Club Facebookna Oerang Soenda

Urang Sunda Hudang Euy!!!

Rigig Bebegig Sukamantri, Poténsi Seni Tradisi ti Ciamis

Posted by Dendi Rustandi dina Séptémber 7, 2009


Rigig bebegig, ih, ieu mah lain bebegig sawah. Bebegig ti Sukamantri, seni tradisi anu mimiti nguniang makalangan. Éta baé basa aya Kemilau Nusantara Jawa Barat, taun 2006, apan nyangking pinunjul kahiji. Wawakil ti Ciamis. Atuh basa milangkala Kabupatén Nagara, taun kamari, bebegig Sukamantri ngalaga di Pulo Déwata. Tapi geuning, naha disebut seni tradisi anu méh musna?

Bebegig Sukamantri, keur nu anyar nempo mah, moal teu matak hélok bin ahéng. Geura baé. Anu jadi bebegigna, jelema sawawa. Maké topéng. Lain maké meureun, leuwih pas disebut nyuhun. Da beuratna ogé leuwih ti 40 kilo, malah aya nu nepi ka 60 kilo cenah. Rupana, jleg baé beungeut wayang pangsisina: buta héjo, buta beureum, buta kawas, buta hideung, malah aya buta térong deuih. Maké makuta. Tapi buukna ku injuk, dipasieup ku daun waregu, bubuay, hahampaan, jeung kembang keretas. Awakna hideung injuk, da mémang dibulen injuk. Lebah bujur digagantélan ku kolotok munding. Sukuna maké génggé. Badis mahluk leuweung ti mana boa, tingrarigig dibarung ku sora kolotok jeung kélénéng génggé. Bisa meta dipirig ku musik naon baé. Lucu? Leuwih ti kitu. Malah aya sari-sari magis. Soal alami, éta mah geus pasti atuh.

Bebegig, seni tradisi ti Sukamantri. Beu, jauh tangéh atuh upama dibandingkeun jeung bebegig sawah mah. Bebegig Sukamantri ngeuyeuban hasanah seni tradisi Tatar Sunda, wedalan Kabupatén Ciamis, salian ti Ronggéng Gunung. Bisa jadi poténsi unggulan seni budaya Tatar Sunda. Éta ogé upama para patinggi seni budaya di urang henteu kagelo kabobodo ténjo ku hurung-hérangna papakéan jeung blaktuk. Apan dina enas-enasna mah kasenian rayat téh, kasenian anu napak dina alam tradisi masarakatna. Kitu apan Bebegig Sukamantri ogé. Lebar temen upama muguran lantaran henteu dipaliré ku nu dibendo téh.

tradisi-70

Bebegig Sukamantri, lain seni tradisi anu lahir tina beulah batu. Ceuk ujaring sepuh, taun 1970-an, kokolot Désa Cempakalarang, Kacamatan Sukamantri, Kabupatén Ciamis ngaréka-cipta ieu kasenian. Mangrupa kasenian hélaran, anu ahirna jadi kasenian has daérah Sukamantri. Geus lir ari Agustusan mah, malah dina acara-acara pésta rayat lianna, Bebegig Sukamantri sok milu midang. Upamana baé dina acara “Nyiar Lumar” di Kawali, kawasna kurang afdol mun (nu kagungan pokal — Godi Suwarna) henteu ngabring-ngabring Bebegig Sukamantri téh, di sagigireun nanggap Ronggéng Gunung.

Ngamaénkeun bebegig, mémang mikabutuh tanaga anu tohaga. Pék baé émutan, nyuhun bebegig anu beuratna puluhan kilo bari awak dibulen ku kakaban injuk, éstu lain pagawéan méméh sasarap. Anu matak, salian ti siap tanaga téh, kudu asak latihan deuih. Aya émbohna, dibarung ku do’a-do’a husus. Do’a sangkan salamet enggoning mancén tugas nyunyuhun sakadang bebegig.

Panén Bebegig

Aya pangaruh positifna. Urang dinya kiwari jadi ahli nyieun rupaning topéng bebegig. Lain pikeun kapentingan seni bebegig baé ieu mah. Malah geus mimiti nyieunan supenir kawas topéng bebegig. Tinggal dikokolakeun kalawan daria, tina seni tradisi bisa jadi lahan ékonomi rahayat.

Ceuk pingpinan Bebegig Sukamantri, Nanan Andriana, kiwari bebegig bisa dipaké pikeun ngabanjel-banjel risiko dapur, najan can mayeng. Sual harga, gumantung kana aya jeung euweuhna bahan.

“Harga topéngna wungkul tiasa dugi ka 400 rébu. Upami tos janten bebegig, tiasa dugi ka sajuta. Tapi bebegigna awét, tiasa tahan tilu-opat taun,” ceuk Nanan.

Hiji bebegig bisa réngsé saminggu, upama bahan-bahanna geus kumplit. Tapi lamun bahan-bahan alamina saperti injuk jeung bubuay can kumplit mah bisa nepi ka sabulan atawa dua bulan.

Tukang nyieun bebegig ogé aya mangsa “panénna”. Utamana mah dina mangsa nyanghareupan Agustusan jeung Milangkala Kabupatén Ciamis. Pikeun nyumponan kabutuh Milangkala Kabupatén Ciamis, upamana, para pengrajin bebegig kudu bisa nyieun nepi ka 400 bebegig.

Soal perhatian ti pamaréntah? Tah, ieu: “Dugi ka danget ieu teu acan perhatian anu daria ti pihak Disparbud. Anu mawi nu mikawanoh bebegig téh, mung sawates daérah asalna. Dina diéksposna ogé, paling tebih ka Bandung,” ceuk Nanan.

Bebegig Sukamantri, seni tradisi anu kakara nguniang, piraku diantep tiarap deui. Da poténsi mah, leuwih ti aya. (yatun)

kenging mulung ti yatun.wordpress.com

2 Balesan to “Rigig Bebegig Sukamantri, Poténsi Seni Tradisi ti Ciamis”

  1. Tutus Rahayu said

    kanggo ka pamarentah, Sok atuh geura dukung kasenian daerah teh. Ka para anggota dewan nu engggal, pangmerjoangkeun atuh….. buktikeun jangji nu kamari teh. Meungpeung aya kasempetan, tanjeurkeun budaya sunda.
    Pribados salaku putra galuh ngaraos prihatin upami rakyat mah soson2 ngamumule budaya sunda, eeeeeeh teu aya perhatosan ti pamarentah….
    Tos ah, hapunten sateuacana bilih ngaraos kirang raos

  2. ariebross said

    abdi janten langkung bangga jadi urang ciamis,,, warga tatar sunda…
    ai bebegig ieu tos di paten keun teu acan???
    geura paten keun atuh,,, bisi dirampok ku malingsia,,,
    nuhunkeun di ayakeun pameran budaya,,, ameh budaya urang teh ngaraos diperhatikeun…

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: