Club Facebookna Oerang Soenda

Urang Sunda Hudang Euy!!!

Pileuleuyan Eretan

Posted by Dendi Rustandi dina Séptémber 15, 2009


Carpon A.Y. Hudayat

pileuleuyan

Kudu ngejat ka lebah mana? Hujan jeung cai umpalan terus nyiksa awak. Beuki karasa tiris jeung eungap. Raga kokoleaban. Kalalincesan beungeut pipamajikaneun jeung pianaktereeun; sislihsered barudak sakolah siga nu pada-pada hayang ditanggap. Ngolebat budak peuntaseun eretan nu katembong jigrah mapag kuring. Remen megat kuring bari balaka menta kapur tulis. Deudeuh teuing…

Mana pamuntangan teh? Hate terus jumerit. Cai umpalan terus ngagunasika raga jeung rasa. Hujan beuki ngagebret; beuki ngebrehkeun ti detik ka detik teh kacida tohagana mirusa diri, teu pisan mere lolongkrang. Kuring terus jumerit. Hayang terus ngarawelan rasa dina awak nu keur digunasika. Da geuning teuteup pianaktereeun terus ngumaha: saha nu baris jadi pananggeuhan diri? Hayang memener rasa nu kamari sabab kuring kungsi teu ieuh ngerong rasa nu nganti-nganti ti peuntaseun eretan… mapag bari salawasna jigrah. Ku remen teuing mah, kuring sok bae kaangsonan rasa: naha make ngagugulukeun teuing anak batur bari ngajawab saengabna: beak kapurna ge!

Deudeuh teuing….

Tulisan dina bor masih keneh rapang. Bukti sesa panungtungan kumelendang di ieu dunya. Tacan kaloris ku sasaha ge pedah kapegat ku libur panjang nasional: tanggal dalapan, salapan, jeung sapuluh. Kuring ngan bati ngaheruk. Asa tacan cacap kedal panungtungan harita. Saha nu baris jadi gaganti, padahal kuring geus kagok jangji. Minggu hareup barudak rek ditanggap, sina tapis ngedalkeun cita-cita jeung jugjugeun hirup jaga. Bagja temenan lamun kuring bisa ningal maranehna jigrah nembrakkeun kasuka alatan kahayang nu keyeng dibarung ku kaludeung nembrakkeun rasa bari disumangetan ku babaturanana. Ehm… moal boa baris budal ieu cimata nyanggrah rasa nu ngan mampuh semet nyaho si anu hayang jadi anu, si anu rek neruskeun tapak lacak kolotna, si anu rek nyipta-nyipta rasa heula nepi ka tuluy disurakan ku babaturanana; nu saurang uman-imen siga geus anjog dina lebah kahayang nu sabenerna, nu saurang deui neuteup teleb ka kuring nyidem pananya: naha baris kasaksian jaga?

Asa cikeneh. Panungtungan, kuring di kelas. Barudak sakumaha biasana, saregep ngabandungan kuring najan kalan-kalan katembong aya gurat-gurat tarang nu karerung. Salahsaurang murid ngingetan; ieu mah dinten Kemis sanes Jumaah. Kuring reureuh sajongjongan. Aya rasa nu kakalincesan: kahayang mah ieu teh enya… jumaah; liwat jam dua beurang. Tapi jolna ti mana eta kahayang teh bet ngadak-ngadak hayang ngaluncatan sapoe. Taya rindat maranehna nu kudu dihartikeun yen diri meh aya dina panungtungan. Taya rempankeuneun keur awak nu kapibanda mah. Harita diri teu mampuh ngerong poe panungtungan keur kuring. Ngan sakolebat kungsi ngimpleng: na ranjang diriung ku dulur-dulur. Halon naker dituyun muru hambalan anyar kahirupan. Geus remen kaimpleng. Implengan nu didama-dama najan kanyataanana beda.

Awak terus kabawa cai umpalan. Kudu ka saha diri ngagero sangkan nu nareangan layon gancang muru caringin. Nya di dinya pisan jasad kuring katalimbeng akar caringin nu geus mulan-malen ngadodoho dina sisi wahangan nu nyarengkedong. Kudu nyacapkeun naon sabot kuring papuket ngaleupaskeun awak tina beungkeutan akar nu pajurawet? Kuring jumerit. Tiris jeung eungap. Kuring papuket. Karasa beuki eungap. Awak kacida lungse jeung tiris.

Karasa awak aya nu nyangkeh. Teu ieuh bedas. Paneuteupna siga nu nalek: naha geus cacap nalingakeun anakna? Kuring peureum tapi nu nyangkeh antra neuteup teleb ka kuring. Galecok na hate sewang-sewangan. Naha diri dikadarkeun kudu kieu?

*****

Teu wasa neuteup paroman alum pianaktereeun; pianaktereeun nu teu kungsi kapibanda dina status nu jinek Dirina tangtu leuwih ti kuring sungkawana. Taneuh nu beureum keneh, ku manehna dikoeran ku rokrak. Teu laju. Hayang nepungkeun rupaning harepan jeung jawaban. Cimatana murubut.

Dikadarkeun nunggelis, indungna ngan cacap nyaksian jigrah anakna nepi ka umur salapan taun. Budak ngahaja remen ditanggap sina tapis ngedalkeun rasana. Balaka, hayang jadi pulisi, cenah.

Dikadarkeun tepung jeung si jenat tur anakna, aya dunya anyar keur kuring. Ngalelemu rasa tina rupaning kaayaan nu kalan-kalan holna teu disangka-sangka. Sasalingkeran, nunutur renghap nu sarua nyamuni; balakaeun dina mangsa nu berag pikeun silihpapag kanyaah.

Kungsi eta oge harita jenatna ngumaha ka kuring. Cenah satapa-tapa hayang pungkas bisa nyaksian anakna macakal. Sabengbatan teleb neuteup kuring. Taya nu kedal deui. Poe panungtungan harita teu cumpon mungkas rupaning rasa keur dirina jeung anakna, nu mimiti holna tina ngan kadar silihtalingakeun nu sipatna saperluna.

Silihtalingakeun teu leuwih ti hirup natangga. Najan mimiti wanoh teh, ised sataun ti saprak kuring pindah kontrakan ka ieu lembur. Kadieunakeun mimiti wawanohan. Sakapeung nu nyalingker na hate teh menta dijonghokkeun ka dirina ku semu nu nyata; nembongkeun rasa nu disubadanan ku balaka.

Hayang balaka tapi tacan tepung dina hate nu panceg. Hate kalan-kalan sasalingkeran, malibir, mapay-mapay rasa nu can kungsi kedal. Lah-lahan hayang puguh tungtungna. Cukang lantaranana mah jasa nu boga kontrakan, nu dicicingan ku kuring. Cenah, geus asa ka anak sorangan ka kuring teh. Kuring terus dihatean sangkan ngalilindeuk si jenat nu harita jadi tatangga anyar nu pada-pada sarua ngontrak.

Tadina mah rek muka lawang, naratas haat mikanyaah ka indung jeung anakna. Susuganan katarimakeun. Nyaho ka eta kulawarga teh ti Bu Saeni nu boga kontrakan.

“Tah milik Jang Adang sigana mah,” cenah bari ngagelenyu.

“Naon tea, Bu?”

“Tadi aya nu neangan kontrakan. Minggu hareup jadi nyicingan kontrakan Ibu teh.”

“Milik abdi?”

“Enya…. Geura-geura atuh. Pijodoeun mani geus narampeu. Sok lah!” cenah bari siga nu ngahajakeun hayang terus disanggut. Ningali kuring jongjon nyemprotan manuk poksay na kurung, manehna gancang nyampeurkeun.

“Ieuh kasep… bageur… tong kajongjonan teuing atuh. Nyaan ieuh Ibu mah. Sok dirojong ku Ibu. Najan jinisna randa, solehah nu penting mah! Punten, ulah nyangka ibu tega. “

“Randa?” kuring kerung. Hate ngutupruk. Maenya teuing lamun teu mampuh ngahiji jeung nu weuteuh teh. Kuring gancang ngagantungkeun kurung kana tihang parantina gigireun tepas.

“Alaaaah bageur… lain Ibu pipilueun. Tobat paralun. Henteu. Ibu mah ngan ngilu nyaah,” cenah. Tungtung kedalanana kadenge dumareuda.

Kuring cengkat muru lawang panto. Karasa aya nu nampeu rek nepakeun rasa nu baris ngabeungbeuratan dada.

Rumegag mah geus tangtu. Rek nepi ka iraha? Nungguan cumpon mah iraha boa. Hate terus galecok, silih peredih sangkan gancang disubadanan.

“Manawi kagungan hekter?” cek kuring neang pijalaneun tepung sakalian rek muru kantor.

“Aya. Sakedap,” cenah. Teu nitah ka jero.

“Punten ngarerepot.”

“Henteu….”

Hate nyelengkeung nitah diri ka jero, ngalelebah rasa, susuganan nu boga imah teu kapiheulaan ku hayangna kuring unggah. Dua menitan, can nyelengkeung bae ti jinisna. Kuring ngajanteng, guntreng jeung hate sorangan.

“Mangga.” Nu dianti nyolongkrong ngasongkeun hekter.

“Hatur nuhun.” Kuring ngajanteng keneh, susuganan lawang panto teu gancang ditutup deui. Manehna ngan padu imut bari unggeuk. Hese neguh hatena aya dina lolongkrang nu mana.

“Nanging eusina sakedik deui.”

“Teu sawios. Cekap… mung kanggo amplop tali ieuh.Upami teu dihekter, talina teu acan kantenan angger pageuh dugi ka tujuan. Tebih mangkaning.”

“Maket ka mana?”

“Rerencangan di Kendari pesen buku.”

Manehna ngagelenyu. Tangtu aya nu karawel ti pasemon kuring. Kuring gancang ngasongkeun deui eta hekter.

“Hatur nuhun”

“Mangga. Punten, nuju ngarihan. Dikantun.” Cenah bari gancang nutupkeun panto.

Can timu jucungna tarekah harita. Kuring ngahuleng. Mimiti guntreng deui jeung hate. Sajongjongan kuring cinutrung sisi eretan; jalan peupeuntasan hiji-hijina nu pangdeukeutna nu nepungkeun lembur kuring jeung tempat ngajar. Teu hayang tereh nepi ka kantor pos, komo deui disambung kudu muru sakola mah. Kuring hayang nunutur rasa nu pacaruk. Hayang timu rasa nu pangkandelna. Sugan aya lolongkrang nu pisugemaeun. Nelatkeun maneh balik, ngahaja mapay jalan suni kapeutingnakeun, weleh tacan timu rasa nu jinek.

Jam satengah sapuluh peuting, panto imah aya nu ngetrokkan. Kuring curinghak.

Manehna nangkeup papakean nu geus ditilepan, nu sabeulah nanggeuy piring.

“Bilih hilap. Tadi siang rada girimis. Sakanatenan dijaitan. Alhamdulillah, didaraykeun di rorompok, gararing.”

Papakean gancang ku kuring ditunda dina korsi. Teuing ku geumpeur. Hate ngaharewos sangkan kuring gancang nitah unggah ka nu keur nanggeuy piring. Nu ngajanteng di luar ngasongkeun piring. Gura-giru muru imahna. Tacan aya isarah nanaon tina teuteupna mah.

Piring eusi goreng sukun dina luhur meja asa katembong ngelemeng. Keureutanana nu ditata nguriling nuturkeun biwir piring lalaunan siga ngagulung terus ngiles kaserep ku sari-sari harepan nu guyang jeroeun dada. Kuring lalaunan ngentep-ngentepkeun rasa kajanarinakeun.

Paselang jeung kahariwang neuleuman kamampuh diri, ku dileukeunan mah teu burung rasa rumegag teh lalaunan kaganti ku sikep silihtalingakeun. Meneran hujan ngecrek, remen manehna rikat ngasongkeun payung. Taya kedalan nanaon. Teuteupna masih meh sarua jeung teuteup basa mimiti tepung. Sakapeung, budakna ngahaja ku kuring disimpangkeun ka sakolana lebakeun sakola kuring. Kalan-kalan indungna rikat mangmegatkeun tukang bubur kacang nu sok ngaliwat pasosore bari gancang nyelengkeun ngabejaan ka kuring.

Ti poe ka poe antukna kuring jeung manehna mernahkeun diri dina pamaksudan nu sarua: susuganan bisa silihpikanyaah nu jucung nepi ka bareng ngabina rumahtangga. Keur kuring geus euweuh hahalang deui. Teuteupna nu teleb jeung kedalanana nu anteb mugurkeun karempan kuring ngeunaan hal nu terus disidem ku dirina. Dalah kuring pribadi tangtu mikabutuh sikep ti dirina nu cumpon jeung harepan kuring sangkan bisa silihpikanyaah najan ukur tina sesa duriat.

“Rarasaan asa melengek wae ieu teh, Kang?”

“Ngemutan saha? Pan Akang jeung Si Uan teu ka mamana.”

“Jenatna Abah jeung Ema kokolebatan bae. Kang Aja deuih.”

Kuring jeung dirina pada-pada ngaheruk.

**

Ngahaja hayang mandeurikeun maneh. Tapi kuring geus beda jugjugeun. Nu nganteurkeun jeung ngurebkeun layon kuring nungtutan hiji-hiji marulang. Pianaktereeun aya nu nungtun, didiukkeun dina bangku leutik handapeun tangkal caringin. Manehna neuteup ka jauhna, nepung-nepungkeun implenganana.

Poe ieu dirina keur meujeuhna perlu pamuntangan. Umurna nu tacan cacap salapan taun, teu bisa disaruakeun jeung tangtungan barudak nu sapantaranana. Rasa kingkinna leuwih ti nembrakkeun yen dirina aya dina rasa sungkawa nu mikabutuh hiji katerangan nu jinek: hirup naha kudu nunggelis? Rasana pacaruk jeung kabutuh dirina aya dina panalinga kolotna.

Remen dirina ngajanggelek jadi hahalang keur kuring jeung si jenat harita. Cenah, moal aya nu mampuh jadi gaganti bapana. Tong wani-wani nyombo. Jenat bapana moal weleh ngariksa dirina. Poean indungna dikurebkeun, kuring hayang nuyun dirina dina tatapakan nu mernah. Sugan bisa kadongkang ku rasa nu kudu mimiti sadrah ti dirina.

“Bapa Uan kudu mulang ti heula, Si Ema sapandeurieunana. Papasten, Uan.” ceuk kuring. Tangtu lain jawaban nu cumpon jeung katerangan nu dipikabutuh ku dirina.

“Uan hayang ka Ema!” manehna mimiti ngareyembeng cimatana.

Teu ieuh rek ngawawaas atawa nyalenggorkeun rasana. Kuring ngabetem. Manehna mariksa paroman kuring. Paneuteupna nyeleksek ka lebah uteuk jeung rasa kuring. “Naha Bapa heula terus Ema? Naha?”

Kuring angger ngabetem tacan manggih jawaban.

“Uan hayang ka Ema.”

Kuring gancang unggeuk. Budak ditangkeup. Sora ngahaja dihalonkeun, meh ngaharewos.

“Jaga. Uan bakal tepung jeung Ema…Bapa…”

“Iraha?”

“Jaga. Ayeuna geura janglarkeun. Jaga tepungan Si Ema jeung Si Bapa ku paroman nu berag. Cantelkeun na ati yen Uan tetep aya nu ngaping ngajaring. Sing panceg.”

“Uan hayang ka Ema. Uan hayang ka Eee…maa..aaa….” Budak beuki sisimekeun.

Kuring teu bisa kukumaha. Masih tacan mampuh neuteup teleb nu sisimekeun harita. Cimatana ngareyembeng keneh. Manehna beuki teleb neuteup ka jauhna. Kuring beuki anteng ngentepan sesemplekan rasa nu geus lawas bacacar paselang jeung kantetan gambar diri nu terus kokolebatan, ngalangkangan sajajalan.

Jalan ngembat. Pipamajikaneun gugupay beh jauhna. Kuring nikreuh muru sampalan nu tan wates. Pileuleuyan eretan… ***

Dimuat di Majah Mangle No. 2159

Saurang nu Mairan to “Pileuleuyan Eretan”

  1. A.Y. Hudayat said

    hmmmmmm…..

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: