Club Facebookna Oerang Soenda

Urang Sunda Hudang Euy!!!

ASAL USUL BON JOVI

Posted by Dendi Rustandi dina Séptémber 3, 2009


bon jovi

OPAT taun ka tukang. Harita kuring masih kénéh digawé di Carnival

Cruising Lines, nyaéta pausahaan kapal pesiar anu jalurna téh ti

Miami, Florida, tepi ka Kapuloan Bahama. Boga pancén téh jadi waiter

dina dék kapal.

Hiji mangsa kapal kuring katatamuan ku grup band ti New Jersey, New

York. Saha deui mun lain Bon Jovi. Batur sapagawéan mani

hariweusweus ngomongkeun Jon Bon Jovi saparakanca. Sok komo barudak

awéwé mah teu sirikna histeris. Kuring mah haré-haré baé. Rék Bon

Jovi rék Metallica, mangsa bodo! Kuring mah teu pati resep kana

musik brang-bréng-brong siga rock music téh. Resep gé kana musik

slow panineungan anu biduanna Matt Monroe, Engelbert Humperdink,

jeung Simon ‘n Garfunkel.

Hiji poé wanci haneut moyan. Para tamu réa nu ngadon moé awak dina

dék kapal. Pon kitu deui Mr. Jon Bon Jovi, Mr. Richie Sambora, Mr.

David Brian, Mr. Tico Torres, jeung Mr. Alec John Such. Kabeneran

kuring ngaliwat ka palebah maranéhna.

“Hi, waiter, come here, please!” Mr. Bon Jovi ngagentraan. Manéhna

ménta orange juice, gancang baé ku kuring ditedunan. Waktu kuring

mikeun pesenan Mr. Bon Jovi, Mr. Sambora pesen lemon tea, kuring

rikat mangmawakeun. Waktu mikeun pesenan Mr. Sambora, Mr. Torres

hayang diet coke jeung kuéh pancake, teu talangké kuring nyadiakeun.

Waktu mikeun pesenan Mr. Torres, Mr. John Such ménta susu jeung roti

sandwich. Kuring mimiti keuheul. Waktu mikeun pesenan Mr. John Such,

kuring kukulutus maké Basa Sunda, “Ieu mah jelema, aya ku

ngagawékeun. Cik atuh ari pesen dahareun téh disakalikeun! ”

Naha atuh ari pok téh Jon Bon Jovi ngomong, “Éta mah risiko pagawéan

manéh atuh, Céng!”

Gebeg kuring reuwas. Baruk Jon Bon Jovi bisaeun ngomong Basa Sunda?

“Har, geuning Sadérék téh tiasa nyarios Basa Sunda?” kuring nanya

tamba éra.

“Apan karuhun déwék téh ti Cisurupan,” témbalna kalem.

Leng kuring ngahuleng. Asa ngimpi. Naha enya kitu Jon Bon Jovi téh

bibit buitna ti Cisurupan Garut? Panasaran kuring nanya deui, “Is

that right, Sir?”

“Silaing cangcaya?Ayeuna déwék rék nanya, ari silaing urang mana?”

“Abdi ogé sami ti Garut.”

“Garut palebah mana?”

“Singajaya.”

“Nyaho Kampung Mariuk di wewengkon Singajaya?”

“Tangtos atuh da abdi téh urang dinya.”

“Wawuh ka Mang Sadeli tukang nyadap?”

“Kenal pisan.”

“Bisi teu nyaho, anjeunna téh baraya déwék, geureuhana téh rayina

Ajengan Syukron ti Cisurupan, ari déwék ka Ajengan pernahna

kapiemang.”

Kuring ngan bati olohok. Teu sangka, Jon Bon Jovi biduan hardrock nu

kasohor saalam dunya téh geuning masih kénéh teureuh Garut.

Ti harita kuring jadi mindeng ngawangkong jeung manéhna. Anu matak

kuring jadi apal silsilah kulawargana. Bapana téh jenenganana Haji

Suja’i patani tomat anu beunghar ti Cisurupan. Ari indungna téh Mrs.

Mary Joe Martin, pituin urang New Jersey . Aranjeunna tepang di Kota

Madinah, dina mangsa munggah haji.

Haji Suja’i henteu mulih deui ka Indonésia tapi ngiring sareng

ingkang geureuha ka Amérika. Di New Jersey, padamelan Haji Suja’I

tetep baé ngebon tomat. Mrs. Suja’i banget suhud ngawulaan carogé.

Tepi ka waktu kakandungan ku si cikal, Mrs. Suja’i méh baé sabrol-

broleun di kebon tomat, duméh tas nganteuran timbel keur Mang Haji.

Éta nu jadi matak si cikal lalaki téh ku bapana dingaranan Ujang

Obon Suja’i.

Tapi ku lantaran lingkungan gaul urang bulé, babaturan ulinna téh

hararésé ngucapkeun ngaranna. Nya tuluyna mah dilandi baé jadi Jon

Bon Jovi.

Sanggeus ngangkleung salila sapuluh poé, kapal balik deui ka

Palabuan Miami. Jon Bon Jovi saparakanca jrut tarurun tina kapal rék

nuluykeun lalampahanana ka New Mexico. Béjana rék shooting

vidéoklip “Blaze of Glory”.

Barang rék jrut turun, Jon ngaharéwos, “Iday, lamun silaing rék

mulang ka Garut, béjaan déwék, nya. Rék ku télépon, faksimil atawa e-

mail, kumaha silaing baé. Déwék hayang milu. Haté téh geus kumejot

hayang moro bagong jeung Mang Sadeli ka Cikuray.”

Kuring ngaheueuhkeun.

TILU bulan ti harita, kuring meunang cuti taunan. Maksud téh rék

nyelang balik ka Garut. Ku lantaran kitu kuring nélépon ti Miami ka

New Jersey ngabéjaan Ujang Obon. Ngan ampun rudetna. Kuring

dipingpong ka ditu ka dieu. Ti imahna dititah nélépon ka Fans Club.

Ari pék téh ti FC kudu asup heula waiting list. Lamun henteu kudu

ngomong langsung ka promotion manager, kakara nungguan akréditasi.

Jeung deui anu nampa télépon téh budak lalaki nu ngomongna semu

selébor siga biduan rap music maké basa Inggris lentong Brooklyn ,

New York.

“Hi, man… stay cool okay…easy buddy, easy..,” pokna. Moal salah,

pasti urang négro barayana M.C. Hammer.

Bakat ku pusing, ceuleuweung baé kuring dina telepon, “Hi, stupid

American… listen to me! You just tell to your boss, this phone

call is from Iday. I came from Singajaya… What?… No! Singajaya

is located in Indonesia , not Africa … Do you understand?”

Naha atuh témbalna ti béh ditu, “Har… geuning Kang Iday,” ayeuna

mah sora budak awéwé mani halimpu jeung maké basa Sunda.

Kuring curinghak banget ku atoh, “Dupi ieu sareng saha?”

“Abdi téh adi kelas akang waktos sakola di Madrasah

AliyahMusaddadiyah Garut.”

“Saha nya?”

“Atikah.”

“Nyimas Atikah putrana Haji Tamim ti Bungbulang?”

“Sumuhun.”

“Naha Nyimas aya di New Jersey?”

“Di dieu téh abdi digawé di Bon Jovi Management, diajak ku Mang Haji

Suja’i.”

“Oh, kitu… kieu baé Nyimas, wartoskeun ka Jon Bon Jovi, urang

miang ka Garut téa. Ngarah teu réncéd, akang rék hiber langsung ka

Honolulu, diantos baé di Hotél Sheraton Waikiki,Hawaii. ”

“Mangga, Insya Alloh ku abdi badé didugikeun.”

Plong haté téh ngemplong. Teu sakara-kara geuning ari ngomongjeung

baraya salembur mah.

Opat poé ti harita, pasosoré, Boeing 747 Northwest Airlines anu mawa

kuring jeung Ujang Obon alias Jon Bon Jovi geus eunteup di Bandara

Soekarno-Hatta.

Sanggeus nyokot babawaan ti pabéan, Ujang Obon ngomong, “Iday, urang

ngéndong di Bandung baé, déwék mah teu betah saré di Batawi téh..”

“Heueuh, lah.”

“Ayeuna urang rék maké naon miang ka Bandung?”

“Nya tumpak beus ti Terminal Kampung Rambutan, atuh.”

“Ah embung déwék mah, … ari di dieu aya séwaan limousine?”

“Silaing mah olo-olo pisan! Apan di New York ogé tuman naékangkot!”

Jon Bon Jovi keukeuh hayang tumpak limousine alias sédan méwah sasis

panjang téa. Sok nyeri cangkéng lamun tumpak sédan biasa mah, basana

téh.

“Dasar milyunér, mani élodan pisan!” kuring kukulutus.

Kapaksa kuring mapay néléponan réntal mobil sa-Jakarta. Untung baé

aya nu nyéwakeun sédan pangantén, Volvo 960 Limo-turbomatic, hiji-

hijina mérek sédan limousine anu asup ka Indonésia.

Tabuh salapan peuting. Sakadang Volvo anu ditumpakan ku kuring duaan

jeung Ujang Obon katilu supir geus tepi ka Bandung anu saterusna

langsung check-in di Grand Hotel Preanger. Bakat ku capé jeung

tunduh, rérés salat isa teu kungsi mandi heula, kuring dugsek saré

mani tibra.

Kira-kira tabuh satengah dua peuting, panto kamar aya anu ngetrokan.

Kuring ngoréjat, “Saha?”

“Déwék, Obon.”

Bari lulungu, kuring mukakeun panto, “Aya naon, Jang?”

Beungeut Jon kaciri mani sepa. Ku naon yeuh? gerentes haté.

“Teuing euy, déwék téh teu bisa saré…tamba kesel tuluy nyieun

lagu. Rumpakana mah geus anggeus, tinggal nyieun judulna wungkul.”

“Geus atuh, ayeuna mah saré baé heula…mikiran pijuduleun lagu mah

isuk deui baé,” témbal kuring bari merelek heuay.

“Anu matak teu bisa peureum-peureum acan. Kieu balukarna lamun

béakeun barang téh. I have no stuff anymore,” ceuk Jon bari

meubeutkeun manéh kana korsi.

Kuring kerung. Béakkeun barang? Dina basa American slank, kecap

stuff hartina sarua jeung dope atawa drugs alias obat bius. Boa-boa

Ujang Obon sok tripping? Ongkoh geus ilahar pikeun kaom American

celebrities mah ngonsumsi narkotika sabangsaning héroin,

kokain, atawa crack (kokain sintétis) téh.

“Barang naon? PTP? LSD? Ecstacy? Diazepam? Amphetamine? Rék meuli

anu kitu di dieu mah hésé.”

“Lain atuh, ieu mah ududeun.”

“Mariyuana? Hashish? Ganja? Sarua héséna, Jang.”

“Silaing mah nyangka goréng baé ka déwék téh! Ieu mah udud roko

biasa, deuleu!” témbal Ujang Obon bari nyeuneu.

“Oh…gampang atuh ari nu kitu mah. Meuli baé di kafé, sugan buka

kénéh.”

“Anu matak euweuh.”

“Euweuh? Piraku euweuh Marlboro, Lucky Strike, Camel, Mild Seven,

Chesterfield? ”

“Lain éta roko kabeuki déwék mah.”

“Oh, roko kéréték? Dji Sam Soe, Gudang Garam Filter, atawa Bentoel?”

“Lain, lain éta.”

“Roko mérek naon atuh kabeuki silaing téh?” kuring mimiti keuheul.

Jon Bon Jovi melong ka kuring. Bari meureudeuy semu éra, manéhna

ngomong lalaunan, “Roko Cap Gentong…”

Leng kuring ngahuleng, awahing ku reuwas awor jeung hayang seuri.

Baruk Jon Bon Jovi nyandu udud roko Cap Gentong? Naha teu salah

kitu? Tagog baé vokalis hardrock music nomer wahid, lamun indit-

inditan kudu baé maké sédan limousine, ari heug kalandep kana ngudud

roko Cap Gentong?!

Kungsi sotéh kuring meuli roko nu kitu mangsa kuring keur kaédanan

lalajo ronggéng dombrét di basisir Blanakan, Subang.

Jon Bon Jovi sahinghingeun ceurik. Euh, aing mah! Lamun henteu

digugu kahayangna kuriak matak gujrud sakuliah hotél. Ngérakeun

pisan!

Sanajan horéam nataku, kuring maksakeun manéh, “Hayu atuh, urang

néangan.”

Manéhna mani haripeut. “Ka mana néanganana, nya?”

“Urang mapay baé, ka Pasarbaru, ka Bojongloa, ka Tegallega, ka

Cicadas, lamun kapaksa-kapaksa teuing mah urang meuli baé roko

klembak menyan di tukang rampé,” témbal kuring ngaheureuyan manéhna.

Jon nyéréngéh.

Jon jeung kuring kaluar ti hotél tumpak taksi. Palebah Cicadas,

taksi dieureunkeun. Jrut turun, tuluy leumpang mapay émpér toko bari

miharep susuganan aya jongko anu ngajual roko kameumeutna Jon Bon

Jovi.

Kabeneran leumpang téh ngaliwatan riungan tukang béca anu keur maén

gapléh dina trotoar jalan. Ari heug téh kadéngé aya anu

ngomong, “Najis, aing mah…balak kosong!”

Ger riungan téh sareuri éak-éakan.

Ngadéngé kitu, Jon ngarandeg bari tuluy ngahuleng.

“Ku naon, Jang?” kuring nanya rada hariwang.

Manéhna teu némbal. Rada lila manéhna ngahuleng. Naha atuh ari

gorowok téh, ” Eureka ! that’s right! Éta pisan pijuduleun lagu téh!”

Jon katempo jigrah pisan.

“Iday, hayu urang balik ka hotél!”

“Apan urang néangan roko téa?” banget kuring teu ngarti.

“Teu kudu, urang meuli roko saaya-aya baé di hotél!” témbal manéhna

sumanget naker.

“Har… ari silaing?!” kuring ukur werat ngageremet.

Ayeuna kuring geus teu digawé dina kapal deui. Miami, Kingston,

Nassau, Puerto Rico, Bahamas, Antigua ngan kari waasna. Ti saprak

kuring kawin meunangkeun parawan urang Cikajang, kuring eureun

ngalalana. Pagawéan kuring ayeuna mah ngabantuan bapa mitoha kana

ngebon engkol jeung wortel.

Sabulan ka tukang, grup band Bon Jovi ngayakeun konser

musik “Crossroad to The East” di Jakarta. Ujang Obon ngahaja ngirim

télégram ka Cikajang. Sono hayang panggih, basana téh.

Éra-éra ogé kuring nedunan ondanganana. Harita kuring indit ka

Batawi téh sakalian iang wortel ka Pasar Induk Kramatjati. Sabalikna

ti pasar, kuring nyimpang ka Hotél Hilton International. Barang sup

ka lobby hotél, aya nu ngagentraan. “Kang Iday!” cék sora awéwé.

Ari dilieuk, kuring olohok mata simeuteun. Atikah imut. Aduh,

ieung… urut kabogoh téh mani jadi démplon kieu, gerentes haté.

Hanjakal baheula kalah ditinggalkeun. ..hé…hé.. . Diteuteup ti luhur

ka handap, katara awakna tambah ngeusi jeung tambah geulis, ngan

dangdosan mah tetep baé nganggo busana muslimah, leungeun katuhu

ngeupeul Nokia, leungeun kénca ngajinjing IBM Notebook.

“Hey, teu kénging melong sapertos kitu. Engké ku abdi iwartoskeun ka

Ceu Empat di Cikajang geura,” manéhna ngagonjak. uring ngélémés éra

ngadéngé Atikah nyebut ngaran pamajikan.

“Kang, Ujang Obon tos ngantosan ti tatadi, hayu!” Kuring nuturkeun

manéhna naék lift. Reg lift eureun di tingkat pangluhurna, president

suite.

Barang amprok jeung Jon Bon Jovi, manéhna ukur maké kaos utung jeung

disasarung. Manéhna teu sirikna ngagabrug. Saterusna kuring jeung

manéhna alécok ngawangkong.

Sanggeus rinéh, “Iday, silaing inget kénéh waktu nganteur déwék

néangan roko ka Cicadas téa?”

“Tangtu baé atuh. Naha kumaha kitu?”

“Apan omongan tukang béca anu keur maén gapléh téa jadi judul lagu

kokojo keur albeum déwék anu panganyarna, ” témbalna semu agul bari

ngasongkeun CD anu weuteuh kénéh.

Barang maca judul lagu kokojo anu dicitak dina bungkus CD, cakakak

kuring seuri ngeunah pisan. Atuda kuring ogé milu ngadéngé, atra

pisan tukang béca téh ngomong, “Najis, aing mah!…. balak kosong!”

Naha atuh ari dina judul lagu bet jadi robah kieu? Teuing Jon Bon

Jovi anu ceuli léntaheun atawa pédah nulisna maké basa nggris

lentong New Jersey. Nu sidik, dina éta CD téh ngajeblag ulisan anu

unina, “Best cut: This ain’t a Love Song.”

“dicutat tina majalah mangle”

carios kintunan bayu prayuda hotami <akang_baiu@yahoo.com>

6 Balesan to “ASAL USUL BON JOVI”

  1. adangridwan said

    sae sae kang dendy upami urang sunda mah resep guyon ngarah awet ngora cenah…diantos nu sanesna.

  2. indriani said

    hahaha,asa moal jhon bon jovi budakna juragan kebon tomat.whahahaha..

  3. ikeu cartika said

    ngalamun..ngarang….atanapi ngimpen eta mah nya kang dendi…
    tapi lumayan pikaseurieun…sim kuring ge mani dugi ka seeleun cicikikikan sorangan heheheheheh…..

  4. Johan said

    wah …. teu nyangka Jon Bon Jovi bener-bener ti USA (Urang Sunda Asli), tapi sanes teu sopan, ngan ieu carita 100% leresnya ????? …….

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: