Club Facebookna Oerang Soenda

Urang Sunda Hudang Euy!!!

Babasan jeung Paribasa

Dimuat ku Dendi Rustandi dina Nopémber 19, 2009

Dina omongan sapopoé kadang osok aya kecap-kecap anu hartina téh lain saenyana atawa béda jeung susunan kecapna. Dua kecap atawa leuwih mun dihijikeun hartina téh béda jeung lamun kecap-kecap anu aya di jerona dipisahkeun. Contona wae gedé hulu. Mun ditengetan tina kecap-kecapna anu diwangun ku kecap gedé jeung hulu. Mun saliwatan mah hartina teh sarua jeung jelema anu ngabogaan hulu ukuranana gedé. Padahal anu dimaksud ku ucapan éta téh lain kitu, tapi aya harti kecap anu khusus, anu béda jeung nu dimaksud ku wangunan kecapna. Gedé hulu anu dimaksud di dieu mah nyaéta nuduhkeun jalma anu sombong, asa aing pangalusna, asa aing pangbeungharna jeung asa pang-pang nu séjénna. Terus aya ogé kecap buruk-buruk papan jati. Mun nengetan kecap-kecapna nuduhkeun ka hiji tangkal anu ngaranna tangkal jati, lain nuduhkeun ka jalma. Padahal anu dimaksud ku éta kecap teh nuduhkeun ka jalma, anu hartina téh sanajan goréng atawa bangor ogé tetep nu ngaranna ka dulur mah pasti bakal mantuan mun aya dina kererepetan atawa dina kaayaan susah.

Wangunan kecap-kecap anu saperti di luhur téh katelahna babasan jeung paribasa.

Naon atuh anu dimaksud ku babasan jeung paribasa téh? Sabenerna mah babasan jeung paribasa téh aya bédana, ngan susah ngabédakeunana.

Nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda beunang LBSS 1976, nu ngaranna babasan teh nyaéta “ucapan matok nu dipaké dina harti injeuman, saperti gedé hulu, panjang leungeun, legok tapak jst.” Sedengkeun numutkeun R. Satjadibrata dina Kamus Basa Sunda 1954: ‘babasan atawa paribasa: sawatara kecap nu disusun nu hartina teu sarua jeung harti sawajarna, tapi basana geus kamaphum ku saréréa.” Ari ngeunaan paribasa, Ama Satja nerangkeun kieu: “paribasa: kecap-kecap nu disusun jadi omongan nu hartina piluangeun atawa jadi pituah.”

Ceuk kuring mah (teuing salah teuing henteu), nu ngaranna babasan mah parondok jeung nuduhkeun kana pasipatan anu aya di diri hiji jalma. Sedengkeun paribasa mah anu paranjang….  Kitu tah ceuk kuring anu bodo mah.

Dimuat dina Sabudeureun Urang Sunda | 1 Pairan »

Ketika Cicak Bersaksi

Dimuat ku Dendi Rustandi dina Nopémber 17, 2009

Gawe Bareng Jeung :

Dimuat dina Bobodoran | Leave a Comment »

Foto Janin di jero Rahim

Dimuat ku Dendi Rustandi dina Nopémber 17, 2009

Sabot poto embrio manusa anu keur ngembang karya Lennart Nilsson mimiti dipidangkeun di majalah Life dina warsih 1965, gambarna ngabalukarkeun kehebohan. Ngan dina hitungan poé, saloba 8 juta sagala hasil citakan (koran/majalah) anu ngamuat kajual béak.

Dina Basic Human Embryology ku Williams P, rujukan anu dawam dipaké dina widang embriologi, disebutkeun, “”Kahirupan dina pianakan ngabogaan tilu tahapan: pre-embrionik; dua satengah minggu kahiji, embrionik; nepi ka ahir minggu ka dalapan, sarta janin; ti minggu ka dalapan nepi ka kalahiran.”

Teknologi maju matak bisa gambar embrio anu keur ngembang dicokot jeung hasil anu leuwih écés sarta leuwih badag. Gambar bisa dicokot kalayan ngagunakeun kaméra konvensional anu dilengkepan lensa mikro. Atawa bisa ogé ngagunakeun pakakas endoskopi. Téknologi pemindaian mikroskop elektron matak bisa Nilsson nyokot ratusan atawa komo rébuan gambar embrio anu matak hélok.

Gambar-gambar karya Nilsson dikumpulkan dina hiji buku anu dibéré judul “A Child is Born”.

Pikeun umat Islam, béja ngeunaan perkembangan janin anu pohara takjub lain hal anu pohara ngagetkeun, alatan Al-qur’an geus ngabejaan  saprak welasan abad

 

 

Dimuat dina Regepkeuneun | 6 Pairan »

NASA : Bumi Moal Kiamat dina 2012

Dimuat ku Dendi Rustandi dina Nopémber 17, 2009

Bioskop diantri saprak muterkeun pilem ngeunaan kiamat  Naha bener dina 21 Désémber 2012 engké Dunya baris kiamat? Ulah salempang. Awak Antariksa AS (NASA) ngomong naon anu kasampak di pilem éta moal lumangsung dina waktu deukeut.

“Euweuh hal goréng anu lumangsung di Bumi dina 2012. Planét urang pikeun leuwih ti 4 milyar warsih ka hareup, sarta para saintis anu kredibel di sakumna Dunya apal yén euweuh anceman anu patali jeung 2012,” kitu pernyataan NASA patali kasalempang kiamat dina 2012.

Masih henteu percaya? Dina pilem 2012, asteroid nu gede ngahantem Dunya sarta ngaruksak kabéhanana. Tapi, NASA negeskeun, euweuh planét deungeun anu keur nuju Bumi urang.

NASA ngunggelkeun, Bumi sok jadi sasaran komet sarta asteroid sanajan hanteman anu badag pohara arang lumangsung. Tubrukan badag pamungkas lumangsung dina 65 juta taun ka tukang anu ngamusnahkeun dinosaurus.

Ayeuna astronom NASA keur migawe proyék Spaceguard Survey pikeun manggihan naha aya asteroid badag di deukeut Bumi anu baris ngahantem. Ayeuna NASA nyimpulkeun yén euweuh anceman asteroid sagedé anu kungsi ngahantem dinosaurus.

“Kabéh pakasaban ieu dipigawé sacara kabuka sarta penemuan-penemuan diposting saban poé di website Kantor Program NASA NEO, jadi Anjeun bisa nempo yén euweuh hiji ogé anu diprediksi ngahantem Bumi dina 2012,” ceuk NASA.

NASA tuluy ngécéskeun ngeunaan mecenghulna prediksi kiamat dina 21 Désémber 2012 éta. Diungkabkeunana, carita éta dimimitian ti klaim yén Niburu, hiji planét anu disangka kapanggih ku Bangsa Sumeria, keur maju nuju Bumi. Musibah awalna diprediksi datang dina Méi 2003. Tapi alatan euweuh anu lumangsung dina poé anu ditangtukeun éta, prediksi kiamat pindah ka Désémber 2012. Saterusna dihubungkeun jeung carita lekasanana sistem penanggalan suku Maya kuno dina usum tiis 2012 sarta diprediksi tanggal kiamat murag dina 21 Désémber 2012.

“Inget keneh dina kasalempang Y2K dina warsih 2000? Éta datang sarta indit tanpa bancang pakéwuh (kakacauan) alatan perencanaan sarta analisis anu mumpuni dina kaayaan éta. Pilem kalayan special effect anu canggih, 21 Désémber 2012, moal jadi ahir dunya anu mana karasa ku urang sararea,” ceuk NASA.

Sumber : DetikNews  dialihbasakeun ku kurawa06

Dimuat dina Regepkeuneun | 1 Pairan »

Kamus Film Basa Sunda

Dimuat ku Dendi Rustandi dina Nopémber 9, 2009


Kamus Film

Gone with the wind => Ngaleos bari hitut

Home Alone => Imah sorangan (lain ngontrak)

Home Alone 2 = Boga imah deui

Tears of the sun => Ceurik hoyong disun

Crying Freeman = Ceurik hayang dibui

Spiderman => Lancah bikangna (lancah jalu tara men)

