Club Facebookna Oerang Soenda

Urang Sunda Hudang Euy!!!

Peucang Keuna ku Leugeut

Posted by Dendi Rustandi dina Agustus 7, 2009


Sakadang Peucang

Sakadang Peucang

Kacaritakeun aya hiji patani, cicingna di hiji leuweung. Ayeuna manéhna téh keur melak palawija, kayaning bonténg, térong, jeung sajabana. Pepelakanana aralus tur marulus, kawantu hadé oména. Ngan hanjakal geus sababaraha poé pepelakanana téh raruksak, pangpangna mah pelak bonténgna. Patani ogé nyahoeun yén anu ngaruksak jeung ngaranjah kebonna téh nya éta peucang, sabab kunsi kanyahoan ku manéhna.

Patani téh néangan akal sangkan kebonna henteu diranjah baé ku peucang. Terus baé atuh manéhna téh nyieun bebegig. Lebah aawakanana ditapelan ku leugeut teureup. Éta bebegig téh ditunda di tengah-tengah kebon.

Pasosoré, saperti biasa, peucang téh datang deui ka kebon patani téa. Maksudna rék ngala bonténg. Barang srog ka kebon, manéhna teu buru-buru asup, lantaran aya nu ngajanteng di tengah-tengah kebon. Peucang téh nyalingker kana pager. Nyerangkeun nu ngajanteng bari ditelek-telek.Éh, geuning teu obah-obah? Ku peucang digeroan, nu di tengah kebon angger ngajanteng. Jelema lain éta téh? Geuning maké baju? Maké dudukuy deuih. Tapi teu obah-obah?

Lalauna peucang téh kalur tina panyumputanana. Terus ngeteyep ngadeukeutan nu ngajanteng téa. Barang geus deukeut tur awas ka nu ngajanteng téa, barakatak téh peucang seuri.

Pokna, “Na sia téh nyingsieunan ka aing! Sugan téh manusa, boro aing nyumput, nanaonan manéh ngajanteng di dieu? Dicabok siah ku aing!” Ngomong kituna téh bari gaplok baé bebegig téh dicabok ku suku hareupna nu katuhu. Ari gaplok, ari pel baé sukuna napel kana bebegig téa, kawantu bebegig téh maké leugeut teureup.

“Éh siah, maké jeung néwak sagala! Hayang dicabok deui ku aing?” Gaplok deui bebegig dicabok ku suku hareupna anu kénca. Pel deui napel kana bebegig.

“Itu geura, nanaonan ari sia! Ieu kalah néwak kana suku. Hayang ditajong ku aing? Nyaan ieu téh, nyaan, hayang ditajong? Lesotkeun atuh, da tadi mah kuring téh banyol. Sot, lésotkeun! Bisi ditajong! Éh , nyaan meureun manéh mah hayang ditajong!” peucang ngawahan, gaplok deui bebegig téh ditajong sataker tanaga. Ari jebrod, ari pel baé napel kana leugeut teureup rapet pisan. Peucang gogorowokan jeung tulung-tulungan.

Teu lila torojol patani.

“Beunang ayeuna mah nu sok malingan bonténg téh,” ceuk patani. Kerewek peucang téh ditéwak, terus diringkus. Rigidig baé dipanggul. Peucang téh dibawa ka imah patani, rék dipeuncit.

Tina Pangajaran Sastra Sunda, Karya Budi Rahayu Tamsyah

4 Balesan to “Peucang Keuna ku Leugeut”

  1. zul_hilmi said

    HATUR NUHUN 🙂

  2. lucuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuu

  3. capaaaaaaaaaaaaa yaaaaaaaaaaaaaaa

  4. hilmanos said

    i love u full history

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

 
%d bloggers like this: