Club Facebookna Oerang Soenda

Urang Sunda Hudang Euy!!!

Gerentes Peteng

Posted by Dendi Rustandi dina Agustus 19, 2009


Ku Déddy Éfféndie

Tilam haté geus beueus, kareunang ka sakujur awak. Dielap ku ciibun anggur kalah jadi geunteul. Ningal Salira teu embut, teu lémék, teu maliré. Karasa kana tikoro jadi garing semu panas, teu bisa ngedalkeun tembang asih, kanggé muja Salira.

Tiisna jampé kungsi mépéndé haté, nalika ngaguruh sora dulag ti unggal madhab. Nyéah sora nu ngagerih neda citresna, dibarung ku hujan cimata. Tapi angger Salira ngabigeu.

Basa gep antel patarema rasa. Da cenah mun deukeut Salira langkung caket. Teu méré tangara nu pasti. Srangéngé meleték di pucuk gunung nu jadi tugur nu luhung. Méh unggal balébat teu katitén, halimun meungpeuk matapoé nu beuki dieu jadi langlayeuseun.

Kahirupan bet jadi peteng.

Upama ieu batin hayang nganteng marengan puji nu ngagalindeng lapat-lapat, tina lambey nu ngeleter, teu bisa labas ku pangwilujeng. Haté can tangtu mampu ngedalkeun carita, nyipta taman sari nu nyebarkeun ganda malati. Yén hirup nu dikeukeuweuk kiwari beuki bedegong.

Pangna hirup asa beuki bedegong, kungsi kapapay raratan, karasa heuras teuasna, tina lalakon anu osok ngarautan budi, anu nyebarkeun wawangi asih, nu nungtun bugang peteng, dikasay ku rupa-rupa kembang kadeudeuh. Henteu matak jadi bengras, malah bet asa beuki ceudeum.

Horéng ukur pulas tina kelir lambé anu ambucuy.

Mungguh nu jadi kanyataan ti tukang ngarautan budi téa, anu nyunyuhun mahkuta mustikaning ajén. Bet ngagelarkeun suudon: Ajén keur sadirieun, jadi papayung ciptaning ati, ukur geusan ngabaladah jalan kamasiatan.

Duh… Jungjunan!

Teu werat ieu sora dikedalkeun, seug dibéwarakeun ka balaréa, yén haté kebek ku kakuciwaan, yén rasa beuki tiis jeung geueuman. Ku sabab panalar kolbu geus teu jadi angkeuhan kasugemaan.

Kantenan, karaos nyanyautan. Sanaos aya jampé nu mépende haté nyecep tiis mubus kana bayah. Leungeun kawas nu lali geus gep deui baé neueulkeun tatu, panon eunteup kana raga lain muhrim. Léngkah neugtreug dina jalan batil. Kituna téh bari biwir angger kunyam kunyem ngedalkeun puisi suci.

Sakali deui hayang gep wé patarema, sugan bisa diperedih, nyaliksik jawaban galura isun nu teu weléh ngagulidag ti sagara nu peteng.

Ari bréh téh Salira bet ngintun lambak nu nguwak ngawik lemah, leuweung beton diléléd ukur saletak. Tangtungan diendagkeun, bra bru rambuh, taya nu mangga pulia. Cipanon getih jeung ayat Gusti, kari juntrungna tinulis leungiteun harti.

Lahlahan waléh.

“Nun… urang téh jalma doraka?”

“Urang saha?” walon gerentes nu kadua.

“Urang nu sok ngancik jadi séwang-séwangan…”

“Saha…?”

“Nu sok salah bari soléh…”

“Nu sok salah mah kacida hayangeun bener, éta tandaning soléh.”

Teu diteruskeun da lain kitu gerentes sora nu dipikabutuh.

Bawirasa nu sok ngarautan budi téa, anu hayangeun pisan disebut jembar panalar. Tétéla kaancikan salah batan bener, diutak-atik maké rumus kimia, dalil fisika jeung panalar matématika. Hasilna angger ngan sakitu, henteu tiasa sanaos ngan sakadar nyaketan kana skénario Salira.

Dunya téh ahéng. Sanaos kitu tetep aya kahayang nu kebek ku panyombo sugan dipiharep pareng, meunang kawénéhan aya jawaban anu natrat. Lir caang bulan opat welas, jalan beresih sasapuan. Nu puguh mah tetep taringgul baé, teu kalis ku aya proyék jalan tol.

Dunya téh sahéng ngaguruh ku sora nu ngagolak, ti biwir tatalépa kana biwir deui, tepung jeung rupa-rupa biwir nu réa. Ti gunung ka gunung ngaruntuy, ngelunkeun haseup, ngendagkeun lemah. Siga nu ngahaja méré kaketir pikeun biwir nu ngaguruhkeun ku rupa-rupa do’a téa.

Dunya téh harénghéng akibat loba teuing nu rebut catur tanpa bukur. Cék cenah nu dicenahkeun, cek heueuh nu hayang diheueuhkeun, bari nyenyedek nyoko kana pasualan cinta. Cenah, cékéng téh bakat ku nyaah, bakat ku deudeuh, mung sakadar ibadah, nyaosan ayat Gusti : yén satemenna manusa téh aya dina karugian. Iwal ti jalma anu iman, anu ngalaksanakeun amal soléh jeung méré pépéling sangkan tetep bener jeung sabar.

Éta téh ngancikna ukur dina pabukon nu pinuh ku kekebul hirup. Enya, enyana mah. Bari diheueuhkeun, sumuhun…! Ngamalir dina getih, ngancik sakeudeung kana bayah, ngaliwatan jajantung… ka dituna terus leyur, diteureuy poho.

Nun… Nu Wasa!

Ieu serat téh kanggé Salira, ti nu didamel ku Salira, nu nepikeun pamrih tina bener jeung salah, anu nyipta sawarga jeung naraka. Pangapunten upama haté jeung haté nu dipikawanoh ku kolbu, tungtung rasa nu cenah di dinya ngancikna ganda malati nu nyeungitan satukebing jagat. Ti manusa jeung manusa karék dugi ukur cenah cék babasan.

Pangna kitu atuda ngancikna dina sungapan anu hiji, tur ngan hiji-hijina, padumukan urang anu wening téh dieusian ku cinta jeung napsu.

Sorangeun dijawab ku panjangna mangsa. Babakti neuleuman hirup jeung hurip. Tara nepi ka tungtung udagan.

Sabab nu ngahégak kaburu leuseuh, anu iman ngadadak teu aman antukna ngulapés bari nyangsaya, teu walakaya.

Nun… Nu ngayakeun sagala perkara.

Nu tadina euweuh parantos jagrag.

Ngawujud.

Gupuy- gapay cacarita.

Sadaya-daya teu daya.

Anging Salira nu uninga.

Garut, 18 April 2005

Déddy Éfféndie

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: