Club Facebookna Oerang Soenda

Urang Sunda Hudang Euy!!!

Archive for the ‘Tembang Sunda’ Category

Hayang Kawin

Posted by Dendi Rustandi dina Séptémber 10, 2009

kunkun2
“Hayang Kawin” – Kunkun

Hayang Kawin win win win Hayang kawin
Geus teu tahan mang tauntaun bubujangan
Hayang Kawin win win win Hayang kawin
geus teu kuat beurang peuting duh ngajablay

Era ku tatangga eujeung babaturan
loba nu nyeletuk cenah kuring bujang lapuk
Isin ku pa RT isin ku pa RW
Sering ngalelewe cenah teu payu ka awewe

Hayang Kawin win win win
Hayang kawin euy..

reff

Ema.. Bapa.. Cing pangneangkeun jodo
Kuring embung boga titel jomblo
Ema.. Bapa.. sok pangmilihkeun calon
asal ulah urut ucing garong

keun bae randa ema..
randa bengsrat anyar pegat ema..
Komo parawan ema..
So pasti paten
Masih disegel masih disegel
gel.. gel.. gel.. gel..

Lagu “Hayang Kawin” nu nyanyina Kang Kunkun, punten yeuh, duka Kun kun (dipisah) atanapi Kunkun (dihijikeun). Pokoknamah eta weh nu nyanyi lagu sunda “hayang kawin“.. Sok saha nu hayang kawin?? hehehe

Posted in Tembang Sunda | Leave a Comment »

Manuk Dadali

Posted by Dendi Rustandi dina Agustus 13, 2009

pop sundaCipt: Sambas

Mesat ngapung luhur
Jauh di awang-awang
Meberkeun jangjangna
Bangun taya karingrang
Sukuna ranggoas
Reujeung pamatukna ngeluk
Ngepak mega bari
Heberna tarik nyuruwuk

Saha anu bisa nyusul
Kana Tandangna
Gandang jeung pertengtang
Taya bandinganana
Dipikagimil
Dipikaserab kusasama
Taya karempan
Kasieun leber wawanena

Manuk dadali
Manuk panggagahna
Perlambang sakti
Indonesia jaya

Manuk dadali
Pangkakoncarana
Resep ngahiji
Rukun Sakabehna

Hirup sauyunan
Tara pahiri-hiri
Silih pikanyaah
Teu inggis belapati

Manuk dadali
Ngandung siloka sinatria
Keur sakumna bangsa
Di nagara Indonesia

Posted in Tembang Sunda | Tag: , , , | Leave a Comment »

Sorban Palid

Posted by Dendi Rustandi dina Agustus 13, 2009

pop sundaAkang haji sorban palid
Palidna mah ka Cilamaya
Akang haji sumangga calik
Nyanggakeun mah Kang haji
Saaya-aya

Akang haji sorban palid
Palidna mah ka Cikapundung
Akang haji kunaon balik
Ulah lila kang haji da lila pundung

Kaso pondok eta kaso panjang
Kaso ngaroyom ka jalan
Najan sono eta najan heman
Teu sae ngobrol di jalan

Kaso pondok kaso panjang
Kaso ngaroyom ka jalan
Sono mondok sono nganjang
Sono patepang di jalan

Akang haji sorban palid
Palidna mah ka Cikamiri
Akang haji kunaon balik
Ulah osok kang haji da nganyenye

Posted in Tembang Sunda | Leave a Comment »

Jampe Harupat

Posted by Dendi Rustandi dina Agustus 13, 2009

pop sunda

Jampe-jampe harupat
Geura gede geura lumpat
Sing jauh tina maksiat anaking
Ngarah salamet akherat

Jampe-jampe harupat
Geura gede geura lumpat
Susah senang omat sholat anaking
Beunghar kade poho zakat

Jampe-jampe harupat
Pek dudunya satakerna
Lir ibarat hidep di dunya
Rek hirup saumur dunya

Jampe-jampe harupat
Prak ibadah satakerna
Lir ibarat hidep di dunya
Rek cacap engke sareupna

Dodoja datang tong kalut
Sanghareupan make imut
Ulah rek aral subaha anaking
Sing percaya ka nu kawasa

Maha welas maha asih
Moal aya pilih kasih
Sagala nu karandapan kuhidep
Tangtuna bongan sorangan

Ti bapa ieu pepeling
Ngarah hidep hirup salawasna eling
Heunteu berang heunteu peuting
Hidep kudu soleh satungtung nyaring

Posted in Tembang Sunda | Tag: , | Leave a Comment »