Batman => Pasti kalong bikangna

Catwoman => Ucing garong

Scream => Ngajerit maratan langit

Scream 2 => Ngoceak maratan jagat

I know what you did last summer => Abdi terang usum halodo kamari
anjeun ngadamel sumur

End of day => Wanci harieum beungeut / sareupna (antara jam 5 – jam 6 sore)

The day after tomorrow => Vagetos (istilah budak band)

Woman in red => Awewe keur beureum (men/DB/lagi dapet)

Men in black => Lalaki hideung belang (om om)

Men in black 2 => Belang pisan hideungna

X X X => Talak tilu

X-Man => Sanes pameget (banci)

X-Man 2 => Bancina aya 2an

Shaolin soccer => Bobotoh Persib nu resep gelut

Lost in the space => Leungit di langit (reungit)

Lost souls => Kasurupan

Octopusy => Balakutak

Something to talk about => Ngawangkong, ngadu bako, ngobrol, jsb jsb jsb

The Cooler => Paniisan

Ghost Ship => Beja nu can puguh

Ghost Rider => Jurig tukang ojeg

Scooby Doo => Gugug borangan (sieun ku jurig tukang ojeg)

Mad Dog => Gugug galak nuju bendu

Tom and Jerry => Beurit ucing-ucingan

Micky Mouse => Beurit sukuna dua

Donal Duck => Entog sukuna dua (??? kabeh entog sukuna dua euy…!!!)

……………naon deui nya ???……

Dimuat dina Bobodoran | 4 Pairan »

“Prihatin téh Nimat” : Biografi Prof. Dr. H. Endang Sumantri, M.Ed

Dimuat ku Dendi Rustandi dina Nopémber 9, 2009

endang-sumantri-6

Hirup téh henteu salawasna kudu jadi patani baé. Aya jalan séjén pikeun lumampah di alam pawenangan. Éta anu jadi pangjurung laku Prof. Dr. Endang Sumantri, M.Ed dina milampah udagan hirupna.

“Lamun téa mah baheula ngandelkeun warisan kolot, sawah anu teu sabaraha legana, tuluy jadi patani, pastina ogé hirup téh bakal monoton. Ulukutek di dinya, ngahasilkeun mobilitas horizontal,” ceuk Endang basa ditepungan ku Cahara di kantorna.

Lahir 15 Juli 68 taun ka tukang, ieu juru atik kahot téh pituin urang Karang Gedang, Kabupatén Ciamis. Anak bungsu ti H. Nawawi jeung Sutinah, kulawarga patani biasa. Ti leuleutik geus dipuuk ku kaperih-kaprihatin. Komo basa nincak umur salapan taun, Endang geus jadi yatim piatu, sarta kudu cicing di imah emangna. Sanajan kitu, éta kaayaan téh henteu ngareuntaskeun sumangetna pikeun terus sakola. Buktina, sabada lulus ti SR 2 Ciamis, Endang neruskeun ka SGB I Ciamis, nepi ka jununna.

Lulus ti SGB taun 1957, Endang narima Surat Kaputusan jadi Guru SR. Ditempatkeun di SR Cibedug, anu jarakna kurang leuwih lima Km ti Ciawi, Bogor. Ari gajihna anu munggaran, teu kurang teu leuwih: Rp.150,-.

Jaman harita, di urang keur meujeuhna harénghéng. Malum atuh jaman goromboloan. Mangkaning daérah Cibedug harita, katotol sayangna gorombolona. “Masih kénéh kabayang, lamun rék indit ka sakola téh kudu nékad, nyieuhkeun kahariwang jeung kasieun,” pokna. “Anu matak pikeun jaga-jaga, Bapa asup ka paguron silat Cimandé,” ceuk ieu bapa ti lima anak jeung aki ti 11 incu téh.

Lantaran gorombolan di daérah Cibedug beuki mahabu, dununganana ngarasa prihatin, Endang dipindahkeun tugasna ka Kantor Inspektorat Kacamatan Ciawi. Nya di dinya Endang mimiti diajar ngurus masalah manajemen dina dunya atikan jeung kaorganisasian téh, anu engkéna baris ngagedékeun ngaranna. Jaba ti ngajalankeun kawajibanana, Endang ogé bari nuluykeun sakola di SGA Bogor deuih.

Sétan Gedor

Henteu pugag nepi ka dinya. Taun 1963 Endang neruskeun kuliah ka IKIP Bandung, anu saméméhna PTPG, Jurusan Civic Hukum. Endang kaasup mahasiswa entragan munggaran IKIP Bandung. Salila jadi mahasiswa, Endang kaasup mahasiswa anu aktif di sawatara organisasi. Di antarana baé Himpunan Mahasiswa Islam (HMI), Kesatuan Aksi Mahasiswa Indonésia (KAMI). Kungsi jadi Ketua Mahasiswa Umum (KMU) Fakultas Keguruan dan Ilmu Sosial (FKIS), Ketua Bidang Organisasi Dewan Mahasiswa I BEM Universitas. Malah ku aktif-aktifna dina organisasi, ti dosén jeung babaturanana Endang meunang jujuluk “Sétan Gedor”. Ari sababna, Endang mindeng idek-liher di Gedung Olahraga (Gedor), anu harita mah mangrupa puseur kagiatan mahasiswa. “Lamun ditanya, naon alesanana Bapa loba aktif dina organisasi? Salian ti pikeun nambahan pangalaman téh, anu utamana mah, lamun aya kagiatan bisa meunang dahareun haratis,” pokna bari seuri, nyoréang pangalamanana ka tukang.

Prof. Dr. H. Endang Sumantri, M.Ed dan keluarga

Bari kuliah, Endang ogé henteu poho kana kawajibanana, nya éta ngajar. Endang jadi guru SR Sukarasa 2 Gegerkalong Hilir. Lamun jadwal kuliah bantrok jeung jadwal ngajar, biasana sok silihtitipkeun kelas jeung babaturanana.

Sabada lulus Sarjana Muda, taun 1967, Endang diangkat jadi Asistén Dosén di almamaterna. Dua taun ti harita, 30 Agustus 1969, pruk baé ngadahup ka Dra. Énih Rohaénih, M.Pd., adi tingkatna waktu kuliah. Rumah tanggana kawilang lulus-banglus, runtut-raut tug nepi ka kiwari.

Sakitu taun malang-mulintang di IKIP Bandung, Endang meunang kasempetan tina Program Bank Dunia, pikeun nuluykeun kuliahna dina Program Pendidikan Luar Sekolah di University of Massachuset, Amérika Serikat. Lulus taun 1988 sarta meunang gelar Master of Education. Ti dinya, meunang deui beasiswa pikeun nuluykeun S3-na dina widang Moral of Education, masih kénéh di University of Massachuset.

Karir Endang beuki nyongcolang. Taun 1990 diangkat jadi Pembantu Réktor II IKIP Bandung. Dina taun 1998 Endang milu marajian gelarna Universitas Galuh, Ciamis, nu asalna mangrupa STKIP. Endang deuih anu jadi réktorna anu munggaran di Universitas Galuh, masa bakti 2002-2004. Kungsi nyangking kalungguhan Ketua Dewan Pendidikan Ciamis deuih, anu gédé jasana ngayakeun Program Pasca Sarjana Universitas Galuh.

Ceuk Endang, geus mangrupa takdir Illahi, inyana bisa hirup tina ladang dunya atikan. Sabab cenah, lamun ngandelkeun ti kolot mah taya harepkeuneunana. Tapi najan kitu, Endang percaya yén ku ayana rasa prihatin bisa nimbulkeun rasa hayang terus usaha.

“Prihatin téh nimat, sabab optimisme lahir tina rasa prihatin,” pokna tandes.

Ayeuna Endang geus hasil ngahontal cita-citana jadi guru, bari némbongkeun préstasi mobilitas vertikal di kulawargana. Di antarana ku nyangking rupa-rupa kalungguhan anu teu éléh pentingna dina dunya atikan.

