Club Facebookna Oerang Soenda

Urang Sunda Hudang Euy!!!

Surat Katresna Keur Salira

Posted by Dendi Rustandi dina Agustus 19, 2009


Ku Asép Ruhimat

Sakatampina ieu serat, mugia salira aya dina ginanjar kawilujengan. Moal boa salira tumanya, aya naon lalaki nu geus lawas kahalangan mangsa bet ujug-ujug nyuratan? Leuheung kénéh tumanya kitu mah, da nu dipikahariwang téh: Surat ti saha ieu? Saha ari Asép Ruhimat téh? Leuh, tada teuing ieu haté nyérésétna.

Dua puluh opat taun ka tukang urang papisah téh, Akang ka kulon (Bandung), salira ka wétan (Cikembulan), puseur kabagjaanana mah apan di Tasik salila kurang leuwih dua taun—Ah, Akang mah moal poho, ngaran anjeun Siti Mulyani. Dedegan jangkung lenjang, kulit bodas dipasieup ku karang nu nyéngcélak dina angkeut beulah kénca. Ari sesebutan, najan babaturan salira méh saasrama (Asrama SPG di Dadaha Tasik) nyebut Siti, Akang mah apan sok Yani atawa Yan… baé.

“Yan… geulis,” cék Akang harita, basa hiji waktu ulin ka Salopa. Méméh ngajawab. “Kaaahh… aya naon, Kang?”

Gelenyu mah geus miheulaan, imut nu matak kareueut. Kitu kabiasaan salira, méméh ngajawab téh sok ngagelenyu heula. Matak deungdeuleueun jeung dédéngéeun tug ka ayeuna. Duka naon rusiah nu aya di diri Akang mah. Enya, rusiah pangna harita salira daék tug dgi ka geugeutna jeung Akang. Da ceuk saréréa ogé dedeg katut rupa Akang téh taya pulunganeunana. Malah jangkung gé apan méh ganjor lima sénti, komo mun pareng salira maké sapatu jéngki, sok matak éra ku nu nénjo, pangpangna mah Akang sok asa jadi pohara pendékna.

Kungsi sakali mangsa Akang nanya ka Euis, batur sakamar jeung saasrama salira anu urang Salopa téa, “Is, bener kitu Yani téh bogohna ka Asép?”

“Naha Asép maké naros kitu?”

Batan ngajawab mah, Yan, Euis harita kalah malik nanya. Hayang ngécéskeun saenyana mah pangna Akang tumanya kitu ka Euis, tapi ari dipikir-pikir asa leuwih pas upama langsung tumanya ka salira. Ngan hanjakal tepi ka ieu Akang nyieun surat, éta pananya téh teu kungsi kedal. Saban tepung hayang sapokpokeun, tapi teu pok baé. Tug padahal éta téh penting keur Akang mah, sieun salira ukur bogoh pupulasan. Tapi, ah, piraku… da karampa ku rasa batin ogé yén salira bogoh enyaan. Malah apan kalah salira anu miheulaan nanya, sari-sari cangcaya ka Akang.

Kaduhung puguh Yan… salila urang hubungan téh teu kungsi silaturahmi ka ibu-rama Yani. Atuh lapur tepi ka urang pisah ogé teu apal di mana panganjrekan salira. Semet apal ngaran tempatna baé, Cikembulan. Pajar teu tebih ti Pangandaran, cék salira harita. Persisna caket pasar, tangtuna ogé Pasar Cikembulan. Kumejot tug ka ayeuna ogé hayang mapay raratan, tapi sok kandeg, sieun kumaonam. Tapi Akang yakin, upama sakali waktu tepung jeung salira, rupa jeung dedegan salira moal tepi ka pangling. Najan, pastina ogé, salira geus reuay budak, jiga Akang baé ayeuna.

Ari pareng Akang piknik ka Pangandaran sok imeut niténan istri-istri nu aya di ditu. Enya, sugan jeung sugan tepung jeung salira. Sugan waé, cék haté. Yani keur ngasuh budakna ulin di basisir. Leuh, kacipta, boa leuwih éndah tepung ayeuna batan dua puluh opat taun ka tukang. Hayang teuing urang duaan mulangkeun panineungan ka mangsa-mangsa ka tukang. Tapi hanjakal, najan mindeng ka Pangandaran can pareng kawénéhan tepung. Kungsi sakali mangsa Akang tumanya ka ombak laut nu tingjelegur, batu karang nu ngajegir, jeung ka guha nu meredong poék.

“Maranéh kungsi nénjo Yani ngulampreng ka dieu?”

Kabéh ogé ngabigeu, taya nu ngajawab. Padahal Akang yakin maranéhna kungsi kaanjangan ku salira. Kitu deui basa ka Pasir Putih, sab yakin salira kungsi ka dinya, ti mimiti kikisik, lambak nu tingsiriwik noélan bitis, tug ka tangkal nu dahanna nyodor ka laut dilelekan, lapur taya nu méré raratan. Ana dipikir-pikir, enya geuning Akang téh kabungbulenganana. Harita ukur bisa nyipta-nyipta yén salira kungsi ngabring jeung barudak ka lebah dinya.

Hayang sajungjungeun Akang ka Cikembulan, da cék salira ogé teu tebih ti Pangandaran téh. Jeung hamo bireuk mun nanya ka urang di dinya ogé, da apan salira mah asli lahir di dinya. Tapi nu teu kacipta téh upama tepung jeung salaki Yani, kudu kumaha Akang nyarita. Sieun kalah jadi bancang pakéwuh, ngaganggu kana katingtriman jeung kabagjaan salira. Mangkaning, inget kana omongan Euis harita, yén pohara ngunek-ngunekna salaki anjeun ka Akang harita. Cék Euis kénéh, harita salira kungsi ceurik midangdam Akang, saméméh dirapalan téh. Pajar hayang pendak heula najan ukur sakocépat. Deudeuh teuing geulis… hampura Akang.

Salira, cék béja anu tepi ka Akang, nikah sasat kapaksa sab Akang teu kedal omong nu bisa jadi cecekelan salira. Atuh bisa dicindekkeun, salira nikah téh sabab keuheul ka Akang. Enya, rumasa, Akang teu kungsi nunda carita. Yani kedah terang pangna Akang kitu, lantaran harita Akang keur nyanghareupan kuliah anu sakitu tangelna. Enya, apan kakara gé tingkat hiji harita téh, ari salira sabada lulus ti SPG téh apan langsung diangkat pagawé nagri. Teu, teu rumasa niat sulaya. Jeung, teu rumasa mutuskeun deuih. Cindekna, tepi ka ayeuna ogé urang duaan teu kungsi mutuskeun hubungan. Éta di antarana pangna duriat Akang tug ka ayeuna teu daék pegat, duka ari salira mah. Ah, boa-boa salira mah…

Harita, saréngséna ujian seméster Akang ngahajakeun mulang ka Tasik. Barang jol, bibi Akang hariweusweus, cenah kadatangan tamu lalaki urang Pangandaran, ngangkenna pisalakieun Yani. Nepikeun talatah majar Akang tong ngaganggu sabab moal lila deui salira baris rumah tangga. Malah, cék bibi kénéh, Yani gé geus dua minggu mulang ka Cikembulan. Minangka buktina, éta lalaki anu ngangken pisalakieun salira téh mikeun bungkusan nu eusina jékét almamater anu kungsi ku Akang dianggokeun ka salira. Hésé nerangkeunana kumaha kaayaan haté Akang harita. Seug komo taya iber heula ti salira. Ah, tungtungna mah tamaha waé kana nasib. Kacipta ku salira ogé, geus diimpleng baris tepang, ari hég kalah tepung jeung… kaheneg, kakeuheul, jeung kakuciwa. Teungteuingeun geuning salira téh.

Teu kuat Yan… harita kénéh Akang mulang deui ka Bandung. Salila dina béca nuju ka terminal, kabayang kaayaan asrama tempat panganjrekan salira. Kabayang korsi paragi diuk Akang jeung salira di ruang tamu. Kabayang kamar salira anu geus kosong… lir kosongna batin Akang harita. Kabayang tempat-tempat anu kungsi kasaba ku urang duaan. Imeut… imeut… taya nu kaliwat. Untungna ti Tasik téh geus rada poék, jadi taya nu nangenan panon Akang juuh ku cipanon.

Lila Akang teu mulang ka Tasik, babakuna sieun kasuat-suat. Malah harita dina haté aya patekadan moal balik deui. Ari hég enya, Akang ayeuna meunangkeun urang Majalaya tug nepi ka galituk ku budak, atuh taun kali Akang mulang ka Tasik deuih.

Lamun téa mah Alloh marengkeun urang patepang, bisa jadi batin urang duaan hayang mulang deui ka mangsa ka tukang. Atuh moal boa kasono téh baris tamplok ngagulidag, hal anu lumbrah. Ngan, poma tong aya harepan bisa ngahiji sab geus béda mangsa jeung kaayaan; kabagjaan urang baheula can tangtu bisa sarua jeung ayeuna. Éta sababna, lalakon hirup urang duaan, urang sidem baé. Tapi, najan kitu, katresna jeung duriat nu teu kungsi pegat mah taya lepatna mun ku urang duaan terus dipageuhan, dipatri dina haté kalawan teu diucah-aceh ka batur hirup ayeuna.

Sakieu waé surat katresna ti Akang, mugia salira aya dina kabagjaan, ginanjar kawilujengan salalamina. Amin ya robalalamin.
Cimahi, Nopémber 2004
Sonona,
Asép Ruhimat

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: