Club Facebookna Oerang Soenda

Urang Sunda Hudang Euy!!!

Arsip pikeun Katégori ‘Sabudeureun Urang Sunda’

Abi

Posted by Dendi Rustandi dina Januari 22, 2011

Naon ari abi teh? Surabi kitu? Ih, sanes.. Abi di dieu mah maksadna teh ngabasakeun diri sorangan. Kata ganti orang pertama, kitu cenah basa indonesiana mah. Abi teh podokna tina abdi, biasana dipake ku budak leutik anu can sawawa, kadang-kadang oge dipake ku budak nu kakara nincak rumaja. Nu matak keap abi dikelompokkeun kana basa budak, da nini-nini atawa aki-aki mah teu pantes make kecap abi.
Tapi bisi rek make mah pek bae ketang, ngan kadengena asa kurang pantes. Pikeun nu geus sawawa mah mending keneh make kecap abdi atawa kuring, gumantung kana situasina. Mun teu kitu, bisa oge ngabasakeun ku pancakaki: mun ngobrol jeung sahandapeun bisa nga-akang-keun upamana. Mun awewe nya ngabasakeun ceuceu atawa teteh.
Mun ngobrolna jeung saluhureun? Eta mah daek teu daek kudu make kecap abdi atawa kuring. Kumaha mun jeung sasama atawa anu saumur? Biasana lamun jeung babaturan deukeut mah sok make kecap urang. Ieu sabenerna basa kasar (dina konteks ngaganti kecap abdi). Tapi dina kalimah “hayu urang ngibing” mah upamana, teu kaasup kasar sabab kecap “urang” di dieu mah hartina “kita” mun dina basa Indonesia mah.
Lian ti ngagunakeun kecap abi, budak leutik oge kadang-kadang nikukur. Naon deui cenah nikukur teh? Nikukur teh maksudna jiga tikukur, nyebut ngaran sorangan pikeun kecap gaganti diri (dina kalimah langsung atawa obrolan). Contona: “Tata kamari ka ameng ka ditu da..,” cek Tata bari heuay.
Najan kitu, dina prakprakanana mah aturan ieu teh mindeng dirempak. Naon hukumanana mun aturan ieu teu dipake? Ah teu aya. Dianggo mangga, teu dianggo sawios. Nu penting mah apal kumaha nu sakuduna. Nu penting mah masih keneh reueus (sanes bangga nya, bangga dina basa Sunda mah hartosna hese!) make basa Sunda. Nu penting mah masih keneh reueus jadi urang Sunda.

Tata Danamihardja © 2011

Dimuat dina Sabudeureun Urang Sunda | Leave a Comment »

NGAMUMULE BASA SUNDA

Posted by Dendi Rustandi dina Nopémber 13, 2010

poto kenging nyandak ti foto.detik.com

ku: Tata Danamihardja

Ajeg-ajeg kasundaan teh diantarana baris katingali dina soal basa. Pan asa aneh lamun urang Sunda tapi teu bisa make basa Sunda. Piraku ari urang Jawa make basa Jawa, urang Batak make basa Batak, ari urang Sunda teu make basa Sunda?

Nu jadi masalah, kumaha carana sangkan basa Sunda henteu tumpur? Najan patalekan ieu karasana asa bombastis, tapi lamun nempo gejalana saperti nu karandapan ku urang ayeuna, asana teh lain hal anu pamohalan upama ka hareupna basa Sunda baris tumpur. Mangga bae emutan, kiwari loba urang Sunda meleg-meleg anu teu ngajarkeun nyarita ku basa Sunda ka anak-anakna.

Padahal ngajarkeun nyarita ku basa Sunda ka anak-anak urang teh mangrupa pondasi pikeun negeskeun identitas yen urang teh urang Sunda saestu. Komo lamun nilik kana pangajaran basa Sunda di sakola anu waktuna mingkin samporet. Boro-boro bisa diandelkeun pikeun ngadadasaran kana pangaweruh budak ngeunaan basa Sunda, dalah guruna oge kadang-kadang lain ti jurusan basa Sunda.

Lian ti eta, lingkungan oge mindeng teu ngadukung kana tumuwuhna basa Sunda, hususna di kota-kota gede anu padumukna multi-etnis. Anu matak, cilaka pisan lamun anak-anak urang teu dibiasakeun diajak nyarita di imah make basa Sunda. Atuda iraha dipakena basa Sunda teh mun lain di imah, sabab di luar imah mah enya ge dipake tapi geus pabaliut jeung direumbeuy ku basa Indonesia.

Ku cara kitu, diharepkeun bakal aya generasi penerus anu baris nuluykeun eksistensi basa Sunda di tatar parahiangan. Pun alo, umur 2 taun, dibiasakeun nyarita make basa Sunda ku indung bapana. Mun keur arulin jeung baturna ge manehna mah ongkoh-ongkoh we galecok make basa Sunda. Mun baturna molohok teu ngarti, kakara manehna narjamahkeun make basa Indonesia. Geus baturna ngartieun mah, der deui we ngocoblak make basa Sunda.

Di dieu ku urang katingali, yen diajar make basa Indonesia mah leuwih gampang, sabab di luareun imah ge balatak nu nyarita make basa Indonesia. Lamun dadasarna geus kuat, urang moal hariwang boga budak palahak-polohok teu bisa basa Sunda. Sabalikna mun di imah diajak nyarita basa Indonesia, di luar imah oge nya kitu keneh, rek iraha bisana atuh budak teh make jeung ngarti kana basa Sunda?

Mun urang ngaku keneh urang Sunda, sing era atuh ku seler sejen nu bubuara di tatar Pasundan. Si Togar urang Batak, si Ayu urang Kebumen, atawa si Freddy urang Manado geuning bisa capetang make basa Sunda ari keyeng mah diajarna? Maenya ari anak urang, pituin urang Sunda, kalah ngabigeu lamun diajak nyarita basa Sunda?

KENGING MULUNG TI http://sundablog.blogspot.com/

Dimuat dina Regepkeuneun, Sabudeureun Urang Sunda | Tag: , | 3 Pairan »

Gengsi Ngomong Sunda

Posted by Dendi Rustandi dina Juli 21, 2010

Ku Riang Nurullah Akbar
Jaman kiwari, loba pisan jalma nu “gengsi” ngomong ku basa Sunda. Ahirna leuwih milih ngomong ku basa Indonesia. Tapi hanjakalna teh balelol deuih, lantaran tetep basa Indonesiana pacampur jeung basa Sunda. Malah cenah di sabagian wewengkon mah basa Sunda teh geus mimiti ditinggalkeun pisan. Padahal ceuk pamanggih kuring, hirup di wewengkon Priangan bari teu ngomong basa Sunda teh ibarat angeun teu diuyahan, asa teu jejeg nyebut urang Sundana oge.
Ku sabab kitu, basa Sunda kudu dimumule jeung dipiara sangkan ulah nepi ka musna. Komo nepi ka ukur dianggap warisan tradisi mah, anu pamustunganana basa Sunda ukur jadi rarangken musieum. Sakapeung kuring sok teu ngarti, naha kaayeunakeun loba urang Sunda anu ngarasa gengsi lamun kudu ngomong ku basa Sunda ? Padahal ceuk para ahli, basa Sunda teh kaasup salah sahiji basa anu beunghar ku kosa kata, tina sakecap teh bisa nepi ka jadi sababaraha kecap.Upama bae tina kecap anu nuduhkeun obahna panon, aya ngareret, ngarindat, ngiceup, meledeng, meureundeuy, mureleng, buncelik, ngadilak jeung sajabana.
Jaman ayeuna, abad duapuluh hiji ieu, dina pandangan salah saurang tokoh jeung seniman Sunda, Pa Nano S, basa Sunda teh geus dianggap basa kelas tilu. Kahiji, basa asing, utamana basa Inggris. Kadua, basa Nasional, basa Indonesia. Katilu, kakara basa Sunda. Karunya nya…basa Sunda!.
Loba bukti anu nuduhkeun yen kalobaan urang Sunda ngarasa gengsi ngomong ku basa indungna sorangan. Dina kahirupan sapopoe, contona tukang dagang dina natawarkeun daganganana teh leuwih milih ngagunakeun basa Indonesia tibatan basa Sunda. Alesanana kliseu pisan, ceunah bisi nu meulina loba nu teu ngartieun. Padahal manehna dagang teh di lingkungan Urang Sunda. Atuh sabalikna anu barangbeulina deuih, remen kadenge ku kuring dina nawar barang anu rek dibeulina teh sok make bas Indonesia, deuih. Asa aneh nya, nu dagangna urang Sunda, nu meulina urang Sunda, cicing di daerah Priangan…tapi bet ngarasa gengsi ngomong ku basa Sunda.
Ceuk Ayip Rosidi dina bukuna “Masa Depan Bahasa Daerah : Kasus Sejarah dan Budaya Sunda” kaunggel yen urang Sunda teh geus teu boga kareueus kana basa indungna sorangan, sabab cenah basa Sunda teh teu penting. Hiji-hijina tarekah sangkan urang Sunda bisa ngarasa reueus jeung nganggap basa Sunda penting, urang Sunda kudu boga “prestasi” pinunjul dina sagala widang kahirupan.
Hayu atuh, prung ah! Urang piara basa Sunda. Lamun teu ku urang, rek ku saha deui?

(Nu nulis, murid kelas 8-C SMPN 1 Sumedang) dina Mangle N0. 2245 kolom rumaja

Dimuat dina Sabudeureun Urang Sunda | Tag: , , | 4 Pairan »

Pancakaki

Posted by Dendi Rustandi dina Maret 23, 2010

Dina silsilah kulawarga, khususna dina kabudayan Sunda, aya anu disebut pancakaki. Nyaeta istilah atawa sesebutan pikeun jalma-jalma anu masih keneh aya pakuat-pakait atawa tatali kulawarga. Tatali ieu teh bisa aya kusabab turunan atawa bisa oge kusabab bebesanan. Dina sesebutan ka jalma anu masih keneh aya tatali kulawarga ieu, aya sesebutan khusus anu osok digunakeun. Pikeun bisa ngarti kana sesebutan pancakaki anu oso dipake, bisa nempo kana gambar di handap ieu.

Dina gambar ieu, kotak warna kulawu nuduhkeun lalaki, sedengkeun anu warna bodas nuduhkeun awewe. Sedengkeun nomer di luhureun kotak nuduhkeun kana anak ka sabaraha.

  1. Salaki, sesebutan pikeun lalaki anu jadi pamingping di hiji kulawarga.
  2. Pamajikan, sesebutan pikeun awewe anu jadi papasanganana salaki. Dina conto di luhur, anu jadi salaki teh Momon, sedengkeun pamajikanana teh Acih.
  3. Anak, katurunan ti salaki jeung pamajikan. Contona wae Asep, Euis jeung Aning anu jadi anak ti Momon jeung Acih.
  4. Incu, katurunan rundayan kadua ti hiji kulawarga, atawa anak ti anak hiji kulawarga. Conton wae Duyeh, jadi incu ti kulawarga Momon jeung Acih, atawa Unah ti kulawarga Ujung jeung Nining.
  5. Buyut, mangrupakeun rundayan katilu ti hiji kulawarga atawa anakna incu. Contona wae Oman jadi buyut ti kulawarga Momon jeung Acih.
  6. Bao, mangrupakeun rundayan kaopat ti hiji kulawarga atawa anakna buyut. Contona wae Dudun jeung Oyo, mangrupakeun bao ti kulawarga Momon jeung Acih.
  7. Bapa, sesebutan pikeun lalaki anu jadi kolot atawa anu nyababkeun (ngayuga) lahirna hiji jalma. Contona wae Momon, mangrupakeun bapa pikeun Asep, Euis jeung Aning. Bapa mangrupakeun babalikanana anak.
  8. Ema, Indung, sesebutan pikeun awewe anu geus ngalahirkeun eta jalma. Contona wae Acih, jadi indung pikeu Asep, Euis jeung Aning.
  9. Nini, sesebutan pikeun awewe anu jadi indungna bapa atawa indung. Contona wae Acih anu jadi nini pikeun Duyeh, Anab jeung Unah.
  10. Aki, sesebutan pikeun lalaki anu jadi bapa ti bapa atawa indung. Contona wae Momon, jadi aki pikeun Duyeh, Anab jeung Unah.
  11. Uyut, sesebutan pikeun bapa atawa indung ti nini atawa aki. Contona wae Momon jeung Acih jadi Uyut pikeun Oman, Elah jeung Yuyun. Atawa Uju jeung Nining pikeun Yuyun.
  12. Bao, sesebutan pikeun bapa atawa indung ti uyut. Contona wae Momon jeung Acih jadi Bao pikeun Dudun jeung Oyo.
  13. Jangawareng, bapa atawa indung bao.
  14. Udeg-udeg, bapa atawa indung jangawareng.
  15. Kakait Siwur, indung atawa bapa pikeun udeg-udeg.
  16. Karuhun, sesebutan pikeun kolot anu geus ninggalkeun.
  17. Aki ti Gigir, sesebutan pikeun lalaki anu jadi lanceuk atawa adi aki atawa nini. Contona wae Umang jeung Aning pikeun Oman.
  18. Nini ti Gigir, sesebutan pikeun awewe anu jadi lanceuk atawa adi aki atawa nini. Contona wae Eenjeung Euis pikeun Oman.
  19. Amang, Sesebutan pikeun lalaki anu jadi adi bapa atawa indung, atawa salakina ibi. Contona wae, Aning jadi amang pikeun Anab jeung Duyeh, atawa Umang pikeun Duyeh.
  20. Ibi, sesebutan pikeun awewe nu jadi adi bapa atawa indung, atawa pamajikanana amang. Contona wae Een pikeun Anab jeung Duyeh.
  21. Uwa, sesebutan pikeun lalaki atawa awewe anu jadi lanceuk bapa atawa indung. Contona wae Asep jadi Uwa pikeun Anab jeung Unah.
  22. Alo, sesebutan pikeun lalaki atawa awewe anu jadi anak lanceuk. Contona wae Duyeh pikeun Euis.
  23. Suan, sesebutan pikeun lalaki atawa awewe anu jadi anak adi. Contona wae Anab pikeun Asep.
  24. Lanceuk, dulur saindung atawa sabapa, atawa saindung sabapa anu umurna leuwih kolot atawa saluhureun.
  25. Adi, dulur saindung atawa sabapa, atawa saindung sabapa anu umurna leuwih ngora atawa sahandapeun.
  26. Kapi Lanceuk, sesebutan pikeun anak uwa. Contona, Duyeh pikeun Anab.
  27. Kapi Adi, sesebutan pikeun anak amang. Contona, Anab pikeun Duyeh.
  28. Adi Beuteung, sesebutan pikeun lalaki atawa awewe anu jadi adi salaki atawa pamajikan.
  29. Dahuan, sesebutan pikeun awewe anu jadi pamajikan sasalaki (pikeun jalma anu nyandung).
  30. Anak Tere, sesebutan pikeun anak ti salaki atawa pamajikan anu pipirakan tapi lain anak teges.
  31. Dulur Pateterean, sesebutan pikeun dulur sabapa atawa saindung anu misah bapa atawa indung.
  32. Indung Teges, sesebutan pikeun bapa anu ngayuga.
  33. Bapa Teges, sesebuta pikeun indung anu ngalahirkeun.
  34. Indung Tere, sesebutan pikeun awewe anu dikawin ku bapa tapi lain indung teges.
  35. Bapa Tere, sesebutan pikeun lalaki anu kawin jeung indung teges tapi lain bapa teges.
  36. Mitoha, sesebutan pikeun lalaki atawa awewe anu jadi indung salaki atawa pamajikan.
  37. Minantu, sesebutan pikeun lalaki atawa awewe anu dikawin ku anak.
  38. Adi Sabrayna, sesebutan pikeun kapi adi anu masih keneh sarundayan ti nini atawa aki.
  39. Lanceuk Sabrayna, sesebutan pikeun kapi lanceuk anu masih keneh sarundayan ti nini atawa aki.
  40. Baraya, sesebutan pikeun jalma anu masih keneh aya tatali kulawarga tapi geus kacida jauhna.
  41. Tunggal, sesebutan pikeun anak anu ngan hiji-hijina.
  42. Cikal, sesebutan pikeun anak anu kahiji, atawa pangkolotna.
  43. Panengah, sesebutan pikeun anak anu urutanana di tengah.
  44. Pangais Bungsu, sesebutan pikeun anak anu jadi kadua ti handap.
  45. Bungsu, sesebutan pikeun anak anu panungtungan.
  46. Dulur pet ku hinis, dulur asli.

kenging mulung ti http://ciburuan.wordpress.com/category/babasaan/

Dimuat dina Sabudeureun Urang Sunda, Sajarah Urang Sunda | 2 Pairan »

Babasan jeung Paribasa

Posted by Dendi Rustandi dina Nopémber 19, 2009

Dina omongan sapopoé kadang osok aya kecap-kecap anu hartina téh lain saenyana atawa béda jeung susunan kecapna. Dua kecap atawa leuwih mun dihijikeun hartina téh béda jeung lamun kecap-kecap anu aya di jerona dipisahkeun. Contona wae gedé hulu. Mun ditengetan tina kecap-kecapna anu diwangun ku kecap gedé jeung hulu. Mun saliwatan mah hartina teh sarua jeung jelema anu ngabogaan hulu ukuranana gedé. Padahal anu dimaksud ku ucapan éta téh lain kitu, tapi aya harti kecap anu khusus, anu béda jeung nu dimaksud ku wangunan kecapna. Gedé hulu anu dimaksud di dieu mah nyaéta nuduhkeun jalma anu sombong, asa aing pangalusna, asa aing pangbeungharna jeung asa pang-pang nu séjénna. Terus aya ogé kecap buruk-buruk papan jati. Mun nengetan kecap-kecapna nuduhkeun ka hiji tangkal anu ngaranna tangkal jati, lain nuduhkeun ka jalma. Padahal anu dimaksud ku éta kecap teh nuduhkeun ka jalma, anu hartina téh sanajan goréng atawa bangor ogé tetep nu ngaranna ka dulur mah pasti bakal mantuan mun aya dina kererepetan atawa dina kaayaan susah.

Wangunan kecap-kecap anu saperti di luhur téh katelahna babasan jeung paribasa.

Naon atuh anu dimaksud ku babasan jeung paribasa téh? Sabenerna mah babasan jeung paribasa téh aya bédana, ngan susah ngabédakeunana.

Nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda beunang LBSS 1976, nu ngaranna babasan teh nyaéta “ucapan matok nu dipaké dina harti injeuman, saperti gedé hulu, panjang leungeun, legok tapak jst.” Sedengkeun numutkeun R. Satjadibrata dina Kamus Basa Sunda 1954: ‘babasan atawa paribasa: sawatara kecap nu disusun nu hartina teu sarua jeung harti sawajarna, tapi basana geus kamaphum ku saréréa.” Ari ngeunaan paribasa, Ama Satja nerangkeun kieu: “paribasa: kecap-kecap nu disusun jadi omongan nu hartina piluangeun atawa jadi pituah.”

Ceuk kuring mah (teuing salah teuing henteu), nu ngaranna babasan mah parondok jeung nuduhkeun kana pasipatan anu aya di diri hiji jalma. Sedengkeun paribasa mah anu paranjang….  Kitu tah ceuk kuring anu bodo mah.

Dimuat dina Sabudeureun Urang Sunda | 1 Pairan »

Cikaracak Ninggang Batu

Posted by Dendi Rustandi dina Oktober 19, 2009

Tata Danamihardja

ciakracak

Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok. Cek nu heureuy: Tai cakcak ninggang huntu, laun-laun mah ….dilebok!

Cikaracak teh cai anu nyakclakan (leutik tangtuna oge, da lamun gede mah ngaranna ngagolontor) boh tina dangdaunan, tatangkalan, atawa tina naon bae anu sipatna alami, teu ngahaja, teu dijieun-jieun. Mun ditengetan kamana ngeclakanana atawa ragragna, biasana kana lebah nu legok. Nu legokna teh bisa taneuh, bisa batu, bisa naon bae. Ke, ke, ke, legok heula atawa nyakclakan heula? Jawabanana: pasti nyakclakan heula, kakara legok, sabab legok nu muncul teh mengrupa hasil gawe si cikaracak ieu. Ku leukeun jeung teu galideur, najan lila jeung butuh kasabaran, tapi teu burung aya hasilna, teu burung legok.

Paribasa nu disebut di luhur teh sabenerna mangrupa pepeling, mun lain filosofi kahirupan urang Sunda ge, ti kolot-kolot urang, karuhun urang dina enggoning kumelendang di alam dunya. Mun hayang hasil maksud, nya kudu leukeun, wekel, tur sabar, bari jeung angger usaha sangkan naon nu dijalankeun ku urang tetep ajeg (istiqomah), teu unggut kalinduan, teu gedag kaanginan. Sabar dina harti baru tetep usaha satekah polah sangkan naon rupa nu jadi udagan urang bisa laksana. Kitu saur para sepuh, karuhun urang Sunda.

Najan ieu teh mangrupa paribasa Sunda, niley filosofisna sabenerna universal tur lintas budaya, sabab sok sanajan teu dilembagakeun dina wangun paribasa upamana, hal ieu teh bisa dilarapkeun di mana wae, ku saha wae jeung dina komunitas budaya mana wae. Komo deui upama hal ieu kabeneran dilembagakeun dina wangun nu mirip-mirip alias memper-memper. Ieu tangtu beuki ngajentrekeun yen memang filosofi cikaracak oge dipuhit dina budaya seler sejen. Dina basa Jawa upamana, pan aya paribasa ‘alon-alon asal kelakon’, anu sok sanajan teu nyeples sarua jeung filosofi cikaracak, tapi ngakar tina panginditan anu kurang leuwih sarua.

Nu jadi patalekan, naha sipat-sipat saperti cikaracak ieu teh masih diparake ku urang Sunda? Atawa mun ambahanana hayang leuwih lega, naha hal ieu teh masih diparake ku urang Indonesia? Tangtu kuring teu bisa kitu wae nyebutkeun ‘henteu’ atawa ‘masih’. Leuwih hade, hayu urang tengetan ku sarerea.

Dina budaya nu sing sarwa instan, urang biasana leuwih milih hal-hal praktis tibatan kudu ngadeluk dina proses. Contona wae, urang leuwih milih meuli deungeun sangu ka warung tibatan kudu masak di imah. Alesanana, kadang-kadang biaya nu kudu dikaluarkeun leuwih mahal. Jaba cape deuih jeung olok waktu. Jadi, tibatan masak, mending meuli ti warung. Di imah mah cukup nyangu, kitu ge mun kabeneran teu rariweuh. Gejala saperti kieu teh pangpangna bisa ditengetan di kawasan urban, nu kahirupanana ngaharib-harib kota gede, dina scope anu leuwih heureut. Cek sakaol, ieu teh kapangaruhan ku budaya luar (baca: barat) anu memang mikaresep hal-hal anu sing sarwa praktus tur instan.

Jelema, pagawe, pejabat pemerintah, anggota legislatif, biasana sok teu sabar hayang geura beunghar. Teu cukup ku gajih nu mayeng unggal bulan, maranehna biasana usaha satekah polah sangkan bisa beunghar dina waktu sagancang-gancangna. Carana? Mun geus poekeun ku cara halal, teu saeutik nu ngagunakeun cara-cara sakacamplung, teu ngitung deui urusan halal-haram. Ieu teh taya lian ku lantaran urang geus poho kana filosofi nu sakuduna jadi padoman dina enggoning hirup kumbuh sapopoe. Kiwari beuki loba jelema nu teu sabaran, babari kapangaruhan ku niley-niley nu datang ti jauhna, bari jeung euweuh filter pisan, sok komo deui dijejeran ku dadasar agama anu kuat.

Jigana, mun nempo gejalana saperti kieu mah, moal lila deui oge paribasa cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok teh baris musna, leungit tina khasanah budaya nu dianut ku urang, jati kasilih ku junti. Kasilih ku budaya atawa filosofi sejen nu dianggap leuwih nguntungkeun. atawa dina masih ayana oge, ngan saukur papaes lambe, ngan saukur bisa diucapkeun, tapi keri, garing, leungiteun ruh-na. Persis saperti cikaracak dina harti sajalantrahna anu beuki hese kapanggihna, sabab leuweung tur tatangkalan beak nungtutan ditaluaran.

kenging mulung ti sundablog.blogspot.com

Dimuat dina Sabudeureun Urang Sunda | Leave a Comment »

Rumaja Jeung Basa Sunda

Posted by Dendi Rustandi dina Séptémber 14, 2009

remaja

Rumaja Jeung Basa Sunda.

Lamun urang naek angkot, heug kabeneran bareng jeung barudak SMP atawa SMA, aya nu matak narik paniten, nyaeta Basa Sunda nu diparakena. Sakapeung mah sorangan sok tara pati paduli, barudak ABG teh nyaritakeun naon jeung kumaha-kumahana, tapi lamun rajeun ditengetan basana, geuning ngalartieun keneh kana Basa Sunda barudak rumaja teh, sanajan geus campur aduk teu puguh jeung Basa Indonesia.

Rumaja kiwari, sanajan hirup di tatar pasundan, katingalna geus leuwih reueus lamun make basa Indonesia tibatan basa daerahna (basa sunda).  Kacirina kawas nu ngarasakeun leuwih moderen jeung gaul. Sabenerna mah teu salah eta oge ngagunakeun basa Indonesia teh, da memang mangrupa basa nasional urang sarerea. Nu fungsina memang keur dipake  pikeun komunikasi jeung masarakat Indonesia liana, anu rupa-rupa budaya, adat jeung basana.

Tapi, sok  sanajan kitu teu ngandung harti basa Sunda geus teu kudu dipake deui. Sabab basa Sunda teh ciciren hiji suku bangsa. Ningali kaayaan basa sunda dina kahirupan rumaja kiwari, geuning hirup-huripna basa sunda teh pikawatireun naker. Tetela pisan rumaja pasundan anu bisa basa sunda teh kaitung teu loba. Eta bisa jadi hiji alesan, loba nu ngarasa kampungan jeung tinggaleun jaman lamun nyarita make basa Sunda.

Salian ti eta, dina kulawarga oge ayeuna mah geus marake basa Indonesia, padahal indung bapana asli urang Sunda. Anu jadi pasualan, kumaha carana sangkan rumaja raresepeun kana basa sunda. Hal ieu balik deui ka kulawarga, sakola jeung masarakatna. Kukituna, didasarkeun ku kasadaran pribadi, rumaja salaku asset bangsa  kudu bisa ngamumule basa Sunda, teu kudu ngarasa era jadi urang sunda, teu kudu era nyarita ku basa Sunda. Balik deui kana poko soalna, saha anu kudu numuwuhkeun kasadaran eta dina pribadi para rumaja?.

Ku kituna ka rumaja nu aya di tatar pasundan, hayu urang ngamumule basa karuhun ku cara make basa Sunda dina kahirupan sapopoe . Sabab, lamun teu ku urang, rek ku saha deui..?

Ku: Efa Farida

Dimuat dina Sabudeureun Urang Sunda | 2 Pairan »

Rigig Bebegig Sukamantri, Poténsi Seni Tradisi ti Ciamis

Posted by Dendi Rustandi dina Séptémber 7, 2009

Rigig bebegig, ih, ieu mah lain bebegig sawah. Bebegig ti Sukamantri, seni tradisi anu mimiti nguniang makalangan. Éta baé basa aya Kemilau Nusantara Jawa Barat, taun 2006, apan nyangking pinunjul kahiji. Wawakil ti Ciamis. Atuh basa milangkala Kabupatén Nagara, taun kamari, bebegig Sukamantri ngalaga di Pulo Déwata. Tapi geuning, naha disebut seni tradisi anu méh musna?

Bebegig Sukamantri, keur nu anyar nempo mah, moal teu matak hélok bin ahéng. Geura baé. Anu jadi bebegigna, jelema sawawa. Maké topéng. Lain maké meureun, leuwih pas disebut nyuhun. Da beuratna ogé leuwih ti 40 kilo, malah aya nu nepi ka 60 kilo cenah. Rupana, jleg baé beungeut wayang pangsisina: buta héjo, buta beureum, buta kawas, buta hideung, malah aya buta térong deuih. Maké makuta. Tapi buukna ku injuk, dipasieup ku daun waregu, bubuay, hahampaan, jeung kembang keretas. Awakna hideung injuk, da mémang dibulen injuk. Lebah bujur digagantélan ku kolotok munding. Sukuna maké génggé. Badis mahluk leuweung ti mana boa, tingrarigig dibarung ku sora kolotok jeung kélénéng génggé. Bisa meta dipirig ku musik naon baé. Lucu? Leuwih ti kitu. Malah aya sari-sari magis. Soal alami, éta mah geus pasti atuh.

Bebegig, seni tradisi ti Sukamantri. Beu, jauh tangéh atuh upama dibandingkeun jeung bebegig sawah mah. Bebegig Sukamantri ngeuyeuban hasanah seni tradisi Tatar Sunda, wedalan Kabupatén Ciamis, salian ti Ronggéng Gunung. Bisa jadi poténsi unggulan seni budaya Tatar Sunda. Éta ogé upama para patinggi seni budaya di urang henteu kagelo kabobodo ténjo ku hurung-hérangna papakéan jeung blaktuk. Apan dina enas-enasna mah kasenian rayat téh, kasenian anu napak dina alam tradisi masarakatna. Kitu apan Bebegig Sukamantri ogé. Lebar temen upama muguran lantaran henteu dipaliré ku nu dibendo téh.

tradisi-70

Bebegig Sukamantri, lain seni tradisi anu lahir tina beulah batu. Ceuk ujaring sepuh, taun 1970-an, kokolot Désa Cempakalarang, Kacamatan Sukamantri, Kabupatén Ciamis ngaréka-cipta ieu kasenian. Mangrupa kasenian hélaran, anu ahirna jadi kasenian has daérah Sukamantri. Geus lir ari Agustusan mah, malah dina acara-acara pésta rayat lianna, Bebegig Sukamantri sok milu midang. Upamana baé dina acara “Nyiar Lumar” di Kawali, kawasna kurang afdol mun (nu kagungan pokal — Godi Suwarna) henteu ngabring-ngabring Bebegig Sukamantri téh, di sagigireun nanggap Ronggéng Gunung.

Ngamaénkeun bebegig, mémang mikabutuh tanaga anu tohaga. Pék baé émutan, nyuhun bebegig anu beuratna puluhan kilo bari awak dibulen ku kakaban injuk, éstu lain pagawéan méméh sasarap. Anu matak, salian ti siap tanaga téh, kudu asak latihan deuih. Aya émbohna, dibarung ku do’a-do’a husus. Do’a sangkan salamet enggoning mancén tugas nyunyuhun sakadang bebegig.

Panén Bebegig

Aya pangaruh positifna. Urang dinya kiwari jadi ahli nyieun rupaning topéng bebegig. Lain pikeun kapentingan seni bebegig baé ieu mah. Malah geus mimiti nyieunan supenir kawas topéng bebegig. Tinggal dikokolakeun kalawan daria, tina seni tradisi bisa jadi lahan ékonomi rahayat.

Ceuk pingpinan Bebegig Sukamantri, Nanan Andriana, kiwari bebegig bisa dipaké pikeun ngabanjel-banjel risiko dapur, najan can mayeng. Sual harga, gumantung kana aya jeung euweuhna bahan.

“Harga topéngna wungkul tiasa dugi ka 400 rébu. Upami tos janten bebegig, tiasa dugi ka sajuta. Tapi bebegigna awét, tiasa tahan tilu-opat taun,” ceuk Nanan.

Hiji bebegig bisa réngsé saminggu, upama bahan-bahanna geus kumplit. Tapi lamun bahan-bahan alamina saperti injuk jeung bubuay can kumplit mah bisa nepi ka sabulan atawa dua bulan.

Tukang nyieun bebegig ogé aya mangsa “panénna”. Utamana mah dina mangsa nyanghareupan Agustusan jeung Milangkala Kabupatén Ciamis. Pikeun nyumponan kabutuh Milangkala Kabupatén Ciamis, upamana, para pengrajin bebegig kudu bisa nyieun nepi ka 400 bebegig.

Soal perhatian ti pamaréntah? Tah, ieu: “Dugi ka danget ieu teu acan perhatian anu daria ti pihak Disparbud. Anu mawi nu mikawanoh bebegig téh, mung sawates daérah asalna. Dina diéksposna ogé, paling tebih ka Bandung,” ceuk Nanan.

Bebegig Sukamantri, seni tradisi anu kakara nguniang, piraku diantep tiarap deui. Da poténsi mah, leuwih ti aya. (yatun)

kenging mulung ti yatun.wordpress.com

Dimuat dina Sabudeureun Urang Sunda | 2 Pairan »

ALUNG BOYONG

Posted by Dendi Rustandi dina Agustus 26, 2009

alung boyong

Pikeun masarakat priangan jeung sabudeureunna, kaulinan alung boyong dina mangsa sabada perang dunya II tangtu teu bireuk deui, utamana di wewengkon sukabumi, cianjur, bandung, garut tasikmalaya, jeung ciamis. Ngan hanjakan kaulinan anu pikaresepeun ieu kiwari geus arang dilakukeun ku barudak priangan tur ukur jadi panineungan.

Harti Kaulinan
Anu dimaksud kaulian alung boyong nyaéta kaulian ngalungkeun bal sangkan keuna ka lawan. Upama éta bal keuna ka lawan, mangka éta lawan baris diboyong atawa ditawan.

Kalengkepan Kaulinan
kalengkepan anu dipikabutuh pikeun kaulinan ieu nyaéta bal jeung lapang. Bal nu dipaké bisa ku bola plastic atawa bola voli anu gedéna méh sarua jeung jeruk bali. Dina mangsa baheula, alatan mindeng hésé pikeun meunangkeun bahan pikeun bal, bal téh dijieunna tina kertas-kertas atawa lawon-lawon sésa nu digulungkeun nyarupaan bal nu dibakutet ku tali tina tulang daun cau garing.

Pamaén
pamaén alung boyong nyaéta barudak lalaki nu umurna kira 7 nepi ka 12 taun. Lobana pamaén kudu jangkep, misalna 6, 8, 12 nepi ka 16 urang.

Aturan Jeung Cara Maén
Upama geus sayagi lapang ukuran kurang leuwih 5 x 10 meter jeung bal mangka kaulinan alung boyong ieu baris bisa dilumangsungkeun.

Cara maénkeun :
Nangtukeun para pamaén ngandung harti nangtukeun sabaraha jumlahna, saha balad saha lawan. Umpamana, jumlah sakum pamaén aya 12 urang mangka dina unggal regu kudu aya 6 urang pikeun nyieun 3 pasang nu digandong jeung kukudaanana.
Nangtukeun saha nu meunang bal munggaran, ku cara suten (suiten). Regu nu meunang jadi nu nyepeng bal atawa nu nyerang.

Aturan Maén :

1.
Nu nyepeng bal atawa nu nyerang kudu nyerang lawan ku cara ngalungkeun bal ka arah nu digandong.
2.
Alungaan nu dianggap sah nyaéta nu ngeuna kana nu digandong. Minangka hukumanana éta bal jadi hakna regu lawan anu tadi diserang.
3.
Umpama alunganana ragrag ka tempat nu kosong alatan bisa disimpen ku lawan, mangka nu ngalungkeun wajib nyokot éta bal nu tuluy kudu dipasrahkeun ka lawanna. Tah ayeuna mah giliran reguna nu diserang téh.
4.
Umpama nalika ngalungkeun, balna bisa ditéwak ku lawan, mangka lawan meungang hak piekun naglungkeun bal.
5.
Umpama alunganana pas keuna ka lawan nu digandong tur alunganana dianggap sah, mangka nu digandong éta diboyong atawa ditawan di satukangeun garis wates.
6.
Nu meunang nyaéta regu nu bisa ngaboyong sakabéh lawanna. Umpama teu sakabéhna beunang, bisa ditangtukeun ku cara ngitung regu saha nu anggotana leuwih loba leungitna alatan diboyong.

Kaulinan alung boyong ieu baris jadi ramé nalika masing –masing regu ngusahakeun nyerang lawanna ku silih alungan jeung lawanna anu satékahpolah ngelés bari réréngkakan semu ngahina (mengejek). Saacan bal dialungkeun ka arah lawan éta bal bisa dioper-oper kalawan ka batur saregu tuluy di alungkeun ka arah lawan, umpama lawanna balangah. Ogé kadang-kadang aya anggota regu nu labuh alatan ‘kudana’ capéeun. Upama geus kitu mah nu tadina jadi kuda téh bisa giliran jadi nu digandongna.

Mangfaat Kaulian Alung Boyong
sacara sadar atawa heunteu sadar, kaulian ieu réa mangfaatna ti antarana ngabina gawé baeng antar anggota kelompokna atawa ngalatih gotong royong, ngalatih otot-otot ku gerakan leungeun atawa leumpang mawa beungbeurat pikeun nu jadi kukudaanana ogé jadi sarana hiburan boh pikeun nu maén boh pikeun nu lalajo.

Kenging mulung ti kang ilhamnurwansah.wordpress.com

Dimuat dina Sabudeureun Urang Sunda | Leave a Comment »

Priangan

Posted by Dendi Rustandi dina Agustus 13, 2009

prianganPupi

Ceuk Etimologi:
priangan teh asal kecap tina pa-rahyang-an atawa para-hyang-an.
Rahyang atawa hyang identik jeung dewa; pa- jeung -an, nunjukeun tempat.

Ceuk Geografi:
Priangan ayeuna nyaeta wewengkong di Propinsi Jawa Barat nu ngawengku Kab Cianjur, Bandung, Sumedang, Garut,Tasikmalaya, jeung Ciamis.
Nu gedena kira-kira sapergenep ti luas wewengkon Pulo Jawa (kurang leuwih 21.524 km persegi).
Di beulah kaler watesna jeung Karawang, Purwakarta, Subang jeung Indramayu;
beulah wetan watesna jeung Majalengka, Kuningan, jeung Jawa Tengah diwatesanan ku Citanduy;
beulah kidul diwatesan ku Samodra Indonesia;
beulah kulon watesna ku wewengkon Sukabumi jeung Bogor.

Lahan daerah Priangan:
dataran rendah, perbukitan, gunung-gunung nu jumlahna kaitung loba, diantarana: G.Gede, G.Kancana, G.Masigit (Cianjur);
G.Tangkuban Parahu, G.Burangrang, G.Malabar, G.Bukit Tunggul (Bandung);
G.Tampomas, G.Calancang, G.Cakra Buana (Sumedang);
G.Guntur, G.Haruman, G.Talagabodas, G.Karacak, G.Galunggung (Garut);
G.Cupu, G.Cula Badak, G.Bongkok (Tasikmalaya);
G.Syawal (Ciamis).
Dilingkung ku gunung, di Priangan kawentar subur sabab loba oge walungan.

Ceuk Sajarah:
Daerah Priangan mimitinamah disebut Tatar Ukur diparentah ku Dipati Ukur.
Sanggeus karajaan Sunda runtuh (1578/1580), eta wewengkon (iwal ti Galuh) mangrupa wilayah kakuasaan Sumedanglarang (nepi ka 1620).
Ti taun 1621, daerah Priangan nu puseurna Sumedang, dipangaruhan ku Mataram. Numutkeun salah sahiji sumber tradisional, ti saprak harita, eta wewengkon disebut Priangan.
Akibat tina baruntakna Dipati Ukur ka Mataram, daerah Priangan di luar Sumedang jeung Galuh dibagi deui jadi Kab Bandung, Parakanmuncang jeung Sukapura, dumasar kana Piagem Sultan Agung titimangsa 9 Muharam taun Alip.
Ceuk F.de Haan (elmuan Walanda), taun Alip teh sami jeung taun 1641 Masehi, tapi aya sawatara katerangan sejen Taun Alip identik jeung taun 1633 Masehi.
Salajengna, dumasar kana ‘perjanjian’ Mataram jeung Kumpeni (VOC), daerah Priangan kacekel ku Kumpeni nya dibagi dua. Nu kahiji, Priangan kulon jeung tengah (taun 1677); kadua Priangan wetan (taun 1705).
Dina mangsa harita, pamarentah Hindia Walanda (1808-1942), status Priangan nyaeta karesidenan, nu munggaran ibukotana di Cianjur, salajengna ibukota karesidenan Priangan pindah ka Bandung (ti taun 1864).
Ku asupna Galuh (awal abad ka-20), wilayah Karesidenan Priangan nambahan. Priangan jadi 6 kabupaten; Cianjur, Bandung, Sumedang, Limbangan (Garut), Sukapura (Tasikmalaya), jeung Galuh (Ciamis).

Dimuat dina Sabudeureun Urang Sunda | Leave a Comment »

 
Follow

Get every new post delivered to your Inbox.