Club Facebookna Oerang Soenda

Urang Sunda Hudang Euy!!!

PLTU ( Pembangkit Listrik Tenaga Ucing )

Posted by Dendi Rustandi dina Séptémber 14, 2009


ucing

Kakara ogé saminggu bulan puasa téh, lembur Cigorowék geus harénghéng deui baé. Peuting mangkukna, basa Aki Juhron balik tarawéh, datang ka imahna tuluy ngelepek kapiuhan. Tapi kadé, ieu mah lain pédah Si Buruy anu nyeungeut pepetasan di kolong imah Aki Juhron, atawa Si Mélon anu sok pangangguran meuleum céngék dina tapas. Estuning taya anu apaleun pisan. Malah Nini Uhém ogé, pamajikanana, mani langsung nyusulan Bah Dinta, dukun lepus anu kakoncara téa. Demi salaki, Nini Uhém teu maliré kana poékna peuting. Ngingkig baé bari mamawa oncor. Bubuhan di Cigorowék mah tacan aya listrik.

Aki Juhron kakara éling wanci janari. Éta ogé lain pédah jangjawokan Bah Dinta anu matih, sabab Bah Dinta mah élingna ogé ukur nyelang ngalaksanakeun saur wungkul. Geus bérés saur mah kapiuhanna dituluykeun deui. Éling-élingna téh basa waktu adan magrib tinggal lima menit deui. Atuh harita mah langsung baé ditalék ku Nini Uhém. Atuh Aki Juhron ogé teu hésé, tuluy nyaritakeun anu jadi cukang lantaran Manéhna kapiuhan. Ari masalahna téh, Aki Juhron ngarasa reuwas, atawa ceuk légégna mah sock téa. Lantaran ucing kadeudeuhna leungit.

“Ucing-ucing baé dipikiran Si Aki mah! Kajeun teuing sing modar ogé atuh, ngarah rada aman lamun nyimpen asin dina méja,” Nini Uhém jejebris.

“Na iraha Si Méla maling asin, ninina? Sangkilang bageur pisan Si Méla mah, béda pisan jeung ucing-ucing séjén. Komo jeung ucing garong anu Si Kowi mah,”

“Enya, ari geus leungit rék kumaha? Rék laporan ka pulisi? Atawa rék tahlil?”

“Tuh, da didinya mah teu ngarasakeun pisan kana haté didieu téh. Puguh didieu mah nineung pisan ka Si Méla téh. Unggal peuting ogé apan sok dikeukeupan lamun sare téh. Nikmaaat pisan, saré jeung Si Méla mah, teu cara jeung…”

“Teu cara jeung saha? Hayoh jawab? Didieu dibandingkeun jeung ucing? Punten, lain lépel!” Nini Uhém rada nyentak.

“Geus atuh ninina, ulah ngajak paséa baé. Moal enya timburuan ka ucing atuh. Mun ka ucing gering mah pararuguh deui. Jaba ieu téh keur puasa. Apan ngambek téh matak ngabatalkeun puasa,”

“Enya heug. Tapi tingalikeun baé, engké lamun geus buka!” ceuk Nini Uhém semu anu ngancam.

Keur hog-hag kitu, hawar-hawar aya sora tina spéker masigit. Jep, duanana jarempling bari ceulina mani rancung-rancung baé ngadédéngékeun spéker. Malah Aki Juhron mah leungeunna mani geus ngarongkong kolek cau anu ngebul kénéh.

“Sodarah-sodarah warga Cigorowék dan sekitarnya. Adan magrib tinggal dua menit deui. Di Surabaya mah sigana geus baruka. Tapi kulantaran urang mah aya di propinsi Bandung, aéh Jawa Barat, maka urang kudu nurut kana waktu Indonesia bagian barat atawa WIB…” kitu pokna tina spéker téh.

“Buru atuh umumkeun! Jahat aki, nyaho!” kadéngé aya anu nyarita rada tarik. Kawasna mah teu pati anggang ti nu keur nyarita kana mik.

“Aéh enya. Ampir baé poho, euy. Para wargi, warga Cigorowék dan sekitarnyah. Bari ngadagoan adan magrib, aya sekilas impo anu kacida pentingna. Telah hilang seékor kucing milik Pa Kadus Ukar yang bernama Joni. Ciri-cirina, rupa hideung pulas bodas totol-totol. Disadana ngéooong. Karesepna ngahakan lauk jeung guramé. Tara ngégél ka jalma, kajaba ka nu geulis…”

“Geus gandéng, ulah diémbohan ku heureuy sagala rupa. Apan ieu téh masigit, nyaho! Tuh, geus meujeuhna adan.” Kitu anu kadéngé tina spéker téh. Atuh teu pati lila ogé, anu tatadi ngocoblak tuluy adan magrib. Ditéma ku sora kohkol jeung bedug anu patémbalan ti saban tajug.

Aki Juhron ngahuleng. Kawasna mah ngarasa hémeng alatan Kadus Ukar ogé saruana kaleungitan ucing. Mangkaning ucing Aki Juhron téh dalit pisan jeung ucingna Kadus Ukar. Kabogohna cenah mah. Nepi ka unggal malem minggu ogé, Aki Juhron mah sok nganteur ulin ucingna ka imah Kadus Ukar.

“Moal kitu kawin lari mah? Aéh, na kawas jalma baé atuh.” Aki Juhron norowéco sorangan. Tarangna mani kerung-kerung baé mikiran ucingna anu leungit. Kawasna lamun teu inget kana tarawéh, Aki Juhron geus indit maluruh ucingna ka leuweung Panuusan.

Perkara kaleungitan ucing téh horeng matak ngageunjleungkeun lembur. Sabab anu kaleungitanana lain Aki Juhron jeung Kadus Ukar wungkul. Kaasup ucingna Béh Sarmud, Nini Uti, Juragan Jékong, Mang Éon nepi ka ucingna Néng Lina anu kakara lahir ogé, sarua leungit tanpa laratan. Geus puguh deui ari sabangsaning ucing anu sok liliaran di luareun imah mah, geus teu katingali ringkang-ringkangna acan. Sasarina mah ucing garong anu buluna hideung meles ogé, sok nangkring di parapatan. Tapi ayeuna mah ngadadak jadi ngariles, teuing kamana.

Budal tarawéh téh mani langsung réang nyaritakeun perkara ucing anu laleungit. Malah Mang RT jeung Mang hansip mah geus bur-ber kaditu-kadieu. Hanjakal pisan Bah Dinta teu walakaya, sabab ucingna ogé sarua leungit.

“Ieu téh raja ucing di leuweung Cisaat, keur ulang taun,” Kitu ceuk Bah Dinta basa ditanya ku Kadus Ukar. Tapi teu pati didéngé, sabab omonganana teu asup akal.

“Moal kitu, aya réinkarnasi…” Aki Juhron rék nyarita, tapi teu kebat, kaburu ditémpas ku Aki Amanta.

“Meunggeus gandéng, reinkarnasi nanahaeun. Sidik aya anu maling!” kitu pokna Ki Amanta.

Sabot kabéhanana keur tagiwur kitu, Mang Suéb lulumpatan ka imah Kadus Ukar semu anu rarusuh naker. Mani titarajong sagala rupa, bubuhan sénterna ogé geus meh beak batre. Gok, paamprok di buruan imah Pa Kadus Ukar. Bareng pisan jeung batu batrena anu béak. Atuh sénterna ogé pareum.

“Saha éta?” tanya Mang Suéb.

“Éta saha?” Kadus Ukar malik nanya.

“Aéh, Pa Kadus geuningan. Kabeneran pisan atuh. Kuring téh rék ngabéjakeun perkara laratan ucing,”

“Enya, kumaha, kumaha?” Kadus Ukar mani tibuburanjat.

“Rék percaya, rék henteu, Pa Kadus. Ucing téh ngagunduk di imahna Si Étom. Kabeneran baé kuring ngaliwat ka imahna. Da éta mah sora ucing mani sahéng. Teuing rék dikumahakeun éta téh,”

“Hayu atuh wang jorag ayeuna kénéh!” Kadus Ukar nyarita bari tuluy ngingkig. Saméméhna nyimpang heula ka pos ronda, rék ngajakan Mang Hansip. Kabeneran pisan di pos ronda téh loba jalma anu ngagimbung. Bring baé atuh kabéhanana marilu. Leungeunna nyarekel obor jeung pakarang naon baé anu bisa dipaké. Komo Aki Juhron mah mani panghareupna bari jeung ngabar-ngabar pedang pusaka titinggal karuhunna. Hanjakal pisan Aki Juhron, kakara nepi ka lebah tanjakan ogé geus kudu dipayang. Teu kuat ku eungap sigana mah. Kawantu imahna Mang Étom mah rada nenggang ti lembur. Katambah jalanna nanjak deuih.

Anjog ka buruan imah Mang Étom, kabehanana mani ngahégak carapéeun. Bray, panto imahna disorot ku sénter Kadus Ukar. Breh, aya tulisan ngajeblag kalayan atra tur bisa dibaca ku saréréa. ‘ JANGAN DIGANGGU, SEDANG ADA PROYÉK PLTU!’ kitu unina éta tulisan téh. Saréréa ogé tacan aya anu ngartieun.

“Étom, ka luar siah!” Aki Juhron nyorowok bari rénghap ranjug. Ditéma ku nu séjénna mani paheuras-heuras genggerong. Atuh puguh Mang Étom mani tibuburanjat mukakeun panto. Blak, panto dibuka. Gebeg, Mang Étom katara semu anu reuwas naker.

“Aya naon ieu téh?” Mang Étom ngajanteng dina lawang panrto. Panonna ngulincer ka sakur anu keur ngagimbung di buruan imahna.

“Leupaskeun ucing aing! Lamun henteu, dijieun beurit manéh téh, Étom!” témbal Mang Suéb. Jadi pangwanianna ari loba batur mah.

“Sabar kélanan…” teu wudu, Mang Étom ogé beuki soak, dina kaayaan kitu mah.

“Étom, ari manéh enyaan maling ucing?” Kadus Ukar tumanya rada leuleuy.

“Sanés maling, Pa Kadus. Abdi mah nambut heula sakedap,” témbalna bari neger-neger manéh.

“Ari nginjeum teu bebéja téh, sarua jeung maling, Étom. Heug barina ogé, na keur nanahaon maké jeung ngumpulkeun ucing sagala rupa? Rek dijul atawa rék dikawin?”

“Is, sanés pisan, Pa Kadus. Abdi mah teu pati bogoh ka ucing. Apan abdi mah bogoh Néng Lina,”

“Ari enggeus, jang naon atuh?”

“Kieu Pa Kadus. Apan di lembur urang téh tacan aya listrik,”

“Tuluy?” Pa Kadus panasaran.

“Muhun, apan ari ngajukeun ka pamaréntah mah tos sababaraha kali. Hanjakalna tara dipaliré baé. Lembur urang angger kénéh acan kajangkau ku listrik. Tinggaleun pisan kasimpulanna mah,”

“Ari hubunganana jeung ucing, naon éta téh?”

“Pa Kadus, ogé sakabéh warga Cigorowék. Sakalian baé ku abdi baris diterangkeun sajalantrahna. Abdi ngalakukeun ieu téh, demi kapentingan saréréa…” Mang Étom nyelang heula ngaluarkeun roko tina tina jero pésakna. Cekrés, diseungeut. Serebung, serebung haseupna kaluar tina biwir jeung liang irungna.

“Nurutkeun para sarjana fisika, ucing téh mengandung aliran listrik anu kacida gedéna. Lamun buluna digosok ku beusi sapuluh juta kali, pinasti éta beusi téh bakal ngabogaan daya listrik anu gedé. Sapuluh juta kali ngagésékeun kana bulu ucing, bisa nyaangkeun bohlam anu tujuhpuluh lima watt. Matak, kuring téh ngumpulkeun ucing sing loba, ngarah saréréa bisa kabagian listrik. Minimalna saimah bisa meunang saratus watt,” Mang Étom ngarénghap heula rada panjang. Atuh anu ngabandungan ogé jadi panasaran, hayang leuwih écés kana maksud pagawéan Mang Étom.

“Étom, ari singketan PLTU téh naon?” Si Among nyelengkeung.

“Silaing mah, ongkoh sakola, tapi teu nyaho anu kitu-kitu acan. PLTU téh singketan tina ‘Pembangkit Listrik Tenaga Ucing’,” témbalna kalem pisan. Ditéma ku sora ucing ti jero imahna.

Ngadéngé caritaan Mang Étom, saréréa ogé jadi leah. Anu tadina napsu ngagugudug ogé jadi malik muji kana paniatan Mang Étom. Malah Kadus Ukar ogé langsung imut ngagelenyu, némbongkeun paroman anu hégar marahmay. Kaasup, Aki Juhron anu langsung ngasupkeun deui pedang kana jero sarangkana.

“Lamun enya kitu mah, paniatan Mang Étom kacida alusna. Kuring, salaku Kadus di ieu lembur, ngarojong kana kagiatan Mang Étom. Malah lamun perelu bantuan tanaga mah, sigana barudak ogé bisa ngabantuan ngagosokan bulu ucing.” Kitu ceuk Pa Kadus, ditéma ku surak, méh sakur anu keur ngagimbung. Mang Dasim nepi ka susuitan sagala rupa.

“Heug atuh, paké baé heula ucing anu kuring. Tapi omat, kudu dianteurkeun deui urutna.” Aki Juhron mairan.

“Tenang, Ki,”

“Emang ogé rido, ucing emang dipake proyek PLTU. Malah isukan rék manginjeumkeun deui ucing anu minantu. Tapi Emang mah hayang kabagéan opat ratus watt, ngarah bisa nyetél tivi jeung maén PS.” Béh Sarmud embung tinggaleun.

“Enya atuh, sok baé sing jongjon digawé. Keun, keur saur mah engké dianteuran ku Si Lina. Bari…iraha atuh Mang Étom rék ngalamar budak kuring téh?” ceuk Kadus Ukar.

“Engké baé panginten, saatosna réngsé proyek PLTU.” Témbal Mang Étom semu anu bungaheun naker. Biwirna mani runya-renyu. Malah mun euweuh sasaha mah kawasna geus ajrag-ajragan. Padahal saméméhna mah, Kadus Ukar téh sok ngusir manéhna, lamun pareng apél ka Néng Lina.

Si Among ngabalieur bari tuluy ngaléos rada rurusuhan. Lamun caang mah, beungeutna bakal katingali mani nyéak bareureum. Puguh baé, sabab Néng Lina téh sasat jadi kembang panyileukanna beurang jeung peuting. Kari-kari ayeuna, bapana mani togmol nitah ngalamar ka Mang Étom. Timburuan téa Si Among téh.

Peuting isukna, kakara ogé rerep perkara Ucing. Lembur Cigorowék geus kariweuhan deui alatan loba anu kaleungitan hayam. Anu matak ngenes mah nasib Mang Ahro, hayam téh mani diangkut jeung kandang-kandangna. Teuing saha jeung teuing naon maksud anu maling hayam téh. Nu eces mah dina poé ahad ogé, di Cigorowék geus euweuh hayam anu ngulampreng hiji-hiji acan..***

kenging mulung ti galuh-purba.com

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: