Club Facebookna Oerang Soenda

Urang Sunda Hudang Euy!!!

Serat sajalantrahna

Posted by Dendi Rustandi dina Agustus 19, 2009


Ku Imas Rohilah

Ayah Fikri
di Depok

Héy,

Teu nanaon maké basa Sunda nu jagreug? Kudu milihan kecap tuda ngomong maké basa Sunda jeung Ayah Fikri mah. Bonganna teu pati bisa geuning. Teu ngarti tatakrama basana deuih Ayah mah. Kétang kajeun teu pati bener gé, asal daék wé eutik-eutikeun maké basa Sunda.

Aéh, na bet sasab ka dinya? Kumaha euy, cageur? Sukur atuh cageur mah. Budak? Sukur deuih. Sono euy, hayang ngareungeu deui jéréwétna. Basa dina télépon geuning mani bacéprot jiga bapana. Jadi panasaran hayang ningal rupana. Jiga bapana?

Ah, da teu kasép bapana mah. Baé teu kasép gé, asal soléh wé. Tapi uyah mah tara téés ka luhur cenah geuning. Asa hésé hayang anakna soléh ari bapana ramijud mah. Ramijud Ayah téh? Puguh wé.

Ku naon sih nepungan waé, Yah? SMS, MMS, télépon, geus ganti nomer gé hantem dikotéktak, bélaan nélépon ka kantor, teu boga kaéra. Tapi… ku tersanjung. Sarua, kahayang mah terus urang babarengan, Ayah. Tong wungkul na télépon, tong wungkul na SMS, tong wungkul na MMS, tong wungkul na surat-surat, atawa na panggih kakapeungan. Hayang terus, hayang saimah, uing jadi indung, di dinya jadi bapa.

Ayah, nyaan, daék kékéd, hayang terus babarengan. Resep temen ngawulaan Ayah nyadiakeun dahareun, ngahuapan Fikri. Arék nyaah uing ka Fikri? Ma enya wé atuh, da ka bapana gé nyoso. Nyoso kitu ka Ayah? Puguh baé, kacida. Ah, blak-blakan wé. Ari Ayah nyoso deuih ka uing? (Kade ulah diganti ku u!)

Geuning jiga na SMS peuting tadi. Jam 10 peuting, biasa éntp mah. “I miss you, honey, met bobo, yang nyenyak ya, mimpi indah.. “ Hih, teu nyahoeun ari saré nu tibra mah tara diémbohan ku ngimpi, cenah cék élmuwan.

I miss you honey. Mani sok ngageleser kana angen ari maca atawa ngareungeu éta. Nyaho uing ge gombal, simbut butut tatambalan. Teu ngarti, Yah, ku naon nya? Ongkoh nyaho gombal, tapi haté kapépéndé waé. Ayah, cik pangnéangankeun, sugan  rasionalitas uing ragrag di Parung, ragrag di antara jajaran pineus-pineus, di antara galindengna lagu-lagu, di antara bacéprotna obrolan, jeung rabulna haha-hihi di jalan-jalan jeung tempat-tempat nu kungsi ku urang kaliwatan, ku urang kadiukan. Geuning uing jiga leungiteun rasio. Ku naon Ayah?

I miss you honey, sababaraha kali diucapkeun ku Ayah? Teu kaitung. Jadi racun, Yah. Nyaliara sakujur awak. Ieu uing jadi gering. Heueuh, Ayah mah kalah ngawilujengkeun, selamat cenah, selamat bobo. Bobo téh regas, ropoh. Ayah. Rapuh teu nyaho ropoh mah. Wilujeng ropoh!

Honey téh madu atawa sayang, sayang madu? Hih teu balég! Sayang madu, sayang nyiruan. Mun kagamahan sok napuk, sok nyeureud nyiruanana. Karebi wéh, jamomom, paranas tiris, hésé cageurna, kitu? Embung ah! Madu, téh basa Sundana mah maru.

Ayah, mani keukeuh atuh ngajak kawin ka uing. Uing daék kawin ka Ayah lamun Ayahna teu boga honey nu séjén. Apan Ayah boga Ibu, indungna Fikri. Éta nyiruan keur uing, maru (lamun uing daek kawin jeung Ayah!). Lain, uing yakin, lain galak bebengér, antrag-ontrog atawa néngtéréwélang jejenggut. Lain kitu, tapi galak lemes nu matak ajrih téa geuning. Paling Ibu ngama’lum kana rasa haté urang, da Ibu mah soléhah, kabadé tina sorot panonna basa ku Ayah ditémbongan potrétna (uing maksa ka Ayah harita geuning, hayang nyaho ka Ibu). Paling Ibu nganggap uing adina, anu kudu dihargaan, jeung dipikanyaah. Embung, ah, sikep kitu leuwih nyeureud.

Ceuk Ayah, mun embung jadi madu, Ayah rék ‘nyorangan’ heula. Terus ‘duaan’ deui jeung uing. Harita geuning mani sumanget jeung daria. Gagabah Ayah, kawas nu teu ngarti agama. Keur naon hadis apal sohéh-doipna. Teu eucreug Ayah! Naon dasarna, éta napsu! Barina gé uing mah embung ngabengkahkeun rumah tangga batur, cadu, pantang, narah, sieun pegat rahmat Gusti ka uing gara-gara éta. Tong kitu, Ayah. Rék dikumahakeun Fikri?

Ayah, wayahna nya, wayahna cék uing gé, ieu surat mangrupa jawaban pamungkas keur Ayah. Bongan na télépon teu ngarti waé, papahareup sarua beletna, kalimpudan ku pipikiran nu pondok. Mani neugtreug geuning Ayah mah.

Enya diaku, bogoh mah bogoh tapi weureu1. Weureu ku padungdengan batin. Uing embung didua, uing ge embung ngaruntagkeun rumah tangga batur. Kitu tah. Hubungan urang salah gedé Ayah, apan geus dijéntrékeun. Tanya wé dada nu pangjerona, bingbang ta henteu? Mun enya bingbang ngabarungsinang, nyaan salah. Ku dasar éta, ku lantaran uing teu weléh bingbang ngabarungsinang, tepi ka dieu urang téh, Yah. Panggih nu kamari, éta panggih nu pamungkas. Mun Ayah ngotektak nomer télépon deui, moal, moal kapanggih, moal bisa. Sabab dipindingan. Pindingna aya diri uing sorangan, bénténgna pageuh na dada uing sorangan. Yah, ngarti nya. Keun pepegan wé haté urang ku diri urang sorangan. Pasti nyerina, pasti peurihna. Mimiti, ka dituna mah bakal biasa deui. Hampura uing nya, Yah! Hampura.

Ayah, ulah poho, wawarkeun ka kaom ibu sabuana, awéwé samodél uing lain ancaman pikeun katengreman rumah tangga arinyana. Nya Yah, nya! Kaasup ka Ibu tangtuna gé.

Bisi teu ngarti basana, ku uing engké diganda jeung tarjamahna na basa Indonésia. Lucu nya, Yah! Enya lucu jiga jeruk nipis diparfuman.

Bye.
Cibitung, April ‘05

Uing

* rumpaka lagu “Linu”, Doel Sumbang.

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: