Club Facebookna Oerang Soenda

Urang Sunda Hudang Euy!!!

Leungiteun Mutiara

Posted by Dendi Rustandi dina Séptémber 15, 2009


Carpon Dede Syafrudin

mutiara

Poe moreret. Sora artis dangdut dina luhureun panggung beuki centil bae, hantem ngagentrean jalma-jalma nu sakirana teu lebar ngaluarkeun duit demi kasenangan dina luhur panggung, selang-selang tina ngabsen kulawarga nu boga hajat minangka basa-basina.

Kuring masih keneh ngantay, nungguan giliran sasalaman jeung panganten. Sok nyeredet puguh upama ningali batur pangantenan teh. Kacipta bagjana. Ngolah rumah tangga, ngalahirkeun laju ngagedekeun barudak, babarengan jeung lalaki anu dipikacinta. Mun geus kitu, teu karasa cimata sok medal na juru-juru mata, lantaran kuring mah boa moal bisa ngalaman hal sarupa kitu. Geuwat kuring nyusut cimata nu geus mimiti merebey. Untung bae kesang nu rembes tina pori-pori kulit ngabantu nyarukeun cimata. Tisu urut nyusut cimata laju dielapkeun kana bagean beungeut lianna anu pinuh ku kesang.

Babaturan anu datang ka ondangan meh kabeh geus ngarais atawa nungtun budak, aya oge anu keur bareuyeung kakandungan. Ngan kuring anu lengoh teh. Nyorangan, kadua amplop.

“Is, mana calonna?” ceuk Wina, panganten awewe, waktu kuring geus nepi ka lebah panganten.

Kuring ukur imut, maur.

“Wilujeng ngawelah rumah tangga. Mugia janten kulawarga sakinah al mawaddah,” kuring maksakeun ngomong, sok sanajan tikoro karasa nyelek.

Geus sasalaman mah geuwat kuring muru ka tempat parasmanan. Beres barangdahar gagancangan pamit sok sanajan babaturan rea nu muntangan ngajak ngobrol. Sok sieun naranya, iraha kuring ka bale nyuncung. Untungna bae kuring pinter nyieun alesan.

Lamun nepi ka kiwari kuring tacan aya niat oleng panganten, lain hartina taya lalaki anu hayangeun atawa anu ngadeukeutan. Tapi hate kuringna anu henteu merean. Inggis nguciwakeun. Inggis engkena kuring dicacampah.

“Na rek milih lalaki nu kumaha atuh hidep teh, Iis? Nu itu lain nu ieu lain. Mangkaning umur hidep teh terus nambahan,” mindeng pisan Mamah nyarita siga kitu.

Kuring ukur gideug lalaunan. Teu wani balaka hal anu saenyana. Mun geus kitu, kuring sok ngarasa hanjakal hirup di masarakat anu masih keneh kuno. Anu masih keneh masualkeun “kasucian” hiji mojang dina mangsa oleng panganten.

Sok sanajan kitu, kuring henteu ngarasa hanjakal kungsi “deukeut” jeung Mang Ade, salaki Bi Neni adina Mamah. Ti saprak Bi Neni kawin ka Mang Ade-harita kuring masih keneh kelas lima SD-teuing ku naon kuring bet langsung deukeut jeung Mang Ade. Beuki lila beuki deukeut, malah laju ditambahan ku ogo, siga ka bapa sorangan. Eta meureun pedah kuring jarang panggih jeung nu jadi bapa, da puguh gawena dina kapal laut anu kudu balayar ti pulo ka pulo, malah kadang-kadang nepi ka luar negri. Panggih jeung bapa teh paling remen oge ukur sabulan sakali.

Nincak ka SMP kuring masih keneh ogo ka Mang Ade. Bi Neni oge tara sawan geureuh upama kuring lelendean ka Mang Ade teh. Kituna teh meureun pedah sanggeus sababaraha taun ngawangun rumah tangga, Bi Neni jeung Mang Ade tacan kabiruyungan boga turunan. Mang Ade deuih, bener-bener ngogona ka kuring. Sagala dipangmeulikeun, ti mimiti kaperluan sakola nepi ka baju. Atuh mun iinditan kuring mindeng dibawa. Kadang-kadang jeung Bi Neni, tapi remen oge ukur jeung Mang Ade wungkul, dibonceng kana motor.

Ngan teuing ku naon, ti saprak sakola di SMP mun deukeut jeung Mang Ade sok aya rasa nu aneh. Sok tingsariak saawak-awak. Kuring jadi mindeng nyidik-nyidik pameunteu Mang Ade. Ceuk pamanggih kuring, memang kasep Mang Ade teh, pantes Bi Neni rek bogoheun ge. Nya kasep nya bageur deuih.

Dina hiji mangsa, kuring anteng neuteup pameunteu Mang Ade nu keur jongjon lalajo acara musik dina tv. bangun nu terus asa, Mang Ade ujug-ujug ngalieuk ka kuring. Teuing ku naon, kuring ngarasa era kabina-bina, asa rek maling tuluy katohyan. Gancang kuring tungkul, bari samar polah.

“Ditilik-tilik beuki gede teh Iis asa beuki geulis bae,” ceuk Mang Ade.

Mireng omongan Mang Ade kitu, hate kuring ngadadak bungangang, asa ngapung ka awang-awang. Papadaning kitu, angger tungkul, sarta beuki samar polah.

Kolesed Mang Ade diuk ngadeukeutan kuring. Ragamang leungeunna ngusapan buuk. Goledag kuring kana lahunan Mang Ade. Tina sela-sela ngagebrungna sora tv, hawar-hawar kapireng sora kerek Bi Neni di kamar.

“Mang…,” ceuk kuring.

“Aya naon…?” Mang Ade neuteup anteb.

“Ah henteu ketang…,” kuring ngalieus, aya rasa anu hese dikedalkeunana.

“Ih teu puguh Iis mah. Palay naon nu geulis teh?” sora Mang Ade leuleuy.

“Parende, Mang…”

“Pan ieu nuju, geulis…,” ceuk Mang Ade, bari ngusapan deui buuk kuring.

“Naha teu tunduh bae?”

“Tadi siang bobo lami teuing meureun. Sok peureumkeun geura, engke ge bakal tunduh,” tembal Mang Ade.

Kuring nurut kana saran Mang Ade, lalaunan peureum dina lahunan Mang Ade. Sanggeus aya kana sawatara menitna kuring peureum karasa Mang Ade ngambung taar. Biwirna karasa semu baseuh. Nyah kuring beunta.

“Geuning teu acan bobo?” sora Mang Ade semu ngageter.

“Teu tunduh bae atuda…!”

Mang Ade teu nembalan deui.

Laju kuring neuteup kana tv nu masih keneh ngagebrung, midangkeun video klip musik Barat. Katembong adegan dua urang model video klip, awewe jeung lalaki, keur paduduaan. Ngabandungan eta adegan, ambekan kuring ngadadak asa beurat. Ret ka Mang Ade, katembong dadana naek turun, semu renghap ranjug.

“Ari Iis tos gaduh kabogoh?” ujug-ujug bae Mang Ade nanya.

“Teu acan. Ku naon kitu?”

“Atuh teu acan ngaraos paduduaan siga na tv bieu?”

“Nya teu acan. Yey Mang Ade mah baong, make naros nu kitu sagala…!”

“Tos pinter nyebat baong ayeuna mah nu geulis teh.” ceuk Mang Ade, ditungtungan ku ngajembel pipi kuring.

“Ih, siga ka budak bae Mang Ade mah…!” kuring ngepeskeun leungeun Mang Ade tina pipi.

“Tos ageung nyah Iis teh?” Mang Ade angger ngoleg.

“Nya muhun atuh, da tos SMP.”

“Geuning teu acan gaduh kabogoh.”

“Nya teu acan we…,”

“Pasti teu acan ngajaran disun.” Mang Ade ngantelkeun biwirna kana pipi kuring.

Kumis Mang Ade nu semu jocong karasa rada ngagasruk kana pipi. Hate ngadadak ratug. Pacampur antara sieun jeung suka… “Mang Ade baong…!” sora kuring ngageter.

Mang Ade seuri, ngalenggak kana panyarandean korsi. Geus kitu mah tuluy bae matana manteng deui kana tv. kuring nurutan.

Layar dina tv masih keneh acara vidieo klip musik Barat. Lagu jeung penyanyi katut model anu midang dina video klip geus ganti. Beuki peuting teh adegan-adegan anu dipidangkeun ku pasangan model dina video klip beuki panas. Kareret dada Mang Ade leuwih karep naek turunna, siga anu geus lumpat rada jauh. Ujug-ujug bae tina jero lahunan Mang Ade karasa aya nu nyurungkuy, nyundul kana embun-embunan kuring.

“Pasti Iis oge teu acan kantos sun bibir…,” Mang Ade ngomong deui semu diharewosan kana ceuli kuring.

“Yey…!” kuring ngabirigidig.

Teu kanyahoan biwir Mang Ade geus ngadeukeutan biwir kuring. Lalaunan…

“Kang…! Kang Ade! Geura kulam atuh, tos wengi. Tong ka nu tv bae…!” kapireng sora Bi Neni ti jero kamar.

Mang Ade ngorejat. Pon kitu deui kuring. Mang Ade geuwat mareuman tv, laju rurusuhan asup ka kamar. Kuring mah ukur molohok, nuturkeun lengkah Mang Ade ku paneuteup…

Sanggeus eta kajadian, kuring jadi remen nongton tv nepi ka tengah peuting, ngabaturan Mang Ade. Saban peuting teu weleh miharep Bi Neni gagancangan sare. Lamun Bi Neni teu sare wae, milu lalajo tv nepi ka tengah peuting, hate kuring sok jadi medenghel.

Dasar kudu panjang lalakon, dina hiji waktu kuring diajak nganjang ka imah dulurna Mang Ade. Bi Neni teu bisa milu lantaran keur teu garenah awak. Nepi ka nu dijugjug, nu boga imah teh bet suwung. Mang Ade ngahuleng. Mangkaning harita geus magrib, jaba hujan ngadadak turun ngagebret, moal mungkin balik deui. Untung bae teu lila datang tatangga nu boga imah, dipayung, laju ngasongkeun konci imah.

“Ieu katitipan konci ku Pa Maman. Saurna aya kaperyogian, ngadadak,” pokna.

“Oh, nuhun,” tembal Mang Ade, bari nampanan konci.

Geus kitu mah kulutrak bae Mang Ade muka konci panto. Kuring jeung Mang Ade asup ka jero imah. Peutingna, kuring kekedengan di tengah imah, luhureun karpet. Saperti biasa Mang Ade ngusapan buuk. Lila-lila Mang Ade oge milu ngedeng, tukangeun kuring. Ambekan Mang Ade karasa ngahebos kana punduk. Tina buuk leungeun Mang Ade pindah kana tonggong. Mapay. Waktu nepi kana kancing baju, kuring peureum, tiepereket. Ambekan Mang Ade karasa beuki tarik ngahebos.

Ti harita, Mang Ade jadi beuki bageur ka kuring. Jadi beuki mindeng mangmeulikeun rupa-rupa barang karesep kuring. Sarta mindeng ngajak ulin ka tempat-tempat anu bisa dijadikeun tempat paduduan antara kuring jeung Mang Ade. Kabiasaan kitu manjang nepi ka kuring sakola di kelas dua SMA. Hubungan kuring jeung Mang Ade pegat lantaran Mang Ade dipindahtugaskeun ka luar pulo Jawa. Bi Neni oge kapaksa nuturkeun nu jadi salakina.

Ti SMA nepi ka tamat kuliah, nepi ka tuluy boga gawe, kuring tacan kungsi ngabina hubungan jeung lalaki lian. Sok tuluy dijauhan mun aya lalaki nu ngadeukeutan ge.

“Pokona lalaki nu ayeuna mah ku hidep kudu ditarima. Kudu jadi, mun hidep hayang keneh diaku anak ku Mamah!” kitu ultimatum ti Mamah, sababada dua minggu kaliwat mawa lalaki anu rek dijodokeun ka kuring.

Emh, Gusti… kedah kumaha pipetaeun kuring… Nyanghareupan ultimatum ti Mamah teh hate kuring dilimpudan kabingung, lantaran moal mungkin balaka ka saha bae oge ngeunaan kajadian anu kungsi kaalaman ku kuring. ***

Dimuat di Majah Mangle No. 2159

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: