Club Facebookna Oerang Soenda

Urang Sunda Hudang Euy!!!

Archive for Januari, 2011

Istilah dina Tatangkalan/ Dangdaunan

Posted by Dendi Rustandi dina Januari 24, 2011

Balukang = palapah daun kalapa/ kawung

Baralak/ barangbang = daun kalapa nu geus garing dina tangkalna

Bogol = bagian tangkal kalapa/ cau nu panghandapna (tempat bijilna akar)

Catang = tangkal kai nu geus ngagoler (garing) lantaran runtuh atawa dituar

Iwung = anak awi nu mangrupa boros keneh (sok didahar: disepan diangeun)

Kalakay = daun nu geus garing (nu geus murag ka taneuh)

Kararas = sesebutan husus pikeun daun cau nu geus garing

Koleang = daun nu geus garing, nu ngoleang murag tina tangkalna (samemes tepi ka taneuh)

Pancar = tangkal awi nu geus garing (sok dipake suluh)

Pangpung = bagian dina tangkal kai, dahan, nu paeh/ garing

Petet = bibit tutuwuhan nu leutik keneh, nu jadi sorangan atawa beunang ngahaja melak

Ruyung/ bogor = bagian anu teuas dina tangkal kawung

Sirung = pidahaneun atawa pitangkaleun nu kakara jadi, melentis

Tunggul = bagian tangkal sesa nuar

Pentil:

Pentil buah = pakel

Pentil jagong = semi

Pentil kalapa = caruluk

Pentil nangka = tongtolang

Sipat Buah Ngora:

Buah (pakel) =meujeuhna rumangu

Cau = meujeuhna rumegang

Gedang = meujeuhna gumading

Hiris (keceprek)

Jengkol = meujeuhna lumiat

Hui = meujeuhna sumagol

Kalapa (cengkir)

Kalapa (dawegan) = meujeuhna lumeho

Nangka (ketewel)

Tangkil = meujeuhna dumewegan

Ngaran buah:

Buah asem = kamal

Buah jambe = jebug

Buah kawung = caruluk

Buah kiray = langgoko

Buah teureup = benda

 

kenging nyandak ti http://manuskripkesunyian.wordpress.com/

Posted in Istilah | 1 Comment »

Ha…ha…ha

Posted by Dendi Rustandi dina Januari 23, 2011

Ha ha ha

“Manakah yang lebih luas, pulow Bali atow pulow Wéh?”, si Ocid nanya ka lanceukna…. Nu luas mah Ceu Nonéng Cid,  cul anak-cul salaki jadi tekawe ka Bruney, siah!.

Pulisi Tidur.

Bangsat 1 : “Kade nya euy, ulah rek wawanian operasi di lebah gang eta, bahaya..!!!

Bangsat 2 : “Ku naon kitu ?”

Bangsat 1 : ” Loba pulisi tidur deuleu!”

Bangsat 2 : “Asal ulah keur nyaring we, keun ari keur sare mah!”

Entin Kuraesin – Kircon Bandung

Kasurupan

Dukun : “Saha ieu nu nyurup ka incu kula teh?”

Nu kasurupan : “Ngaran kula ku nu nyebut di terminal mah Si Beurit!”

Dukun : “Naon kasalahan incu kula?”

Nu kasurupan : ” Bongan ngadupak waktu kula keur nginum.”

Dukun : “Geura balik ka dituh!”

Nu kasurupan : “Heug, asal menta Whisky sabotol!”

Dukun : “Eweuh nu kitu mah. Teu meunang ku pulisi.”

Nu kasurupan : “Ari euweuh Whisky mah menta calana jin atuh sakodi mah!”

Dukun : “Keur naon calana jin ?”

Nu kasurupan : “Rek di jual ku kula. Engke ladangna rek dibeulikeun inuman!”

Dukun : “Haaa…r ???”

Fitri Wulansari – Bandung

Hujan

Incu : “Kumaha Bah, nggeus aya hujan ka dieu?”

Aki : “Enggeus, ngan leutik”

Incu : “Sukur leutik mah… daripada sagarede nangka, matak lieur lamun ninggang sirah”

Aki : “Kehed sia….!

Dede R.A  –  Cijerah-Bandung

Bungah Mun Mabok

“Kuring mah bungah mun salaki datang ka imah bari mabok teh, “Ceuk Neng Reni ka Bu Ita.”

“Na bungah kumaha jalma datang kaayaan mabok?”. Tanya Bu Ita panasaran.

“Eta we Bu, bungahna teh mun datangna dina kaayaan keur mabok salaki teh sok muji kieu ka kuring, pokna teh. Oh…istriku yang paling cantik sadunia” jawab Neng Reni bungah.

Ati Wulandari – Ciranjang Cianjur

Jurusan Angkot

Si Kabayan ayeuna jadi juragan angkot. Hoyong térang kamana wae jurusannana ?.

1. Jurusan Abdul Muis – Kebon Kalapa.

2. Jurusan Ciburial – Cibuncélik.

Amirudin – Jl Kota Baru VI No. 14 RT 07/08 – Bandung

Adam Air

“Ti saprak leungitna pesawat Adam Air, geus sababaraha regu tim anu nareangan bangkena, boh di darat boh di laut. Tapi ceuk rarasaan kuring mah bangke pesawat Adam Air teh moal aya di darat tapi pastina di cai atawa laut lantaran sababna ku ngarana oge Adam Air lain Adam Darat!”

Posted in Bobodoran | 1 Comment »

Abi

Posted by Dendi Rustandi dina Januari 22, 2011

Naon ari abi teh? Surabi kitu? Ih, sanes.. Abi di dieu mah maksadna teh ngabasakeun diri sorangan. Kata ganti orang pertama, kitu cenah basa indonesiana mah. Abi teh podokna tina abdi, biasana dipake ku budak leutik anu can sawawa, kadang-kadang oge dipake ku budak nu kakara nincak rumaja. Nu matak keap abi dikelompokkeun kana basa budak, da nini-nini atawa aki-aki mah teu pantes make kecap abi.
Tapi bisi rek make mah pek bae ketang, ngan kadengena asa kurang pantes. Pikeun nu geus sawawa mah mending keneh make kecap abdi atawa kuring, gumantung kana situasina. Mun teu kitu, bisa oge ngabasakeun ku pancakaki: mun ngobrol jeung sahandapeun bisa nga-akang-keun upamana. Mun awewe nya ngabasakeun ceuceu atawa teteh.
Mun ngobrolna jeung saluhureun? Eta mah daek teu daek kudu make kecap abdi atawa kuring. Kumaha mun jeung sasama atawa anu saumur? Biasana lamun jeung babaturan deukeut mah sok make kecap urang. Ieu sabenerna basa kasar (dina konteks ngaganti kecap abdi). Tapi dina kalimah “hayu urang ngibing” mah upamana, teu kaasup kasar sabab kecap “urang” di dieu mah hartina “kita” mun dina basa Indonesia mah.
Lian ti ngagunakeun kecap abi, budak leutik oge kadang-kadang nikukur. Naon deui cenah nikukur teh? Nikukur teh maksudna jiga tikukur, nyebut ngaran sorangan pikeun kecap gaganti diri (dina kalimah langsung atawa obrolan). Contona: “Tata kamari ka ameng ka ditu da..,” cek Tata bari heuay.
Najan kitu, dina prakprakanana mah aturan ieu teh mindeng dirempak. Naon hukumanana mun aturan ieu teu dipake? Ah teu aya. Dianggo mangga, teu dianggo sawios. Nu penting mah apal kumaha nu sakuduna. Nu penting mah masih keneh reueus (sanes bangga nya, bangga dina basa Sunda mah hartosna hese!) make basa Sunda. Nu penting mah masih keneh reueus jadi urang Sunda.

Tata Danamihardja © 2011

Posted in Sabudeureun Urang Sunda | Leave a Comment »