palembang, janten rada sesah milariannana
    hatur nuhun,

  6. imatrw said

    kang Dendi, Kumaha carana ngeusi catatan atanapi nyumbang dina muatan? hatur nuhun

  7. imatrw said

    Kang dendi, kumaha carana ngeusi catatan atanapi nyumbang dina muatan? hatur nuhuhn

  8. Imat RW said

    Assalamualikum wwb, nepangkeun abdi urang sunda nu ngumbara di riau, ngiring ngareuah-reuah

  9. Agus Aifin said

    wilujeung weungi k urang sunda sadayana….
    kumaha daramang…?

Tunda talatah