“Lamun baheula henteu neruskeun sakola, meureun ayeuna téh moal jadi Ketua Senat Akademik, moal bisa ngalegaan sawah warisan deuih. Tapi meureun ayeuna téh keur macul ngurus sawah anu teu sabaraha legana,” pungkasna bari seuri.* (Yatun)

dicopy tina Majalah Sunda Cahara Bumi Siliwangi Edisi II

Dimuat dina Regepkeuneun | Leave a Comment »

Cakcak VS Buaya Dina Karikatur

Dimuat ku Dendi Rustandi dina Nopémber 3, 2009

Karikatur-karikatur dukungan masyarakat pada KPK
Karikatur-karikatur dukungan masyarakat pada KPKKarikatur-karikatur pangrojom masarakat ka  KPK
Kumpulan karikatur dukungan masyarakat pada KPK agar tetap terus eksisKarikatur-karikatur pangrojom masarakat ka  KPK Baca tuluyan ieu tulisan »

Dimuat dina fos info | Leave a Comment »

Kadé, Facebook Palsu Hadir di Indonésia

Dimuat ku Dendi Rustandi dina Oktober 28, 2009

Kadé, Facebook Palsu Hadir di Indonésia
By Muhammad Firman – Salasa, Oktober 27
awas-facebook-palsu-hadir-di-indonesiaVIVANEWS – Facebook mangrupa loka jejaring sosial panglarisna di Indonésia. Komo nurutkeun data Alexa, Facebook mangrupa loka anu panglobana didatangan ku pamaké internet nagara urang, di luhur Google, Yahoo, Blogger, atawa Youtube.
Luhurna popularitas Facebook tétéla geus dimangpaatkeun ku penjahat dunya maya, atawa istilah kerenna cyber criminal. Maranéhanana geus ngawangun loka Facebook vérsi Indonésia anu boga tujuan pikeun panipuan (phising). Pamaké anu katohyan baris sacara ngahaja mikeun informasi sandiasma sarta sandikecap rekening Facebook maranéhanana ka kriminal kasebut.

“Lamun ditempo sakolébat, tampilan loka Facebook gadungan ieu memang jiga aslina, kaasup sasadiaan sarana registrasi pikeun pamaké anyar. Kitu ogé kalayan icon, gambar, judul halaman sarta elemen séjén anu sawajarna ditepungan dina laman utama Facebook sabot anyar dibuka,” kecap Brama Setyadi, saurang praktisi téknologi dina VIVANEWS, 26 Oktober 2009. “Hiji-hijina anu nyieun laman ieu béda nyaéta alamatna, nyaéta http://facabook.co.tv/indonesia,” kedal Brama anu awalna meunangkeun talatah phising kasebut di inboks rekening Facebook-na.

Dina laman Facebook asli, Brama nyebutkeun, data login anu diasupkeun pamaké baris dikirim ngagunakeun padika POST ka file login.php di alamat ‘https://login.facebook.com’.
“Saukur info, HTTPS (Hypertext Transfer Protocol Secure) nyaéta protokol anu dipaké pikeun ngamankeun jalur pengiriman data kalayan ngamangpaatkeun enkripsi,” kecap Brama. “Samantara Facebook palsu ngirimkeun data login ka file src-login.php di alamat http://facabook.co.tv,” kedalna.

“Ti dieu sabenerna bisa dipikanyaho yén sabenerna si nu nyieun laman sarua sakali henteu ngirimkeun data pikeun kaperluan otentikasi,  ngan ngarékam data login ka jero database bogana,” kedal Brama.
Nurutkeun laporan sawatara korban, informasi ngeunaan Facebook palsu ieu dipibanda liwat fasilitas message Facebook, sanajan si phiser henteu asup ka jero daptar réncang. Eusi wartana kurang leuwih ngudukeun si calon korban pikeun ngalakonan login ka facebook kalayan geura-giru alatan sistem administrasi Facebook keur dina tahap seleksi pamaké aktip. Bari ngalampirkeun alamat palsu di luhur, phiser ogé ngajurung neruskeun talatah anu dijieunana ka 15 pamaké Facebook séjén.

Tuluy naon anu lumangsung lamun pamaké ngasupkeun informasi kredensial ka laman ieu? Sanggeus ngarékam data login si nu nyieun baris langsung ngalihkeun laman ka alamat login Facebook anu asli. Saolah-olah pamaké geus salah atawa tacan ngasupkeun informasi login.
“Anjeun anu geus kagok ngasupkeun informasi login di loka kasebut, aya alusna geura-giru ngarobah password Facebook anu Anjeun boga,” kedal Brama.

dicutat ti  http://sundamidang.wordpress.com/2009/10/27/kade-facebook-palsu-hadir-di-indonesia/

Dimuat dina fos info | Leave a Comment »

Budak Pahatu Lalis

Dimuat ku Dendi Rustandi dina Oktober 21, 2009

pahatu lalis

Jaman baheula aya dua budak—adi lanceuk—geus teu indung teu bapa, teu sanak teu kadang. Éstu éta barudak téh pahatu lalis. Lanceukna lalaki kira-kira umur tujuh taun, adina awéwé kira-kira umur lima taun.

Titinggal kolotna ngan imah réyod wungkul.

Pagawéan éta barudak sapopoéna ngarala suluh ka leuweung, mulungan pangpung atawa lanceukna naék kana tatangkalan, mites-miteskeun rangrang nu gararing. Éta suluh téh dijual ka tatangga-tatanggana atawa ka pasar. Ladangna keur waragad hirup maranéhna.

Hiji mangsa ngarala suluhna di tegalan eurih. Di dinya réa tatangkalan. Eurihna sadedeg-sadedeg. Ku maranéhna katénjo aya tangkal loa nu buahna raruhruy pikabitaeun. Nu lalaki naék kana tangkal loa, ngalaan buahna nu arasak, diasup-asupkeun kana koja bawana. Adina ngadagoan di handap, nyanghunjar lambar dina tumpukan eurih hirup.

Teu lila budak awéwé téh ngawih kieu:

Kang tulungan, Kang tulungan,

aya nu gagarayaman,

kana suku jeung ngégélan!

Ceuk lanceukna ti luhur bari jongjon ngalaan buah loa:

Usap baé Nyai, meureun sierum!

Teu lila budak awéwé téh ngawih deui:

Kang tulungan, Kang tulungan,

aya nu gagarayaman,

kana suku jeung ngégélan!

Cék lanceukna ti luhur tangkal loa, naékna beuki luhur:

Usap baé Nyai, meureun sireum!

Teu lila kadéngé deui budak awéwé téh ngawih deui:

Kang tulungan, Kang tulungan

aya nu gagarayaman,

kana suku jeung ngégélan!

Cek lanceukna ti luhur tangkal loa:

“Usap baé Nyai, meureun sireum!”

Budak awéwé ngawih deui, tapi soranan beuki laun, malah les pisan:

Kang tulungan, Kang tulungan,

aya nu gagarayaman, kana…

Lanceukna turun, pohara kagéteunana, lantaran adina euweuh dina tempatna. Eurih urut diuk adina busik. Nu barusik téh ngabulungbung manjang, ku lanceukna tuluy dipapay. Dina tungtungna nu busik téa, katingal ku manéhna, oray sanca sagedé gulungan kasur…nangkarak beungkang paéh, beuteungna bungkiang. Sigana paéh kamerekaan. Keur kitu kadéngé ku éta budak lalaki, sora manuk di luhur kiara, “Cukrih, cukrih, turih ku pucuk eurih. Cukrih, cukrih, turih ku pucuk eurih!”

Ti dinya lanceukna téh niruk pucuk eurih nu garing, nu seukeut, tuluy beuteung oray téh diturih. …Ana boréngkal téh adina, hirup teu sakara-kara. Regeyeng nu lalaki manggul beungkeutan pangpung, ngiringkeun adina, baralik bari ngadalaharan buah loa anu arasak.

Dua taun ti harita.

Dina musim katiga, cai walungan tiba ngérélék. Hiji mangsa ménak-ménak ti dayeuh ngersakeun munday di Leuwi Sipatahunan.

Dina waktuna, barudak pahatu ogé milu tarurun ka leuwi. Mimitina mah nu lalaki nyairan beunteur jeung hurang nu marabok, adina nu ngundangan. Lila-lia budak lalaki téh kabitaeun ku palika nu teuleum mareunang lauk galedé. Manéhna milu teuleum. Enya baé, manéhna ogé meunang nilem. Sumangetna beuki gedé, tuluy teuleum ka nu jero. Tapi aya sajamna manéhna teu mumbul-mumbul. Adina jejeritan ménta tulung. Teu lila hiji palika mumbul bari nangkeup Si Ujang pahatu geus…maot. Adina ceurik auk-aukan, akang-akangan.

Ku palika duaan, mayit téh dianteurkeun ka imahna, digolérkeun dina babaléan, diruruban ku samak butut. Cék salah saurang nu nganteurkeun, “Dikuburna mah isukan. Ayeuna mah kapalang, kami keur munday,” tuluy maranéhna ka leuwi deui.

Budak awéwé ingeteun kana omongan indungan basa rék maot. Kieu, “Ieu jimat ti karuhun, simpen sugan aya maunatna.” Nu disebut jimat téh mangrupa hihid. Ku budak awéwé harita dicokot, tuluy dipaké ngageberan mayit lanceukna bari ngawih, kieu:

Geber-geber hihid aing,

hihid aing kabuyutan,

warisan ti nini aki,

pangusir bibit kasakit,

panawa anu cilaka.

Anéh mayit téh ngerenyed.

Ngawih kadua kali:

Geber-geber hihid aing,

hihid aing kabuyutan,

warisan ti nini aki,

pangusir bibit kasakit

panawa anu cilaka.

Mayit téh beunta, panonna gular-giler.

Ngawih katilu kali:

Geber-geber hihid aing,

hihid aing kabuyutan,

warisan ti nini aki,

pangusir bibit kasakit,

panawa anu cilaka.

Jarangkang lanceukna hudang, waluya teu sakara-kara.

Kacaritakeun raja di éta nagara kagungan putra hiji-hijina pameget, nunggal. Éta putra ku ibu ramana pohara didama-damana. Keur kasép jeung calakan téh, handap asor jeung hadé basa deuih.

Hiji mangsa éta kakasih ibu ramana téh teu damang wales. Dukun lepus dikelun, paraji sakti dikerid; tapi saurang ogé boh jampéna boh ubarna taya nu mental. Nu teu damang dengdeng baé, malah wuwuh répot. Cindekna, dukun lepus ilang lepusna; paraji sakti leungit saktina. Nu nyoba ngalandongan munggah ka ngantay. Tapi teu aya nu hasil.

Kangjeng Raja jeung praméswari siang wengi teu tebih ti pajuaran nu teu damang. Pamaréntahan mah kumaha Patih baé.

Di imah barudak pahatu. Nu lalaki ka adina nyaritakeun putra Raja nu teu damang wales, teu aya nu bisa ngalandongan, “Kumaha upami Nyai nyobaan ngageberan ku hihid jimat?”

“Asal diidinan asup ka karaton,” témbalna.

Lanceukna ngadeuheus ka Juragan Patih, neda widi yén adina badé nyobi ngalandongan nu teu damang.

“Saha baé boh kolot boh ngora, boh lalaki boh awéwé, meunang nyobaan. Ngantay baé!”

Isukna dianteur ku lanceukna, Si Nyai milu ngantay ngalandongan. Gancangna bagéan Si Nyai asup. Kusiwel tina jero bajuna, Si Nyai ngaluarkeun hihid jimatna, tuluy ngageberan nu teu damang bari ngawih:

Geber-geber hihid aing,

hihid aing kabuyutan,

warisan ti nini aki,

pangusir bibit kasakit,

panawa anu cilaka.

Nu teu damang, anu tadina peureum baé téh bray beunta.

Ngawih kadua kali:

Geber-geber hihid aing,

hihid aing kabuyutan,

warisanti nini aki,

pangusir bibit kasakit,

panawa anu cilaka.

Nu teu damang socana gular-giler, rurat-rérét ka ibu ramana, nyéh imut.

Ngawih katilu kalina:

Geber-geber hihid aing,

hihid aing kabuyutan,

warisan ti nini aki,

pangusir bibit kasakit,

panawa anu cilaka.

Jarangkang nu teu damang téh gugah. Sang Raja ngarangkul putrana. Ari praméswari ngarangkul Si Nyai, digaléntor diciuman. Boh Sang Raja boh Praméswari rarambay socana. Cisoca kabingah.

Ti harita Si Nyai teu meunang balik deui, kudu tetep di karaton, diasih pisan ku Praméswari jeung ku Sang Raja. Beuki lila beuki geulis, beuki apal tata-titi kaménakan.

Barang Pangéran jeung Si Nyai pada sawawa, tuluy ku Sang Raja ditikahkeun. Péstana ramé pisan. Lanceuk Si Nyai diangkat jadi mantri.

(Tina Utara Utari, karya Ki Umbara)

Dimuat dina Dongeng | Leave a Comment »

Sisindiran

Dimuat ku Dendi Rustandi dina Oktober 21, 2009

sisindiran

Sisindiran I

Kaayaan dina angkutan kota, kadang-kadang sok mancing pipasèaeun. Aya panumpang mayarna kurang, supir tèh sok langsung hahaok. Kitu deui lamun supir ngebut sakarep ingsun, panumpang loba nu ngambek. Tina kaayaan kitu ahirna sok ngahudang napsu pigeluteun. Sanajan kaayaan dina angkutan kota kitu, tapi lamun pamnumpang jeung supir nyaritana makè sisindiran mah moal kungsi ngondang pipasèaeun. Upamana baè aya supir ngebut, panumpang teu kudu ngambek, cukup ku sisindiran.

Melak suplir makè huut,

dibawa ka Cicalèngka,

Ari nyupir ulah ngebut,

kumaha lamun cilaka?

Lantaran panumpang nyaritana makè sisindiran, atuh supir tèh moal kasigeung. Malah langsung ngajawab ku sisindiran deui.

Kacapanon dina jukut,

geus ruksak rèk diomèan.

Ku naon abdi bet ngebut,

apan keur ngudag setoran.

Tuh nya pan aman? Nyarita ku sisindiran mah ngalantarankeun kaayaan dina jero angkot jajauheun kana pigeluteun.

Sisindiran 2

Sabada diterapkeun otonomi daèrah, asa mindeng kajadian dèmonstrasi nya? Teu sirikna ampir unggal poè aya baè anu dèmo tèh. Biasana kaayaan dèmo tèh sok harènghèng. Ngomong pacowong-cowong. Peureup pabuleud-buleud. Antukna sok nimbulkeun napsu nu ngagedur. Rombongan nu dèmo tèh sok terus patelak pisik jeung patugas kaamanan.Hoyong dèmo aman? Cobian geura cocorowokanana nganggo sisindiran. Upama aya rombongan PKL dèmo ka Pa Walikota, pingpinan dèmo dina nepikeun aspirasi tèh cukup makè sisindiran samodèl kieu:

Batu ali ti Cimindi,

Ngajul gedang makè gantar,

Pa Wali tulungan abdi,

Ngiring dagang di trotoar.

Ngabandungan pingpinan nu dèmo nyaritana makè sisindiran, Pa Walikota ogè ngawalerna tèh ku sisindiran deui. Saur Pa Wali:

Ti Cililin ka Sumedang,

surat kabar na karanjang,

Lain Bapa nyarèk dagang,

trotoar mah keur nu leumpang.

Aya ku kayungyun nya mun enya tèh nu dèmonstrasi saperti kitu.

Sisindiran 3

Di tempat nu loba prèman saperti di terminal, pigeluteun tèh mani narampeu. Tapi lamun sarèrèa nyaritana makè sisindiran mah, dijamin pigeluteun tèh moal aya. Saperti aya jalma nu katincak sukuna ku prèman, ari nyaritana ku sisindiran mah ahirna jadi misobat. Apan ceuk èta jalma tèh:

Nginum arak matak weureu,

ditotor tinggal sakeclak

Mata sia henteu neuleu,

suku aing bet katincak.

Sanajan pok-pokanana garihal, tapi ari nepikeunanan makè sisindiran mah asa teu nyentug kana hatè. Apan èta prèman gè ngajawabna tèh kieu:

Saninten buah saninten,

Sukajadi pamoroan,

Hapunten abdi hapunten,

Suku abdi teu panonan.

Cenah mah sabada hahampuraan tèh èta prèman langsung ngajak èta jalma dahar kupat tahu anu aya di jero terminal. Sagala gè jadi aman jeung tengtrem nya ku sisindiran mah?

Tina Cahara Bumi Siliwangi No. 1

Dimuat dina Sisindiran | 3 Pairan »