Club Facebookna Oerang Soenda

Urang Sunda Hudang Euy!!!

Rostika

Posted by Dendi Rustandi dina Séptémber 14, 2009


rose

Ku DHIPA GALUH PURBA

Dina lawang panto imah, Rostika ngajanteng, ngajajapkeun salakina anu rek digawe. Imut ngagelenyu. Nembongkeun pamlu hegar marahmay. sangkan salakina bisa manggihan kabagjaan. Nyorang rumah tangga anu kakara dua bulan. Pon kitu deui, salaki Rostika, teu weleh mere sikep anu pinuh kanyaah tur kadeudeuh. Sanajan ukur boga ladang usaha anu pas-pasan. Tapi salakina teu pondok harepan. Tina juru panonna, aya sumanget nu erus ngagedur. Ngalakonan kahirupan anu karasana beuki ripuh. Salakina tihothat digawe indit isuk balik peuting, nyupiran angkutan kota. Atuh ladangna pikeun nyugemakeun anu

jadi pamajikan.

Hanjakal pisan. Tina teuteup Rostika aya kalangkang hideung. Anu mimiti moekan paningalina. Basa salakina naek angkot batanganna, sarta ngabiur ka jalan raya. Kalangkang hideung dina paneuteup Rostika beuld ngandelan. Ngabelegbeg lir moekan satungkebing alam dunya.

Rostika ngarahuh bari meubeutkeun awakna kana kasur nu aya di rohangan tengah, anu sakaiian dijieun rohangan kamama. Leutik pisan imah kontrakanna teh. Ngan aya dua rohangan Nyaeta anu harita dipake ngagoledag ku Rostika, hili deui mah komo leuwih leutik. Biasana sok dijieun dapur. Ari kamar mandina aya di luareun imah. Diajangkeun ku nu boga kontrakan keur pakeeun sarerea, sakur anu ngalontrak di eta wewengkon. Kalah matak kararagok pikeun Rostika mah. Komo ari mangsana bagean ka cai, kudu ngaliwatan heula lawang panto imah batur. Lamun kaparengan kudu ngantri, kurang-kurangna matak aral. Kungsi sakali mangsa, Rostika ngadon mandi tengah poe ereng-erengan. Aya hiji lalaki pangangguran noong tina liang konci kamar mandi. Atuh barang bray dibukakeun teh katara beureumna paroman Rostika awahing ku keuheul. Ari lalakina. kalahka sura-seuri gumasep. Jaba bari memener calanana, siga aya nu disumputkeun, sangkan teu kataraeun ku Rostika. lamun lain ka tatanggana boa geus digampleng eta lalaki anu campelak teh.

Rostika cengkat tina kasur, bari leungeunna ngarongkong kaca eunteung anu ngagoler dinaa luhureun meja pendek. Rostika neuteup beungeut sorangan. Breh sabuleudan rupa anu taya cawadeunna. Ti mimiti buuk anu hideung meles, ngarumbay samet cangkeng, matak geregeteun hayang ngaranggeum. Cacakan pakusut keneh, tacan diangir balas sapeupeuting diusapan ku salakina. Ret kana panon sorangan, cureuleuk hideung matak reueus. Tuluy kana irungna anu mancung: Biwirna ipis beureum kareueut. Gadona lir endog sapotong. “Tapi naha atuh aing teh bet meunang jodo supir angkot?” gerentes hatena. Panonna teu lesot tina kaca eunteung. Ras inget kana kajadian minggu kamari, basa salakina geus indit gawe. Kira wanci tengah poe, aya anu ngetrokan panto imah. Barang bray panto dibuka. Anu keketrok teh Iwan. Budak cikal nu boga kontrakan. Kasep Iwan teh. Awakna jangkung badag. Matak kapincut wanoja anyar pinanggih. Kaasup Rostika. Manehna molohok mata simeuteun. Neuteup Iwan anu ngajanteng dina lawang panto. Iwan ngoloyong ka jero. Nutupkeun panto. Tuluy ditulakan. Rosiika lain teu wani nyarek, tapi asa aya nu nyelek dina tikorona, asa aya nu ngahalangan.

Iwan ngajak imut. Metot awakna kana kasur. Lain teu wani ngambek Rostika teh. Tapi imut Iwan lir nanceb dina jajantung. Basa Iwan ngagalentoran awakna bari ngalaan baju Rostika lalaunan, Rostika kalah peureum. Awakna lir kakalayangan. Teuing aya di mana. Teuing rek dibawa ka mana. Rostika renghap ranjug. Panonna neuteup lalangit. Lir hayang nobros ka luhur, brasna ka awang-awang. Dina mega bodas, Iwan ngajak leuleumpangan. Ngalingling wiati ngalanglang jomantara. Tapi Rostika ngorejat. Manehna asa rek labuh tina mega. Reuwas kareureuhnakeun. Rostika kakara sadar kana kaayaan. Ngan sakilat awak Iwan disurungkeun nepi ka ngajengkang.

Rostika buru-buru mulungan bajuna anu ngalayah dina kasur, terus dipake deui.

“Kaluar …!” Rostika nyentak. Leungeunna nyekel gunting anu kabeneran ngagoler dina panel. Antare naker, Iwan make deui baju. Tapi renghapna ngahegak keneh. Bari semu teu panuju, Iwan Ninggalkeun Rostika nu molohok mata simeuteun.

Rostika satekah-poilah miceun kalangkang Iwan. Tapi keukeuh bae, hate leutikna ngaku yen Iwan teh lalaki anu dipikaresepna. Cacakan lamun teu inget kana doraka mah sabenerna hate leutikna mah ngarasa hanjelu. Teu bisa samemena leuleumpangan jeung Iwan dina mega. Sawangan Rostika beuki mancawura. Inget deui mangsa keur nyorang kahirupan di lemburna, samemeh rumah tangga jeung salakina di Bandung.

Kota kacamatan anu kaitung rame, tempat dumuk Rostika teh. Harita Rostika jadi kembang nu hegar, nyambuang sapatamanan. Nepi ka Rostika lir nyengcelak di lemburna. Teu aneh lamun loba lalaki anu kaedanan. Cep Cucu, anak Pa Camat, teu sirikna unggal burit ngaheroan Rostika. Dani, pangusaha mebel, sarua mindeng ngaheroan. Kageulisan Rostika geus jadi sabivvir hiji, jadi kacapangan balarea. Kungsi aya sawatara lalaki anu pasea rongkah, bentrok basa kaparengan tepung di imah Rostika. Ngan anu watir mah Agus, tukang ojeg anu sarua bogoheun ka Rostika. Kungsi diciduhan ku Rostika, hareupeun pisan babaturanana bari dialungan kaca eunteung.

Di antara lalaki anu mikahayang ka Rostika, taya saurang oge anu bisa meruhkeun hatena. Kabeh bati medenghelna. Cep Cucu mah nepi ka puasa mutih 40 poe-40 peuting. Rostika pipilih teuing. Kahayangna meunang lalaki anu bener-bener luhur kuta gede dunya, sangkan bisa nyenangkeun kahirupanana. Atuh basa dina hiji mangsa aya babaturanana anu ngajakan digawe ka Bandung, Rostika mani haripeut, boga harepan susuganan bisa manggihan lalaki anu mindeng kaimpi-iimpi.

Datang ka Bandung, Rostika digawe di salasahiji pabrik tinun. Najan digawe kasar, tapi teu matak beurat pikeun Rostika mah. Manehna boga kayakinan, dina hiji waktu baris panggih jeung lalaki anu dipiharepna.

Dina hiji poe, basa Rostika balik digawe, papanggih jeung saurang jajaka perlente. Ginding naker. Katambah turun tina mobii anu kacida mewahna. Teu pira mimitina mah, eta lalaki teh nanyakeun alamat Dasar sarua keurpapada sengserang panon. Tina nanyakeun alamat teh jadi tuluy wawanohan. Malah nepi ka Rostika dianteurkeun balikna kana mobil eta jajaka.

Anto ngaran eta lalaki teh. Ngakukeun urang Jakarta anu keur ngagarap borongan proyek di Bandung. nyaritana oge teu bisaeun make basa Sunda. Kawantu aslina mah ti Surabaya, cenah. Rostika anu karek nenjo dangdananana, bet ujug-ujug kataji. Katambah salian ti kasep, Anto teh ngakukeun boga pausahaan di tujuh tempat. Imahna boga lima. Di Bandung, Jakarta, Surabaya, Jogja jeung Bali. Rostika beuki kabawa ku sawangan sorangan. Hayang bisa hirup salieuk beh.

Beuki lila Rostika jeung Anto mingkin raket bae. Meh unggal poe Rostika diantar-jemput ka tempat gawena. Hiji poe Anto ngajak ulin heula ka imahna. Rostika bujeng hingga nampik, malah kacida atoheunana.

Bener bae, imah Anto teh mani hurung-herang. Sarwa mewah. Rostika lir henteu bosen nengetan naon anu aya di jero imah. Sawanganana geus teuing aya di mana. Asa geus laksana ngarangkep jeung Anto, hirup ngahenang-ngahening. Teu aneh. Basa leungeun Rostika diranggeum ku ramo Anto, manehna nyangsaya dina dada Anto. Rostika teu bisa baha, basa awakna disangkeh dibawa ka kamar. Digolerkeun dina kasur. Rostika oge teu wani nolak basa ramo leungeun Anto mimiti ngaragamang, mawa ngapung ngawang-ngawang. Rostika siga anu teu ngarasa kaduhung. Padahal mustikaning dirina leungit dina ranggeuman ramo Anto. Rostika pasrah sumerah. Lir teu inget ka temah wadi. Tapi basa naon anu dipiboga ku Rostika geus dipasrahkeun, Anto kalah ngiles, luntra teuing ka mana. Teu beja teu carita, estuning taya raratanana.

Rostika hanjelu liwat saking. Manehna maluruh laratan Anto. Kaasup imah agreng tea, basa manehna ngadon ngapung jeung Anto. Hanjakal pisan, basa Rostika keketrok ka eta imah, manehna kalah nyaksian sapasang lalaki jeung awewe keur anteng ngumbar birahi. Rostika langsung indit bari mawa hate anu rajet Enya eta oge, anu keur guley teh lain Anto. Tapi manehna beuki ijid. Ceuk pikima, eta imah teh kawasna remen dipake teu uni.

Anto henteu kungsi nepungan deui. Padahal balukar tina pagawean nirca, geus mimiti karasa. Rostika mindeng utah-utahan. Sok ngadadak hayang bubuahan anu hararaseum. Rostika kakandungan. Hatena asa beuki diwewejet.

Sabulan, dua bulan, Rostika teu weleh nganti. Susuganan Anto datang deui. Tapi anu didago-dago teu embol-embd. Beuteungna katara beuki ngagedean. Bumi alam ngadadak asa tungkeb. Rostika lir peunggas harepan. Dina hiji poe, manehna nekad rek ngagelengkeun maneh di jalan raya. Rostika meureumkeun panon basa hiji angkot nyemprung, anu ditaksir bakal nutupkeun riwayat hirupna.

Tapi eta supir kacida tapisna mengparkeun mobil ka katuhueun jalan. Satengah ngambek bari jeung reuwas kareureuhnakeun, supir turun tina mobil. Tapi barang rek nyarekan, panonna kalah molotot mata simeuteun. Bangun teu percayaeun kana tetenjoanana.

“Ros…” kadenge eta supir nyebut ngaran manehna. Rostika ngaranjug. Neuteup ka supir angkot.

“Kang Agus…” ceuk Rostika. Manehna oge kawas cangcaya bisa papanggih jeung Agus, batur salembura anu bareto kungsi diciduhan. Teu sadar. Rostika ngagabrug Agus bari tuluy ngagukguk ceurik balilihan. Ceuk Agus, ti saprak ditampik sapajodogan ku Rostika, manehna nekad pindah ka Bandung, nyiar pacabakan anu anyar tug nepi ka jadi supu angkot.

Rostika oge teu hese nyaritakeun lalakon hirupna. Agus sakedapan ngahuleng semu cangcaya. Nenjo kanyataan kitu, Agus ngarakacak. Ramo leungeunna ngaranggeum ramo leungeun Rostika pinuh ku kanyaah. Malah kaluar kecap, cenah Agus rek ngawin Rostika, sanajan dina kaayaan keur kakandungan.

Kawilang sabar Agus teh. Sanajan unggal peuting sare sagebrug jeung Rostika, tapi manehna teu wanieun ngaganggu kandungan Rostika, sanajan Rostika moal nolak lamun Agus ngajak reureujeungan ilaharna panganten anyar. Rostika mimiti sadar, horeng Agus teh kacida belana.

Dina hiji poe, basa Rostika keur mandi, manehna tisoledat. Labuh kana tembok Atuh puguh Agus kareureuwasan. Rostika langsung dibawa ka dokter. Rostika kaguguran. Aya rasa sedih anu nyangkaruk dina hate Rostika jeung Agus. Tapi duanana sadar kana papasten Gusti. Moal bisa dihalang-halang ku saha bae.

Sanggeus utun inji anu dikandung ku Rostika teu bisa gumelar ka alam dunya, meunang sawatara waktu mah rumah-tangga teh repeh-rapih. Taya pipaseaeun. Atuh komo deui Agus geus bisa laksana nyandingkeun Rostika. Pangantenan jeung wanoja anu kaada dipikacintana. Kanyaah jeung kadeudeuh Agus tamplok pisan ku Rostika. Bumelana, kasabaranana.

Tapi Rastika leumpeuh yuni. Manehna mimiti katarajang deui kasaldt kadunyaan. Ngarasa teu sugema boga salaki ka supir angkot. Datang deui kahayang pikeun meunangkeun lalaki anu bisa ngangkat darajatna. Lir ngadadak poho ka Agus anu geus nulungan manehna.

Antukna, ti poe ka poe, anu dilakonan ku Rostika teh ngan ukur jijigaan, ngan akon-akon. Kanyaahna ka Agus teu nepi kana bayah. Beungeut nyanghareup ati mungkir.

**

Rostika seuri sorangan bari neundeun deui kaca eunteung kana luhureun kasur. Dina hatena geus gilig rek ngageroan Iwan. Rek ngajak leuleumpangan deui dina mega. Sanggeus memener pakeananana, Rostika ngalengkah muru kana panto. Tapi Barang rek djbuka, kaburu aya anu keketrok ti luar.

“Pasti eta teh Iwan,” ceuk gerentes hatena. Rostika teu jadi mukakeun panto. Manehna kalahka ucul-ucul, ngalaanan pakeanana bari ngagoledag kana kasur. Awakna ditutupan ku simbut. Geus kitu mah manehna ngadedempes bari ngadedengekeun sora anu keketrok. Teu pati lila panto dibuka ti luar. Lalaunan naker. Rostika ngagulitik nangkuban. Api-api keur sare tibra. Simbutna ngahaja disingkabkeun. Rostika seuri dina hatena. Aya sora lengkah ka jero kamar. Teu lila karasa aya nu ngadeukeutan, siga anu geregeteun hayang ngerekeb.

Rostika api-api teu inget, basa awakna aya nu ngagulang-gaper. Panon Rostika angger peureum. Rostika oge kabawa renghap ranjug. Panonna peureum. Kajadian basa kakalayangan jeung Iwan, leuleumpangan dina mega, harita kalakonan deui. Rostika lalaunan beunta. Barang breh, kacida ngaranjugna ningali anu keur ngalempreh di gigireunnana.

“Mas Anto …!” pokna Rostika.

“Maafkan saya, Ros. Dulu saya tidak bilang sama kamu waktu mau berangkat. Soalnya saya mendadak harus menyelesaikan proyek yang terhambat di Jaya Pura,” tembal Anto semu ngalengis. Ramo-ramona ngusapan buuk Rostika.

“Mas Anto tahu dari mana saya tinggal di sini?”

“Saya teman dekat Iwan. Jadi saya tahu banyak tentang kamu dari Iwan.” Rostika katara semu ngaranjug. Kawas manggih kareuwas dadak-dadakan. Beungeut Iwan jeung Anto piligenti dina tetenjoanana. Katembong deui, Agus nu keur luut-leet kesang nyupiran angkot.

“Ayo kita pulang ke rumah kita,” ceuk Anto.

Rostika ngadadak siga anu ditenung. Kawas nu poho basa manehna rek ngagelengkeun maneh di jalan raya. Rostika nurut kana kahayang Anto. Rostika teu baha basa leungeunna dikenyang, dibawa kaluar ti dinya.

Di Imah nu baheula, Rostika jeung Anto sukan-sukan nyacapkeun kasuka. Iwal ti eta, Rostika oge teu eureun ngalegukan inuman. Pikiran Rostika ngalanglang ka awang-awang. Asa aya di alam mana. Di tempat nu sarwa anyar. Les bae Rostika teu inget di bumi alam.

Bray, panon Rostika beunta. Karasa aya anu tipepereket ngeukeupan awakna bari renghap ranjug. Barang breh, Koceak… Rostika ngajerit. Saurang lalaki tengah tuwuh rerengosan ngadeukeutan beungeutna. Tapi Rostika teu bisa kukumaha. Teu walakaya. Ngan bati sumerah. Tina sela panonna, ngadadak aya nu merebey.

“Anto biadab, Anto setan …!” Tapi ukur dina hatena. Tina biwima teu bijil kecap nanaon. Iwal ti haharegungan nahan kanyeri.

“Hapunten abdi, Kang Agus …” gerentes hatena.

**

Satengah lungse, Rostika turun tina ojeg. Gembolan dijingjing. Panonna neuteup wangunan imah anu geus sakitu taun ditinggalkeun. Katembongna geus semu doyong, siga anu rek runtuh. Lalaunan Rostika leumpang, lir taya tangan pangawasa.

Anjog ka buruan imah, ngahuleng sakedapan. Di jero imah pinuh ku jelema. Di pipir aya nu dokdak neukteukan awi. Srog kana golodog, panggih jeung Pa Erte.

“Aeh, geuning Neng Rostika. Nya ka mana bae?” Pa Erte nanya.

Rostika teu ngajawab. Manehna buru-buru asup.

Barang breh, lanceuk-lanceukna geus ngariung. Indungna diuk di tunjangeun nu ngajepat di tengah imah, bari sarerea rawah-riwih.

“Saha nu maot?” Rostika nanya ka nu diuk gigireunana.

“Apan bapa Eneng!”

Rostika ngaranjug. Sakedapan mah teu bisa nyarita. Tapi bangun anu teu sadar, Rostika nelenyeng ka hareup. Gabrug kana layon. Terus ceurik ngagukguk.

Keur anteng ngumbar kasedih, karasa taktakna aya nu nyekelan. Rostika jadi inget, kana usap ramo hiji lalaki basa manehna rek kageleng mobil.

“Ari Nyai ka mana bae, ku Akang diteangan. Sugan teh miheulaan mulang ka lembur. Hampura Akang nya, sing sabar bae ayeuna mah. ” ceuk hiji sora anu pikeun Rostika mah geus kacida wanohna. *”*

Ranggon Panyileukan, 2000

ROSTIKA, minangka carpon anu munggaran dimuat di Majalah Mangle. Samemehna, tacan aya carpon anu dimuat di Mangle atawa media massa Sunda sejenna. Dimuat dina Majalah Mangle No. 1782, taun 2000

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: