Jungjunan
Dimuat ku Dendi Rustandi dina Agustus 28, 2009

Bongan urang tepung, Jungjunan
najan saliwat mung tibelat nyegat
renung gumulung ngejat
tingkalacat cilingcingcat
ngagurat bengbat
Cuang-cieung neang katineung
Luak-lieuk meungkeut heuleut kageugeut
pupuntang dina regang kamelang
Ringkang nyorang lolongkrang kahayang
sakapeung keueung, Panutan,
sakapeung ludeung…
Bongan anjeun imut, Jungjunan
salawasna nyangreud haleuang implengan
nyangkaruk dina kongkolak panineungan
mung gudawang rasa hariwang
tur tagiwur ku kapaur
inggis imut anjeun lantis ku girimis
Guligah jeung lampah
piligenti niti wanci
Ririh ati neuteuli nganti asih
geumpeur wakca, Panutan,
geumpeur balaka…
Bongan anjeun neuteup, Jungjunan
kasawang bentang tingkariceup
kacipta paheut duaan eunteup
Duh sagara Cinta, galura rasa
wening hariringna ngalempengkeun
lungkawing cimata
Niat ngumbara ngumbah jomantara tunggara
najan wirahma kalangkang anjeun
celak laklak ngajauhan
mung tetep karasa deukeut, Panutan,
karasa haneut…
kenging mulung ti http://sundamifka.wordpress.com
Loka Tarjamah Otomatis Basa Indonésia – Basa Sunda










































Sony PS 3 Slim




Tempat Pariwisata di Jawa Barat


















indriani pok
mmmmmmmm,cinta dai cinta dai.lope dai lope dai…….
Yudi Handiyana pok
Subhanalloh…hatur nuhun kang Dendi…Endah pisan puisina…
Matak Sedih Emut kanu tos Mulih
Ngahelas Waas kanu tos Meuntas
Teu Walakaya da Awak Kieu Ayana
Ngeclak Cimata Tanda Cinta kanu Teu Aya
Sok Tambihan nya Kang Puisina keur nambihan Luang ka anak incu…
Tutus Rahayu pok
Ngarojong pisan kana kretifitasna, opat jempol moal cekap kanggo ieu sajak…
Ngiring bingah, urang sunda kiwari aya keneh nu tiasa ngadamel sajak kalayan nganggo basa sunda nu murwakanti.
Sok ah dilajeng lur……….
Deuis pok
Duh meni kagugah eta puisi teh. Ngagugah kana manah, meni asa nerap pisan kana hate. Tiasaan pisan… Kumaha tah carana supados tiasa ngadamel puisi anu sapertos kitu? Hatur Nuhun…
Angga pok
mun kieu reugreug, bahasa sunda masih dipiwamoh ku seuweu-siwi pasundan
Rita Audriyanti pok
Woow … teu sangka aya keneh nu tiasa nyerat bahasa Sunda sapertos kieu. Lajengkeun kreatifitasna.
eris pok
kita rasana mun tos bogoh ka nu dipikaresep…