Club Facebookna Oerang Soenda

Urang Sunda Hudang Euy!!!

Dongeng Harengheng (Sasakala Reungit)

Posted by Dendi Rustandi dina Séptémber 14, 2009


Néng Wiwin ogé sakedapan mah rada ngahuleng, basa nyaksian Si Buruy anu riringkid mawa bantal jeung simbut, bari ngagidig semu rurusuhan. Bubuhan Néng Wiwin mah jalma anyar, nya tangtu baé can pati apal kana kabiasaan barudak di Cigorowék. Bisa jadi, panyangkana mah rék pundung deui, alatan dicarékan ku akina. Maklum da Si Buruy mah, ampir unggal bulan, pundungna téh. Lamun lain perkara embung dicukur, paling ogé urusan jeung tatanggana, alatan nyumputkeun sendal. Matak urang Cigorowék mah da geus teu pati aranéheun deui.

Tapi ari peuting éta mah, Si Buruy lain rék pundung cara sasarina. Sanajan akina ninitah ogé, Si Buruyna tara daékeun. Pangpangna mah sieun henteu dipangmeulikeun pakéan anyar. Unggal bulan puasa ogé, mémang Si Buruy mah sok pindah saré ka tajug. Malah lain Si Buruy baé. Kaasup batur ngabluna ogé, da sarua tukang meuting di tajug.

Bras, Si Buruy ka hareupeun tajug. Di dinya geus ngadagoan barudak pantaranana aya kana sapuluh urang. Biasa baé, sabangsaning Si Aték, Si Ook, jeung sajabana. Teu pati béda jeung Si Buruy, maranéhna ogé geus tatahar bekel saré sapuratina.

“Jadi kumaha acara peuting ayeuna?” tanya Si Aték, bari menerkeun kopéahna anu rada déngdék.

“Béjana mah, di imah Mang Sarkowi aya dulurna ti kota,” témbal Si Buruy.

“Urang mana?”

“Béjana mah ti Cianjur.”

“Cianjurna di mana?”

“Ciranjang.”

“Wawuh ka Nénéng Rostika?”

“Nyao. Na jeung nanya ka uing atuh. Tanyakeun baé ka jinisna,”

“Aéh heueuh. Aya ku poho,”

“Geulis, teu?”

“Dalapan koma tujuhpuluh tilu.”

“Oh, saluhureun Néng Wida, sahandapeun Néng Lina,” Si Ook mairan.

“Geus gandéng atuh! Kawas urusan matematika baé. Sok di beulah mana éta téh saréna?”

“Moal salah, pasti di kamar tengah. Da kamar tukang mah, apan sok dipaké gudang paré.”

Mémang barudak téh keur meujeuhna badeur. Sakapeung mah sok matak ngajangarkeun kolot. Heureuyna ogé sok kamalinaan. Éta baé, boga pangarasep kana noong ogé, apan geus adat kakurung ku iga. Leuheung basa, lamun tara bari ngaruksak. Da ieu mah, apan bilik imah Aki Jamhuri ogé, nepi ka barolong, balas ditarojosan ku paku. Kungsi éta ogé Si Aték neunggar cadas. Basa hiji mangsa keur noong budakna Mang Suhadma. Teu kanyahoan mimitina, Mang Suhadma geus aya di tukangeunana, bari mawa haseupan. Teu antaparah deui, haseupan téh dirungkupkeun kana sirah Si Aték, nepi ka tosblong. Puguh baé Si Aték reuwas kabina-bina.  Beretek lumpat tipararétot. Mangkaning haseupan téh, hésé pisan diudarna.

Dina Bulan Puasa taun ieu mah, acara Si Buruy anu kaitung ngetrend kénéh  teh, nyaéta  abring-abringan dina wanci saur, bari nakolan sabangsaning kaléng butut. Malah sakali mangsa mah, nepi ka bedug masigit ogé apan diparanggul. Leuheung basa, lamun diteundeun deui kana urutna. Da ieu mah sangeunahna pisan atuh. Clé di mana karep. Puguh baé, basa Ustad Otong rék nakol bedug subuh, kacida medenghelna barang ningali bedug geus teu nyampak di tempatna. Mangkaning di Cigorowék mah apan can aya spéker. Geus ilahar, wanci subuh téh tandana ku nakol bedug. Ustad Otong kutuk gendeng, bari kukurilingan néangan bedug. Kapanggih-panggih téh, ngajugrug di sisi balong anu Mang Lurah, pipireun pisan kamar Néng Lina.

Sapeuting harita mah, Si Buruy saparakanca, teu bisa ‘raraméan’ cara sasari. Sajabana ti kaayaan hujan, katambah geus disetrap, tur meunang peringatan ti Mang Lurah. Lamun sakali-kali deui nyieun masalah sarupa kitu, mangka moal dibéré kolek cau, sésa ‘konsumsi’ anu tarawéh. Antukna ngan ukur ngawangkong, bari ngararasakeun panon anu geus hayang liliaran.

“Aya ku loba-loba teuing reungit, euy. Mani napuk kieu,” ceuk Si Aték, bari gogoléhéan kana rékal. Kituna téh leungeunna mani pahibut, ngeprakan reungit.

“Étah, ulah dipaéhan. Reungit téh leluhur urang kénéh,” ceuk Si Buruy.

“Na kabina-bina teuing, ari ngomong téh.” Si Aték nyéréngéh.

“Itu geura. Marukana ngawadul. Uing mah nyaan, ceuk Bah Anés. Sing Wani kabéntar gelap tah,”

“Kumaha sih caritana?”

“Kieu…” derekdek baé Si Buruy nyaritakeun dongéng perkara reungit, anu kungsi didongéngkeun ku Bah Anés sawatara waktu kaliwat. Kieu cenah mah:

Jaman baheula téh, antara reungit jeung jalma, aya patula-patalina. Hanjakal pisan, kaayaan waruga anu kalintang bédana. Ari reungit mah awakna gedé, tapi teu bogaeun jangjang. Ari jalma mah, awakna leutik (sagedé reungit jaman ayeuna) tapi boga jangjang.

Dina hiji poé, basa jalma keur gegeleberan luhureun kulambu, reungit pangangguran ngajakan ngawangkong.

“Jal, sigana lamun uing bisa hiber, aya bahan rada ngeunaheun nya. Bisa nginjeum jangjang, teu?” ceuk reungit, bari cengkat. Kop kana sendal, tuluy leumpang, muru ka palebah jalma anu keur euntreup.

“Ah, embung. Ké uing moal bisa hiber atuh,” témbal jalma.

“Kajeun atuh, da moal lila ieuh,” Reungit satengah maksa.

“Sok atuh, asal uing nginjeum awak silaing. Uing ogé  hayang ngasaan boga awak gedé.” pokna. Meunang sakedapan mah, reungit ngahuleng. Tapi lila-lila mah unggut-nggutan bari nyéh baé seuri.

“Sok atuh, tapi omat, ulah kabur,”

“Rék kabur kumaha? Apan awak gedé mah, babari néanganna ogé. Mun sotéh uing, tinggal hiber baé rék niat kabur mah,”

“Aéh, enya nya.” Reungit nyatujuan. Satuluyna mah, tukeuran wéh. Awak reungit dibikeun ka jalma. Jangjang jalma dibikeu ka reungit.

Nya ti harita pisan, kaayaan waruga reungit jadi leutik téh. Tapi ku lantaran jalma ngarasa ngaunah mibanda awak badag. Antukna teu daekeun ditukeuran deui. Kungsi sakadang reungit nyusulan jalma ka Babakan Sophia. Tapi béjana mah, jalma téh kalah nyumput dina jero lomari. Malah nepi ka ayeuna, jalma kalah nyiar tarékah, sangkan henteu diontrog ku reungit. Pon kitu deui, nepi ka kiwari, reungit taya kabosen néangan jalma. Tapi jalma siga anu api-api torék. Najan reungit ngagorowok kana liang ceuli ogé, angger baé teu didéngé. Malah sok kalah dipaéhan.

“Ké, ké, ké…asa teu pati nyambung carita téh. Euweuh ti dituna, bangsa manusa kudu urusan jeung reungit mah…” Si Ook ngahuleng.

“Geus, teu kudu dipikiran. Pilakadar ogé dongéng Bah Anés gedebul. Dipercaya teuing atuh,”

“Jadi, pangna reungit sok nyoco téh, sigana mah alatan awakna teu dibikeun deui, nya?”

“Enya bener. Tapi ari perkara reungit anu sok rajeun nyerot getih mah, aya alésan khusus atuh,”

“Naon tah?”

“Apan aya kénéh, sésa pasifatan jalma anu ngancik dina reungit,”

“Na ari jalma, baheulana sok resep nyerot getih jalma kitu? Aéh, getih reungit?

“Bandungan baé jalma jaman ayeuna…” kituna téh bari menerkeun bantalna. Ukur sakédét nétra, geus kadéngé sora kérékna.

Leng, Si Aték ngahuleng, bangun anu jangar naker tayohna téh.**

kenging mulung ti galuh-purba.com

Saurang nu Mairan to “Dongeng Harengheng (Sasakala Reungit)”

  1. Ngiring hudang…..

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: