Club Facebookna Oerang Soenda

Urang Sunda Hudang Euy!!!

Archive for the ‘Carita si Kabayan’ Category

Abong Kabayan

Posted by Dendi Rustandi dina Oktober 21, 2009

kabayan

Di Bank
Si Kabayan indit ka bank rék nabung. Barang nepi ka deukeut panto bank, aya kana dua tilu léngkah deui, panto téh ujug-ujug muka, padahal euweuh deui jelema. Atuh nu di jero euweuh nu kaluar deuih. Barang bray panto bank muka, rikat Si Kabayan luncat ka tukang bari pasang kuda-kuda. Basa luncat ka tukang, panto bank téh nutup deui. “Ah, siah anéh ieu mah panto téh, pasti aya nu nyicingan,” ceuk Si Kabayan bari biwirna kunyam-kunyem tuluy undur-unduran. Geus rada jauh ngan beretek wé lumpat. Nabungna teu tulus, pajarkeun téh bank éta mah aya jurigan.

Kabita
Si Kabayan megat tukang baso nu ngaliwat ka hareupeun imahna. Basa geus bérés meuli tuluy mayar, pok ngomong, “Mang, isukan mah ulah dagang!”
“Naha ku naon, Jang?” ceuk tukang baso panasaran.
“Ieu baso téh ngeunah. Isukan mah kuringna geus teu boga duit..Mun Emang dagang kuring pasti kabita,” ceuk Si Kabayan.
“Rék boga duit rék henteu lain urusan kuring!” Ceuk Si Emang bari ngadorong roda basona.

Aya Kahayang
Iteung: “Cik atuh Kabayan hirup téh sing aya kahayang cara batur!”
Kabayan: “Na da uing gé aya kahayang mah.”
Iteung: “Hayang naon ari manéh?”
Kabayan: “Hayang nyandung deuleu!”

Kadunyaan
Mbah Jambrong: “Hayang naon manéh téh Kabayan?”
Kabayan: “Nu mawi tebih-tebih abdi ka dieu téh taya sanes hoyong kadunyaan.”
Mbah Jambrong: “Namung aya saratna. Kahiji, kudu aya duit dua ratus rébu rupia. Kadua, sakur nu dibikeun ku Abah ka manéh kudu ditarima kalawan rido jeung iklas. Kumaha sanggup?”
Kabayan: “Sanggem, Abah. Tah ieu artosna, mangga nyanggakeun.”
Mbah Jambrong léos ka pangkéng, teu lila torojol deui bari angkaribung mawa kadu aya kana sapuluhna. “Tah, Kabayan lamun manéh hayang kadunyaan, ieu kabéh bawa balik. Kadé poho sarat nu kadua nu bieu ku abah diomongkeun téa.”
Kabayan balik bari kutuk gendeng. “Dasar dukun wadul! Aing dibéré kadu-nyaan, heueuh lain kado bobodoan!”

Teu ngeunah
Lamsijan: “Sisinarieun ngajentul bari manyun, pan sasari mah sok bari melenyun udud, kabayan?”
Kabayan: “Keur naon udud, teu ngeunah! Matak ngaruksak kaséhatan ceuk dokter ogé.”
Lamsijan: “Sukur wé ari geus éling mah. Satadina mah rék dibéré, déwék boga roko pangmahalna.”
Kabayan: “Nu bener? Cingan ngasaan sabatang mah!”
Lamsijan: “Cenah teu ngeunah?”
Kabayan: “Teu ngeunah sotéh mun digayem!”
Lamsijan: “Sugan téh heueuh geus éling.”

Dasar Kabayan
Di lembur Si Kabayan diayakeun kagiatan kerja bakti.
RT: “Jang Kabayan, hayu urang kerja bakti!”
Kabayan: “Mangga Pa RT, ké ieu pameng nuju nyeuseuh heula.”
Geus sababaraha jam Kabayan teu kaluar baé ti imahna. Pok RT ngajak deui, “Jang Kabayan, hayu urang tuang heula, bisi kaburu tariis geura.”
Kabayan (haget pisan): “Mangga Pa RT, ayeuna pisan abdi dongkap ka dinya.”
RT (bari ngagerendeng): “Dasar Kabayan, mani haripeut ari kana baranghakan mah!”

Blék
Kabayan: “Bener nya, basa Inggris jeung basa Sunda mah mani lalawanan pisan.”
Nolédnad: “Lalawanan kumaha?”
Kabayan: “Kecapna sarua tapi hartina mani béda pisan.”
Nolédnad: “Saperti kecap naon tah?”
Kabayan: “Kecap blék.”
Nolédnad: “Kumaha kitu?”
Kabayan: “Pan dina basa Inggris mah blék téh hartina hideung.”
Nolédnad: “Ari dina basa Sunda?”
Kabayan: “Dina basa Sunda mah blék téh hartina…bodas.”
Nolednad: “Ceuk saha blék hartina bodas?”
Kabayan: “Buktina, unggal uing ka warung meuli kurupuk blék, pasti ku tukang warung dibéré kururpuk bodas. Jadi jelas, blék téh hartina bodas!”

Tina Barakatak Manglé

Posted in Carita si Kabayan | 3 Comments »

Si Kabayan

Posted by Dendi Rustandi dina Oktober 21, 2009

kabayan

Saha urang Sunda anu henteu terang ka Si Kabayan? Salian ti jadi tokoh dongéng anu baheula mah sok ditepikeun ku nini jeung aki ka incu, ayeuna mah ditulis jadi buku sarta dijieun filem sagala. Dina majalah basa Sunda sok aya lulucon anu tokoh utamana si Kabayan. Di Banten béjana aya makam anu disebut makam Si Kabayan. Wallahu’alam naha enya anu dikubur di dinya téh anu sok jadi tokoh dongéng téa, atawa si Kabayan nu séjén deui.

Si Kabayan tokoh dongéng mah fiksi, ngan aya dina hayalan anu nyaritakeun atawa nu nuliskeunana, jadi mustahil aya bungkeuleukanana nepi ka kudu dikubur sagala. Tapi henteu mustahil kétang sabada dikubur, kakara caritana sumebar bari jeung ditambahkan atawa diréka-réka ku ahli carita. Enya henteuna kitu tanwandé kudu dipaluruh heula sacara ilmiah.

Si Kabayan téh dipikaresep pisan ku urang Sunda. Buktina nu nyieun carita nu tokohna Si Kabayan teu béak-béak. Bari jeung lamun dititénan pasipatan tokoh si Kabayan téh henteu salilana konsistén. Maksud téh dina saban carita sipat si Kabayan téh henteu salilana sarua. Sakapeung digambarkeun pangedulan, teu nyaho di cedo, wani kurang ajar ngaheureuykeun mitoha. Sakapeung digambarkeun jadi tukang tipu anu resep ngabobodo batur kaasup mitohana sorangan. Cindekna unggal pangarang anu nyiptakeun carita si Kabayan bisa ngagambarkeun pasipatan tokohna luyu jeung kahayangna. Ku sabab kitu henteu kudu héran lamun Utuy T. Sontani (1920-1979) dina taun 1957 nyebutkeun yén si Kabayan téh manusa anu geus teu nanaon ku nanaon. Maksudna manusa anu geus henteu kapurba deui ku rupa-rupa rasa anu biasa mangaruhan jelema. Hartina ceuk Utuy mah si Kabayan téh manusa anu geus ngungkulan kamanusaanana. Alias manusa pinunjul. Tapi dina dramana anu ditulis ku Utuy dina basa Indonésia nu judulna Si Kabayan (1959), digambarkeun si Kabayan téh jadi dukun nu dianggap wacis jeung sakti, tapi saenyana mah ngaheureuykeun jalma-jalma anu daratang marénta tulung ka inyana.

Utuy ngabandingkeun tokoh si Kabayan anu geus teu nanaon ku nanaon téh jeung tokoh Sang Kuriang anu digambarkeun dina librétona Sang Kuriang (basa Indonesia 1959, basa Sunda, 1963)jadi manusa individualis anu ngan percaya ka dirina pribadi baé. Manéhna embung ngaku Dayang Sumbi téh indungna, sabab terangna ngeunaan hal éta téh ti nu lian. Tangtu saréréa ogé kitu, da waktu dijurukeun mah apan kabéh manusa gé tacan hideng, kumaha rék terang saha nu ngajurukeunana? Ceuk Utuy, éta dua tokoh anu béda-béda sipatna teh mangrupa kakayaan batin ki Sunda. Sang Kuriang anu ngan percaya ka dirina sorangan jeung si Kabayan anu nganggap yén nu lian téh ngan aya pikeun diheureuykeun, dijadikeun kaulinan. Dirina sorangan mah apan geus teu nanaon ku nanaon.

Nepi ka kiwari interprétasi Utuy ka dua tokoh dongéng titinggal karuhun Sunda téh tacan aya nu ngabantah. Hartina tacan aya nu lian nu méré interprétasi orisinal boh ngeunaan si Kabayan boh ngeunaan Sang Kuriang.
Naha anggapn Utuy yén Si Kabayan téh manusa nu geus teu nanaon ku nanaon téh bener?
Lamun urang niténan dongéng-dongéng si Kabayan anu kungsi aya dina khazanah sastra Sunda, boh lisan boh tinulis, anggapan Utuy téh luyu jeung kanyataan. Si Kabayan anu aya dina dongéng cara nu dimuatkeun dina disertasina Maria Coster-Wijsman Uilen spiegel-verhalen in Indonesie in het biezonder in de Soendalanden (1929), henteu ngagambarkeun hal éta. Nu nyampak ngan carita nu pikaseurieun tur cara umumna carita pikaseurieun (lain ngan dina basa Sunda baé), réa anu jorang anu ku sawaréh mah baris dianggap henteu merenah dibaca di lingkungan jalma sopan. Nu matak waktu Balé Pustaka nyusun buku Si Kabayan (1932) dumasar kana dongéng-dongéng anu aya dina disertasina Maria Coster-Wijsman, nu dipilihan téh ngan carita anu “aman” baé, nya éta anu henteu nyigeung parabot réproduksi jelema. Keur umumna urang Sunda si Kabayan téh lain tokoh idéal. Moal aya urang Sunda anu nganggap si Kabayan téh idolana. Lamun aya jalma nyebut ka baturna, “Silaing mah kawas si Kabayan!”, tangtu éta téh lain ku sabab baturna téa nembongkeun parangi anu pujieun, atawa ku sabab geus némbongkeun préstasi anu nyongcolang.

Tapi Si Kabayan angger jadi tokoh anu dianggap has Sunda. Ku sabagian urang Sunda jeung ku umumna nu lain urang Sunda si Kabayan dianggap répréséntasi urang Sunda. Citra ngeunaan urang Sunda henteu bisa leupas tina citra si Kabayan. Jalma tukang heureuy anu tara pisan daria, anu dina nyanghareupan konflik jeung masalah jalan kaluarna ku bobodoran.
Tangtu baé anggapan yen urang Sunda téh sarua jeung si Kabayan, henteu bener. Anggapan yén urang Sunda téh henteu bisa daria, henteu bisa nyanghareupan konflik téh salah. Dina sajarah Républik Indonésia, urang apan nyaksian munculna Ir. Djuanda dina waktu nagara nyanghareupan krisis kadaérahan dina ahir taun 1950-an. Kitu deui munculna H. Ali Sadikin nu suksés ngawangun Jakarta jadi kota métropolitan di tengah parobahan Orde Lama ka Orde Baru. Dina tipologi Utuy, duanana moal kagolongkeun ka Si Kabayan anu geus henteu naon-naon ku nanaon, tapi ka Sang Kuriang anu ngawangun talaga buatan dina jero sapeuting. Tapi asa henteu aya nu sok ngaidéntifikasi Sang Kuriang ka urang Sunda. Leuwih réa anu ngaidéntifikasikeunana téh ka si Kabayan.

Pikeun ngarobah citra ngeunan diri hiji bangsa atawa sélér, henteu babari. Citra urang Sunda téh, si Kabayan lain citra anu possitif, tapi citra Sang Kuriang ogé henteu matak agul (ku sabab turunan anjing jeung babi nu ku budaya jeung kayakinan urang Sunda kiwari sorangan lain sato anu mulya, malah najis). Lamun urang Sunda hayang miboga citra anu positif, kudu nyieun legénda anyar upamana ku némbongkeun prestasi anu luar biasa dina ngawangun Indonésia, jadi bangsa anu dipihormat ku bangsa lain, lain jadi bangsa paria nu ngan bisa ngékspor babu jeung kuli sarta gawéna kekeleyengan néangan hutang. Ngan lamun aya urang Sunda anu préstasina diaku ku lain urang Sunda baé, lain ku sélér sabangsa pada-pada urang Sunda baé, citra yén urang Sunda téh si Kabayan anu kabisana ngan bobodoran ku sabab henteu bisa ngungkulan masalah anu disanghareupan bisa leungit.

Tina Cupumanik, September 2006

Posted in Carita si Kabayan | Leave a Comment »

Kabayan Ngala Nangka

Posted by Dendi Rustandi dina Agustus 26, 2009

dina hiji poe si kabayan dititah ku pamajikannana nyaeta
si iteung indit ka kebon neang nangka sugan aya anu
asak atawa kolot,
“kang….. kakebon jig”
“neang naon ka kebon nyi?”
” riksakeun nangka sugan we aya nu asak”
“heug atuh”
terus sikabayan ngoloyor indit ka kebon teu poho mawa
bedog.
nepi di kebon tuluy terekel weh sikabayan naekkan
tangkal nangka, ngariksakeun sugan aya nangka anu
asak atawa kolot,
” heuh eweh nu asak euy, nu ieu waelah katingalina geus
kolot”.
crok.. puhu nangka dikadek. gedebug nangka murag. jrut
sikabayan turun, tuluy sinangka dibawa ka sisi walungan
bari nyarita……
” heh… nangka kusabab maneh geus kolot, heg wae
maneh balik tiheula, kuring rek ngababad heula”
tuluy eta sinangka dipalidkeun, ari sikabayanna ka kebon
deui. Sorena sikabayan balik bari ngahariring jeung
heheotan, nepi ka imah si iteung nanya ” kang mana
nangka teh aya teu?”.
“haar apan geus balik tiheula?!”
“balik jeung saha”
“tadi ku dewek di palidkeun sabab eta sinangka teh geus
kolot, maeunya teu hideng nyimpang” jawab sikabayan
bari nembongkeun ekspresi nu teu boga dosa.
” huuuh dasar borokok…………. mana aya nangka anu
hideng”. saut si iteung bari baeud.?????????

Posted in Carita si Kabayan | 6 Comments »

Si Kabayan Balik ti Jepang

Posted by Dendi Rustandi dina Agustus 11, 2009

kabayan Si kabayan kakara datang ti Jepang. Di Jepangna teh manehna tas ngayakeun panalungtikan ngeunaan pertanian. Datang ka lemburna tuluy ngayakeun ceramah di hareupeun para patani. Ari ceramahna teh
ku basa Jepang anu ditarjamahkeun ku Si Ibro.

Kabayan : Toshiba to kawasaki, watakushi, wa nipondenso no mitsubishi fuso desu neh……

Si Ibro : Bapa-bapa jeung aki-aki. Kuring kakara datang ti Jepang, ayeuna didieu rek ngayakeun ceramah ngeunaan hama fuso…..”

Kabayan : Chotto mitte Tohatsu to Komatu, Are wa Teijin Tetoron Colt mini.

Si Ibro : Kudu diconto Si Toha jeung Si Komar. Tadina rajin melak pare
ayeuna ganti melak engkol”

Kabayan : Sanyo Fuji Color National Gobel…!

Si Ibro : Lamun halodo, nyebor kudu make Sanyo, ulah poho dikolor ambeh
henteu gubal- gabel….!

Hadirin surak ayeuh-ayeuhan…………

Posted in Carita si Kabayan | 19 Comments »

Si Kabayan Udud

Posted by Dendi Rustandi dina Agustus 10, 2009

kabayanDina hiji peuting Kabayan nyungkeun ‘jatah” ka bojona nyi Iteung. Singket carita, tos subuh weh. Dasar si Kabayan, hudang sare teh bet kalahka neangan dompet bako, terus ngalinting bako ku pahpir, tuluy du sundut, pelenyun weh udud. Meni peureum beunta, komo pas keur nyedot haseup mah. “Naha seungit bako teh asa beda, boa-boa” gerentes hate Kabayan, panasaran tuluy manehna ngambuan curuk jeung jajangkungna. “kasebelan ieu geuning nu bau teh”
Kalakuan sikabayan siga kitu teh di titenan ti tatadi ku nyi Iteung, celengkeung teh nyi Iteung ngomong : “Nu matak kang, ari geus ngarambet teh, ulah langsung mumuluk kana udud, kukumbah heula atuh, angguran mah lain geura mandi”.
“Aeh enya nya, pan peuting teh tos ngarambet sawah sakotak, tapi rarasaan mah da teu nyambel ieu teh, tapi curuk bet bau tarasi……’ ceuk si Kabayan bari ngaleos…..

Posted in Carita si Kabayan | 4 Comments »

Kabayan Mapag Kala

Posted by Dendi Rustandi dina Agustus 10, 2009

kabayankabayan rada lawas ngalalana ka jakarta, ngala harta, dagang lalab atah na palataran pasar sagala aya. Rada lawas kabayan ka jakarta na. kadang – kadang kabayan ngarasa hanaang kana kanyaah, da tara ngasaan. kabayang rayay garwana (anak Abah), pangawakan garwana sarta sagala na. Ngarasa taya daya nahan kahayang. Sanajan anggang sarta rada mahal waragad kandaraan daratna sarta lawas mangsana, maksa datang ka Majalaya, datang ka garwana, Ngahaja datangna ngadadak, sangkan rada
marahmay raray garwana, nyandak alat bayar rada badag, sarta kadaharan mahal sagala.
Barang datang ka kamar, kasampak garwana ngajapapang nangkarak na ranjang. Kabayan tambah palay, laranganana tambah malagrang. Ragamang kana raray, taktak, kahandap kana dada bras kana tarang baga. barang gap kana larangan garwana, kabayan rada tanda tanya, naha rada ngacay….. panasaran, kabayan ngalaan calana dalam garwana…. “lakadalah aya darah”, kabayan nalangsa, rada amarah sarta hanjakal.
Kabayan nanya ka garwana : “naha tara wakca saanggalna, pan akang datang ngahaja bakat taya daya nahan kahayang?”
garwana ngajawab : “da, akang datangna ngadadak, taya warta saanggalna”
Kabayan tambah nalangsa, dasar Kabayan, rada nyawang, nya aya akal, mahrahmay raray kabayan, ragamang kana panangan garwana.
kabayan wakca: “cabak larangan akang nya… jangan asa-asa, rada hanca nyabakna ngarah ngacay”
Da, garwana kabayan mah tara baha, nya ngalaan calana kabayan, ragamang gap kana larangana Kabayan, bras kana bahamna.
kabayan ngarasa bagja, sabab kasawang bakal laksana kahayang na, ngan barang sawatara mangsa, kabayan calawak,”walah, panas panas panas”. Kabayan maksa ngalaan laranganana alatan ngarasa panas …
Gantawang Kabayan ngawakwak : “naha panangan sarta baham panas….?”
Garwana : Ah, saya alpa kang, apanan tas nyabak samara lada sarta ngadahar sambal.
Kabayan ngarasa nahnay, sabab kakara ngarandapan naas taya papadana. Hayang bagja malah mapag kala.

Posted in Carita si Kabayan | Leave a Comment »

Tuturut Munding

Posted by Dendi Rustandi dina Agustus 10, 2009

munding

Ku M. Mansur S.

“Geus ngabudaya kawasna di urang mah, nya Més?”
“Naon téa, Kabayan?”
“Éta, panasan, embung éléh, atawa tuturut munding ari kitu téh pingaraneunana, Més?”
“Heueuh, naon téa? Sing jéntré ari nyarita téh atuh.”
“Éta téa geuning…heueuh… hayang nurutan batur, Émés.”
“Hayang nurutan batur kumaha ari énté, Kabayan?”
“Lah, sok api-api teu ngarti ilaing mah, Émés.”
“Har ituh, teu pupuguh…?”
“Geura wé tuh tempo ku ilaing. Mun dina salah sahiji  stasion tipi aya hiji acara anu loba nu mikaresep, geus tangtu wé stasion tipi nu séjén téh nurutan ngayakeun acara samodél kitu. Ukur dibédakeun ngaranna wé atawa istilahna. Padahal kitu kénéh kitu kénéh. Tipi nu séjénna deui deui téh embung éléh. Der ngayakeun deui anu teu béda ti kitu. Antukna mah kabéh station tipi aya acara nu kituan.”
“Da lain dina stasion tipi waé atuh, Bay…”
“Heueuh nu matak ceuk uing kawas nu geus ngabudaya téa ogé, Més.”
“Enya, ari kitu?”
“Kumaha tah ceuk ilaing salaku…santri kalong?”
“Nya kawasna mah pédah babari wé, Bay. Kapan ari nurutan mah ukur nurutan, nurutkeun nu geus aya, kitu, kitu wéh.”
“Kumaha tah ari kitu, Més?”
“Nyaaa, sigana ari dina urusan dunya mah…sah-sah sajaaaah. Ngan meureun sacara moral kasebut kurang atawa teu hadé.”
“Euh, enya, ceuk Tuan Hirbish téa mah, naon téh… mun dina karangan mah plagiat-plagiat kitu. Ari dina hal séjénna kumaha, Més?”
“Wallohu’alam! Dina Al-Qur’an surat Al-Isro ayat tilu puluh genep, Alloh Swt. ngadawuh: ‘Jeung poma manéh ulah sok tuturut kana saniskara anu manéh henteu boga pangaweruh perkara éta, karana saéstuna pangdéngé, panénjo, katut haté téh kabéhanana ogé bakal dipariksa, dipénta tanggungjawabna’. Tah kitu, Bay.”
“Jadi mun teu nyaho kana masalahna mah ulah sok tuturut, nya Més? Meulit ka bitis, meureun, nya? Ula-ilu, ula-ilu, bari teu nyaho nanaon, dina ayana hal-hal anu teu dipiharep, malindes ka diri sorangan, badan anu katempuhan…”
“Nyaa meureun kitu kira-kirana mah, Bay.”
“Heueuh, na atuh ari uing, Més, teu kaop aya béja kitu-kitu, atawa ngadéngé anu-anu, najan bari teu nyaho- teu nyaho ogé sok hayang wé milu nimbrung ceuk Mas Baligo téa mah.”
“Kapan dina surat An-Nur ayat lima belas ogé Alloh Swt. ngadawuh kitu, Bay. Wallohu’alam. Nyaéta:  ‘Sing inget nalika maranéh silih béjakeun éta pitenah ku létah maranéh sarta maranéh ngomongkeun ku sungut maranéh saniskara anu henteu dipikanyaho ku maranéh, turta maranéh nyangka yén éta perkara leutik, padahal éta téh mungguhing Alloh mah perkara gedé.”
“Siga teu pira, nya?” Padahal balukarna, wah! Da éta téa, nya, mungguhing Alloh mah perkara gedé. Matak sagala rupa ogé ulah sok dianggap énténg, nya Més?”
“Enya, jeung ulah pédah geus nyampak, tuluy wé…diteureuy buleud. Komo Bari jeung teu nyaho nanaon téa mah, Bay. Kapan dina surat Al-Maidah ayat saratus opat ogé disebutkeun kitu. Wallohu’alam: ‘Jeung upama dicaritakeun ka maranéhna: Hayu urang iman kana kitab anu diturunkeun ku Alloh ka Rosul. Jawabna téh: Cukup pikeun kaula saréréa mah nu katarima ti karuhun ogé.’ Naha rék ditarurut waé éta karuhun téh, sanajan karuhunna teu nyarahoeun naon-naon jeung teu meunang pituduh?”
“Euh komo kitu nya, Més, bari teu nyaho nanaon tuluy tuturut ka nu teu nyaraho nanaon. Bakal linglung wé, nya?”
“Enya, sedengkeun ceuk tadi ogé kapan pangdéngé, panénjo, katut haté téh baris dipariksa.”
“Tuluy wé meureun kadalon-dalon nya, Més? Ari kitu téh,…naon téh ceuk Mama Nu’ém téh, Més?”
“Lah, baku Kabayan mah ari geus kitu téh.”
“Geus kitu kumaha, Émés?”
“Heueuh ngalilieur! Ujug-ujug…ceuk Mama Nu’ém téh…naon téh…?”
“Euh enya karék inget…paingan aya nu nga-teu meunangkeun taklid téa, Més. Naon téh, taklid buta téa kitu?”
“Kateuing atuh, Bay! Étaaa ceuk énté kumaha?”
“Sameledok! bet kalah malikkeun ari ilaing, Émés? Nya ari ceuk uing mah meureun, nu disebut taklid buta téh…tuturut munding, bari jeung teu nyaho naon-naon, tuluy dilegleg diteureuy buleud, dijieun ageman, sok sanajan anu diturutanana téh teu nyaraho naon-naon deuih. Tuluy wé cilaka ku polahna téh, kitu atawa lain, Més?”
“Wallohu’alam urusan éta mah, Bay. Komo ana atuh kapan ceuk énté  ogé ukur santri kalong. Tah, nu puguh mah pidawuh Alloh Swt. Dina surat Lukman ayat dua puluh hiji, wallohu’alam: ‘Jeung upama dicaritakeun ka maranéhna: Geura narurut  kana saniskara anu diturunkeun ku Alloh. Jawabna téh, ‘Malah kaula saréréa mah nurut kana agama anu kasampak  geus diagem ku karuhun-karuhun kaula saréréa. Naha maranéhna narurut waé sanajan sétan ngajak ka maranéhna kana naraka Sa’ir?’ Tah kitu cenah, Bay.”
“Na’udzubillahimindzalik! Naraka-naraka kitu mah, komo naraka Sa’ir… Gusti, mugi ditebihkeun abdi téh. Jadi kumaha atuh ari kitu, Émés?”
“Nya kitu wé, Kabayan, sarua ana ogé mugi ditebihkeun.”
“Amin! Emh, paingan ceuk paraji nya Més?”
“Kumaha kitu. Bay?”
“Ulah sok saturut-turutna lamun lain turutaneunana, nya?

Posted in Carita si Kabayan | Leave a Comment »

 
Follow

Get every new post delivered to your Inbox.