Club Facebookna Oerang Soenda

Urang Sunda Hudang Euy!!!

Archive for the ‘Carita Pondok’ Category

Parebut Tuti

Posted by Dendi Rustandi dina Oktober 14, 2009

Dano jeung Dacep rèk galungan, teu sirikna jiga nu rèk silih rebut pati. Elit politik mah di luhur silih dudut parebut korsi, dalah nu duaan malah rèk slih jenggut parebut Tuti. Enya Tuti pisan, Tuti Suryanti binti Ahmad Arjaki, èstuning wanoja geulis ting-ting nu jadi inceran ampir kabèh lalaki di lembur Cipati. Teu ukur barudak pamuda kamari, dalah aki-aki tujuh mulud gè najan teu nyirikeun teu welèh wè ulubiung milu kompetisi miharep ati Tuti.
Najan loba nu mikahayang ka Tuti, tapi nu meusmeus ranteng urat beuheung teu sirikna unggal poè agul diri kabungbulengan ku Tuti mah nu kadèngè teh ukur Dano jeung Dacep, dua pamuda lembur nu silih sigeung pada hayang meunangkeun cinta Tuti. Kapengpeongan. Kompetisi dimimitian ku paginding-ginding hareupeun Tuti. Dano ngabèlaan nginjeum duit meuli baju alus najan hasilna teu pisan-pisan ukur ginding kakampis. Pon kitu deui Dacep nu embung èlèh ginding najan adèan ku kuda beureum. Tahap kadua kompetisi jadi èkstrim: Gelut! Dano nangtang. Dacep embung disebut leutik burih.
Peuting ayeuna pisan, di kebon awi, dua pamuda tèh geus panas hatè. Salah sahiji kudu meunang tarung. Nu èlèh kudu ngajauhan Tuti. Pikeun Dano jeung Dacep, teu paduli teuing lalaki lian mah, da puguh teu ngagokan iwal jelema nu ngajanteng hareupeunnana. Dua pamuda tèh geus titatadi silih haok, ngawakwak tipopolotot, bet ngahaja silih bales pantun heula. Dano geus nembongkeun sihung. Dacep geus buringas. Dano nembongkeun potrèt Tuti ukuran poskar. Dacep gè embung eleh, manehna nembongkeun potrèt Tuti ukuran 10 R. Hate Dano ngagedur ngabebela kapanasan. Duanana ngahaja can darahar ti imah mula, puguhing kolot can nyangu. Duanana gè geus taki-taki, geus siap nadah serangan nu jadi musuh.
Serenteng dua pamuda teh buk-bek silih dudut bulu suku heula. Beletak Dano miheulaan neunggeulkeun peureup kana sirah Dacep. Solontod Dacep mundur gubay-gèboy, gedebut nambru luhureun ti munding. Tapi manèhna rikat nangtung deui. Serenteng narajang Dano. Buk sukuna nojos angen Dano. Goak Dano ngagoak, ngacleng nangkuban. Amarahna mingkin ngagugudag. Dano nyambat ngaran Tuti. Dano takbir. Gajleng muru Dacep, peletak ngèprèt ceuli katuhuna. Ngung karasa panas. Dacep ngocèak nyambat ninina. Teu kungsi lila Dano ngajenggut. Dacep pungak-pingek puguh Dano sirahna botak. Antukna ngoèt. Teu poho nojos liang irung Dano ku cingir. Haneut. Ahirna silih suntrungkeun. Gubrag dua pamuda tèh nangkarak. Dano rikat nangtung, pon kitu deui Dacep nangtung ku dua leungeunna. Dano taki-taki. Dacep masang kuda-kuda. Ngahègak.
Set Dano nyokot pèso tina sakuna. Pèso kater. Dacep teu riuk-riuk gimir diasongan peso tèh. Set manehna ge nyokot panakol bedug. Gajleng Dano ngasongkeun pèso, buk leungeunna di takol ku Dacep. Dano kèkèrèpèngan nyambat ucingna. Sabot kitu Dacep nèngkas suku lawanna. Duk! Dano jungkir balik, labuh bujur tiheula nenggar akar. Goak bisul Dano bucat. Gap Dacep nyekel leungeun Dano. Dacep marieuskeun leungenna. Puguh wè atuh leungeun Dano asa rengat. Pupuringisan. Embung èlèh, leungeun kèncana nyokot kai sapotong deukeut sukuna. Peletak Dacep ditakol. Leng dunya asa muter. Serenteng deui duaan silih tarajang. Buk peureup Dano meupeuh beungeut Dacep. Beletak siku Dacep nyiku tarang Dano. Bruk duaannana kapiuhan silih tangkeup. Euweuh nu èlèh. Euweuh nu meunang…

Saminggu tiharita, kompetisi pindah kana mistik. Ber Dacep neang pèlèt ka kulon. Pon kitu deui Dano nyiar pèlèt ka wètan. Lain pèlèt keur lauk. Tapi keur mèlèt Tuti. Dano guguru ka Abah Ebah. Dacep hiber ka Abah Omon. Dua bulan guguru asihan. Dano yakin pèlètna matih. Dacep ogè optimis. Dano makè jurus kiceup sakti. Dacep makè rumus seuri sakti. Duanana kudu makè jurus jeung rumus èta maksimal dua lengkah ti beungeut Tuti. Geus rèngsè guguru, duanana panggih deui. Silih agul pèlèt. Hayu wang buktikeun ka jinisna! Pakuat-kuat ajian. Saha nu matih bakal meunang asih Tuti.
Poè minggu jam salapan kompetisi dilaksanakeun. Dua pamuda tèh geus ti isuk-isuk naragog hareupeun imah Tuti. Jam satengah sapuluh targèt kaluar ti imahna. Ngajanteng sisi jalan jiga nu rèk megat mobil. Dano nyampeurkeun ti belah kulon. Dacep ti belah wètan. Dua lèngkah ti Tuti, dua pamuda tèh ngaluarkeun jurus. Biwir Dano katangen kunyam-kunyem:
nelengnengkung-nelengnengkung
sima mamah sima papah
kiceup aing kiceup giring
seblok seblak seblok seblak
pot nyepot pot nyepot
wawawaw wawawaw
ajrih asih hyap ampih

Puuh! Dano niup leungeunna, tuluy diusapkeun kana panonna. “Hyap, kadieu Tuti…” Dano ngagupayan bari keukeureuceuman. Dacep embung èlèh ajian. Biwirna katèmbong runyah-renyoh:
balatuktak balatungteng
godeg oma turalean
seuri nyari imut nurut
gurilap-gurilap mantap
tah sima jimat tumarima
tah tuma jimat nu marema
wak wek wok wak wek wok

Puah! Dacep miceun ciduh kana leungeunna. Lèdot diusapkeun kana biwirna. “Hyap kadieu Tuti…” Dacep ngagupayan bari sura-seuri. Kaciri aya rèmèh nyelap dina huntuna. Angin mingkin ngagelebug. Lieuk Tuti melong Dano. Lieuk Tuti melong Dacep. Lila teu ngomong. Sabot kitu. Tid! Tid! Tidid! Aya motor gede tur alus eureun hareupeun Tuti .
“Tuti nya?” pamuda nu luhureun motor nanya.
“Muhun.”
“Ameng Yu!”
Tuti unggeuk, tuluy nyampeurkeun. Gèk diuk luhureun motor. Geuleuyeung motor ngabiur ninggalkeun Dano jeung Dacep. Langit ceudeum. Dano jeung Dacep kapiuhan. Pingsan. Pèlèt Abah Ebah jeung Abah Omon èlèh ku pèlèt Jepang…

kenging mulung ti http://sundamifka.wordpress.com

Posted in Carita Pondok | Leave a Comment »

Nyiar Duit

Posted by Dendi Rustandi dina Oktober 14, 2009

nyiar duitZaman kiwari mah neangan duit teh hese kacida. Komo deui ayeuna mah harga-harga kabutuhan sapopoe ge geus mahal tur mahiwal. Putat-petot aprak-aprakan sapoe jeput nyiar napkah, hasilna mah sakali beak sapoe ge. Kabeh jalma geus lieur ku duit. Lieur ngalana, bingung pareng rek dibalanjakeunna, basa kerenna mah dilema. Kateuing ari jalma beunghar jiga artis atawa pajabat nu loba duit mah, meureun ngaluarkeun duit teh asa ngaluarkeun hitut.

Isuk-isuk keneh kuring rek mangkat ka Cileunyi, dititah ku babaturan kuli ngarombak imah Haji Junedi. Karasa hoream uncag-incig teh dalah ongkos angkot ge ayeuna mah pikasieuneun. Tisaprak harga BBM naek, ongkos angkot milu naek. Kahayang mah leumpang, tapi era ku tukang batagor. Kapaksa we nyokel celengan si Teteh. Mun pareng nempo kuring nyokelan celengan teh, pamajikan mah sok gogodeg bari nyeungseurikeun.

Geus jarang ayeuna mah nu numpak angkot teh. Lolobanamah ngabelaan pasedek-sedek naek beus DAMRI, cenah ongkosna kaitung murah. Nyaan pisan ongkos DAMRI leuwih murah pisan batan angkot. Ti Tanjungsari ka Kebon Kalapa ge ukur mayar 4000. Mun angkot mah 4000 teh ukur nepi ka Cileunyi. Loba jalma nu rek ka Jatinangor atawa ka Cileunyi, malahan milih naek DAMRI, mayar sarebu ge ditarima cenah.

Tapi poe ieu kuring milih naek angkot. Sirah keur jangar kieu mah teu sudi teuing pasedek-sedek nangtung dina DAMRI, kuring mah sok kapiuhan.

“Tiiseun kieu Kang, angkot teh?” cekeng teh ka supir

“Ah, kieu we upami enjing-enjing dugi ka siang mah, Kang, tiiseun. Leuheung siang mah aya bubaran barudak sakola, janten teu ngahelas teuing.”

“Tuh, tingali Kang, DAMRI mah marema nya.”

“Muhun, beus badag nurustunjung, ngarebut panumpang. Rek ka Cileunyi nu deukeut ge diangkut si bangkawarah teh.” Ceuk supir bari nyiduh kaluar. Kuring ukur seuri ngadanguna. Singhoreng ayeuna mah DAMRI jeung angkot teh keur mumusuhan.

Jalma pantaran kuring mah nyiar duit teh kudu bolokot heula jeung kesang, malahan geutih. Sirah jadi hulu, hulu jadi sirah. Najan hasil nu katarima teu sapira, tapi hatur lumayan keur kabutuhan sapopoe mah. Kitu we, basana mah gali lobang tutup lobang. Tapi kuring mah bagja boga pamajikan daek sabar diajak sangsara ge. Atuh nahas mun urang boga pamajikan teu sabaran, sing pareng dibere beunghar ge, bakal riweuh jauh ti kabagjaan. Jalma pantaran kuring mah nyiar duit teh kudu daek papanasan kawas kieu. Tapi teu karasa gawe di imah Haji Junedi teh geus tereh beres deui. Atuh da digeder ti isuk, komo dibantuan ku nu lian mah, pagawean teh gancang beres. Haji Junedi atoh nempo hasil gawe kuring jeung nu sejenna. Karasa, jalma beunghar kawas Haji Junedi mah teu koret ka jalma kuli jiga kuring teh. Manehna nyuguhan, ngajak dahar bareng, tuluy teu asa-asa mere buruh. Kuring moal cangcaya, manehna pasti abus surga. Ti kajauhan kadangu sora adan asar. Kuring geuwat milu mandi di imah Haji Junedi. Awak karasa genah dipake solat ge. Nuhun, Gusti…

—oOo—

Najan geus asup sore, tapi hawa masih keneh karasa bayeungyang. Angkot ka sorenakeun mah katempo marema, komo deui beus DAMRI nepika dengdek-dengdek wae bakating ku pinuh. Sore mah geus loba nu mulang gawe.

Di jero angkot, awak karasa mingkin hareudang, lantaran panumpang ngabelaan nangkel di lawang panto ngahalangan angin. Di jero bujur geus silih geol, karasa panas. Najan kasiksa ku hareudang, tapi teu ambek da kuring di jero ngabaur jeung panumpang awewe, teu jangar teuing. Sok atoh mun aya nu turun, bujur bisa usik lega. Komo ayeuna mah nu narangkel teh geus tarurun palebah Cikuda ge. Hiji dua panumpang mulai turun. Di pengkolan Ciromed, turun pamuda jabrig. Sor ngasongkeun duit, teuing sabaraha.

“Timana, Jang?”

“Ti Jatinangor.”

“Kurang lima ratus.”

“Ah, biasana ge mayar sakitu.”

“Beda ayeuna mah, bengsinna ge geus mahal.”

“Sayah mah mahasiswa, mayarna murah!”

“Rek mahasiswa, rek presiden ge mayar mah sarua!”

“Na ari maneh sok maksa!” ceuk si pamuda bari nakol kaca spion mobil.

“Gelo siah, mahasiwa sangsara! Kalahka rek ngarusak mobil. Gelut siah jeung aing!”

“Sok kadieu turun wani mah, pehul!”

Supir turun, si mahasiswa kekerot. Silih haok, silih suntrung. Antukna mah silih cabok, buk-bek silih teunggeul di sisi jalan. Kabeh panumpang awewe di jero angkot jejeritan. Awewe mah sok riweuh, nonton gelut jeung nonton mengbal teh sarua wae, jejeritan teu puguh. Nyaan awewe mah, jiga nu gelut teh kabogohna wae.

Nempo dua jalma masih buk-bek gelut teh, kuring geuwat turun, niat rek misah. Orokaya nu gelut geus teu bisa dipisah. Crot geutih kaluar tina irung supir. Cer irung si mahasiwa ge sarua ngucur geutih. Pokona mah cur-cor pikasieuneun. Untung pisan ti kajauhan katempo loba jalma lalumpatan milu rek misah. Nu duaan teh pada nyarekelan, pada misah.

“Sok wani mah siah tuluykeun, sirah bihun!”

“Sok siah gelo, haramjadol Beuteung kardus!”

Duh, Gusti, pira oge duit lima ratus, nepika pasea kitu…

—oOo—

Imah kontrakkan kuring karasa tiiseun. Kuring keketeyepan abus ka jero. Lalaunan kuring ngelol ka kamar pamajikan. Katempo manehna keur anteng maca majalah. Kuring ngadehem, tuluy nanya.

“Nuju naon, Teh?” nu ditanya teu ngalieuk. Kuring ngadehem deui, tapi pamajikan jiga nu embung ngalieuk. Teu sasarina kitu. Lalaunan kuring nyampeurkeun manehna. Katempo manehna baeud. Kuring hemeng nempona.

“Teteh kunaon baeud?” cekeng teh semu ngaheureuyan. Nu ditanya kalahka malik nonggongan.

“Raray Teteh janten awon pami nuju baeud mah nya…” kuring ngaheureuyan deui. Nu diheureuyan kalahka malik molotot. Duh, Gusti, panonna meni endah.

“Aa tadi nyandak artos sabaraha tina celengan?” pamajikan nanya semu ambek.

“Salapan rebu, naon kitu?”

“Tadi Teteh uih ti bumi Bi Nuni, naek ojeg kirang artosna, kirang sarebu, jadi isin. Sugan teh ongkos teu acan naek. Bade nyokel celengan artosna tos ku Aa seep.” Ceuk pamajikan bari baeud. Kuring teu kuat nahan seuri ngadanguna.

“Ih, Teteh, da artos mah teu dicandak sadayana. Aya disesakeun.”

“Disesakeun naon, dina celengan mung aya 200 perak.” Tembal pamajikan bari malik nonggongan. Kuring seuri ngabarakatak.

“Oh, saminggu nyengclengan geuning ngan aya salapan rebu dua ratus! Sugan teh sajuta nya, Teh.” Ceuk kuring bari seuri akey-akeyan. Pamajikan katempona baeud keneh, bari ngegelan biwirna nu semu beureum.

“Nya atos atuh, iraha-iraha dilebetan deui ku Aa…” cekeng teh. Kuring ngahaja heheotan, pamajikan beuki kesel ka kuring.

“Duh, hanjakal Teteh nuju baeud, nuju bendu, tadina mah bade diajak ngabaso di Mang Endun.” Ceuk kuring bari api-api rek ngaleos. Kareret pamajikan malik curinghak, tuluy nyampeurkeun kuring.

“Aa tadi janten damel di bumi Pa Haji? Langsung dipasihan artos? Sabaraha?” pamajikan merekpek nanya. Kuring teu ngajawab, kalahka ngahaja heheotan.

“Aa bade langsung ka Mang Endun, atanapi bade bobo heula?” pamajikan nanya bari semu ngagoda. Leungeunna nangkeup cangkeng.

“Bade bobo heula ah…” cekeng teh.

“Hayu atuh!”

Kuring jeung pamajikan muru kasur, goledag bareng gogoleran. Tuluy kuring sare nonggongan pamajikan, api-api kerek.

“Geuning Aa mah kalahka bade bobo kitu.”

“Ih, tadi kan Teteh ngajak bobo heula…”

“Sanes bobo kitu atuh…”

“Har, bobo kumaha deui atuh?”

Nu ditanya kalahka imut eraeun. Tuluy pamajikan nangkeup bari ngome kancing baju kuring, semu nu ogo.

“Tapi artosna mung saalit, Teh…”

“Wios…” tembal pamajikan ogo bari imut ngagelenyu.

Ah, najan ukur hasil duit saeutik, tapi karasa bagja mun pamajikan beunghar ku imut, bageur, sabar, ogo… Karasa bagja, Gusti…

kenging mulung ti http://sundamifka.wordpress.com

Posted in Carita Pondok | Leave a Comment »

Lain Imut Pangirutan

Posted by Dendi Rustandi dina Séptémber 15, 2009

Carpon K. Endrasmara

pangirutan

Sakola tempat kurig digawe pernahna di sisi leuweung. Lain leuweung geledegan, tapi ieu mah leuweung larangan anu di jerona aya makam nu dikaramatkeun ku urang lembur. Najan leuweung leutik, ku sabab urang lembur gugon kana kayakinan pikeun ngariksa eta leuweung, berekah nepi ka danget ieu eta leuweung masih keneh langgeng.

Anggangna wangunan sakola ti eta leuweung larangan ukur pupuluhan meter bae. Nu jadi pamisahna walungan leutik jeung sawah sababaraha kotak. Teu matak aneh mun pareng nangtung di buruan sakola urang kanjat bisa nyaksian tingguntayangna monyet dina dahan kiara.

Ngan lain soal leuweungna nu rek dicaritakeun teh. Tapi eta tah tetenjoan anyar lebah sawahna tea. Biasana ka tukang-tukang mah nu sok molah eta sawah teh Ki Juharna, lalaki nu geus aya umuran. Ari kamari mah geuning lain manehna.

Harita teh isuk keneh. Barudak keur aranteng migawe soal itungan nu cikeneh dibikeun.  Gek kuring diuk bari rada nyanghareup kana lawang kelas nu harita kabeneran muka. Atuh panenjo teh bisa laluasa ka palebah hejona kakayon di leuweung. Barang panenjo turun ka pasawahan, gebeg teh hate.

Aya awewe ngora keur anteng ngarambet. Awakna dongko nyanghareup ka lebah sakola. Manehna make kaos bodas nu rada lahak lebah dadana. Atuh teu nyalahan deui kuring jadi nenjo gunung sakembaran nu nembongan lebah dinya.

Nu ngarambet jonjon. Kuring oge jongjon ngumbar panenjo nu teu bisa diajak nyingkah ti dinya. Ngan duka terus rasa pedah aya nu keur nyerangkeun atawa pedah cangkeuleun, lila-lila mah eta awewe teh cengkat bari ngelap kesang tina tarangna. Prok kuring jeung manehna bentrok paneuteup. Gelenyu manehna imut. Tumerapna ka kuring jadi samar rampa, rumasa katohyan keur nyerangkeun. Gagancangan ngalieus.

Kabeneran budak geus rapih migawe soalna. Kuring cengkat rek mariksa pagawean barudak. Rea keneh nu saralah geuning. Der deui diterangkeun. Ngan sabot nerangkeun hate mah bet jadi ngait bae ka nu tadi maledog ku imut. Akibatna sababaraha kali kuring tisoledat letah nepi ka barudak ge tingraringeuh.

Lila-lila mah kuring teu kuat hayang ngalieuk deui. Basa dilieuk manehna geus anteng deui ngarambet. Angger nyanghareup ka lebah lawang kelas. Angger deuih pamandangan nu ngageterkeun kalalakian kuring teh nyampak keneh. Angger deuih kuring katalimbeng di dinya siga tadi.

Ayeuna mah kuring leuwih awas kana tangtunganana. Awakna tembong ngeusi. Pakulitanana bodas beresih. Atuh rupana sakitu mah geulis. Buukna nu semet punduk tembong dikucirkeun.

Hate ngagerentes, saha lalakina anu tega ngabelesekkeun eta wanoja? Da mun kuring salakina mah pasti moal meureun. Pangawakan jeung rupa kitu mah pantesna oge dinangna-nengne, dipusti-pusti ukur titah tunggon enggon. Ari ieu bet kalah dibelekesekkeun titah panggih jeung leutak. Lebar temenan kulitna nu bodas beresih dihakan ku panasna panonpoe nu cenah geus beuki gangas akibat rusakna lapisan ozon di awang-awang.

Mangsa istirahat, ngahaja nyamperkeun Mang Tamim nu keur nyieun logak runtah gigireun sakola. Panjaga sakola manehna teh.

“Lain, Mang, mun teu salah mah Mang Juharna teh gabug nya?” cekeng.

“Leres. Kumaha kitu, Pa?” Mang Tamim nyelang eureun tina gawena.

“Lamun kitu, saha atuh atuh nu keur ngarambet di sawahna?” kuring kalah malik nanya deui.

Mang Tamim hanjat tina logak. Manehna nyidik-nyidik ka palebah sawah.

“Oh eta mah Neng Atih, putrana Kang Juhro. Pa Imam mah teu acan terang nya, sawah eta teh tos dipeser ku Kang Juhro…”

“Kutan? Kuring mah karek apal ayeuna ti Mamang. Geus boga salaki Neng Atih teh?” kuring jadi nyosok jero.

Mang Tamim nyerengeh memeh nembalan teh.

“Atos, Pa, ka urang kidul…”

Isukna basa kuring nepi ka sakola, bari nyetandarkeun motor teh mata mah hideng ngareret ka lebah sawah. Sihoreng Neng Atih geus aya di sawah. Tembong ayeuna mah manehna keur ngacorkeun gemuk urea kana dapuran pare. Ieu mata kuring teu bisa diajak kompromi deui bae, ngadon hayuh nyerangkeun paripolah nu geulis.

Basa panenjo bisa rada leupas ti nu keur jongjon ngagemuk, kareret aya lalaki keur nagog dina galengan sawah. Barang disidik-sidik bet siga nu keur ngeupanan belut nu nyieun liang di dinya. Saha? Moal kitu salakina mah?

Kuring gogodeg. Mun eta memang salakina bet asa teu uyahan eta jalma teh. Pamajikan disina bulukusuk ngawur-ngawur gemuk ari manehna kalah ngusep belut. Teu pupuguh hate ngageremet, mangkeuheulkeun jeung manghanjakalkeun. Mun kongang mah rek disuntrungkeun tah si bebengok teh sina nyungkur taneuh ledok.

Jadi panasaran. Gidig ka dapur sakola. Kasampak Mang Tamim keur nyicikeun cai panas kana teko.

Mang Tamim semu ngajenghok nenjo kuring mucunghul teh. Eta meureun pedah kuring can muka jeket bari nyoren kantong keneh.

Gancang ngeunaan Si Lalaki teh ditanyakeun ka Mang Tamim. Ti manehna kuring meunang katrangan yen eta teh memang salakina. Mustofa ngaranna mah. Ngan cenah kalakuanana rehe kacida. Mumul kana gawe. Segut kana ameng. Jemprak weh di pos ronda jeung papada nu garejul nu jadi agenda utamana sapopoena teh.

“Puguh ge goreng nasib Neng Atih mah. Rupa geulis ge ngadon pruk kawin jeung tukang nyelud,” Mang Tamim semu kekerot. “Tuh geura si seludna mah malah ameng sareng belut. Cing, pantes teu eta kalakuan teh?”

“Enya eta mah lalaki teu boga cedo. Pamajikan geulis teu dihargaan. Kuring ge manglebarkeun, Mang…”

“Tah, muhun lah da Pa Imam mah lengoh keneh ieuh, Mamang mah satuju pisan! Tempas Mang Tamim.

“Satuju kumaha, Mang?” kuring kerung.

“Muhun, salib bae ku Pa Iman…”

“Ah, ari teun teh. Piraku kuring kudu ngarebut pamajikan batur,” kuring ngagebes.

“Tuda pantes direbut ge Si Mustofa mah. Kieu bae atuh Pa Iman, judulna sanes ngarebut, tapi ngajait Neng Atih tina katunggaraan…”

“Wah, siga sinetron bae make dijudulan,” cekeng bari ngengkeg rek muru ruang guru.

Ah, Neng Atih. Aneh, kuring teh bet jadi inget bae ka manehna. Najan can pernah amprok deukeut, komo nepi ka ngobrol mah, tapi manehna sok nganjang bae kana babancik hate kuring. Sawah hareupeun sakola sok ngadadak jadi endah mun pareng manehna aya. Sabalikna hate sok ngarasa leungiteun mun di sawah manehna teu tembong.

Boa-boa… enya boa-boa kuring geus kajamparing asih ku dirina. Hanjakal dirina geus aya nu miboga. Da lamun manehna lengoh mah ti bareto oge pasti geus diwawuhan jeung dijugjugan eusi hatena. Eta panasaran pisan hayang ngobet harti imutna nu teu weleh dibaledogkeun ka kuring mun pareng bentrok panenjo.

Ah, sakapeung mah sok hayang nurut kana omongan Mang Tamim. Pajarkeun teh rebut bae demi hiji misi ngajait Neng Atih tina eksploitasi mangkeluk siga Si Mustofa. Tapi naha bener dina imut Neng Atih teh aya panggupay sangkan kuring ngojayan kasangsaraanana? Inget ka dinya hate teh sok murengked deui.

Teu karasa, kuring apal ka Neng Atih teh geus saumur jeung pare nu ku manehna unggal poe diome. kamari ieu sawah hareupeuna sakola geus dipibuatan. Malah geus mangsa maracul deui.

Dina hiji isuk hate kuring deui-deui mudigdig ambek ka Si Mustofa. Bener-bener telenges tah si kasebelan teh. Manehna tembong gogoleran di saung sadengkeun nu ngagecruk macul mah kalah Neng Atih.

Mani hayang sajleng-jlengeun kuring ka sawah rek ngarebut pacul tina leungeun Neng Atih. Memeh dipake macul ku kuring rek dihabekkeun heula kana babatok Si Mastofa. Tuman jeung lain antepeun tuda. Lamun lalaki samodel kitu diantep sina ngareaan, tanwande ieu dunya bakal teu puguh alang ujurna.

Tapi kuring ngan bati ngahelas nenjo leutak ngagejrot kana damis nu geulis. Ngan dina hate kuring jangji hayang geura wanoh ka manehna. Kumaha bae carana kuring hayang pareng ngobrol paduduaan. Tinggal neangan kasempetan. Jeung kuring yakin eta kesempetan teh bakal datang.

Nya dina hiji poe mah, basa kabeneran kantor libur, kuring ngahajakeun mawa jeujeur jeung parabot nguseup lianna. Kabeh ge meunang nginjeum ti Mang Tamim da kuring mah tara pirajeuneun nguseup. Lebah sasak Cikubang kuring mimiti turun ka walungan Cihawar.

Walungan Cihawar teh, walungan leutik nu ngaliwat ka hareupeun sakola tempat kuring di gawe tea. ti sasak Cikubang ka palebah sawahanna Neng Atih teh paling oge tilu ratus meter. Bari rada sasalingkeuran kuring leumpang bari mapay-mapay sisi walungan ka girangkeuneun. Lebah sawah Neng Atih reg eureun.

Kabeneran didinya siga aya anu liuh siga pamatuhan lauk. Kabeneran deuih, din walungan palebah dinya teh  pinuh ku tangkal kakasoan. Jadi mun kuring diuk dina batu lemparah teh tilebah sawah mah moal pati kaciri.

Geuk kuring diuk dina masangkeun eupan. Sedengkeun ceuli mah rancung-rancung wae sugan jeung sugan sys dors Neng Atih.

Teu nyalahan, kira-kira saparapat jam ti harita, kuring mimiti ngadenge nu ting gerendeng. Beuki lila beuki atra nepi ka kuring ngadenge sora jalmaanu keur dareup-areup, sora  ngan awewe anu saurang deui mah kuring teu apal.

Diteges-teges bisi aya sora lalakina, sigana euweuh.

Nu ngaroblol beuki teugeus da  sidana mah arasup kana saung sawah nu pernahna ay tonggoheun tempat kuring nguseup.

“Kamana ari salaki maneh, Tih?” ceuk sora awewe anu babarengan jeung Atih.

“Biasa, Ceu, sare keneh,” tembal Neng Atih.

“Ih, mani dianggap biasa ari Atih. Mun euceumah moal rek ngantep. Dirojok suluh ge moal nanaon lalaki mumul kitu mah. Atawa seblok wae ku cipanas,” kadenge semu sewot pisan anu nyarita teh.

“Ah, awon atuh ceuk kitu peta teh, hiji mangsa ge pasti aya sadarna kana kawajiban hiji salaki,” tempas Neng  Atih mani ayem.

“Heran Euceu mah ari hate Atin dijieun tina naon sih?”

“Sami bae sareng Euceu,” Neng Atih kalah nyeuleukeuteuk.

“Yeuh Atih teh ngora keneh jeung geulis deuih. Geus we ceuk Euceu mah menta pegat ti Si Mustofa. Malah kamari ge Euceu ngobrol jeung Mang Tamin…”

“Ngobrolkeun naon Ceu?”

“Ngobrolkeun Atih. Ceunah aya lalaki nu hayang ngajait kana katunggaraan Atih tina talajak Si Mustofa…”

“Kumaha? baruk aya nu hayang ngajait abdi tina katunggaraan? Ke heula, Ceu. Ari kitu abdi ngarasa tunggara dipihukum ku Kang Mustofa? Palias abdi mah teu ngarasa tunggara. Malah mah abdi ngarasa bagja kacida. Bagja nu taya bandinganana. Sing disungkal ku buldoser oge titah pegat ti Kang Mustofa, abdi mah moal daek!” kadenge sora Neng Atih jadi teureugeus.

“Ah, teuing atuh ari kitu mah. Kuma dinya,” ceuk nu saurang deui semu keuheul.

“Enya barina oge eta mah hak ajasi abdi. Ukur maot nu bakal misahkeun abdi jeung Kang Mustofa. Aeh, Ceu, hayu urang ka sawah hilir. Cenah Euceu butuh anak cau bagja. Di ditu rea geura dina galeng,” ceuk Neng Atih.

Nu ngobrol di saung sawah geus teu kadenge deui. Tinggal kuring ngahuleng ngaraga meneng.

Moal salah deui lalaki nu pajarkeun hayang ngajait katunggaraan Neng Atih teh ditujukeun ka kuring. Memang da kuring geus bruk-brak ka Mang Tamim ngeunaan perasaan kuring ka Neng Atih. Samalah Mang Tamin mah teu sirikna ngahucuhkeun da manehna mah sebeleun pisan ka Si Mustofa teh. Ongkoh sipat anakna keneh ari Neng Atih teh.

Ngadenge kekecapan Neng Atih cikeneh dina hate kuring tumuwuh rasa hormat ka diri Neng Atih. Sihoreng manehna teh tangtungan hiji wanoja nu boga prinsip hirup. Manehna narima kana nasib diri ku hiji sikep nu tanpa beban. Cocoba hirup ditarima ku kasadrahan nu mawa enteng  kana lengkah-lengkahna.

Cai walungan Cihawar nu ngagenyas herang tembong ngerecek ka hilirkeun. Batu, sedong, curug jeung rupa-rupa halangan lianna diliwatan ku sakadang cai bari teu ngarasula. Dina waktuna pasti eta cai bakal nepi ka tujuanana di hilir. Enya meureun siga kitu prinsip hirup Neng Atih ge.

“Bener-bener bagja ilaing Mustofa,” teu karasa kuring gegerendengan sorangan.

Kuring cengkat bari babatek. Jeujeur jeung pakakas nguseup lianna gancang diberesan. Geus kitu mah kuring hanjat ti walungan. Dina hate kuring jangji moal rek nyoba-nyoba ngahileudan kahirupan rumah tanggana Neng Atih.***

Rancah, 8 Pebruari 2008

Dimuat di Majah Mangle No. 2162

Posted in Carita Pondok | Leave a Comment »

Leungiteun Mutiara

Posted by Dendi Rustandi dina Séptémber 15, 2009

Carpon Dede Syafrudin

mutiara

Poe moreret. Sora artis dangdut dina luhureun panggung beuki centil bae, hantem ngagentrean jalma-jalma nu sakirana teu lebar ngaluarkeun duit demi kasenangan dina luhur panggung, selang-selang tina ngabsen kulawarga nu boga hajat minangka basa-basina.

Kuring masih keneh ngantay, nungguan giliran sasalaman jeung panganten. Sok nyeredet puguh upama ningali batur pangantenan teh. Kacipta bagjana. Ngolah rumah tangga, ngalahirkeun laju ngagedekeun barudak, babarengan jeung lalaki anu dipikacinta. Mun geus kitu, teu karasa cimata sok medal na juru-juru mata, lantaran kuring mah boa moal bisa ngalaman hal sarupa kitu. Geuwat kuring nyusut cimata nu geus mimiti merebey. Untung bae kesang nu rembes tina pori-pori kulit ngabantu nyarukeun cimata. Tisu urut nyusut cimata laju dielapkeun kana bagean beungeut lianna anu pinuh ku kesang.

Babaturan anu datang ka ondangan meh kabeh geus ngarais atawa nungtun budak, aya oge anu keur bareuyeung kakandungan. Ngan kuring anu lengoh teh. Nyorangan, kadua amplop.

“Is, mana calonna?” ceuk Wina, panganten awewe, waktu kuring geus nepi ka lebah panganten.

Kuring ukur imut, maur.

“Wilujeng ngawelah rumah tangga. Mugia janten kulawarga sakinah al mawaddah,” kuring maksakeun ngomong, sok sanajan tikoro karasa nyelek.

Geus sasalaman mah geuwat kuring muru ka tempat parasmanan. Beres barangdahar gagancangan pamit sok sanajan babaturan rea nu muntangan ngajak ngobrol. Sok sieun naranya, iraha kuring ka bale nyuncung. Untungna bae kuring pinter nyieun alesan.

Lamun nepi ka kiwari kuring tacan aya niat oleng panganten, lain hartina taya lalaki anu hayangeun atawa anu ngadeukeutan. Tapi hate kuringna anu henteu merean. Inggis nguciwakeun. Inggis engkena kuring dicacampah.

“Na rek milih lalaki nu kumaha atuh hidep teh, Iis? Nu itu lain nu ieu lain. Mangkaning umur hidep teh terus nambahan,” mindeng pisan Mamah nyarita siga kitu.

Kuring ukur gideug lalaunan. Teu wani balaka hal anu saenyana. Mun geus kitu, kuring sok ngarasa hanjakal hirup di masarakat anu masih keneh kuno. Anu masih keneh masualkeun “kasucian” hiji mojang dina mangsa oleng panganten.

Sok sanajan kitu, kuring henteu ngarasa hanjakal kungsi “deukeut” jeung Mang Ade, salaki Bi Neni adina Mamah. Ti saprak Bi Neni kawin ka Mang Ade-harita kuring masih keneh kelas lima SD-teuing ku naon kuring bet langsung deukeut jeung Mang Ade. Beuki lila beuki deukeut, malah laju ditambahan ku ogo, siga ka bapa sorangan. Eta meureun pedah kuring jarang panggih jeung nu jadi bapa, da puguh gawena dina kapal laut anu kudu balayar ti pulo ka pulo, malah kadang-kadang nepi ka luar negri. Panggih jeung bapa teh paling remen oge ukur sabulan sakali.

Nincak ka SMP kuring masih keneh ogo ka Mang Ade. Bi Neni oge tara sawan geureuh upama kuring lelendean ka Mang Ade teh. Kituna teh meureun pedah sanggeus sababaraha taun ngawangun rumah tangga, Bi Neni jeung Mang Ade tacan kabiruyungan boga turunan. Mang Ade deuih, bener-bener ngogona ka kuring. Sagala dipangmeulikeun, ti mimiti kaperluan sakola nepi ka baju. Atuh mun iinditan kuring mindeng dibawa. Kadang-kadang jeung Bi Neni, tapi remen oge ukur jeung Mang Ade wungkul, dibonceng kana motor.

Ngan teuing ku naon, ti saprak sakola di SMP mun deukeut jeung Mang Ade sok aya rasa nu aneh. Sok tingsariak saawak-awak. Kuring jadi mindeng nyidik-nyidik pameunteu Mang Ade. Ceuk pamanggih kuring, memang kasep Mang Ade teh, pantes Bi Neni rek bogoheun ge. Nya kasep nya bageur deuih.

Dina hiji mangsa, kuring anteng neuteup pameunteu Mang Ade nu keur jongjon lalajo acara musik dina tv. bangun nu terus asa, Mang Ade ujug-ujug ngalieuk ka kuring. Teuing ku naon, kuring ngarasa era kabina-bina, asa rek maling tuluy katohyan. Gancang kuring tungkul, bari samar polah.

“Ditilik-tilik beuki gede teh Iis asa beuki geulis bae,” ceuk Mang Ade.

Mireng omongan Mang Ade kitu, hate kuring ngadadak bungangang, asa ngapung ka awang-awang. Papadaning kitu, angger tungkul, sarta beuki samar polah.

Kolesed Mang Ade diuk ngadeukeutan kuring. Ragamang leungeunna ngusapan buuk. Goledag kuring kana lahunan Mang Ade. Tina sela-sela ngagebrungna sora tv, hawar-hawar kapireng sora kerek Bi Neni di kamar.

“Mang…,” ceuk kuring.

“Aya naon…?” Mang Ade neuteup anteb.

“Ah henteu ketang…,” kuring ngalieus, aya rasa anu hese dikedalkeunana.

“Ih teu puguh Iis mah. Palay naon nu geulis teh?” sora Mang Ade leuleuy.

“Parende, Mang…”

“Pan ieu nuju, geulis…,” ceuk Mang Ade, bari ngusapan deui buuk kuring.

“Naha teu tunduh bae?”

“Tadi siang bobo lami teuing meureun. Sok peureumkeun geura, engke ge bakal tunduh,” tembal Mang Ade.

Kuring nurut kana saran Mang Ade, lalaunan peureum dina lahunan Mang Ade. Sanggeus aya kana sawatara menitna kuring peureum karasa Mang Ade ngambung taar. Biwirna karasa semu baseuh. Nyah kuring beunta.

“Geuning teu acan bobo?” sora Mang Ade semu ngageter.

“Teu tunduh bae atuda…!”

Mang Ade teu nembalan deui.

Laju kuring neuteup kana tv nu masih keneh ngagebrung, midangkeun video klip musik Barat. Katembong adegan dua urang model video klip, awewe jeung lalaki, keur paduduaan. Ngabandungan eta adegan, ambekan kuring ngadadak asa beurat. Ret ka Mang Ade, katembong dadana naek turun, semu renghap ranjug.

“Ari Iis tos gaduh kabogoh?” ujug-ujug bae Mang Ade nanya.

“Teu acan. Ku naon kitu?”

“Atuh teu acan ngaraos paduduaan siga na tv bieu?”

“Nya teu acan. Yey Mang Ade mah baong, make naros nu kitu sagala…!”

“Tos pinter nyebat baong ayeuna mah nu geulis teh.” ceuk Mang Ade, ditungtungan ku ngajembel pipi kuring.

“Ih, siga ka budak bae Mang Ade mah…!” kuring ngepeskeun leungeun Mang Ade tina pipi.

“Tos ageung nyah Iis teh?” Mang Ade angger ngoleg.

“Nya muhun atuh, da tos SMP.”

“Geuning teu acan gaduh kabogoh.”

“Nya teu acan we…,”

“Pasti teu acan ngajaran disun.” Mang Ade ngantelkeun biwirna kana pipi kuring.

Kumis Mang Ade nu semu jocong karasa rada ngagasruk kana pipi. Hate ngadadak ratug. Pacampur antara sieun jeung suka… “Mang Ade baong…!” sora kuring ngageter.

Mang Ade seuri, ngalenggak kana panyarandean korsi. Geus kitu mah tuluy bae matana manteng deui kana tv. kuring nurutan.

Layar dina tv masih keneh acara vidieo klip musik Barat. Lagu jeung penyanyi katut model anu midang dina video klip geus ganti. Beuki peuting teh adegan-adegan anu dipidangkeun ku pasangan model dina video klip beuki panas. Kareret dada Mang Ade leuwih karep naek turunna, siga anu geus lumpat rada jauh. Ujug-ujug bae tina jero lahunan Mang Ade karasa aya nu nyurungkuy, nyundul kana embun-embunan kuring.

“Pasti Iis oge teu acan kantos sun bibir…,” Mang Ade ngomong deui semu diharewosan kana ceuli kuring.

“Yey…!” kuring ngabirigidig.

Teu kanyahoan biwir Mang Ade geus ngadeukeutan biwir kuring. Lalaunan…

“Kang…! Kang Ade! Geura kulam atuh, tos wengi. Tong ka nu tv bae…!” kapireng sora Bi Neni ti jero kamar.

Mang Ade ngorejat. Pon kitu deui kuring. Mang Ade geuwat mareuman tv, laju rurusuhan asup ka kamar. Kuring mah ukur molohok, nuturkeun lengkah Mang Ade ku paneuteup…

Sanggeus eta kajadian, kuring jadi remen nongton tv nepi ka tengah peuting, ngabaturan Mang Ade. Saban peuting teu weleh miharep Bi Neni gagancangan sare. Lamun Bi Neni teu sare wae, milu lalajo tv nepi ka tengah peuting, hate kuring sok jadi medenghel.

Dasar kudu panjang lalakon, dina hiji waktu kuring diajak nganjang ka imah dulurna Mang Ade. Bi Neni teu bisa milu lantaran keur teu garenah awak. Nepi ka nu dijugjug, nu boga imah teh bet suwung. Mang Ade ngahuleng. Mangkaning harita geus magrib, jaba hujan ngadadak turun ngagebret, moal mungkin balik deui. Untung bae teu lila datang tatangga nu boga imah, dipayung, laju ngasongkeun konci imah.

“Ieu katitipan konci ku Pa Maman. Saurna aya kaperyogian, ngadadak,” pokna.

“Oh, nuhun,” tembal Mang Ade, bari nampanan konci.

Geus kitu mah kulutrak bae Mang Ade muka konci panto. Kuring jeung Mang Ade asup ka jero imah. Peutingna, kuring kekedengan di tengah imah, luhureun karpet. Saperti biasa Mang Ade ngusapan buuk. Lila-lila Mang Ade oge milu ngedeng, tukangeun kuring. Ambekan Mang Ade karasa ngahebos kana punduk. Tina buuk leungeun Mang Ade pindah kana tonggong. Mapay. Waktu nepi kana kancing baju, kuring peureum, tiepereket. Ambekan Mang Ade karasa beuki tarik ngahebos.

Ti harita, Mang Ade jadi beuki bageur ka kuring. Jadi beuki mindeng mangmeulikeun rupa-rupa barang karesep kuring. Sarta mindeng ngajak ulin ka tempat-tempat anu bisa dijadikeun tempat paduduan antara kuring jeung Mang Ade. Kabiasaan kitu manjang nepi ka kuring sakola di kelas dua SMA. Hubungan kuring jeung Mang Ade pegat lantaran Mang Ade dipindahtugaskeun ka luar pulo Jawa. Bi Neni oge kapaksa nuturkeun nu jadi salakina.

Ti SMA nepi ka tamat kuliah, nepi ka tuluy boga gawe, kuring tacan kungsi ngabina hubungan jeung lalaki lian. Sok tuluy dijauhan mun aya lalaki nu ngadeukeutan ge.

“Pokona lalaki nu ayeuna mah ku hidep kudu ditarima. Kudu jadi, mun hidep hayang keneh diaku anak ku Mamah!” kitu ultimatum ti Mamah, sababada dua minggu kaliwat mawa lalaki anu rek dijodokeun ka kuring.

Emh, Gusti… kedah kumaha pipetaeun kuring… Nyanghareupan ultimatum ti Mamah teh hate kuring dilimpudan kabingung, lantaran moal mungkin balaka ka saha bae oge ngeunaan kajadian anu kungsi kaalaman ku kuring. ***

Dimuat di Majah Mangle No. 2159

Posted in Carita Pondok | Leave a Comment »

Pileuleuyan Eretan

Posted by Dendi Rustandi dina Séptémber 15, 2009

Carpon A.Y. Hudayat

pileuleuyan

Kudu ngejat ka lebah mana? Hujan jeung cai umpalan terus nyiksa awak. Beuki karasa tiris jeung eungap. Raga kokoleaban. Kalalincesan beungeut pipamajikaneun jeung pianaktereeun; sislihsered barudak sakolah siga nu pada-pada hayang ditanggap. Ngolebat budak peuntaseun eretan nu katembong jigrah mapag kuring. Remen megat kuring bari balaka menta kapur tulis. Deudeuh teuing…

Mana pamuntangan teh? Hate terus jumerit. Cai umpalan terus ngagunasika raga jeung rasa. Hujan beuki ngagebret; beuki ngebrehkeun ti detik ka detik teh kacida tohagana mirusa diri, teu pisan mere lolongkrang. Kuring terus jumerit. Hayang terus ngarawelan rasa dina awak nu keur digunasika. Da geuning teuteup pianaktereeun terus ngumaha: saha nu baris jadi pananggeuhan diri? Hayang memener rasa nu kamari sabab kuring kungsi teu ieuh ngerong rasa nu nganti-nganti ti peuntaseun eretan… mapag bari salawasna jigrah. Ku remen teuing mah, kuring sok bae kaangsonan rasa: naha make ngagugulukeun teuing anak batur bari ngajawab saengabna: beak kapurna ge!

Deudeuh teuing….

Tulisan dina bor masih keneh rapang. Bukti sesa panungtungan kumelendang di ieu dunya. Tacan kaloris ku sasaha ge pedah kapegat ku libur panjang nasional: tanggal dalapan, salapan, jeung sapuluh. Kuring ngan bati ngaheruk. Asa tacan cacap kedal panungtungan harita. Saha nu baris jadi gaganti, padahal kuring geus kagok jangji. Minggu hareup barudak rek ditanggap, sina tapis ngedalkeun cita-cita jeung jugjugeun hirup jaga. Bagja temenan lamun kuring bisa ningal maranehna jigrah nembrakkeun kasuka alatan kahayang nu keyeng dibarung ku kaludeung nembrakkeun rasa bari disumangetan ku babaturanana. Ehm… moal boa baris budal ieu cimata nyanggrah rasa nu ngan mampuh semet nyaho si anu hayang jadi anu, si anu rek neruskeun tapak lacak kolotna, si anu rek nyipta-nyipta rasa heula nepi ka tuluy disurakan ku babaturanana; nu saurang uman-imen siga geus anjog dina lebah kahayang nu sabenerna, nu saurang deui neuteup teleb ka kuring nyidem pananya: naha baris kasaksian jaga?

Asa cikeneh. Panungtungan, kuring di kelas. Barudak sakumaha biasana, saregep ngabandungan kuring najan kalan-kalan katembong aya gurat-gurat tarang nu karerung. Salahsaurang murid ngingetan; ieu mah dinten Kemis sanes Jumaah. Kuring reureuh sajongjongan. Aya rasa nu kakalincesan: kahayang mah ieu teh enya… jumaah; liwat jam dua beurang. Tapi jolna ti mana eta kahayang teh bet ngadak-ngadak hayang ngaluncatan sapoe. Taya rindat maranehna nu kudu dihartikeun yen diri meh aya dina panungtungan. Taya rempankeuneun keur awak nu kapibanda mah. Harita diri teu mampuh ngerong poe panungtungan keur kuring. Ngan sakolebat kungsi ngimpleng: na ranjang diriung ku dulur-dulur. Halon naker dituyun muru hambalan anyar kahirupan. Geus remen kaimpleng. Implengan nu didama-dama najan kanyataanana beda.

Awak terus kabawa cai umpalan. Kudu ka saha diri ngagero sangkan nu nareangan layon gancang muru caringin. Nya di dinya pisan jasad kuring katalimbeng akar caringin nu geus mulan-malen ngadodoho dina sisi wahangan nu nyarengkedong. Kudu nyacapkeun naon sabot kuring papuket ngaleupaskeun awak tina beungkeutan akar nu pajurawet? Kuring jumerit. Tiris jeung eungap. Kuring papuket. Karasa beuki eungap. Awak kacida lungse jeung tiris.

Karasa awak aya nu nyangkeh. Teu ieuh bedas. Paneuteupna siga nu nalek: naha geus cacap nalingakeun anakna? Kuring peureum tapi nu nyangkeh antra neuteup teleb ka kuring. Galecok na hate sewang-sewangan. Naha diri dikadarkeun kudu kieu?

*****

Teu wasa neuteup paroman alum pianaktereeun; pianaktereeun nu teu kungsi kapibanda dina status nu jinek Dirina tangtu leuwih ti kuring sungkawana. Taneuh nu beureum keneh, ku manehna dikoeran ku rokrak. Teu laju. Hayang nepungkeun rupaning harepan jeung jawaban. Cimatana murubut.

Dikadarkeun nunggelis, indungna ngan cacap nyaksian jigrah anakna nepi ka umur salapan taun. Budak ngahaja remen ditanggap sina tapis ngedalkeun rasana. Balaka, hayang jadi pulisi, cenah.

Dikadarkeun tepung jeung si jenat tur anakna, aya dunya anyar keur kuring. Ngalelemu rasa tina rupaning kaayaan nu kalan-kalan holna teu disangka-sangka. Sasalingkeran, nunutur renghap nu sarua nyamuni; balakaeun dina mangsa nu berag pikeun silihpapag kanyaah.

Kungsi eta oge harita jenatna ngumaha ka kuring. Cenah satapa-tapa hayang pungkas bisa nyaksian anakna macakal. Sabengbatan teleb neuteup kuring. Taya nu kedal deui. Poe panungtungan harita teu cumpon mungkas rupaning rasa keur dirina jeung anakna, nu mimiti holna tina ngan kadar silihtalingakeun nu sipatna saperluna.

Silihtalingakeun teu leuwih ti hirup natangga. Najan mimiti wanoh teh, ised sataun ti saprak kuring pindah kontrakan ka ieu lembur. Kadieunakeun mimiti wawanohan. Sakapeung nu nyalingker na hate teh menta dijonghokkeun ka dirina ku semu nu nyata; nembongkeun rasa nu disubadanan ku balaka.

Hayang balaka tapi tacan tepung dina hate nu panceg. Hate kalan-kalan sasalingkeran, malibir, mapay-mapay rasa nu can kungsi kedal. Lah-lahan hayang puguh tungtungna. Cukang lantaranana mah jasa nu boga kontrakan, nu dicicingan ku kuring. Cenah, geus asa ka anak sorangan ka kuring teh. Kuring terus dihatean sangkan ngalilindeuk si jenat nu harita jadi tatangga anyar nu pada-pada sarua ngontrak.

Tadina mah rek muka lawang, naratas haat mikanyaah ka indung jeung anakna. Susuganan katarimakeun. Nyaho ka eta kulawarga teh ti Bu Saeni nu boga kontrakan.

“Tah milik Jang Adang sigana mah,” cenah bari ngagelenyu.

“Naon tea, Bu?”

“Tadi aya nu neangan kontrakan. Minggu hareup jadi nyicingan kontrakan Ibu teh.”

“Milik abdi?”

“Enya…. Geura-geura atuh. Pijodoeun mani geus narampeu. Sok lah!” cenah bari siga nu ngahajakeun hayang terus disanggut. Ningali kuring jongjon nyemprotan manuk poksay na kurung, manehna gancang nyampeurkeun.

“Ieuh kasep… bageur… tong kajongjonan teuing atuh. Nyaan ieuh Ibu mah. Sok dirojong ku Ibu. Najan jinisna randa, solehah nu penting mah! Punten, ulah nyangka ibu tega. “

“Randa?” kuring kerung. Hate ngutupruk. Maenya teuing lamun teu mampuh ngahiji jeung nu weuteuh teh. Kuring gancang ngagantungkeun kurung kana tihang parantina gigireun tepas.

“Alaaaah bageur… lain Ibu pipilueun. Tobat paralun. Henteu. Ibu mah ngan ngilu nyaah,” cenah. Tungtung kedalanana kadenge dumareuda.

Kuring cengkat muru lawang panto. Karasa aya nu nampeu rek nepakeun rasa nu baris ngabeungbeuratan dada.

Rumegag mah geus tangtu. Rek nepi ka iraha? Nungguan cumpon mah iraha boa. Hate terus galecok, silih peredih sangkan gancang disubadanan.

“Manawi kagungan hekter?” cek kuring neang pijalaneun tepung sakalian rek muru kantor.

“Aya. Sakedap,” cenah. Teu nitah ka jero.

“Punten ngarerepot.”

“Henteu….”

Hate nyelengkeung nitah diri ka jero, ngalelebah rasa, susuganan nu boga imah teu kapiheulaan ku hayangna kuring unggah. Dua menitan, can nyelengkeung bae ti jinisna. Kuring ngajanteng, guntreng jeung hate sorangan.

“Mangga.” Nu dianti nyolongkrong ngasongkeun hekter.

“Hatur nuhun.” Kuring ngajanteng keneh, susuganan lawang panto teu gancang ditutup deui. Manehna ngan padu imut bari unggeuk. Hese neguh hatena aya dina lolongkrang nu mana.

“Nanging eusina sakedik deui.”

“Teu sawios. Cekap… mung kanggo amplop tali ieuh.Upami teu dihekter, talina teu acan kantenan angger pageuh dugi ka tujuan. Tebih mangkaning.”

“Maket ka mana?”

“Rerencangan di Kendari pesen buku.”

Manehna ngagelenyu. Tangtu aya nu karawel ti pasemon kuring. Kuring gancang ngasongkeun deui eta hekter.

“Hatur nuhun”

“Mangga. Punten, nuju ngarihan. Dikantun.” Cenah bari gancang nutupkeun panto.

Can timu jucungna tarekah harita. Kuring ngahuleng. Mimiti guntreng deui jeung hate. Sajongjongan kuring cinutrung sisi eretan; jalan peupeuntasan hiji-hijina nu pangdeukeutna nu nepungkeun lembur kuring jeung tempat ngajar. Teu hayang tereh nepi ka kantor pos, komo deui disambung kudu muru sakola mah. Kuring hayang nunutur rasa nu pacaruk. Hayang timu rasa nu pangkandelna. Sugan aya lolongkrang nu pisugemaeun. Nelatkeun maneh balik, ngahaja mapay jalan suni kapeutingnakeun, weleh tacan timu rasa nu jinek.

Jam satengah sapuluh peuting, panto imah aya nu ngetrokkan. Kuring curinghak.

Manehna nangkeup papakean nu geus ditilepan, nu sabeulah nanggeuy piring.

“Bilih hilap. Tadi siang rada girimis. Sakanatenan dijaitan. Alhamdulillah, didaraykeun di rorompok, gararing.”

Papakean gancang ku kuring ditunda dina korsi. Teuing ku geumpeur. Hate ngaharewos sangkan kuring gancang nitah unggah ka nu keur nanggeuy piring. Nu ngajanteng di luar ngasongkeun piring. Gura-giru muru imahna. Tacan aya isarah nanaon tina teuteupna mah.

Piring eusi goreng sukun dina luhur meja asa katembong ngelemeng. Keureutanana nu ditata nguriling nuturkeun biwir piring lalaunan siga ngagulung terus ngiles kaserep ku sari-sari harepan nu guyang jeroeun dada. Kuring lalaunan ngentep-ngentepkeun rasa kajanarinakeun.

Paselang jeung kahariwang neuleuman kamampuh diri, ku dileukeunan mah teu burung rasa rumegag teh lalaunan kaganti ku sikep silihtalingakeun. Meneran hujan ngecrek, remen manehna rikat ngasongkeun payung. Taya kedalan nanaon. Teuteupna masih meh sarua jeung teuteup basa mimiti tepung. Sakapeung, budakna ngahaja ku kuring disimpangkeun ka sakolana lebakeun sakola kuring. Kalan-kalan indungna rikat mangmegatkeun tukang bubur kacang nu sok ngaliwat pasosore bari gancang nyelengkeun ngabejaan ka kuring.

Ti poe ka poe antukna kuring jeung manehna mernahkeun diri dina pamaksudan nu sarua: susuganan bisa silihpikanyaah nu jucung nepi ka bareng ngabina rumahtangga. Keur kuring geus euweuh hahalang deui. Teuteupna nu teleb jeung kedalanana nu anteb mugurkeun karempan kuring ngeunaan hal nu terus disidem ku dirina. Dalah kuring pribadi tangtu mikabutuh sikep ti dirina nu cumpon jeung harepan kuring sangkan bisa silihpikanyaah najan ukur tina sesa duriat.

“Rarasaan asa melengek wae ieu teh, Kang?”

“Ngemutan saha? Pan Akang jeung Si Uan teu ka mamana.”

“Jenatna Abah jeung Ema kokolebatan bae. Kang Aja deuih.”

Kuring jeung dirina pada-pada ngaheruk.

**

Ngahaja hayang mandeurikeun maneh. Tapi kuring geus beda jugjugeun. Nu nganteurkeun jeung ngurebkeun layon kuring nungtutan hiji-hiji marulang. Pianaktereeun aya nu nungtun, didiukkeun dina bangku leutik handapeun tangkal caringin. Manehna neuteup ka jauhna, nepung-nepungkeun implenganana.

Poe ieu dirina keur meujeuhna perlu pamuntangan. Umurna nu tacan cacap salapan taun, teu bisa disaruakeun jeung tangtungan barudak nu sapantaranana. Rasa kingkinna leuwih ti nembrakkeun yen dirina aya dina rasa sungkawa nu mikabutuh hiji katerangan nu jinek: hirup naha kudu nunggelis? Rasana pacaruk jeung kabutuh dirina aya dina panalinga kolotna.

Remen dirina ngajanggelek jadi hahalang keur kuring jeung si jenat harita. Cenah, moal aya nu mampuh jadi gaganti bapana. Tong wani-wani nyombo. Jenat bapana moal weleh ngariksa dirina. Poean indungna dikurebkeun, kuring hayang nuyun dirina dina tatapakan nu mernah. Sugan bisa kadongkang ku rasa nu kudu mimiti sadrah ti dirina.

“Bapa Uan kudu mulang ti heula, Si Ema sapandeurieunana. Papasten, Uan.” ceuk kuring. Tangtu lain jawaban nu cumpon jeung katerangan nu dipikabutuh ku dirina.

“Uan hayang ka Ema!” manehna mimiti ngareyembeng cimatana.

Teu ieuh rek ngawawaas atawa nyalenggorkeun rasana. Kuring ngabetem. Manehna mariksa paroman kuring. Paneuteupna nyeleksek ka lebah uteuk jeung rasa kuring. “Naha Bapa heula terus Ema? Naha?”

Kuring angger ngabetem tacan manggih jawaban.

“Uan hayang ka Ema.”

Kuring gancang unggeuk. Budak ditangkeup. Sora ngahaja dihalonkeun, meh ngaharewos.

“Jaga. Uan bakal tepung jeung Ema…Bapa…”

“Iraha?”

“Jaga. Ayeuna geura janglarkeun. Jaga tepungan Si Ema jeung Si Bapa ku paroman nu berag. Cantelkeun na ati yen Uan tetep aya nu ngaping ngajaring. Sing panceg.”

“Uan hayang ka Ema. Uan hayang ka Eee…maa..aaa….” Budak beuki sisimekeun.

Kuring teu bisa kukumaha. Masih tacan mampuh neuteup teleb nu sisimekeun harita. Cimatana ngareyembeng keneh. Manehna beuki teleb neuteup ka jauhna. Kuring beuki anteng ngentepan sesemplekan rasa nu geus lawas bacacar paselang jeung kantetan gambar diri nu terus kokolebatan, ngalangkangan sajajalan.

Jalan ngembat. Pipamajikaneun gugupay beh jauhna. Kuring nikreuh muru sampalan nu tan wates. Pileuleuyan eretan… ***

Dimuat di Majah Mangle No. 2159

Posted in Carita Pondok | 1 Comment »

Sabot Nungguan

Posted by Dendi Rustandi dina Séptémber 15, 2009

nungguan

Carpon Chye Retty Isnendes

KESEL, tao! kitu kuring ngagorowok dina HP. Duka surtieun duka henteu. Tapi pan aya tanda seru, maenya teu surtieun yen eta teh betusan rasa kakeuheul. Saha anu teu keuheul atuh menunggu Godot oge matak cangkeul hate. Komo ieu…

Nu lalar liwat geus teu kapencrong deui. Teu fokus. Tunduh deuih. Enya sagala rupa eunteup ari keur kieu teh. Padahal ceuk anjeun mah… dalam menunggu banyak yang bisa dilakukan. Cumah! Ari nganteug ka nu dituju bari teu nepi-nepi mah. Padahal ceuk anjeun deui, ari ihlas mah moal karaos ngantosan oge… Ihlas! Ihlas! Duka ah keuheul Hayoh bae nungguan. Naha sih? Ari kuring tepat waktu bae, ari dikau? Padahal ceuk anjeun deui. Lilahita’ala atuh Neng. Pasti tiasa ihlas. Lilahi! Lilahi!

Masih banyak yang harus kukerjakan tao! Pan barang damel teh kedah salse kedah rnerenah tumaninah, ari ieu hanas nyantongkeun waktu sangkan geura-geura nepi ka nu dituju… kalah kudu ngadaweung di dieu! Rek maca, murel. Rek nulis, teu mawa diari, rek nyieun sajak, teu mood. Tungtungna gado beuki manjangan.

Kutuk gendeng teh mani kamana karep nya. Eta basa geus teu kaukur, naha lemes, naha kasar, naha loma. Kuma karep teuing. Ngaranna ge nu keuheul! Pragmatik we lah! Enya eta teh tanda tina ahlaqul karimah nu teu kajaga. Eta teh mazmumah! Astagfirullaharadziem. Enya ari ku ambek mah sok ngilangkeun wiwaha. Paingan saur Rosul, jaga amarah, jaga amarah, jaga amarah. Tuh nepi ka tilu kali. Atuda keur napsu mah leupas tah kadali teh.

Rarat-reret. Kabeh keur anteug. Nu sorangan bari ngalamun. Nu duaan bari ngobrol. Nu tiluan bari babarakatakan, najan sangu laluncatan tina biwima. Nu opatan, nu limaan. Kabehanana anteng nyanghareupan piring masing-masing. Ah naon hesena, lelerkeun amarah teh ku mesen inuman.

Jus jambu tong diesan, ceuk kuring. Pelayan unggeuk. Ieu keur barusuh. Mending ku jambu mending ku tomat? Ah geus kapalang. Long kuring ngalamun deui. Teu kaur anteug da mahasiswa aya we nu babarakatakan. Waktu ngareret ka beulah kenca… Ke, ke, ke. Siga Pa Dindin guru Fisika basa keur di SMA baheula? Tanya tong? Ah antep. Can tangtu apaleun ka kuring mah, da bodo dina mata pelajaran eksak mah. Ongkoh kaajar ge ngan semester ahir kelas tilu wungkul, da ti kelas hiji mah ku Bu Emi nu oge jadi wali kelas”. Tah, mun Bu Emi mah pasti apaleun, da enya atuh uteuk teh teu bisa dibawa mikir kana matematik, kimia, jeung fisika mah. Beda deui jeung nyanghareupan biologi -matak milih jurusan teh BIOLOGI- atawa basa Indonesia, atawa sejarah, atawa agama mah. Komo basa Indonesia mah. Saha atuh nu teu apal ka nu jago ngarang? Nyieun sajak? Maca puisi? Weningsukmawangi? Moal bireuk deui.

Tapi na… dina Kimia? Dina semester hiji mah, jeblag teh angka 5. Ampun! Saumur-umur, kakara meunang angka beureum kitu! Era nataku. Padahal kuring teh meunang beasiswa di SMP, bentang pelajar ti kelas hiji nepi ka kelas tilu SMP. Ku naon nya? Shock meureun, nyanghareupan sakola pavorit, nu muridna pada ngajugjug ti 10 kacamatan. Ambek etah ka guruna, Bu Lilis. Sebel we ningalina.

Tah harita ku wali kelas, Bu Emi, dipanggil. Ditanya lemah lembut. Dititah ka imahna, dilelemu, jeung sajabana bae. Asa jadi jelema nu pangbodo-bodona harita. Era. Wirang. Jadi apatis weh kana pelajaran eksak teh. Padahal da kuring teh resep macaan petualang-petualang ilmuan (fisikawan, kimiawan) dunya jeung elmu-elmu praktis eksakta.

Pa Dindin, enya Pa Dindin, kaciri dina pipina aya karangan. Kumisna ngajiripit ipis. Rapih bae Si Bapa. Teu robab-robah guru mah geuning. Eta kumis, baheula Si Susi mani tergila-gila, kitu istilahna Si Eta nyebut kagegeloan teh. Guru ngora anyar diangkat, kasep. Wah sabiwir hiji di SMA teh.

Harita mah mani asa loba guru anyar lalaki jaba kararasep deuih. Geura nya: Pa Candra guru Biologi, Pa Rangga guru Matematika. Pa Dindin guru Fisika, Pa Budi guru Kimia. Ituh geura, eksak kabeh jaba karumisan deuih. Mun atuh guru basa Indonesia nu anyar bari kasep teh. Ieu mah ngan Bu Kartinah deui, Bu Kartinah deui, urang Jawa nu geus aya umur tapi geulis keneh. Jeung lalagasan keneh. Bosen.

Geura urang tataan guru-guru kasep teh. Mimiti Pa Candra guru biologi. Pa Candra mah kumisna loba -lain kandel, tapi rapih. Awak jangkung gede, bangbang. Pasipatanana, mun di awewe mah antieum teu loba nyarita, tapi lamun geus nerangkeun, reseeep teh, babari kahartina. Sorana agem halimpu. Ari kulitna hejo carulang.

Nu kadua. Pa Rangga guru matematika. Pa Rangga mah awakna teu jangkung gede tapi jangkung lampayat, kasep. Kumisna rada kandel tapi teu ngajedig. Rada flamboyan anjeunna mah. Nerangkeun matematika teh sok bari imut atawa seuri. Imutna kumaha nya mun digambarkeun mah? Ngagoda kitu? Komo socana. Ah pikiran kuring bae meureun, nu nakal. Atuda resep neges-neges. Tah kulit Pa Rangga mah hideung santeu.

Nu katilu, Pa Dindin guru fisika. Ieu mah awakna sedeng, teu jangkung teu pendek. Pakulitan koneng umyang. Kumisna ipis ngajiripit matak tergila-gila Si Susi jeung siswi-siswi di SMA. Mun imut socana milu imut jeung peureum, da sipit.

Nu kaopat, Pa Budi guru kimia. Ieu mah dikaca mata. Jangkung gede bodas. Kumisna ipis ngageleng. Ari raray inocen ari seuri mani sok ngagakgak, surup kana soanteuna nu handaruan. Pa Budi di antara nu tiluan nu pangfamiliarna, akraban jeung teu jaim alias teu jaga imej atawa teu balaga.

“Hua ha ha ha ha,..” mahasiswa tukangeua ngagetkeun. Jus jambu geus sateugahna.

Geus sajam kuring ngumbar lamunan di dieu. Ka mana atuh ari dikau? Ngareret deui ka Pa Dindin. Nuju naon nya di dieu? Di Bandung? Kuliah deui kitu? Mun disampeurkeun emuteun keneh teu nya? Pan kantos tepang waktu peneropongan bentang. Emuteun sigana lamun disampeurkeun mah tapi moal ah. Pan eukeur mah kuring rada apatis tea, pendak di kelas ngan sasemester, anjeunna rada jaim -atawa kitu meureun karakter urang eksakta mah, tara basa-basi teu cara urang basa; matak rada ningnang ka kuringna, sieun malah ngaruksak suasanana.

Duh jeung guguruwukan deuih beuteung teh, menta eusi. Ret kana jam, geus waktuna dulur beurang hoream oge, kuring pesen sangu jeung soto bandung. Teu lila kurunyung nu nanggeuy baki. HP hurung.

Antosan. Nuju nyarios di forum. Aya tamu ti Medan bade magang. Ngadamel sajak heula we nya! Hih, dasar. Memangna bisa nyieun sajak bari beuteung lapar jeung hate murukusunu?

Ceuk Abdullah Mustappa dina bukuna Wirahma Sajak, aya dua golongan panyajak teh cenah. Nu kahiji panyajak antusias, nu nyajakna ngan bisa merejel waktu dirina aya dina kaayaan mood, dina suasana hate nu antusias waktu ngamalirkeun gagasanana. Ieu mah golongan panyajak handay keneh lantaran masih keneh sumender kana stimulus luareun dirina pikeun kondisi hateua. Nu kadua aya panyajak plastis cenah. Panyajak ieu mah geus bisa meruhkeun saluar dirina ku hateua nepi ka teu malire kana lajuna waktu, jeung kakuatan basana pinuh ku daya-daya nu rohaka.

Ari kuring? Ngaku we panyajak. Enya panyajak antusias meureun. Da teu bisa meruhkeun hate nu keuheul ujug-ujug jadi genah merenah tur ngadukung dina ngaekspresikeun karya.

Beda deui ceuk Chairil Anwar mah. Aya dua golongan sastra teh cenah. Kahiji sastra (sajak) kamar, nu eusi sajak-sajakna heureut ambahanana, sawates rohang kamar

taya ajen nu hebat nu nembus lulurung waktu. Nu kadua sastra (sajak) mimbar, sajak nu eusina nawarkeun ajen luar biasa nu bisa cacarita ngeunaan ajen-ajen kamanusaan jeung kahirupan.

Ari kuring? Sajak teh ngagorowokkeun rasa sorangan bae. Teu aya leuwihna. Matak murel saenyana mah tapi da kumaha kadang leungeun teh bagerak sorangan nuliskeun diksi-diksi jadi puisi ban kadang kuring teu ngarti naon saenyana nu dituliskeun teh. Eta kitu nu disebut tan kasadaran nu nyampak dina diri panyajak/pangarang, ceuk Juhl teh? Lain teu sadar kana tanggung jawab salaku panyajak/pangarang dina ngajaga ajen-ajen moral, tapi leuwih dina proses ekspresi bae, katarsis ceuk Aristoteles mah.

Aeh naha jadi medar nu kitu sagala rupa. ‘Duka ah! Enggal atuh!’ kuring keuheul deui dina sms.

Mangga. Tong ngaroko nya! Kuring mesem. Puguh tadi geus haseum cangkem teh

tapi kaburu lapar. Nya ayeuna waktuna, geus dahar, pangeunah-ngeunahna melenyun. Kuring ngodok saku. Aya keneh Star Mild we nu hampang. Baheula mah enya roko 234,

ngebul terus lir lokomotif. Sanggeus panggih jeung manehna bae ngurangan porsi jeung ngahampangan nikotin ge. Cekes korek api. Sep, ditelen haseup teh bul tina liang irung. Emh ni’mat… Kudu ngopi ieu mah. Tuh da enya, kalah hujan deuih, ngadukung pisan lah. Kuring ngageroan pelayan, pesen kopi. Rada kerung panonna semu curiga. Tapi tuluy ngaleos.

Nuju ngaroko nya? Teu isin? Istri ngaroko? Iraha bade liren. Awon jalingkak. Pan tos jangji. Smsna datang deui. Nyahoeun euy! Hayang pisan puguh. Tapi hese ning. Kudu kuat niat. Harita ge taun-taun geus lila eureun. Ngan waktu ngajelegur perang Hiroshima-Nagasaki, kuring teu bisa ngadalian maneh. Hirup kuring, mun tea mah susunan balok ti A nepi ka Z, maruragan, pasolengkrah, ancur, lebur! pimp kudu ngamimitan deui ti enol. Enolna ge badag. Sacara material, kuring teu teu ngijir hal-hal fisik, cumah, sabodo, dunyawiah ieuh, tapi sacara immaterial, psikologis, ancur burakrakan. Kuring kudu ngainstal deui perasaan, pamikiran, emosi, jeung hal-hal nu sifatna batiniah, unsur jero. Utamana kapercayaan diri nu leungit. Nepi ka kuring gupuy-gapay ngarawelan mangsa heubeui nu kungsi ngaliwat. Ngan untungna, ti baheula, kuring mah teu kabongroy narkoba bae.

Mimiti deui kuring hirup umbaran, bohemian. Awak ruksak. Pagawean ngalanto unggal peuting ukur keur ngahuleng di nu rame. Hirup teu neut paeh teu hos. Tapi anehna kuring bisa nyumputkeun semu ka koleha. Ka batur sapagawean. Teu aya nu leungiteun

atawa aneheun ku sikep kuring. Tugas-tugas ngentep beres bae. Padahal pikiran mah ramijud. Padahal asa rek ilang kasadaran teh. Asa dina tungtung hirup kasadaran teh. Hiji nu diperedih ti Gusti Nu Maha Kawasa: salametkeun akal-pikiran kuring. Eta meureun nu

mageran kuring tina leungit kawarasan. (Asa jadi Edmond Dantes dina Monte Cristo-na.

Dumas, nu dipanjara dina sel bawah tanah. Dina kateuwalayaanana dina jero sel nu poek

mongkleng, dina kaputusharepanana kana kabebasan deui hirupna, inyana ngan menta hiji ti Gustina: salametkeun pikiranana!) Urat saraf kuring ge masih ditangtayungan. Teu nepi ka pegat atawa kongslet. Najan ceuk ukuran elmu psikologi mah kuring teh gering, cenah. Naon geuning ngaranna: neurosis, najan teuing naon ngaran hususna mah. Tapi sakieu mah, nuhun Gusti. Kuring masih cling ka purwadaksi; kana kaoteutikan diri, atawa kasajatian diri najan bari sawareh wiwaha saab.

Nepi ka panggih jeung manehna. Ceuk manehna nu leungit dina diri kuring teh, aspek spiritual, cenah. Geus lila kosong. Teu dibina, diantepkeun ngaranggas sorangan. Jauh ka Gusti. Ah, anjeun, mani nanceb ngabaloborankeun getih cariosan teh. Ceuk anjeun deui. Neng mah kudu dinyenyeri heula ku dikesek-kesekkeun kokotor ruhanina, supaya getih kotorna ngaburial kaluar. Proses penyembuhan. Malah kuduna bari dirukyah. Sangkan daki-daki nu geus ngadagleg teh diseretu. Ganti ku nu anyar. Ruhani anyar. Hhh bener meureun. Tapi kudu aya nu ngabingbing atuh, Engkang.

Tah ieu, kari udud we ayeuna mah. Ngulayaban geus henteu. Solat mimiti deui. Ngaji mimiti deui. Sirungan deui harepan teh.

Aduh! Dua jam. Kacida teuing, anjeun. Hujan geus raat. Naon deui atuh. Mani kitu-kitu teuing kana jangji teh. Padahal sms we, moal tiasa ayeuna kituh, sibuk! Meureun kuring ge moal ayeuna ka dieu. Atawa balik ti tadi keneh.

Roko tinggal sauted deui, sakarna nu geus panjang pisan diteuteup. Can diketrukkeun. Lahhh… najan bari hoream tuluy diketrukkeun bae kana pisin gelas kopi. Bari rek cengkat nu sauted teh dikenyot heula, jero naker, lebar. Waktu rek diserebungkeun…

“Sukma!”

“Sukma!”

Dua sora ngageureuwahkeun. Kuring ngalieuk. Anjeun jeung Pa Dindin. Tuluy anjeun papelong-pelong jeung Pa Dindin.

“Pa Agus?! Kordinator layanan peneropongan bentang?!” anjeun unggeuk.

“Pa Dindin? Ti SMA Sukabumi nu nyandak siswa?” Pa Dindin unggeuk.

Duanana nunjuk ka kuring.

“Sukma?!” Aduh Pa Dindin wawuheun keneh geuning. Kuring katohyan ngaroko ku duanana. Ka mana ieuh miceun beungeut? Bet saha teuing deuih nu daek mulungna? Sarebu kaheran sigana rek diburakeun ku Pa Dindin. Sarebu kahanjelu dipentang ku panon anjeun. Tinggal kuring nu hareugeueun kudu kumaha mungkaskeun carita…***

Sukawangi, 29 Januari 2008

Dimuat di Majah Mangle No. 2161

Posted in Carita Pondok | Leave a Comment »

Rostika

Posted by Dendi Rustandi dina Séptémber 14, 2009

rose

Ku DHIPA GALUH PURBA

Dina lawang panto imah, Rostika ngajanteng, ngajajapkeun salakina anu rek digawe. Imut ngagelenyu. Nembongkeun pamlu hegar marahmay. sangkan salakina bisa manggihan kabagjaan. Nyorang rumah tangga anu kakara dua bulan. Pon kitu deui, salaki Rostika, teu weleh mere sikep anu pinuh kanyaah tur kadeudeuh. Sanajan ukur boga ladang usaha anu pas-pasan. Tapi salakina teu pondok harepan. Tina juru panonna, aya sumanget nu erus ngagedur. Ngalakonan kahirupan anu karasana beuki ripuh. Salakina tihothat digawe indit isuk balik peuting, nyupiran angkutan kota. Atuh ladangna pikeun nyugemakeun anu

jadi pamajikan.

Hanjakal pisan. Tina teuteup Rostika aya kalangkang hideung. Anu mimiti moekan paningalina. Basa salakina naek angkot batanganna, sarta ngabiur ka jalan raya. Kalangkang hideung dina paneuteup Rostika beuld ngandelan. Ngabelegbeg lir moekan satungkebing alam dunya.

Rostika ngarahuh bari meubeutkeun awakna kana kasur nu aya di rohangan tengah, anu sakaiian dijieun rohangan kamama. Leutik pisan imah kontrakanna teh. Ngan aya dua rohangan Nyaeta anu harita dipake ngagoledag ku Rostika, hili deui mah komo leuwih leutik. Biasana sok dijieun dapur. Ari kamar mandina aya di luareun imah. Diajangkeun ku nu boga kontrakan keur pakeeun sarerea, sakur anu ngalontrak di eta wewengkon. Kalah matak kararagok pikeun Rostika mah. Komo ari mangsana bagean ka cai, kudu ngaliwatan heula lawang panto imah batur. Lamun kaparengan kudu ngantri, kurang-kurangna matak aral. Kungsi sakali mangsa, Rostika ngadon mandi tengah poe ereng-erengan. Aya hiji lalaki pangangguran noong tina liang konci kamar mandi. Atuh barang bray dibukakeun teh katara beureumna paroman Rostika awahing ku keuheul. Ari lalakina. kalahka sura-seuri gumasep. Jaba bari memener calanana, siga aya nu disumputkeun, sangkan teu kataraeun ku Rostika. lamun lain ka tatanggana boa geus digampleng eta lalaki anu campelak teh.

Rostika cengkat tina kasur, bari leungeunna ngarongkong kaca eunteung anu ngagoler dinaa luhureun meja pendek. Rostika neuteup beungeut sorangan. Breh sabuleudan rupa anu taya cawadeunna. Ti mimiti buuk anu hideung meles, ngarumbay samet cangkeng, matak geregeteun hayang ngaranggeum. Cacakan pakusut keneh, tacan diangir balas sapeupeuting diusapan ku salakina. Ret kana panon sorangan, cureuleuk hideung matak reueus. Tuluy kana irungna anu mancung: Biwirna ipis beureum kareueut. Gadona lir endog sapotong. “Tapi naha atuh aing teh bet meunang jodo supir angkot?” gerentes hatena. Panonna teu lesot tina kaca eunteung. Ras inget kana kajadian minggu kamari, basa salakina geus indit gawe. Kira wanci tengah poe, aya anu ngetrokan panto imah. Barang bray panto dibuka. Anu keketrok teh Iwan. Budak cikal nu boga kontrakan. Kasep Iwan teh. Awakna jangkung badag. Matak kapincut wanoja anyar pinanggih. Kaasup Rostika. Manehna molohok mata simeuteun. Neuteup Iwan anu ngajanteng dina lawang panto. Iwan ngoloyong ka jero. Nutupkeun panto. Tuluy ditulakan. Rosiika lain teu wani nyarek, tapi asa aya nu nyelek dina tikorona, asa aya nu ngahalangan.

Iwan ngajak imut. Metot awakna kana kasur. Lain teu wani ngambek Rostika teh. Tapi imut Iwan lir nanceb dina jajantung. Basa Iwan ngagalentoran awakna bari ngalaan baju Rostika lalaunan, Rostika kalah peureum. Awakna lir kakalayangan. Teuing aya di mana. Teuing rek dibawa ka mana. Rostika renghap ranjug. Panonna neuteup lalangit. Lir hayang nobros ka luhur, brasna ka awang-awang. Dina mega bodas, Iwan ngajak leuleumpangan. Ngalingling wiati ngalanglang jomantara. Tapi Rostika ngorejat. Manehna asa rek labuh tina mega. Reuwas kareureuhnakeun. Rostika kakara sadar kana kaayaan. Ngan sakilat awak Iwan disurungkeun nepi ka ngajengkang.

Rostika buru-buru mulungan bajuna anu ngalayah dina kasur, terus dipake deui.

“Kaluar …!” Rostika nyentak. Leungeunna nyekel gunting anu kabeneran ngagoler dina panel. Antare naker, Iwan make deui baju. Tapi renghapna ngahegak keneh. Bari semu teu panuju, Iwan Ninggalkeun Rostika nu molohok mata simeuteun.

Rostika satekah-poilah miceun kalangkang Iwan. Tapi keukeuh bae, hate leutikna ngaku yen Iwan teh lalaki anu dipikaresepna. Cacakan lamun teu inget kana doraka mah sabenerna hate leutikna mah ngarasa hanjelu. Teu bisa samemena leuleumpangan jeung Iwan dina mega. Sawangan Rostika beuki mancawura. Inget deui mangsa keur nyorang kahirupan di lemburna, samemeh rumah tangga jeung salakina di Bandung.

Kota kacamatan anu kaitung rame, tempat dumuk Rostika teh. Harita Rostika jadi kembang nu hegar, nyambuang sapatamanan. Nepi ka Rostika lir nyengcelak di lemburna. Teu aneh lamun loba lalaki anu kaedanan. Cep Cucu, anak Pa Camat, teu sirikna unggal burit ngaheroan Rostika. Dani, pangusaha mebel, sarua mindeng ngaheroan. Kageulisan Rostika geus jadi sabivvir hiji, jadi kacapangan balarea. Kungsi aya sawatara lalaki anu pasea rongkah, bentrok basa kaparengan tepung di imah Rostika. Ngan anu watir mah Agus, tukang ojeg anu sarua bogoheun ka Rostika. Kungsi diciduhan ku Rostika, hareupeun pisan babaturanana bari dialungan kaca eunteung.

Di antara lalaki anu mikahayang ka Rostika, taya saurang oge anu bisa meruhkeun hatena. Kabeh bati medenghelna. Cep Cucu mah nepi ka puasa mutih 40 poe-40 peuting. Rostika pipilih teuing. Kahayangna meunang lalaki anu bener-bener luhur kuta gede dunya, sangkan bisa nyenangkeun kahirupanana. Atuh basa dina hiji mangsa aya babaturanana anu ngajakan digawe ka Bandung, Rostika mani haripeut, boga harepan susuganan bisa manggihan lalaki anu mindeng kaimpi-iimpi.

Datang ka Bandung, Rostika digawe di salasahiji pabrik tinun. Najan digawe kasar, tapi teu matak beurat pikeun Rostika mah. Manehna boga kayakinan, dina hiji waktu baris panggih jeung lalaki anu dipiharepna.

Dina hiji poe, basa Rostika balik digawe, papanggih jeung saurang jajaka perlente. Ginding naker. Katambah turun tina mobii anu kacida mewahna. Teu pira mimitina mah, eta lalaki teh nanyakeun alamat Dasar sarua keurpapada sengserang panon. Tina nanyakeun alamat teh jadi tuluy wawanohan. Malah nepi ka Rostika dianteurkeun balikna kana mobil eta jajaka.

Anto ngaran eta lalaki teh. Ngakukeun urang Jakarta anu keur ngagarap borongan proyek di Bandung. nyaritana oge teu bisaeun make basa Sunda. Kawantu aslina mah ti Surabaya, cenah. Rostika anu karek nenjo dangdananana, bet ujug-ujug kataji. Katambah salian ti kasep, Anto teh ngakukeun boga pausahaan di tujuh tempat. Imahna boga lima. Di Bandung, Jakarta, Surabaya, Jogja jeung Bali. Rostika beuki kabawa ku sawangan sorangan. Hayang bisa hirup salieuk beh.

Beuki lila Rostika jeung Anto mingkin raket bae. Meh unggal poe Rostika diantar-jemput ka tempat gawena. Hiji poe Anto ngajak ulin heula ka imahna. Rostika bujeng hingga nampik, malah kacida atoheunana.

Bener bae, imah Anto teh mani hurung-herang. Sarwa mewah. Rostika lir henteu bosen nengetan naon anu aya di jero imah. Sawanganana geus teuing aya di mana. Asa geus laksana ngarangkep jeung Anto, hirup ngahenang-ngahening. Teu aneh. Basa leungeun Rostika diranggeum ku ramo Anto, manehna nyangsaya dina dada Anto. Rostika teu bisa baha, basa awakna disangkeh dibawa ka kamar. Digolerkeun dina kasur. Rostika oge teu wani nolak basa ramo leungeun Anto mimiti ngaragamang, mawa ngapung ngawang-ngawang. Rostika siga anu teu ngarasa kaduhung. Padahal mustikaning dirina leungit dina ranggeuman ramo Anto. Rostika pasrah sumerah. Lir teu inget ka temah wadi. Tapi basa naon anu dipiboga ku Rostika geus dipasrahkeun, Anto kalah ngiles, luntra teuing ka mana. Teu beja teu carita, estuning taya raratanana.

Rostika hanjelu liwat saking. Manehna maluruh laratan Anto. Kaasup imah agreng tea, basa manehna ngadon ngapung jeung Anto. Hanjakal pisan, basa Rostika keketrok ka eta imah, manehna kalah nyaksian sapasang lalaki jeung awewe keur anteng ngumbar birahi. Rostika langsung indit bari mawa hate anu rajet Enya eta oge, anu keur guley teh lain Anto. Tapi manehna beuki ijid. Ceuk pikima, eta imah teh kawasna remen dipake teu uni.

Anto henteu kungsi nepungan deui. Padahal balukar tina pagawean nirca, geus mimiti karasa. Rostika mindeng utah-utahan. Sok ngadadak hayang bubuahan anu hararaseum. Rostika kakandungan. Hatena asa beuki diwewejet.

Sabulan, dua bulan, Rostika teu weleh nganti. Susuganan Anto datang deui. Tapi anu didago-dago teu embol-embd. Beuteungna katara beuki ngagedean. Bumi alam ngadadak asa tungkeb. Rostika lir peunggas harepan. Dina hiji poe, manehna nekad rek ngagelengkeun maneh di jalan raya. Rostika meureumkeun panon basa hiji angkot nyemprung, anu ditaksir bakal nutupkeun riwayat hirupna.

Tapi eta supir kacida tapisna mengparkeun mobil ka katuhueun jalan. Satengah ngambek bari jeung reuwas kareureuhnakeun, supir turun tina mobil. Tapi barang rek nyarekan, panonna kalah molotot mata simeuteun. Bangun teu percayaeun kana tetenjoanana.

“Ros…” kadenge eta supir nyebut ngaran manehna. Rostika ngaranjug. Neuteup ka supir angkot.

“Kang Agus…” ceuk Rostika. Manehna oge kawas cangcaya bisa papanggih jeung Agus, batur salembura anu bareto kungsi diciduhan. Teu sadar. Rostika ngagabrug Agus bari tuluy ngagukguk ceurik balilihan. Ceuk Agus, ti saprak ditampik sapajodogan ku Rostika, manehna nekad pindah ka Bandung, nyiar pacabakan anu anyar tug nepi ka jadi supu angkot.

Rostika oge teu hese nyaritakeun lalakon hirupna. Agus sakedapan ngahuleng semu cangcaya. Nenjo kanyataan kitu, Agus ngarakacak. Ramo leungeunna ngaranggeum ramo leungeun Rostika pinuh ku kanyaah. Malah kaluar kecap, cenah Agus rek ngawin Rostika, sanajan dina kaayaan keur kakandungan.

Kawilang sabar Agus teh. Sanajan unggal peuting sare sagebrug jeung Rostika, tapi manehna teu wanieun ngaganggu kandungan Rostika, sanajan Rostika moal nolak lamun Agus ngajak reureujeungan ilaharna panganten anyar. Rostika mimiti sadar, horeng Agus teh kacida belana.

Dina hiji poe, basa Rostika keur mandi, manehna tisoledat. Labuh kana tembok Atuh puguh Agus kareureuwasan. Rostika langsung dibawa ka dokter. Rostika kaguguran. Aya rasa sedih anu nyangkaruk dina hate Rostika jeung Agus. Tapi duanana sadar kana papasten Gusti. Moal bisa dihalang-halang ku saha bae.

Sanggeus utun inji anu dikandung ku Rostika teu bisa gumelar ka alam dunya, meunang sawatara waktu mah rumah-tangga teh repeh-rapih. Taya pipaseaeun. Atuh komo deui Agus geus bisa laksana nyandingkeun Rostika. Pangantenan jeung wanoja anu kaada dipikacintana. Kanyaah jeung kadeudeuh Agus tamplok pisan ku Rostika. Bumelana, kasabaranana.

Tapi Rastika leumpeuh yuni. Manehna mimiti katarajang deui kasaldt kadunyaan. Ngarasa teu sugema boga salaki ka supir angkot. Datang deui kahayang pikeun meunangkeun lalaki anu bisa ngangkat darajatna. Lir ngadadak poho ka Agus anu geus nulungan manehna.

Antukna, ti poe ka poe, anu dilakonan ku Rostika teh ngan ukur jijigaan, ngan akon-akon. Kanyaahna ka Agus teu nepi kana bayah. Beungeut nyanghareup ati mungkir.

**

Rostika seuri sorangan bari neundeun deui kaca eunteung kana luhureun kasur. Dina hatena geus gilig rek ngageroan Iwan. Rek ngajak leuleumpangan deui dina mega. Sanggeus memener pakeananana, Rostika ngalengkah muru kana panto. Tapi Barang rek djbuka, kaburu aya anu keketrok ti luar.

“Pasti eta teh Iwan,” ceuk gerentes hatena. Rostika teu jadi mukakeun panto. Manehna kalahka ucul-ucul, ngalaanan pakeanana bari ngagoledag kana kasur. Awakna ditutupan ku simbut. Geus kitu mah manehna ngadedempes bari ngadedengekeun sora anu keketrok. Teu pati lila panto dibuka ti luar. Lalaunan naker. Rostika ngagulitik nangkuban. Api-api keur sare tibra. Simbutna ngahaja disingkabkeun. Rostika seuri dina hatena. Aya sora lengkah ka jero kamar. Teu lila karasa aya nu ngadeukeutan, siga anu geregeteun hayang ngerekeb.

Rostika api-api teu inget, basa awakna aya nu ngagulang-gaper. Panon Rostika angger peureum. Rostika oge kabawa renghap ranjug. Panonna peureum. Kajadian basa kakalayangan jeung Iwan, leuleumpangan dina mega, harita kalakonan deui. Rostika lalaunan beunta. Barang breh, kacida ngaranjugna ningali anu keur ngalempreh di gigireunnana.

“Mas Anto …!” pokna Rostika.

“Maafkan saya, Ros. Dulu saya tidak bilang sama kamu waktu mau berangkat. Soalnya saya mendadak harus menyelesaikan proyek yang terhambat di Jaya Pura,” tembal Anto semu ngalengis. Ramo-ramona ngusapan buuk Rostika.

“Mas Anto tahu dari mana saya tinggal di sini?”

“Saya teman dekat Iwan. Jadi saya tahu banyak tentang kamu dari Iwan.” Rostika katara semu ngaranjug. Kawas manggih kareuwas dadak-dadakan. Beungeut Iwan jeung Anto piligenti dina tetenjoanana. Katembong deui, Agus nu keur luut-leet kesang nyupiran angkot.

“Ayo kita pulang ke rumah kita,” ceuk Anto.

Rostika ngadadak siga anu ditenung. Kawas nu poho basa manehna rek ngagelengkeun maneh di jalan raya. Rostika nurut kana kahayang Anto. Rostika teu baha basa leungeunna dikenyang, dibawa kaluar ti dinya.

Di Imah nu baheula, Rostika jeung Anto sukan-sukan nyacapkeun kasuka. Iwal ti eta, Rostika oge teu eureun ngalegukan inuman. Pikiran Rostika ngalanglang ka awang-awang. Asa aya di alam mana. Di tempat nu sarwa anyar. Les bae Rostika teu inget di bumi alam.

Bray, panon Rostika beunta. Karasa aya anu tipepereket ngeukeupan awakna bari renghap ranjug. Barang breh, Koceak… Rostika ngajerit. Saurang lalaki tengah tuwuh rerengosan ngadeukeutan beungeutna. Tapi Rostika teu bisa kukumaha. Teu walakaya. Ngan bati sumerah. Tina sela panonna, ngadadak aya nu merebey.

“Anto biadab, Anto setan …!” Tapi ukur dina hatena. Tina biwima teu bijil kecap nanaon. Iwal ti haharegungan nahan kanyeri.

“Hapunten abdi, Kang Agus …” gerentes hatena.

**

Satengah lungse, Rostika turun tina ojeg. Gembolan dijingjing. Panonna neuteup wangunan imah anu geus sakitu taun ditinggalkeun. Katembongna geus semu doyong, siga anu rek runtuh. Lalaunan Rostika leumpang, lir taya tangan pangawasa.

Anjog ka buruan imah, ngahuleng sakedapan. Di jero imah pinuh ku jelema. Di pipir aya nu dokdak neukteukan awi. Srog kana golodog, panggih jeung Pa Erte.

“Aeh, geuning Neng Rostika. Nya ka mana bae?” Pa Erte nanya.

Rostika teu ngajawab. Manehna buru-buru asup.

Barang breh, lanceuk-lanceukna geus ngariung. Indungna diuk di tunjangeun nu ngajepat di tengah imah, bari sarerea rawah-riwih.

“Saha nu maot?” Rostika nanya ka nu diuk gigireunana.

“Apan bapa Eneng!”

Rostika ngaranjug. Sakedapan mah teu bisa nyarita. Tapi bangun anu teu sadar, Rostika nelenyeng ka hareup. Gabrug kana layon. Terus ceurik ngagukguk.

Keur anteng ngumbar kasedih, karasa taktakna aya nu nyekelan. Rostika jadi inget, kana usap ramo hiji lalaki basa manehna rek kageleng mobil.

“Ari Nyai ka mana bae, ku Akang diteangan. Sugan teh miheulaan mulang ka lembur. Hampura Akang nya, sing sabar bae ayeuna mah. ” ceuk hiji sora anu pikeun Rostika mah geus kacida wanohna. *”*

Ranggon Panyileukan, 2000

ROSTIKA, minangka carpon anu munggaran dimuat di Majalah Mangle. Samemehna, tacan aya carpon anu dimuat di Mangle atawa media massa Sunda sejenna. Dimuat dina Majalah Mangle No. 1782, taun 2000

Posted in Carita Pondok | Leave a Comment »

Nu Paruasa di Korea

Posted by Dendi Rustandi dina Séptémber 14, 2009

nu_paruasa

Ku KANG YA

”Kamari mah ampir meh-mehan bocor uing mah Mas,” ceuk Rudiat ka Jasmidi, nyebut Mas soteh pedah wae Jasmidi mah urang Indramayu.

”Wah….kade atuh, kumaha kitu make ampir bocor sagala Rud?” Ceuk Jasmidi bari anger lalangkarakan hareupeun tipi, ari panonna mah anger bae mencrong kana layar kaca, panasaran hayang nyaho panganggeusannana carita nu keur disiarkeun na tipi. ”Nyeta puguh ge euy, Sajangnim teu kira-kira nitah uing ngangkutan balok kai mangkibik-kibik. Teu digugu kumaha da puguh kadunungan sanajan enya eta teh lain bagean kuring, teu kuhanteu deuih si Sapta teu datang, gering cenah, teuing gering teuing akon-akon ketah,” walon Rudiat.

”Enya nya, jeung deui puasa taun ieu mah asa karasa pisan, asa leuwih beurat batan taun-taun samemehna nya Rud? Atawa karasa beda teh pedah ku urang bae kitu, pagawe kasar, kuli konstruksi, sigana moal karasa ku para pelajar jeung pagawe kantor KBRI mah meureun nya?” Ceuk Jasmidi, bari korejat hudang, gek diuk nyarande kana gulungan kasur, panon mah anger bae molotot kana layar tipi.

”Teuing atuh ah teu apal Mas, ngan nu jelas mah panan taun ieu mah puasana dina ahir musim panas jadi waktu beurangna meh sarua jeung di urang. Beda jeung taun-taun samemehna, komo basa bulan puasa na musim tiis mah ningan mani sakeudeung pisan waktu puasa teh, da puguh waktu beurangna ge panan leuwih sakeudeung batan waktu peuting,” walon Rudiat.

”Enya nya Rud, komo deui engke taun hareup atawa taun hareupna deui panan pasti puasa teh bakal pareng na musim panas. Kabayang ereng-erengan jaba panas jaba waktu beurangna leuwih panjang, tong boroning keur ngajalankeun puasa dalah mun keur teu puasa ge geuning urang sok weleh ari usum panas mah,” ceuk Jasmidi, kerelek heuay tayohna tunduheun.

”Ih puguh enya, geus puguh usum panas mah keur liburan, ningan sakola ge libur, lain keur gawe dur-duran siga urang,” Rudiat nempas.

”Lain Rud naha nya di Korea mah aya usum panas, usum tiis, usum semi, jeung usum gugur sagala, naha ari di urang euweuh, oge lilana waktu beurang jeung peuting teh di urang mah anger sarua nya! Jadi wae waktu puasa ge anger teu siga didieu mun pareng musim tiis waktu puasa teh kacida pondokna, atuh mun pareng usum panas waktu puasa teh kacida panjangna,” ceuk Jasmidi, bari jetrek remot tipi dipencet, tipi dipareuman ayeuna manehna malik ka Rudiat, sigana hayang ngobrol nu leuwih daria.

”Yey ari Mas Jasmidi, naha geus poho kana palajaran elmu bumi baheula basa keur di es em pe? Panan bumi teh dina enggoning muter ngurilingan panon poe teh henteu ajeg tapi miring da cenah aya gaya tarik tea,” walon Rudiat.

”Lah pararoho deui saya mah atuh Rud, boro-boro ngingetkeun palajaran elmu bumi sagala, mikiran sangkan teu katewak petugas, teu keuna ku rajia oge geus lieur, lain terus kumaha cik pedar atuh!” Ceuk Jasmidi bari diukna ngiser ngadeukeutan Rudiat.

”Tah panan posisi nagara urang mah aya ditengah, aya di ekuator atawa katulistiwa tea, jadi sanajan miring oge, anger bae jarak nagara urang mah jeung panon poe teh anger teu robah, numatak lilana beurang jeung peuting teh meh ampir sarua bae. Tah ari Korea mah beda Mas, panan Korea mah ayana lain di tengah, tapi beh luhur aya di belahan bumi bagian kaler, jadi posisina sakapeung jauh ti panon poe sakapeung deukeut. Tah mun mangsa jauh nya usum tiis tea, waktu peutingna leuwih panjang, oge sabalikna mun mangsa miring ngadeukeutan nya usum panas, jadi panan karasa panas pisan sanajan dibandingkeun jeung di urang oge, jaba waktu beurang teh teuing ku lila,” jawab Rudiat bari pepeta ku ramo-ramona nu dikeupeulkeun.

”Enya euy ilaing mah Rud calakan, tapi anger bae teu kabayang ah ku saya mah….he..he…he…,” walon Jasmidi bari nyerengeh.

”Wah…calakan ti endi Mas, mun enya ge calakan moal jadi TKI, komo deui TKI ilegal siga urang ayeuna nya. Tapi Mas, saha nu hayang atuh jadi TKI ilegal, da kahayang mah anger bae siga baheula, TKI legal. Tapi panan teuing ku hese meunang paspor anyar teh, da puguh paspor urang mah panan disita ku dunungan tiheula. Hese pisan cenah keur urang-urang mah meunang paspor anyar teh, beda jeung keur mahasiswa atawa pagawe kantoran. Basa si Supardi ka KBRI maksud rek ngurus nyieun paspor kalah der pasea diditu jeung patugas, kungsi ngadenge Mas?” walon Rudiat bari neuteup anteub beungeut Jasmidi.

”Nyeta kungsi saya ngadenge, tapi cenah ayeuna mah geus reformasi Rud, pagawe KBRI teh geus balageur, raramah, jeung tulaten, teu haok polotot teuing. Enya kitu nya euy? Mun enya teh hayang teuing saya mah Rud ka KBRI rek lahlahan nyieun paspor anyar,” walon Jasmidi sumanget.

Duanana terus seuri, seuri peurih. Geus nincak taun ka opat Rudiat jeung Jasmidi jadi TKI di Korea. Enya mimitina mah maranehna asup ka Korea teh jadi TKI legal, ngaliwatan penyalur tegana kerja, kontrak dua taun. Mangsa beak kontrak narah mulang, ngadon kabur jeung batur-baturna, jadi TKI ilegal tea. Pamikirna mun balik ka lemburna, Jasmidi di Loragung, Rudiat di Cidaun Cianjur, rek naon? Asa can kapikir ku pilakueun, sakitu ku haresenea neangan gawe teh, rek tani geus beak tanahna ge dijual dipake biaya jadi TKI ka Korea. Sanggeus jadi TKI ilegal, mimitina asa biasa, bebas, rek kamana-mana oge, tapi kaayeunakeun, bet ku heurin ngalengkah, rajia dimana-mana, mun kapanggih tinangtu bakal kadideportasina. Atuh, pikeun TKI ilegal saperti Jasmidi jeung Rudiat mah teu bisa majar kumaha, jadi teu bisa bebas, teu bisa ulin ka kota, teu bisa ruang-riung jauh ti pabrik tempat gawe, sabab geus loba kabejakeun loba nu ditewakan, boh na karena api bawah tanah, atawa di tempat-tempat rame sejenna.

Saperti poe ieu sanajan poe minggu, poe libur, mun basa keur jadi TKI legal mah maranehna bisa ka mushola di Guro atawa ka Masjid Raya Seoul, tapi ayeuna mah teu bisa kitu, ngan ukur bisa ngobrol di kamar panganjrekannana, atawa ngan ukur bisa ngulampreng teu pati jauh ti lingkungannana, ti kota Ansan. Mun sakalieun bener-bener hayang liar panan kudu naek taksi, da tara aya razia na taksi mah, mun naek taksi panan mahal biayana, lebar teuing duit meunang kumpal-kempil teh ari hayoh bae dipake tataksian mah, meureun moal aya gundukna.

”Kabayangkeun nya Mas di mushola Guro, meureun batur-batur mah ngarariung, aya nu tadarus, aya nu nyiapkeun keur buka bersama,” ceuk Rudiat.

”Ih puguh oge saya titatadi keur mikiran eta, enya da lain teu hayang atuh aub campur teh, tapi kumaha panan urang teh ayeuna mah geus jadi pendatang haram cenah ceuk dina surat kabar mah. Keuheul saya mah puguh Rud, mun geus aya nu nyebutkeun pendatang haram teh, naon haramna coba? Nu haram mah panan babi, naha urang disasaruakeun jeung babi, nyeri hate teh sakapeung mah Rud,” walon Jasmidi bari ngageri.

*

Nu dimpleng ku Rudiat jeung Jasmidi, mushola Guro, hiji wangunan ruko disewa ku para TKI ti urang Korea, biayana rereongan. Mushola teh pernahna di pasisian kota Seoul, lebah wates antara kotamadya Seoul jeung provinsi Gyeongi. Mushola teh sok rame mun poe saptu-minggu mah bubuhan TKI lalibur, komo ayeuna bulan puasa, loba pisan kagiatan.

”Iraha datang Kang Kardi?” ceuk Dasmirah bari anger memeres karpet. Nu ditanya Sukardi keur meresihan jandela kaca mushola jeung baturna.

”Ti kamari uing mah jeung Mas Pejo, Cep Uki, si Karjo, Asep Dolan, malah buka puasa ge didieu kamari teh bubuhan balik gawe jam dua beurang,” walon Sukardi.

”Ehm bagja nya Kang, bisa taraweh di mushola babarengan, lobaan peuting nu daratang teh Kang?” Ceuk Lasminah baturna Dasmirah.

”Loba, ngan baralik deui ka panganjrekannana, nu sarare di mushola mah aya meureunan dua welas urang mah,” Cep Uki mairan.

”Heueuh kudu mangpang-meungpeung nganjang ka dieu, ka mushola teh, enya meungpeung can jadi urang swasta tea, kudu sing garetol, geus swasta mah hese, hese liar da sieun keuna ku rajia tea,” ceuk Ceu Surti, TKI anu kaitung geus aya umuran.

”Naon swasta teh Ceu?” Asep Dolan TKI anyar teu pati ngartieun.

”Swasta teh nu ilegal tea ningan, nu geus teu boga paspor, sakapeung sok disarebut pendatang haram, teu satuju saya mah, ilegal-ilegal, haram-haram, beda deui nya?” Ceuk Mas Pejo.

”Ah dipikiran teuing atuh Mas, biarkan saja lah nu penting mah urang gawe sing bener,” walon Ceu Surti.

”Lain ieu teh acarana naon bae engke teh?” Cep Uki nanya.

”Enya panan rengse beberesih mushola terus urang sholat lohor bareng, rengse sholat mah urang reureuh heula bae atuh, tah engke sabada asar urang pangajian, terus buka bersama, taraweh, tadarus, terus balik deui bae ka pangajrekan sewang-sewangan, kumaha sapuk?” Ceuk Sukardi.

”Lain ari masakna iraha atuh?” Ceuk Nengsih.

”Nya masak mah atuh sabada reureuh lah, jeung deui bisa diselang-selang bari pangajian panan,” walon Ceu Surti.

”Lah ieu sajadah mani bararau belenok, cik atuh lalaki munsarare teh tong dibantalan ku sajadah, ku sarung bae,” ceuk Sobariah bari ngebutan sajadah.

”Teuing lalaki mah tara ngadahdir, awewe tah,” Jang Kirman mairan.

”Yey awewe mah tara sare dipatengahan mushola sok diruang administrasi sakapeung sok di dapur, tara wani didinya ih…geus puguh loba jalu,” walon Sobariah bari ngadelek.

”Sajangnim ilaing tara nanaon mun ilaing puasa Sep?” Ceuk Jang Kirman ka Asep Dolan.

”Nyeta puguh kukulutus bae, pokna, nanaonan make puasa sagala cenah. Mun puasa hartina teu dahar, mun teu dahar atuh moal aya tanaga, mun kurang tanaga atuh gawe jadi lendo antukna produktivitasna rendah cenah. Keuheul uing ge, tapi panan uing teh keur puasa teu meunang keuheul,” walon Asep Dolan bari nyerengeh.

”Enya, loba pisan urang Korea anu teu ngartieun naon ari puasa teh, ari kituna mah rek ngarti timana atuh, agama ge loba nu teu bogaeun,” Sukardi mairan.

”Kuduna mah depnaker teh ngajelaskeun ka urang Korea yen TKI mah lolobana muslim anu taat, muslim nu sok paruasa, meh aya pengertian antara Sajangnim jeung pagawe, bener teu?” Sobariah mairan.

”Bener, malem kamari mah si Sutirah nelepon, ngagukguk ceurik, cenah diancam ku Sajangnimna, mun anger keukeuh puasa cenah bakal dikaluarkeun gawena. Atuh si Sutirah teh eleh deet, basa mangsa dahar beurang teh manehna buka bae ngilu dahar jeung pagawe sejen nu lain muslim,” Lasminah cacarita mani daria.

”Wah…eta mah si Sutirahna bae kurang iman, kuduna mah bertahan atuh, disingsieunan rek dikaluarkeun teh kalah ka langsung buka,” Karjo mairan.

”Lain kitu Karjo, nasib jelema teh teu sarua, ente mah untung boga dunungan bageur tur geus ngarti, sigana dunungan si Sutirah mah can ngartieun meureunan. Numatak ceuk didieu ge, pamarentah Indonesia, naha KBRI atawa depnaker kudu berperan, kudu bisa ngajelaskeun yen TKI teh kudu puasa di bulan suci. Pamarentah teh kakara bisa ngabebenjokeun ku nyebut pahlawan devisa ka urang-urang teh. Ari hal-hal nu nyangkut kahirupan TKI teu diurus, jaba mun balik ka lembur di palak di Sukarno-Hatta,” Sobariah noroscos bangun nu kagugah dadasar hatena. Pok deui manehna ngomong.

”Da mun aya tempat gawe di lembur mah moal jor-jor ka Korea, dilembur mah sanajan gawe beurat ge bebas-bebas atuh ngajalankeun ibadah.”

”Heup-heup Neng Sobariah anu geulis, ulah kabawa nafsu, sing emut urang teh puasa,” ceu Surti ngelingan.

”Untung Sajangnim kuring mah bageur euy, ngartieun yen TKI mah loba nu puasa, bubuhan eta meureun geus kungsi cicing di Cikarang,” ceuk Karjo.

”Enya gede milik maneh mah, matakna ulah maido kana nanasiban si Sutirah nya,” ceuk Sobariah ayeuna mah leuleuy.

”Kumaha atuh ketak urang,” ceuk Asep Dolan.

”Ke geura urang ngirim email ka KBRI, sugan bae ditanggapi nya,” ceuk Mas Pejo.

”Satuju lah Mas satuju,” ampir meh bareng.

”Mudah-mudahan bae atuh puasa urang mah bakal gede ganjaranana, da geuningan tantangannana ge gede pisan, geus puguheun ku gawe, da sanajan teu keur puasa ge gawe teh beurat. Oge ku tantangan ti Sajangnim nu can ngarti, oge tibabaturan nu lain muslim, saperti urang Vietnam, Thailand, Philiphina, mani sok rajeun ngaharajakeun pisan ngabibita mangsa dahar beurang teh ningan. Oge gogoda di luar, di jalan, warung kadaharan sing pelenghir, nu barang dahar dimana mana, beda pisan jeng di Indonesia mangsa bulan puasa, lain kitu batur?” Ceuk Sukardi.

”Amin, amiiiinnn…,” kabeh reang. Sakedapan simpe, sewang-sewangan jongjong kana pagaweanana, aya oge nu gawe bari ngumbar lamunan.waa

Ceu Surti ka dapur mushola maksud rek ngilikan bahan kadaharana pikeun engke buka puasa. Beas, sayuran, bubuahan, kueh-kueh, jeung inuman geus sadia. Sanggeus ti dapur sup Ceu Surti ka ruangan administrasi, buras-beres, susuratan dientepan, komputer dielapan, bray mukakeun jandela, breh taman anu kacida resikna katempo. Dina bangku, dina handapeun tangkal kembang aya sapasang rumaja diukna pagegeye. Ret ka lebah bangku nu di juru taman, aya aki-aki jeung nini keur nyuruput inuman. Beulah ditu aya nonoman keur ngelepus udud bari maca koran. Barudak katara keur arulin bari ngambeng es krim, bangun nu galumbira. Maranehna, kabeh jalma-jalma nu aya di taman, teu ngalartieun yen di ruko na lante dua, nu disulap jadi mushola, aya jalma-jalma nu paruasa, nu keur ibadah ka Allah Ta’ata.***

Posted in Carita Pondok | 1 Comment »

Kanyaah Kolot

Posted by Dendi Rustandi dina Séptémber 14, 2009

Ku EEP HIDAYAT

kanyaah kolot

Da ari Abah mah, pun bapa, tara seueur cumarios ka palaputrana teh. Estu duk cinungkul milari pakasaban kanggo ngahontal kawajiban salaku tetengger kulawarga. Papagah ka putra nu opatan teh tara ku lisan, tapi langsung ku prakna. Miwarang solat ku prakna nu teu kendat-kendat. Upami ningali polah palaputrana nu teu sapagodos jeung ajen kaagamaan, seseringna sok miwarang Emih, pun biang, sangkan ngadugikeun ka kuring sadulur-dulur. Kajeun nu rek dipapagahanana aya peyuneun, eh Emih heula.

“Bejakeun ka Si Asep, ulah sok ulin wae. Maenya balik sakola wayah kieu!” sauma. Harita kuring SMP keneh. Basa Abah nyarios ka Emih teh kuring ngabanding gedengeunana.

Kilang kitu, abah teh ageung pisan wibawana payuneun palaputrana mah. Eta we, mun aya diantara kuring sadudulur nyieun kasalahan, nu pangdipikasieun ku sarerea teh dibenduan ku Abah. Padahal sarerea ge can aya nu ngalaman diseuseukan ku Abah.

Inget we, hiji mangsa mah memeh asup sakola kuring ngojay bari huhujanan di balong tatangga. Balik teh bucis bari baju ledok ku letak. Abah ukur nyarios, “Ulah sok ngojay di balong bari huhujanan, bisi gering!” saurna. Na atuda nepi ka kiwari, geus laki rabi, berekah kuring mah teu bisa ngojay deui. Padahal harita ku Abah teu disentak teu sing. Kitu deui basa suku kuring potong lantaran ragrag tina tangkal kai, Abah teu seueur nyarios. Gura-giru nyandak kuring ka rumah sakit. Ngan sakitu-kituna.

Kacida lobana kalakuan kuring nu ngaripukeun ka Abah sareng ka Emih. Kapan kuring mah kungsi kajugak ku gagajahan nepi ka dioperasi leungeun katuhu ge kungsi potong dua kali, ku nalaktak-nalaktakna. Komo labuh tina motormah, geus teu kaitung. Basa kuring tikusruk tina motor, abah ukur nyarios kieu, “Matak ge ari tumpak motor sik ati-ati, ulah ngebut,” cenah. Peun weh.

Sainget kuring, abah teh tara neyesep. Tapi saur Emih mah, samemeh kuring lahir, nyesep teh ngadatu pisan. Ari rokona, nganggo pahpir Sok ngahaja ngagaleuh roko kretek, tara saeutik, sok sabos. Tuluy diudar digalokeun jeung bako, kakara dilinting make pahpir. Ka lanceuk-lanceuk sok ngomat-ngomatan ulah ngaroko. Komo ka kuringmah. Ngan teuing kumaha, dina perkara nu hiji ieu mah kuring teh estuning norek kacida, Ti SD keneh kuring mah geus nyerebung. Kungsi katohyan ku Abah sareng Emih. Ana pok teh, “leuh, bejakeun ka Si Asep, ulah sok ngaroko kituh.” Saurna ka Emih. Ka kuring mah teu ngareret-reret acan.

Ari Emih, bet sabalikna ti Abah. Cawehwer saban geureuh. Mun hudang kabeurangan teh, langsung ngagerewek, “Geura hudang! Solat kaituh! Hayang ka Naraka!” cenah.

Emih mah sasauran kitu teh jiga nu taya kabosen. Satutasna kuring laki-rabi ge, mun uningaeun teu solat, sok tuluy ngagebes.”Ari maneh Asep, ngedul pisan kana solat teh! Keur naon duk cinukul neangan duit maraban anak pamajikan tapi cul kana ibadah. Euwuh hartina!” cenah. Tara cukup ku sakitu, da sok tuluy ngagelendut mapagahan.

Basa putuna ti kuring lahir. Abah katarajang darah tinggi nu cenah nyaliara kana jajantung. Sabelas bulan diganggayong kasakit, antuk na Abah kasoran. Dipundut Ku Nu Kagungan basa nuju dirawat di rumah sakit. Harita kuring teu nungkulan. Aya amanatna nu didugikeun ku Emih. Saurna, kuring kudu jadi pagawe negri.

Cenah basa di rumah sakit teh ngan wungkul nyarioskeun kuring. Pangpangna mah kabedegongan kuring pedah aktip di partey pulitik anu teu sapagodos jeung pamarentahan Orde Baru. Harita kuring sababaraha kali dipanggil ku aparat. Estuning matak ngaruntagkeun manah Abah sareng Emih wungkul. Najan kitu, bubuhan ka putra meureun, dina pemilu nu pamungkas kanggo Abah, anjeunna teu wudu nyolok gambar partey kuring. Kitu deui emih. Malah emih mah make jeung sok ngiring ngilungan sagala rupa. Majar teh, Alhamdullilah Si Asep mah ti parteyna meunang gaji nu lumayan. Mun ngobrol jeung tatangga eta teh. Buruk-buruk papan jati, ka putra mah jigana teh teu weleh nyaah najan sakumaha basangkalna ge.

Tangtu wae kuring sedih, kabina-bina malah. Nepi ka ragrag cipanon. Bari ramisak teh hatemah tuluy ngocoblak nyarekan diri sorangan nu can bisa mulan gtarima ka Abah. Nyeri hate teh, nyeri pisan. Nepi ka asa nyanyautan.

Jasa-jasa Abah salila ngadengekeun kuring, ngadadak tingjungkiring dina kongkolak panon. Kuring ngarasa, sanajan sakabeh banda ditamplokeun atawa salaksa du’a dikirimkeun sangkan Abah kenging pangampura ti Nu Maha Kawasa, asana moal saimbang jeung jasa Abah.

Sadikantunkeunana ku Abah, Emih kaciri leungiteunana teh. Emih teh tangtos leugiteun ku batur pakumaha, lian ti leungiteun ku anu ngabayuan teh. Harita Emih tuluy dadangan, keur nalang-nalang waragad sapopoe. Kituna teh jigana lain pedah melang ku beuteung sorangan, tapi pangpangnamah ku kuring. Harita kuring can boga cabak nu matuh. Hirup can dumuk jeung aturan. Baju asal rap, buuk gondrong tara ngambeu sisir, mun geus kaluar ti imah tara inget kana balik.

Remen kuring manggihan Emih ngembeng cisoca. Komo mun ningali si cikal, anak kuring, anu keur meumeujeuhna samar kahayang heug tara kacumponan, cisoca Emih langsung murubut.

“Emih mah mun ningal budak maneh,… lah kahayangmah gede. Mun kaduga mah hayang bisa mere siga batur. Tapi da kumaha geunging Emih maneh mah teu bisa nanaon,” cenah. Soantenna dareuda.

Mun geus kitu teh biwir sok ngadadak ada dikonci. Teu bisa nyarita sanajan hate mah ngocoblak salaksa basa. Teu kuat nahan rasa. Biasana kuring sok tuluy lunya, ngabeberah rasa, nuturkeun indung suku ka mana leosna.

Ku pantengna du’a indung, kuring bisa mukakeun lawang kahirupan. Lalakon diri pinanggih jeung harepan indung. Tina aktivis partey nu teu puguh tuturkeuneun kulawarga, kuring pinanggih jeung kasab nu loyog jeung hate. Emih kacida gumbirana basa uningaeun putra bungsuna nu teu weleh jadi kembang kahariwang teh, pinareungan kekolomkeun ka golongan jalma jeneng. Kabingah Emih lain pedah ngahareupkeun pamulang tarima ti nu jadi anak, tapi gegedena mah pedah kuring geus bisa ngabayuan kulawarga tina ladang kesang sorangan.

Naha Emih nyuhunkeun sakecret dunya? Saperak ge henteu. Pokna ge, “Emih mah moal menta dunya barana ngan rek mihape nu sarupa, kade ulah poho kana temah wadi. Sing inget isuk jaganing geto maneh rek mulang ka kalanggengan. Nu poko, ulah poho kana ibadah. Taya hartina dudunya bari jeung teu dibarengan ku ibadah mah, moal barokah!” nyariosna angger.

Ceuk sareatmah Emih teh tos teu kedah tihothat milari pakasaban, kawantu kuring geus kasebut nyeunghap. Tapi da indung anu taya tungtung kahemanna, indung nu hamo laas kanyaahna, indung nu moal beakeun kanyaahna, indung nu lain ngan saukur mikiran kuring. Tapi oge lanceuk-lanceuk jeung alo kuring anu hirupna jauh keneh tina walagri mun disawang tina jihad ekonomi mah.

Indung… indung …nu ngandung

mirosea pinuh kaheman

bodas nyacas kanyaahna

indung…indung…nu wungkul ripuh

diriripuh anak sapanjang lalakon umur

nu ridho teu dihayap anak

nu angger heman najan ditambelarkeun

dina hate indung,

anak bagja pinuh kasuka, entong keur indung

anak gumbira pinuh kabagja, entong keur indung.

“Mani anteng kitu euy, keur naon?” Nano batur sakantor kuring ngagebah lamunan. Bari cungar-cengir teh heug ngalego kana catetan hareupeun kuring. “Anjir… nulis puisi. Puisi cinta nya?” cenah ngagonjak.

“Puisi cinta… piraku puisi cinta aya kecap indungan?” cekeng teh bari ngajembrengkeun keretas meunang nulisan tea hereupeun irungna. Nano kalah ngabarakatak.

“Aya naon yeuh, mani barungah kitu?” Si Diuh ngelol tina panto, tuluy nyampeurkeun.

“Ieu, nu keur diajar jadi panyajak. Mani huleng-jentul ti isuk, kakara meunang dua rengkol,” Nano nu nembalan teh.

“Teuing ku Naon ti kamari ngan inget wae ka Emih. Ka Abah deuih ketah. Padahal Abah mah tos lami ngantunkeunana…” cekeng teh ngabela diri, pedah Si Diuh melongna jiga nu nempo mahluk aneh.

“Teu damang Emihna?” Nano jiga nu ngadak-ngadak milu prihatin.

“Henteu. Mun teu damang mah aya nu ngabejaan atuh,” kuring gideug.

“Perbawa tos lebaran meureun. Biasa sok rus-ras kana dosa,” Bah Idrus nu kakra datang tuluy ngengklokan bae.

“Enya jigana Bah. Biasa sentimentil anak nu geus ditinggalkeun ku kolotna. Untung we kolot kuring mah lengkep keneh,” Si Diuh diuk bari edeg. Geus kitu tuman-na.

“Ari eta kaset naon, Bah?” cengkeh teh bari ngareret kana keupeulan Bah Idrus.

“ Ah, kaset Cianjuran. Moal resep Pa Asep mah…”

“Saur saha? Resep abdige. Komo jaman aya Abah mah, sok nyetel Cianjuran bae di imah teh ..” tembal teh rikat.

“Sugan teh kana Iwan Fals wungkul. Sok atuh urang setel ari resep mah. Kabeneran aya lagu kanyaah kolot. Ngenaheun geura,” Bah idrus muru tip na luhur bupet di juru. Teu lila rohangan nu kaitung lega teh geus pinuh ku sora tembang Cianjuran.

Pek tamplokeun kanyaah ka indung bapa

Meungpeung masih keneh jisimna juntrung

Mun indung geus ditulis di padung

Mun bapa geus taya raga badagna

Kaduhung teu manggih tungtung

Cimata teubis mayar tunggara

Kanyaah ka indung ulah ditunda engke

Mulang kaasih ka bapa entong talangke

Taya nu weruh iraha indung dipundut

Moal aya beja iraha bapa rek mulang

Regepkeun sing pageuh hate

Larapkeun sing hade-hade

…………

Sora telepon ngadenger gigireun, megatkeun kanimatan ngaleyepan eusining tembang. Nano rikat ngangkat telepon, sedeng Si Abah geuwat ngarongkong kana tip.

“Ulah dipareuman, alitan we,” kuring geuwat ngahuit.

“Kanggo Bapa Asep, telepon ti bumi…

“Nano ngasongkeun telepon bari popoyongkodan. Ocon.

Bari hoream ge teu burung ditampanan.

“Aya naon?” cekeng teh ka pamajikan ti tungtung ditu.

Sora nu ngingsreuk, ditungtung ku sora nu pegat-pegat.

Sajongjonan kuring ukur bisa ngahuleng. Gagang telepon nu nepel kana ceuli, karasa tiis cambewek. Tapi sora nu ngamalir ti jerona, lir gumuruhna caah dengdeng nu ngaruntagkeun angen-angen. Tetenjoan asa nadadak ranyay. Karasa aya nu ngadudut jajantung, geus kitu jeroeun dada simpe. Simpe anu parat kana hate. Hawar-hawar jentreng kacapi nyaliara saurat-urat… kanyaah ka indung ulah ditunda engke, mulang kaasih ka bapa entong talangke…

Ras kana pesenan Emih nu can kacumponan. Memeh lebaran pokna mah. Palay sarung nu jiga nu dipake ku tatangga. Sarung Jawa. Ku kuring teu dibaekeun. Geuwat pesen ka Si Emas, babaturan kantor, nu harita rek mulang ka Jawa. Teu kagok, pesen teh tujuh sakalian.

“Pa, aya naon Pa?” karasa Si Diuh ngageubig-geubig awak.

“Ku naon Euy?” sora Nano siga nu hariwangeun pisan. Sora tembang Cianjuran geus leungit sapisan.

Kuring neuteup nu tiluan. Maranehna keur marelong mani anteb siga nu nungguan engabna biwir kuring.

“Ari Si Emas geus datang?” pok teh.

Nano kaciri anu ngarenghap.

“Sugan teh aya naon. Encan, cenah mah rek minggu hareup,” tambalna.

Awak karasa beuki lungse. Aya nu merebey maseuhan pipi. Biwir ngagarencem lalaunan, “innalillahi wainna ilahi rojiun…”

“Saha? Si Emas?” Nano molohok.

“Emih …”

Nu tiluan ngadadak jadi arca. Ngajengjen teu ngiceup-ngiceup.***

Ditunjal tina http://www.bupatieephidayat.com

Posted in Carita Pondok | 1 Comment »

Dongeng Harengheng (Sasakala Reungit)

Posted by Dendi Rustandi dina Séptémber 14, 2009

Néng Wiwin ogé sakedapan mah rada ngahuleng, basa nyaksian Si Buruy anu riringkid mawa bantal jeung simbut, bari ngagidig semu rurusuhan. Bubuhan Néng Wiwin mah jalma anyar, nya tangtu baé can pati apal kana kabiasaan barudak di Cigorowék. Bisa jadi, panyangkana mah rék pundung deui, alatan dicarékan ku akina. Maklum da Si Buruy mah, ampir unggal bulan, pundungna téh. Lamun lain perkara embung dicukur, paling ogé urusan jeung tatanggana, alatan nyumputkeun sendal. Matak urang Cigorowék mah da geus teu pati aranéheun deui.

Tapi ari peuting éta mah, Si Buruy lain rék pundung cara sasarina. Sanajan akina ninitah ogé, Si Buruyna tara daékeun. Pangpangna mah sieun henteu dipangmeulikeun pakéan anyar. Unggal bulan puasa ogé, mémang Si Buruy mah sok pindah saré ka tajug. Malah lain Si Buruy baé. Kaasup batur ngabluna ogé, da sarua tukang meuting di tajug.

Bras, Si Buruy ka hareupeun tajug. Di dinya geus ngadagoan barudak pantaranana aya kana sapuluh urang. Biasa baé, sabangsaning Si Aték, Si Ook, jeung sajabana. Teu pati béda jeung Si Buruy, maranéhna ogé geus tatahar bekel saré sapuratina.

“Jadi kumaha acara peuting ayeuna?” tanya Si Aték, bari menerkeun kopéahna anu rada déngdék.

“Béjana mah, di imah Mang Sarkowi aya dulurna ti kota,” témbal Si Buruy.

“Urang mana?”

“Béjana mah ti Cianjur.”

“Cianjurna di mana?”

“Ciranjang.”

“Wawuh ka Nénéng Rostika?”

“Nyao. Na jeung nanya ka uing atuh. Tanyakeun baé ka jinisna,”

“Aéh heueuh. Aya ku poho,”

“Geulis, teu?”

“Dalapan koma tujuhpuluh tilu.”

“Oh, saluhureun Néng Wida, sahandapeun Néng Lina,” Si Ook mairan.

“Geus gandéng atuh! Kawas urusan matematika baé. Sok di beulah mana éta téh saréna?”

“Moal salah, pasti di kamar tengah. Da kamar tukang mah, apan sok dipaké gudang paré.”

Mémang barudak téh keur meujeuhna badeur. Sakapeung mah sok matak ngajangarkeun kolot. Heureuyna ogé sok kamalinaan. Éta baé, boga pangarasep kana noong ogé, apan geus adat kakurung ku iga. Leuheung basa, lamun tara bari ngaruksak. Da ieu mah, apan bilik imah Aki Jamhuri ogé, nepi ka barolong, balas ditarojosan ku paku. Kungsi éta ogé Si Aték neunggar cadas. Basa hiji mangsa keur noong budakna Mang Suhadma. Teu kanyahoan mimitina, Mang Suhadma geus aya di tukangeunana, bari mawa haseupan. Teu antaparah deui, haseupan téh dirungkupkeun kana sirah Si Aték, nepi ka tosblong. Puguh baé Si Aték reuwas kabina-bina.  Beretek lumpat tipararétot. Mangkaning haseupan téh, hésé pisan diudarna.

Dina Bulan Puasa taun ieu mah, acara Si Buruy anu kaitung ngetrend kénéh  teh, nyaéta  abring-abringan dina wanci saur, bari nakolan sabangsaning kaléng butut. Malah sakali mangsa mah, nepi ka bedug masigit ogé apan diparanggul. Leuheung basa, lamun diteundeun deui kana urutna. Da ieu mah sangeunahna pisan atuh. Clé di mana karep. Puguh baé, basa Ustad Otong rék nakol bedug subuh, kacida medenghelna barang ningali bedug geus teu nyampak di tempatna. Mangkaning di Cigorowék mah apan can aya spéker. Geus ilahar, wanci subuh téh tandana ku nakol bedug. Ustad Otong kutuk gendeng, bari kukurilingan néangan bedug. Kapanggih-panggih téh, ngajugrug di sisi balong anu Mang Lurah, pipireun pisan kamar Néng Lina.

Sapeuting harita mah, Si Buruy saparakanca, teu bisa ‘raraméan’ cara sasari. Sajabana ti kaayaan hujan, katambah geus disetrap, tur meunang peringatan ti Mang Lurah. Lamun sakali-kali deui nyieun masalah sarupa kitu, mangka moal dibéré kolek cau, sésa ‘konsumsi’ anu tarawéh. Antukna ngan ukur ngawangkong, bari ngararasakeun panon anu geus hayang liliaran.

“Aya ku loba-loba teuing reungit, euy. Mani napuk kieu,” ceuk Si Aték, bari gogoléhéan kana rékal. Kituna téh leungeunna mani pahibut, ngeprakan reungit.

“Étah, ulah dipaéhan. Reungit téh leluhur urang kénéh,” ceuk Si Buruy.

“Na kabina-bina teuing, ari ngomong téh.” Si Aték nyéréngéh.

“Itu geura. Marukana ngawadul. Uing mah nyaan, ceuk Bah Anés. Sing Wani kabéntar gelap tah,”

“Kumaha sih caritana?”

“Kieu…” derekdek baé Si Buruy nyaritakeun dongéng perkara reungit, anu kungsi didongéngkeun ku Bah Anés sawatara waktu kaliwat. Kieu cenah mah:

Jaman baheula téh, antara reungit jeung jalma, aya patula-patalina. Hanjakal pisan, kaayaan waruga anu kalintang bédana. Ari reungit mah awakna gedé, tapi teu bogaeun jangjang. Ari jalma mah, awakna leutik (sagedé reungit jaman ayeuna) tapi boga jangjang.

Dina hiji poé, basa jalma keur gegeleberan luhureun kulambu, reungit pangangguran ngajakan ngawangkong.

“Jal, sigana lamun uing bisa hiber, aya bahan rada ngeunaheun nya. Bisa nginjeum jangjang, teu?” ceuk reungit, bari cengkat. Kop kana sendal, tuluy leumpang, muru ka palebah jalma anu keur euntreup.

“Ah, embung. Ké uing moal bisa hiber atuh,” témbal jalma.

“Kajeun atuh, da moal lila ieuh,” Reungit satengah maksa.

“Sok atuh, asal uing nginjeum awak silaing. Uing ogé  hayang ngasaan boga awak gedé.” pokna. Meunang sakedapan mah, reungit ngahuleng. Tapi lila-lila mah unggut-nggutan bari nyéh baé seuri.

“Sok atuh, tapi omat, ulah kabur,”

“Rék kabur kumaha? Apan awak gedé mah, babari néanganna ogé. Mun sotéh uing, tinggal hiber baé rék niat kabur mah,”

“Aéh, enya nya.” Reungit nyatujuan. Satuluyna mah, tukeuran wéh. Awak reungit dibikeun ka jalma. Jangjang jalma dibikeu ka reungit.

Nya ti harita pisan, kaayaan waruga reungit jadi leutik téh. Tapi ku lantaran jalma ngarasa ngaunah mibanda awak badag. Antukna teu daekeun ditukeuran deui. Kungsi sakadang reungit nyusulan jalma ka Babakan Sophia. Tapi béjana mah, jalma téh kalah nyumput dina jero lomari. Malah nepi ka ayeuna, jalma kalah nyiar tarékah, sangkan henteu diontrog ku reungit. Pon kitu deui, nepi ka kiwari, reungit taya kabosen néangan jalma. Tapi jalma siga anu api-api torék. Najan reungit ngagorowok kana liang ceuli ogé, angger baé teu didéngé. Malah sok kalah dipaéhan.

“Ké, ké, ké…asa teu pati nyambung carita téh. Euweuh ti dituna, bangsa manusa kudu urusan jeung reungit mah…” Si Ook ngahuleng.

“Geus, teu kudu dipikiran. Pilakadar ogé dongéng Bah Anés gedebul. Dipercaya teuing atuh,”

“Jadi, pangna reungit sok nyoco téh, sigana mah alatan awakna teu dibikeun deui, nya?”

“Enya bener. Tapi ari perkara reungit anu sok rajeun nyerot getih mah, aya alésan khusus atuh,”

“Naon tah?”

“Apan aya kénéh, sésa pasifatan jalma anu ngancik dina reungit,”

“Na ari jalma, baheulana sok resep nyerot getih jalma kitu? Aéh, getih reungit?

“Bandungan baé jalma jaman ayeuna…” kituna téh bari menerkeun bantalna. Ukur sakédét nétra, geus kadéngé sora kérékna.

Leng, Si Aték ngahuleng, bangun anu jangar naker tayohna téh.**

kenging mulung ti galuh-purba.com

Posted in Carita Pondok | 1 Comment »

 
Follow

Get every new post delivered to your Inbox.