Club Facebookna Oerang Soenda

Urang Sunda Hudang Euy!!!

Mustikaning Cai

Posted by Dendi Rustandi dina Agustus 13, 2009


caiAssalamu`alaikum Wr.Wb.
Nyanggakeun kanggo Bank Herdi khususna, oge ka para wargi sadaya, kanggo ngabuburit.

“Lamun rahayat eta nagri ariman tur taraqwa, tinangtu bakal ginuluran barokah ti langit jeung bumi, tapi maranehanana daroraka, mangka pinanggih jeung kasusah/siksaan anu dilantarankeun ku kadorakaanana” (QS 7/196).

Cai mangrupakeun salah sahiji tina opat unsur alam (bumi, cai, angin, seuneu), anu bisa ngajirim dina rupa-rupa bentuk, kitu oge ngarana bisa jadi puluhan/ratusan/rebuan gumantung kana patempatan jeung samara anu dikandungna, aya cai laut, cai hujan, cai leuncang, cai ibun, cai walungan, cai nyusu, es, sirop, cikopi, cai teh, jus, jrrd. Kahirupan moal lumangsung lamun salah sahiji tina opat unsur alam ieu dileungitkeun ku nu ngadamelna, boh caina, bumina, seuneuna atanapi angina. Cai ngalimpudan sakabeh tilu pertala alam, di langit cai ngawujud haseup, di darat cai ngawujud laut/walungan jsb, di jero taneuh cai cicing sajeroning cadas/batu. Tegesna cai aya dimana-mana, dimana manusa aya didinya cai aya, di langit aya cai, di darat aya cai, di laut aya cai, dina tatangkalan aya cai, dina batu aya cai, dina wangunan gedong aya cai (tembok diaduk make cai), dina mobil aya cai (cai radiator, cai aki), dina wujud manusa aya cai, dina sasatoan aya cai, dina tutuwuhan aya cai, dina radio aya cai, dina komputer aya cai, dina setrika aya cai, meh sakabeh alat anu dijalankeun make tanaga listrik pasti ngandung unsur cai sabab listrik dijieun tina tanaga cai.

Lamun manusa geus bisa ngabedakeun cai murni tina sagala wadah, samara, jeung bentukna, hartina manusa geus wawuh kana mustikaning cai. Jadi teu salah-salah teuing jeung teu bener-bener teuing lamun aya anu nyebut cai kana tatangkalan, kana angin, kana wangunan gedong, kana wahangan, kana es, kana mobil, kana meja, kana korsi, kana lomari, kana radio, kana televisi, kana kadaharan (sangu, roti, bubuahan, daging), jeung sajabana, sabab kabehanana kalimpudan/kungsi kalimpudan ku cai. Sing saha anu hayang panggih jeung cai, tempo jeung regepkeun naon-naon anu aya di hareupeunana, tangtu papanggih, ngan panggihna aya anu pajonghok aya anu teu pajonghok, atawa panggihna teh ku teu kapanggih.

Demi pasipatan cai seukeut kaditu kadieu, hartina bisa jadi pahala lamun kaluar sifat jamal-na, oge bisa jadi mamala lamun keur kaluar sifat jalal-na, kakuatan pangaruhna mah meh sarua. Salalawasna ieu sipat jalal jeung jamal teh muncul babarengan saitungan waktu, tina hiji waktu aya manusa anu keur ngarasakeun jamalna cai, tina waktu anu sarua oge aya manusa anu ngarasakeun jalal-na tina cai. Tina hiji waktu aya jalma anu keur ngarasakeun kanikmatan anu datang tina cai, tina waktu anu sarua aya oge jalma anu keur ngarandapan kasusah kulantaran cai. Cai bisa jadi sumber kahirupan, oge cai bisa ngakalakeun jelema nepi ka nembahan patina, geus loba catetan tina sajarah yen cai pernah ngabalukarkeun rebuan/jutaan manusa pinanggih jeung ajal, sabalikna sakabeh manusa di dunya kalimpudan ku mangpaat anu dikaluarkeun ku cai. Ceuk sakaol mah cai teh mangrupakeun gambaran sipat Pangeran anu aya di dunya.

Nyakitu oge tina hiji waktu aya anu keur ngarandapan peuting, oge aya anu keur ngarandapan beurang. Beurang jeung peuting ngajadi babarengan, henteu piligenti, ngan patempatanana anu piligenti. Sifat jalal jeung sifat jamal leumpang sarimbagan, kitu mungguh anu Maha Sampurna, moal disebut sampurna lamun wawarehan, aya hiji euweuh hiji, aya beurang euweuh peuting, aya bener euweuh salah, aya susah euweuh senang, aya panas euweuh tiis, aya beunghar euweuh sangsara, aya gaib euweuh galib, aya pait euweuh amis, jsb. Salaku manusa wajib tumarima kana sagala kajadian anu karandapan, ulah resep kana senang wungkul matak ngewa kanu susah, ulah resep kanu beunghar wungkul matak karunya kanu sangsara, ulah betah di beurang wungkul matak suwung waktu peuting. Anu matak aya paribasa Sunda , “Ulah ngewa ka halodo, matak senang ka palika. Jeung ulah ngewa kana ngijih matak senang bapa tani”. Teges pisan kumaha pantesna manusa nempatkeun sikap salaku makhluk Nu Maha Kawasa.

Tina lalakon pawayangan aya anu disebut Ajian Pancasona, nyaeta ajian anu ngandelkeun kana wewesen cai, pangaruhna bisa seukeut kaditu kadieu, keur deleka bisa, keur tutulung oge bisa, sarua wae matihna mah, gumantung kanu metakeunana. Basa Ajian Pancasona dicepeng ku Raden Subali, wewesena mawa barokah keur manusa sabudeureunana, sabalikna ari keur dicepeng ku Rahwana mah malah jadi mamala ka balarea. Tina lalakon wayang sejena aya anu katelah “Talaga Pancuran”, sirah cai anu mere kahirupan ka rahayat Amarta dibendung ku Bima tur ngabalukarkeun rahayat sajeroning nagri jadi katalangsara, sangsara kadungsang-dungsang, sawah garing, pepelakan pararaeh, dahareun hese, jsb. Demi anu ngalantarankeunana nyaeta Bima ngarasa keuheul kana kalakuan rahayatna anu geus heunteu malire tur teu mupusti deui kana Talaga Pancuran titinggal karuhuna, leuweung dibukbak dijieun paimahan, walungan dijadikeun pamiceunan runtah, pasawahan disulap jadi toko-toko, sirah cai dijadikeun hotel, jeung sajabana. Ku dibendungna sumber cai ku Bima, kakara sakabeh rahayat Amarta sadar kana pentingna cai keur kahirupan manusa kabeh, tapi orokaya Bima henteu daekeun ngudar bendunganana sanajan para dewa ti kahiangan turun ka marcapada geusan ngelingan Bima, kabeh teu aya nu metu sahingga Bima dilelerkeun ku Dewa Kamanusaan, nyaeta Semar anu ngagaduhan tugas babakti ka umat manusa sajagat, sarua jeung cai anu tugasna babakti ka manusa sakuliah dunya, teu dengdek topi, arek manusa jujur, jahat, beunghar, sangsara, islam, hindu, budha, atheis, kapercayaan, animisme, dinamisme, jsb, kabeh kalimpudan ku sifat asihna cai.

Dina lalakon wayang sejena, anu pakuat pakait jeung pentingna cai nyaeta Rama Tambak, harita Batara Rama anu parantos samagring sabalad-balad bade ngajorag Dasamuka ti nagri Alengkadireja, kapegat ku sagara anu misahkeun Guakiskenda sareng nagri Alengka. Mangka Batara Rama metakeun ajianana geusan menta tulung ka Dewa Baruna anu ngawasa laut, demi anu diseja nyaeta sangkan Dewa Baruna nyaatkeun lautna saharitaeun keur mere jalan meuntas pasukanana. Beak mantra beak kalimah, laut henteu saat-saat, akhirna Batara Rama bendu lajeng mesat gondewana bade mentang laut ku senjata warisan ti Rama Bargawa. Sakiceup saencan panah melesat tina gondewa, Batara Baruna megat terus mepeling, yen naon anu dipiharep ku Rama henteu diluyuan ku Sanghyang Wenang, sabab bakal maruksak mangjuta-juta makhluk anu merelukeun cai. Sabalikna, Batara Rama salaku titisan Wisnu kudu ngaheulakeun kapentingan balarea disagigireun kapentingan pribadi. Ngajaga cai sarua pentingna jeung ngajaga manusa.

PASIPATAN CAI

Cai ngabogaan sabababaraha sipat anu bisa dilenyepan:

1. Bener
Tingkah paripolah cai tara nista tina aturan alam, bener salawasna, luyu kana tujuan diciptakeunana cai nyaeta pikeun ngaping kahirupan makhluk sapangeusi dunya. Sakali waktu cai oge remen ngelingan ka umat manusa dimana manusa geus mopohokeun fitrah alam, sangkan baralik deui kana kahirupan anu bener, anu saluyu jeung aturan hirup.

2. Jujur
Cai tara linyok tara bohong, dimana-mana rupa jeung sipat cai sarua, ngaran terus kana wujud, wujud terus kana rupa, rupa terus kana sipat, sifat terus kana rasa. Keur dingaranan es wujudna padet, rupana herang, sipatna netep, rasana tiis. Jujurna cai teu pandang tempat jeung kaayaan, rek dihareupeun manusa, rek dihareupeun sato, oge rek dihareupeun tutuwuhan, cai salalawasna mintonkeun kajujuran.

3. Pinter
Kapinteran cai katingal tina kamampuhanana nyesuaikeun kaayaan dirina gumantung kana alam anu keur disinghareupan. Cai oge bisa nerus bumi ngambah jomantara, di alam tiis cai bisa jadi es, di alam panas cai bisa jadi haseup, tapi tetep cai bisa ngigelkeun jeung ngigeulan alam sabudeureunana. Tegesna cai bisa ngungkulan sagala pasoalan anu ditibankeun ka dirina.

4. Kuat
Kakuatan cai anu pilih tanding moal bisa ditumpurkeun, sabab kakuatanana ngabaju reujeung wujudna. Cai sanggup malidkeun sapangeusi dayeuh, cai sanggup ngaratakeun gunung, cai bisa nyieun gunung, cai sanggup ngeueum jagat, cai sanggup nyaangan (listrik) saalam dunya, jeung sajabana. Aya paribasa Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok, batu anu sakitu teuasna beunang dipahat ku cikaracak anu teu sabaraha teuas. Tapak-tapak cai nembongkeun katohagaanana beunang dijieun bahan tafakur pikeun jalma anu mikir.

5. Adil
Cai ngabogaan sipat adil hartina teu pandang basa, agama jeung bangsa, uteuk tongo walang taga di satungkebing langit gkaraking jagat, salarea kabagi walatra mangpaatna tina cai. Cai anu asal ti Nu Maha Adil, ngabogaan sifat adil anu bisa dirasakeun di sakabeh makhluk.

6. Wani
Wani ngandung harti teu mundur tina nyinghareupan sagala rupa kaayaan tur cocoba, cai ngabogaan sifat anu wani sabab cai pantang mundur nyinghareupan kaayaan. Dipalidkeun ka laut cai turut, di bawa ka darat cai rikat, di tiup ku angin cai ngangin, dibendung ngabarung, nyinghareupan seuneu ludeung, nyorang kanu poek oge daek, tegesna taya kasieun taya karingrang, sanggup nandingan kanu aya di handap, di tengah jeung di luhur kalayan papak.

7. Asih
Makhluk cai anu asal ti Nu Maha Asih, ngawaris sifat-sifat asih tur dipintonkeun ku mere mangpaat ka sasama makhluk. Asihna cai walatra ngabagi sakabeh makhluk. Keur nu kahausan cai bisa mere kasegeran, keur kokotor cai bisa ngaberesihan, keur patani cai mere kasuburan, keur makhluk di laut cai mere kahirupan, keur makhluk di darat nyakitu keneh. Sagala kaayaan disinghareupan ku cai make dadasar asih, handap asor, tenang, jeung pasti.

8. Sadar, Sabar tur Tawekal
Cai digelarkeun ka alam dunya ku kersaning Nu Maha Kawasa, kalayan ngemban tugas ngaping kahirupan. Dibere tugas sakitu beuratna cai tumarima, teu ngajukeun naek banding atawa protes, sabab cai boga sifat sadar, sadar salaku abdi gusti pikeun ngawula ka sasama.

Ku manusa cai dipake sagala rupa kabutuhan hirup, tapi cai sabar tumarima kana takdir diri, teu humandeuar bari terus geten babakti. Dijieun bahan inumeun, dipake masak, dipake kukumbah, dialirkeun kana kolomberan, diasupkeun kana septic tank, dipake meresihan kokotor, dipake paniisan mesin, dijieun pusat tanaga listrik, jrrd, sakabehna ditedunan ku cai.

Demi sipat tawekal cai katingal tina tarekahna ciibun janari anu digelarkeun ku angin peuting, neangan jalan pangbalikan ka alam asal nyaeta laut. Salila kumelendang di darat, sakeclak cai manggihan mangpirang-pirang kangeunah jeung katugeunah, ti mimiti cicing ditempat anu pangmulyana, nepi ka cicing di tempat anu pikageuleuheun. Tapi manehna teu poho kana tujuan mimiti nyaeta balik deui ka laut, tempat dimana asal ngajadi. Katawekalan cai sanggup ngungkulan sagala bangbaluh, dimana pinanggih jeung hahalang, cai ikhtiar ngumpulkeun wewesena sangkan bisa leupas tina hahalang. Kitu saterusna nepika sakeclak cai balik deui nepi ka asal nyaeta laut, bari mawa rupa-rupa hasil.

Masih loba keneh sipat cai anu bisa diguar jeung bisa dijadikeun eunteung keur kahirupan manusa, sifat-sifatna bisa diconto jeung diterapkeun kana hirup kumbuh sasama hirup.

WALUNGAN CITARUM

Citarum hiji walungan gede anu meulah Tatar Pasundan ti belah tengah ka belah wetan, dimimitian ti suku Gunung Wayang malibir ka tengah kota Bandung terus ngamuara ka laut Jawa.

Sajarah ti Tatar Sunda anu aya patula-patalina sareng kahirupan cai nyaeta: Dewi Sumur Bandung (di Bandung), Talaga Sangiang (Majalengka), Talaga Pancawarna (Puncak Bogor), Talaga Pancuran (Situ Lembang), Situ Bagendit (Garut), Sangkuriang (Lalakon ngabendung Citarum), Situ Lengkong (Panjalu), Situ Cangkuang (Leles Garut), Curug Tujuh (Cimanganten Garut), Curug Panganten (Cimahi), Dewi Roro Kidul (Laut Kidul), Sangyang Batara Saraga (Laut Jawa), jrrd.

Citarum asal kecapna tina Cai + Tarum, disingket janten Citarum. Tarum salah sahiji pepelakan sabangsaning babadotan, jotang, antanan, jrrd sok jaradi dina galengan anu deukeut kana cai, umpamana dina sisi walungan atawa galengan sawah. Ngaran Citarum bisa jadi dilantarankeun ku lobana tarum di sabudeureun Citarum.

Sirah Citarum anu aya di Gunung Wayang, mangrupakeun saksi sajarah tur ulubiung kana mangrupa-rupa kajadian alam Pasundan khususna, alam dunya umumna. Gunung Wayang anu mangrupakeun `pawayangan ing manusa` geus nurunkeun sumber kahirupan keur umat manusa sadunya ku jalan ngocorkeun Citarum. Mangga lenyepan. Kuayana Citarum, tilu bendungan nyaeta Jatiluhur, Saguling jeung Cirata diwangun ngajadi sumber tanaga listrik, anu migeuykeun 90% tina kahirupan manusa jaman kiwari. Dua puluh opat jam sapoe, kabeh manusa di wewengkon Pasundan (ngawengku Sunda Besar jeung Sunda Kecil) marake listrik anu sumberna ti Citarum. Ku ayana listrik, mesin dijalankeun, wangunan-wangunan dicaangan, jeung teknologi dikembangkeun. Hasil-hasil tina industri, salian dipake ku Urang Sunda, oge sumebar ka lima benua. Jadi tetela pisan Gunung Wayang jeung Citarum-na sanggup mere mangpaat ka manusa sakuliah dunya.

Kukituna munasabah lamun manusa disabudeureun Citarum khususna, di sakuliah Pasundan umumna syukuran jeung sadar kana pentingna walungan Citarum pikeun karaharjaan. Bentuk syukuran bisa diwujudkeun ku ngajaga tur ngokolakeun Citarum sangkan bisa mere mangpaat salalawasna keur kahirupan.

Citarum bihari sarua jeung Citarum kiwari, bedana lamun baheula mah Citarum nu aya di Kota Bandung teh caina herang tembus ka dasar, ari ayeuna caina kiruh pinuh ku runtah. Bihari Pajajaran dihirupan ku Citarum, kiwari Pajajaran wanda anyar oge dihirupan ku Citarum, nu beda ngan waktu jeung nu ngalalakona. Pamingpin Pajajaran wanda anyar kudu bisa nyangking sifat-sifat cai, lain cai nu pinuh ku kokotor jeung runtah, atawa nu pinuh ku barang sampeuran, tapi cai anu datangna ti birit leuwi, ti Gunung Wayang pawayangan manusa.

Cag,

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: